BAB I BUBUKA Kasang Tukang

dokumen-dokumen yang mirip
2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.


Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

Transkripsi:

1.1. Kasang Tukang BAB I BUBUKA Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif pikeun manusa. Salasahiji pangaruh négatif tina globalisasi, nyaéta beuki nyirorotna ajén-inajén budaya karuhun, ngésér kasilih ku budaya deungeun. Kiwari, masarakat leuwih milih kabudayaan anyar anu holna ti nagara barat, anu ceuk maranéhna leuwih maju, luhur géngsina, tur bisa ngigelan jaman, sarta leuwih praktis dibandingkeun jeung kabudayaan lokalna. Manusa mangrupa mahluk individu jeung mahluk sosial, sabab salian ti miboga kahirupan jiwa sorangan, manusa ogé henteu bisa dipisahkeun ti masarakat. Manusa lahir, hirup, kumbuh, jeung maot dina kahirupan masarakat. Nurutkeun Aristoteles, manusa mangrupa Zoon Politicon, hartina manusa miboga kamampuh pikeun hirup dina kelompok jeung manusa séjén dina hiji organisasi anu sistematis, ogé miboga tujuan anu jelas, nyaéta nagara. Manusa miboga kahayang pikeun gaul tur kumpul jeung sasama, sangkan jadi mahluk anu sok anclub di masarakat. Ku sabab sipatna anu sok gaul jeung batur, manusa disebut mahluk sosial. Manusa jeung masarakat, miboga hubungan anu dalit jeung kabudayaan. Jadi, Kabudayaan masarakat, mangrupa idéntitas atawa cicirén masarakatna sorangan. Di jaman kiwari, teu saeutik manusa atawa masarakat anu geus teu maliré kabudayaan. Padahal gedé mangpaatna lamun urang mikaya budaya, ku cara miara tur mertahankeun éta budaya, hususna budaya Sunda. Nurutkeun Rosidi, (2007, kc. 18) kabudayaan Sunda, mangrupa maniféstasi gagasan katut pikiran sarta kagiatan, boh nu abstrak, boh anu mangrupa barang. Kiwari, kareueus masarakat kana mertahankeun budayana, hususna budaya Sunda geus ngalaman parobahan. Beuki dieu, beuki saeutik kareueus urang Sunda kana budayana. Ajén-ajén kabudayaan anu biasa digunakeun mangtaun-taun, geus téréh leungit ku sabab asupna budaya deungeun. Budaya deungeun, gedé pisan

2 pangaruhna kana kabudayaan daérah atawa kabudayaan lokal. Unsur kabudayaan nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 164) di antarana: 1) Basa; 2) sistem pangaweruh; 3) organisasi sosial; 4) sistem pakakas hirup jeung téknologi; 5) sistem pakasaban; 6) sistem religi; 7) kasenian. Mekar tur majuna téknologi jaman kiwari, geus kapangaruhan ku budaya séjén. Tina sakabéh masarakat Indonesia anu geus kapangaruhan ku budaya séjén, aya kénéh masarakat anu tetep nyekel pageuh kabudayaan sorangan, hususna kabudayaan Sunda. Salasahiji daérah atawa kampung anu masih nyekel pageuh kana budayana tur ngajaga alamna, nyaéta Kampung Naga. Salaku salasahiji bagian tina masarakat Sunda, warga Kampung Naga geus mikaya budaya Sunda. Prinsip-prinsip anu diwariskeun karuhunna miboga kaarifan dina sistem pangaweruh tradisional anu kiwari disakompétdaunkeun ku masarakat modéren. Masarakat Kampung Naga, miboga anggapan yén Kampung Naga mangrupa tanah warisan karuhun pikeun anak-incuna. Jadi, maranéhna miboga kawajiban pikeun ngajaga éta alam (Suganda, 2006, kc. 21). Éta saluyu jeung pamadegan Rosidi (2007, kc. 38) yén urang Sunda kudu ngajaga alam Sunda sangkan ulah rusak, miara, jeung makayakeun budayana kalawan daria. Ngajaga alamna, ngandung harti kudu ngusahakeun sangkan walungan angger caian, tur caina hérang. Ngajaga alam ngandung harti kudu ngajaga sangkan gunung-gunung jeung pasir-pasir ulah dibukbak leuweungna, digalian taneuh jeung keusikna. Urang Sunda, miboga anggepan yén alam bakal méré mangpaat anu gedé ka manusa, lamun manusa bisa ngajaga, miara éta alam kalawan hadé, jeung

3 ngagunakeun éta alam sacukupna. Lamun henteu dijaga atawa henteu digunakeun kalawan hadé, mangka bakal ngabalukarkeun mamala. Ku majuna jaman, mekar tur canggihna téknologi, masarakat Kampung Naga tetep nyekel pageuh kana aturan atawa tradisi budayana ku cara ngagunakeun pakakas jeung téknologi anu sarwa basajan, jeung tradisional. Masarakat Kampung Naga tetep mertahankeun éta budaya di tengah-tengah jaman modérn jiga kiwari. Éta hal, nyieun kapanasaran panulis pikeun mikanyaho leuwih jero ngeunaan kabudayaan atawa kearifan lokal anu masih dicekel pageuh ku masarakat Kampung Naga, hususna ngeunaan sistem pakakas jeung téknologi. Panulis panasaran kana cara masarakat Kampung Naga dina mertahankeun pakakas jeung téknologi tradisional di tengah jaman anu geus sarwa canggih atawa modéren. Ieu panalungtikan penting diayakeun, sabab miara kabudayaan geus aya payungna, nyaéta UUD NRI 1945, Pasal 32, anu unina: Pemerintah memajukan kebudayaan Nasional Indonesia. Penjelasan: kebudayaan bangsa ialah kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat Indonesia seluruhnya. Kebudayaan lama dan asli terdapat sebagai puncak-puncak kebudayaan di daerah-daerah di seluruh Indonesia, terhitung sebagai kebudayaan bangsa. Usaha kebudayaan harus menuju ke arah kemajuan adab, budaya, persatuan,dengan tidak menolak bahan-bahan baru dari kebudayaan asing yang dapat memperkembangkan atau memeperkaya kebudayaan bangsa sendiri, serta mempertinggi derajat kemanusiaan bangsa Indonesia. Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar maca, wangun artikel budaya di SMA kelas XII. Standar kompéténsi jeung Kompéténsi Dasar Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda minangka program pikeun mekarkeun pangaweruh, kaparigelan basa, jeung sikep positif kana basa jeung sastra Sunda. Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun dumasar kana Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No. 5 taun 2003

4 ngeunaan ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daérah anu netepkeun basa Sunda diajarkeun di lembaga pendidikan dasar di Jawa Barat. Dasar diajar basa jeung sastra, sarua jeung diajar komunikasi. Sedengkeun diajar sastra, sarua jeung jeung diajar ngahargaan ajén-ajén kemanusiaan sarta ajénajén kahirupan. Bahan-bahan pangajaran maca basa Sunda téh kacida réana, salasahijina nyaéta pangajaran maca artikel. Saluyu jeung anu dijéntrékeun dina SKKD SMA kelas XII dina aspék maca, Standar Kompetensina Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan., salasahiji Kompetensi Dasarna nya éta: Membaca artikel tentang budaya. Ku kituna, hasil panalungtikan budaya di Kampung Naga bisa dijadikeun alternatif bahan ajar artikel ngeunaan budaya di kelas XII SMA. Panalungtikan ngeunaan Kampung Naga, geus aya nu nalungtik, salasahijina nyaéta Kajian Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga, pikeun Bahan Pangajaran Kandaga Kecap (Dewi, K: 0902407). Tapi, Sistem Pakakas jeung Téknologi masarakat Kampung Naga, acan aya anu nalungtik. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan téh dijudulan Sistem Pakakas jeung Téknologi Masarakat Kampung Naga pikeun Alternatif Bahan Ajar Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII 1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah Dumasar kana kasang tukang di luhur, masalah anu kapanggih di lapangan ngeunaan kabudayaan téh di antarana, nyaéta (1) sistem basa di Kampung Naga anu masih kénéh leket jeung basa Sundana, tapi bisa maraké basa asing; (2) sistem filter élmu pangaweruh anu tetep digunakeun ku masarakat Kampung Naga; (3) sistem pamaréntahan atawa kamasarakatan anu tetep diwariskeun sacara turun-tumurun; (4) sistem pakakas jeung téknologi anu masih tradisional; (5) sistem pakasaban anu masih ngagunakeun cara jeung pakakas tradisional; (6) sistem réligi anu masih leket

5 jeung mitologina, jste. Éta kabéh masalah bisa ditalungtik kalawan jero. Sangkan ieu panalungtikan bisa museur, masalah rék diwatesanan, nyaéta ngeunaan sistem pakakas jeung téknologi dina: (1) Ngawangun imah; (2) di dapur; (3) alat penerangan (4) alat komunikasi; (5) Pakakas jeung téknologi dina tatanén (6) Pakakas jeung téknologi pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé, jeung (7) cara ngukuhan éta pakakas jeung téknologi ka anak-incu. 1.2.2. Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan, dirumuskeun dina kalimah ieu di handap. 1) Kumaha déskripsi umum masarakat jeung daérah Kampung Naga? 2) Kumaha sistem pakakas jeung téknologi masarakat di Kampung Naga? 3) Kumaha cara masarakat Kampung Naga ngukuhan pakakas jeung téknologi tradisional di jaman modéren jiga kiwari? 4) Kumaha alternatif bahan ajar maca artikel budaya kelas XII SMA? 1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Umum Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan, nyaéta pikeun ngeuyeuban pangaweruh panulis jeung pamaca ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna ngeunaan hal anu aya patalina jeung sistem pakakas jeung téknologi masarakat Kampung Naga. Éta pangaweruh, dipiharep bisa numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna miara tur mertahankeun budaya, hususna budaya Sunda. 1.3.2. Tujuan Husus Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Masarakat jeung daérah Kampung Naga; 2) sistem pakakas jeung téknologi masarakat Kampung Naga;

6 3) cara masarakat Kampung Naga ngukuhan pakakas jeung téknologi tradisional di jaman modéren; 4) alternatif bahan ajar maca artikel budaya kelas XII SMA. 1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis 1) Pikeun mikawanoh tur nambahan élmu kabudayaan di Kampung Naga, hususna ngeunaan kabudayaan dina sistem pakakas jeung téknologi; 2) nambahan élmu jeung pangaweruh panulis ngeunaan kabudayaan Sunda anu masih dicekel pageuh ku masarakat Kampung Naga; 3) nambahan réferénsi atawa hasanah panulisan ngeunaan kabudayaan Sunda di Kampung Naga pikeun Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah tur lembaga séjén anu miboga kapentingan kana ieu panalungtikan; 4) nambahan informasi tur inspirasi keur pihak séjén, sangkan kataji atawa kairut haténa pikeun nalungtik leuwih jero ngeunaan kabudayaan Sunda. 1.4.2. Mangpaat Praktis Dipiharep, tina ayana ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun: 1) Numuwuhkeun kasadaran masarakat kana pentingna kabudayaan, tur bisa nambahan pangaweruh ka kabéh pihak, ngeunaan sistem pakakas jeung téknologi pikeun dijadikeun pieunteungeun dina kahirupan anu ngabudaya. 2) Miharep yén budaya Sunda bakal terus dimumulé tur digunakeun, ogé bisa ngeuyeuban kana budaya bangsa. 3) Mawa ajén-ajén budaya, anu miboga tujuan pikeun sumanget ngabudaya, tur sikep positif utamana pikeun generasi muda salaku hiji pangajén kana pajoangan masarakat Kampung Naga anu masih mertahankeun budaya Sunda. 4) Nambahan alternatif bahan ajar maca artikel ngeunaan budaya di kelas XII SMA.

7 1.5. Raraga Tulisan Ieu skripsi, disusun jadi lima bab. Bab I eusina mangrupa bubuka anu ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan. Bab II eusina raraga tiori ngeunaan budaya, sistem pakakas jeung téknologi, pranata budaya, kearifan lokal, pendidikan karakter, bahan pangajaran maca. Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan oprasional, instrument panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Eusina ngawengku déskripsi umum masarakat jeung daérah Kampung Naga, Sistem pakakas jeung téknologi masyarakat Kampung Naga, cara ngukuhan pakakas jeung téknologi tradisional, nyieun rékoméndasi alternatif bahan ajar maca artikel budaya, jeung pedaran. Bab V kacindekan jeung rékoméndasi, kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.