PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Ukuran: px
Mulai penontonan dengan halaman:

Download "PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII"

Transkripsi

1 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa tradisi warisan karuhun urang Sunda geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di tatar Sunda. Karuhun urang Sunda, mibanda kabudayaan anu luhung. Kabudayaan éta téh aya nu mangrupa wangunan aya ogé warisan budaya anu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa tulisan jeung lisan. Warisan karuhun nu mangrupa tulisan sok disebut ku istilah naskah. Éta naskah éta umumna ditulis maké aksara atawa basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca jeung ngawasa kana éta eusi karya. Ari warisan budaya karuhun anu mangrupa lisan sok disebut ku istilah folklor, tapi aya ogé folklor anu gabungan lisan jeung tulisan sarta folklor lain lisan. Sacara istilah, folklor (folklore) téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes (dina Danandjaja, 2002, kc. 1-2) folk nya éta sakumpulan jalma anu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaanana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua, pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan anu sarua, jeung agamana gé sarua. Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan anu geus turun-tumurun ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk, nya éta sabagéan kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto anu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho. Nurutkeun Danandjaja (2002, kc. 22) rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh di antarana: bahasa ra yat, ungkapan tradisional, pernyataan tradisional, sajak jeung puisi ra yat, carita prosa ra yat, jeung nyanyian ra yat. Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra yatdi antarana puisi pupujian. Pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam anu sumebar di masarakat. Nurutkeun Tamsyah (1996, kc. 53) puisi pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Rusyana (1971, kc. 12) nétélakeun yén pupujian téh nya éta rakitan kalimah anu eusina muji jeung ngadu a ka Pangéran, solawat ka Nabi,

2 pépéling ka umat, atawa pangajaran. Ieu rakitan kalimah-kalimah téh dinadomkeun, aya nu dina basa Arab aya ogé anu dina basa Sunda. Ieu pamadegan ogé diéceskeun ku Iskandarwassid (2003, kc ), yén puisi pupujian téh hiji karya sastra buhun dina wangun puisi (ampir salilana dina wangun sair) nu rélatif pondok, nu eusina, ngeunaan pujipujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan ngajalankeun ibadah (solat, puasa, jakat, jeung munggah haji), biasana sok dikawihkeun atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa di majelis ta lim ku para jamaah pangajian. Dina kamus nu disusun ku LBSS (1992, kc. 401) disebutkeun yén: Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa: Sadaya puji kagungan (kanggo) Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillahi robbil alamin: pupujian, 1) Kecap barang anu sok dipaké muji ka Alloh atawa ka Rosululloh, 2) Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na: méméh ngaraji barudak sok pupujian heula. Dina kahirupan sastra Sunda, nu disebut puisi pupujian téh nya éta wangun karangan ugeran anu gelarna sabada asupna pangaruh Islam ka tatar Sunda, bari mawa pangaruh anu jolna tina kabudayaan Arab. Dina kamekaran anu saterusna wangun sa ir dina sastra Arab jadi wangun pupujian dina sastra Sunda. Eusi pupujian téh sumberna nyokot tina ajaran agama Islam, ku kituna eusina moal leupas tina atikan kaagamaan, samodél ngébréhkeun kaagungan Allah Swt., nepikeun salawat ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw., pépéling, jeung saniskara anu patalina jeung ajaran agama. Dina kalumangsunganana pupujian téh sumebar sacara lisan. Ayana pupujian biasana di lingkungan pasantrén jeung masigit. Pupujian anu di pasantrén biasana dinadomkeunana dina mangsa nungguan ajengan datang itung-itung ngaderes atawa nalika ajengan nepikeun pangajaran, sedengkeun ari anu di masigit biasana di nadomkeunnana dina waktu anu tangtu, upamana baé dina mangsa nungguan adan jeung nungguan komat. Kiwari pupujian mangrupa salah sahiji bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé tur dimekarkeun ngarah tetep bisa lumangsung jeung henteu kalindih ku pangaruh anu séjén. Di lingkungan masarakat Sunda, pupujian téh mibanda fungsi anu kawilang pentingna. Salah sahiji contona, nyaéta dipaké alat pikeun panggeuing jeung silih élingan ka papada jalma. Pupujian ogé mibanda fungsi pikeun nyalametkeun jeung ngamumulé ajén budaya anu geus nyampak sarta dijadikeun alat pangajaran kaagamaan, adab, susila, jeung atikan.

3 Tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah, pangpangna anu mangrupa sastra lisan salah sahijina nyaéta ku cara macaan jeung ngagunakeun karya sastra nu gelar dina kahirupan sapopoé, kitu deui pupujian. Lian ti éta, bisa ku cara dilaksanakeun panalungtikan kana éta karya sastra, contona dilaksanakeun panalungtikan pupujian nu aya di Pondok Pasantén Al- Barokah Bandung pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Pupujian-pupujian nu aya di Pasantrén Al-Barokah Bandung bakal leuwih mangpaat upama dikumpulkeun jeung ditalungtik. Pupujian anu ditalungtik di Pasantrén Al-Barokah téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun ku barudak santri-santriah jeung jama ah majlis ta lim. Eusina mangrupa pépéling, muji ka Pangéran, solawat ka kangjeng Rosul, do a, sarta pupujian ngeunaan ajaran agama. Di sagigireun éta, pupujian ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Dumasar kana Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non formal di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No.22/1999 ngeunaan Pamaréntah Daerah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD 1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, BAB III pasal 7 ayat 3-8, nétélakeun yén ti SD/MI/SDLB, SMP/Mta/SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung SMK/MAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan, bisa dijadikeun ogé sumber inspirasi pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan anu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra. Ambahan Pangajaran Basa Sunda dumasar kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), pangajaran Basa jeung Satra Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dina SKKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, pangaweruh anu kudu ditepikeun ka siswa di tingkat SMP kelas VII di antarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun lumangsungna pangajaran ngaregepkeun pupujian di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén kalumangsunganana, sabab euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan manusa.

4 Saméméhna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu nalungtik Pupujian di patalikeun jeung bahan pangajaran pikeun murid sakola di antarana ku Didin Solehuddin (2012), medar masalah pupujian dina skripsina ngeunaan Pupujian di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP. Panalungtikan ngeunaan pupujian anu dilaksanakeun di Pondok Pasantrén ogé aya, nya éta ku Abdurrahman Wahid dina taun 2014 kalawan judul Pupujian di Pasantrén Syafi iyah Al-Falah Desa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut. Aya anu nalungtik ngeunaan téks jeung kontéks dina tésis nu disusun ku Rusmiati anu judulna Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi (Ulikan Sémiotik Téks jeung Kontéks). Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan dilaksanakeun. Dina sababaraha panalungtikan nu geus dilaksanakeun, katitén yén panalungtikan anu nalungtik ngeunaan pupujian hususna di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, anu nalungtik kana pupujian hususna ngulik kana téks jeung kontéksna can kapanggih. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII (Ulikan Semiotik, Téks jeung Kontéks) perlu diayakeun pikeun ngaguar pupujian nu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah, maluruh jeung nyusud kumaha eusi téks jeung kontéksna. Lian ti éta, upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina. Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun basa Sunda di SMP kelas VII. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang di luhur, karya sastra Sunda téh kacida réana jeung jembarna. Pupujian minangka bagian tina karya sastra perlu pisan ditalungtik. Sangkan ieu panalungtikan bisa museur, masalahna kudu diwatesanan, kalawan dipuseurkeun kana sémiotik, téks, jeung kontéksna. Ulikan sémiotik museur kana unsur sémiotik dumasar kana tiori Charles SanderPeirce nya éta ngawengku ikon, indéks jeung simbol. Dina téks museur kana deskripsi eusi téks. Sedengkeun ulikan kontéks museur kana pasualan tatacara prakprakanana, waktu katut barang nu marengan dina nalika nganadomkeun pupujian Rumusan Masalah

5 Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap. a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah? b. Tanda ikon, indéks jeung simbol naon waé nu nyampak dina pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? c. Kumaha deskripsi eusi téks pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? d. Kontéks naon waé anu patali jeung pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? e. Kumaha wangun bahan pangajaran pupujian dina aspék kaparigelan ngaregepkeun? 1.3 Tujuan Panalungtikan Tujuan Umum Luyu jeung masalah-masalah anu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadeskripsikeun pupujian anu masih aya kénéh (hirup) di masarakat Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun. a. Ngainventarisasi pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; b. Maluruh ikon, simbol jeung indéks nu nyampak dina téks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; c. Ngaguar sarta ngulik eusi téks nu aya dina pupujian anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; d. Kontéks nu patali jeung pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; jeung e. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di SMP kelas VII. 1.4 Mangpaat Panalungtikan Ieu panalungtikan téh miboga sababaraha mangpaat, saperti nu dipedar di handap ieu Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina widang sastra buhun, ngabeungharan analisis budaya Sunda hususna ngeunaan pupujian. Ogé bisa dijadikeun référénsi pikeun kaperluan anu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan Mangpaat Praktis

6 Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta: a. Pikeun masarakat, bisa mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra Sunda hususna anu mangrupa pupujian, tur bisa dijadikeun alat da wah Islam. b. Pikeun siswa, bisa mikawanoh jeung ngainventarisasi pupujian nu aya di wewengkon sorangan, upama diajar pupujian di sakola. c. Pikeun nu nalungtik, bisa ngadéskripsikeun pupujian anu kapanggih ti Pondok Pasantrén Al-Barokah Kacamatan Sarijadi Kota Bandung. d. Mangpaat pikeun guru pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu ngajarkeun puisi pupujian di sakola. 1.5 Raraga Tulisan Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi baris dijéntrékeun ieu di handap. Bab I mangrupa bagian awal dina tulisan ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat tioritis boh mangpaat praktis, jeung raraga panulisan skripsi. Bab II ngajelaskeun ngeunaan rupaning tatapakan tiori anu ngawengku tiori folklor, tradisi lisan jeung sastra lisan, pupujian, semiotik, téks jeung kontéks, katut pangajaran ngaregepkeun. Bab III eusina mangrupa métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, saperti: a. Métode Panalungtikan; b. Téhnik Panalungtikan; c. Lokasi Panalungtikan; d. Populasi jeung Sampel; é. Instrumen Panalungtikan; f. Desain Panalungtikan; jeung g. Narasumber. Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan anu ngawengku déskripsi kaayaan pupujian di Pasantrén Al-Barokah. Anapon dina pedaran, eusina ngadadarkeun analisis data panalungtikan jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP Kelas VII. Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa rékoméndasirékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al- Barokah Bandung. Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan.

7

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan sakola hususna di tingkat

Lebih terperinci

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa mangrupa makhluk sosial nu tumuwuh di masarakat. Manusa teu bisa leupas tina komunikasi, alat pikeun komunikasi antar manusa nya éta ngaliwatan basa. Basa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Diajar mangrupa parobahan tingkah laku peserta didik akibat ayana interaksi antara individu jeung lingkunganna ngaliwatan pangalaman jeung latihan (Iskandarwassid & Dadang

Lebih terperinci

NO. 540/FPBS.0251/2013

NO. 540/FPBS.0251/2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nulis mangrupa hiji kagiatan anu sifatna produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, panulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sacara lahiriah unggal siswa miboga kamampuh pikeun maca, nulis, ngaregepkeun, tur nyarita. Dina kanyataanana teu sakabéh siswa miboga kamampuh anu alus dina

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung masarakat, unggal

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2004:6)

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh salasahiji pakakas ucap anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Minangka pakakas ucap, basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ieu pamanggih téh

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta sakabéh hasil pamikiran, karya, jeung hasil karya manusa nu teu museur kana naluri manusana, jeung sakabéh hasil karya manusa téh dihasilkeun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) maca naskah longsér, (2) nganalisis struktur drama, (3) nganalisis ma na, (4) ngolah data,

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013) BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Prosés diajar-ngajar anu éféktif ditandaan ku ayana minat jeung perhatian siswa kana prosés pangajaran. Minat mangrupa hiji sifat anu rélatif netep dina diri hiji jalma.

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Nulis nya éta mindahkeun pikiran atawa perasaan kana wangun lambang basa (Semi, 2003:8). Jadi nu dimaksud nulis téh nya éta ébréhan tina pikiran atawa

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 26 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indonésia diwangun ku sababaraha sélér bangsa. Sunda mangrupa salah sahiji selér bangsa anu aya di Indonésia nu miboga kabudayaanana sorangan. Kabudayaan nya éta

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Tatar Sunda téh suku bangsa anu kawéntar mibanda tradisi di unggal wewengkonna. Éta tradisi téh nepi ka kiwari masih dimumulé kénéh ku masarakatna, saperti

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA Kasang Tukang 1.1. Kasang Tukang BAB I BUBUKA Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Salah sahiji aspék kaparigelan basa téh nya éta nulis. Sacara leksikal, dina Danadibrata (2009, kc. 71), kecap nulis téh asalna tina tulis anu hartina barangjieun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih kénéh dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Salasahiji buktina dijanggélékkeun dina pangajaran nu wajib ditepikeun ti mimiti

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina kaparigelan basa. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Nida dina (Tarigan, 2008: 1) anu nétélakeun yén

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ilaharna unggal bangsa miboga ciri anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna, lantaran unggal bangsa miboga pamikiran sarta paripolah anu béda-béda dumasar

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sastra bisa dianggap minangka gejala sosial. Ku kituna, sastra anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adatistiadat nu

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN Salah sahiji cara pikeun mikanyaho kamana arah jeung tujuan panalungtikan ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar ieu

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Hakékat sastra téh salaku fakta kahirupan. Sastra dianggap minangka kacamata hasil kabudayaan dina mangsa nu kaliwat anu ngawengku adat kabiasaan, kapercayaan,

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 29 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII C jeung VII A SMPN 1 Sukawening taun ajaran 2012/2013 anu jumlah siswana kelas VII C 28 siswa,

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi. BAB I BUBUKA 1.1.Kasang Tukang Masalah Kamampuh ngagunakeun basa ngabédakeun antara manusa jeung sato. Basa nyaéta lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2011:2).

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode

Lebih terperinci

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Tempat Panalungtikan Désa Taraju téh tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun ngayakeun panalungtikan. Jumlah penduduk Désa Taraju

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Brown (1979) nétélakeun yén tujuan nu pangpokona dina ngajarkeun basa téh nyatana sangkan unggal budak (siswa) mampuh ngomunikasikeun naon hal nu hayang ditepikeunana

Lebih terperinci

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis, 28 BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métodé Panalungtikan Métodé mangrupa hiji dasar pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan. Métodé

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA Dina enas-enasna, basa jeung sastra mangrupa dua unsur anu teu bisa dipisahkeun dina kabudayaan manusa. Duanana silih lengkepan (méré tur narima), sakumaha

Lebih terperinci

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman sababaraha kali robah, ti mimiti jaman kolonial, perang kamerdékaan, sabada perang

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Budaya téh dipangaruhan pisan ku basa. Dina émprona, budaya anu kawangun ku basa bakal ngawujud jadi hiji kearifan lokal jeung ciri masarakat daérah anu hadé.

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di urang Sunda. Hartina, lamun basana leungit, nya meureun éta bangsa téh geus leungiteun salah

Lebih terperinci

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Paribasa mangrupa salah sahiji kebeungharan masarakat utamana di masarakat Sunda. Ayana paribasa dina basa Sunda, salah sahijina diakibatkeun ku sipat umum urang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan Budaya mangrupa idéntitas hiji bangsa nu bisa ngabedakeun antara hiji bangsa jeung bangsa lianna. Darajat hiji bangsa bisa katitén tina budayana éta sorangan.

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik 89 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Nu dimaksud sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ti mana asalna subjék data anu bisa dibeunangkeun (Arikunto, 2010, kc. 172). Anu jadi sumber

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 228 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Dina bagian ahir ieu dicindekkeun hal-hal anu kapanggih tina panalungtikan. Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Kecap budaya téh asalna ti basa Sansekerta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal), dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi

Lebih terperinci

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Indonésia dipikawanoh ku balaréa minangka nagara agraris. Lian ti éta Indonésia dipikawanoh ogé ku nagara tatangga lantaran kasuburan jeung luas lahanna, ceuk paribasana

Lebih terperinci

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Indonesia teh nagara anu mibanda rupa-rupa suku bangsa. Unggal suku miboga tradisi jeung adat-istiadat anu mangrupa kabeungharan bangsa. Tapi luyu jeung kamekaran

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK 28 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi panalungtikan pikeun meunangkeun data ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri nya éta di Kecamatan

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Disawang tina umurna, siswa SMP kelas VIII dipastikeun bisa nepikeun pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal ngagunakeun basa Sunda. Tapi, dina kanyataanana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa teu bisa leupas tina basana. Hakékat basa pikeun manusa nya éta pikeun alat komunikasi. Basa ogé bisa nepikeun pesen

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu maké sandiasma G.S. nulis buku kumpulan carita Dogdog Pangréwong (1930). G.S. ogé dianggap

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ajén nya éta hiji hal anu sipatna abstrak jeung miboga harga (kualitas) ngeunaan hadé jeung goréng, éndah atawa teu éndah, jeung bener atawa salah. Hiji hal anu miboga

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, boh ditilik tina dedeg-pangadeg manusana boh disawang tina budayana. Budaya nu dipibanda ku hiji

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan 1) Desain Panalungtikan Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Ékspérimén mangrupa métode panalungtikan anu produktif,

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 9 Kota Bandung kelas VIII-12 kalawan jumlahna aya 40 urang, anu ngawengku 18 urang

Lebih terperinci

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 1 MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET (Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) Desy

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indonesia mangrupa nagara nu diwangun ku sababaraha sékésélér. Unggal sélér miboga kabudayaan anu béda-béda jeung wewengkon séjénna. Hal ieu tangtu ngahasilkeun kajembaran

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung prosedur

Lebih terperinci

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) Diana Indahsari 1 Universitas Pendidikan Indonesia, dianaindahsari@ymail.com

Lebih terperinci

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. KALUNGGUHAN KARYA TULIS ILMIAH DI UPI Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. Mangrupa syarat wajib dina ngaréngsékeun program S1, S2,&S3: skripsi(s1), tésis

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Désain jeung Métode Panalungtikan Numutkeun Suwanda (2011, kc. 1) désain (rancangan), nya éta sagala hal anu geus dirancang, disiapkeun, direncanakeun, atawa diprogramkeun.

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu ditétélakeun ku Linton dina

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji pasualan nu disanghareupan ku Bangsa Indonesia nya éta krisis integritas jeung idéntitas minangka

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik 59 BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik pikeun ngakaji masalah-masalah anu disanghareupan. Ku kituna panalungtik kudu

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Pasundan 2 Bandung nu alamatna di Jl. Cihampelas No. 167, Telepon/Fax 2030093,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku kituna kamekaran basa téh gedé pisan pangaruhna kana kamekaran sastra. Kamekaran sastra bisa katitén

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta di SMA Negeri 13 Bandung. 3.1. Sumber Data Panalungtikan Anu jadi

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 32 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII

Lebih terperinci

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan wanda, sipat, jeung fungsi kalimah dina basa Sunda. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. Antara manusa jeung budaya bisa disebutkeun lir ibarat dua sisi nu teu bisa dipisahkeun.

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan

Lebih terperinci

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya BAB II LANDASAN TIORI 2.1 Wawacan Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya éta wawacan. Wawacan mangrupa salah sahiji karya sastra buhun anu loba mangaruhan pola pikir jeung

Lebih terperinci

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Niténan kamekaran jaman kiwari, karéréana masarakat boga anggapan yén drama téh ngan ukur hiji pintonan nu biasa dipagelarkeun di panggung atawa média, hususna

Lebih terperinci

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ulikan Téori 2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran Nurutkeun Joyce&Weil (1980) dina Rahman (2006: 4) modél pangajaran (model of teaching) nya éta hiji rarancang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Lamun nilik kana sajarah kamekaran pilem Indonesia, tétéla pilem Indonesia anu munggaran téh munculna di tatar Sunda, nya éta di kota Bandung. Pilem asli pribumi

Lebih terperinci

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA Dingding Haerudin Universitas Pendidikan Indonesia Dasar Hukum Keberadaan Bahasa Sunda di Jawa Barat UUD 1945 Bab XV, Pasal 36; Ketetapan UNESCO

Lebih terperinci

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI KARANGAN EKSPOSISI Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI WANGENAN KARANGAN Karangan nya eta hasil karya tulis pikeun ngungkabkeun gagasan anu ditepikeun ngaliwatan media tulis

Lebih terperinci

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Saméméh ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik kudu nataharkeun sagala rupa kaperluan pikeun kalancaran prosés panalungtikan. Ku kituna, dina ngalaksanakeun

Lebih terperinci

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA Oleh : Ruswendi Permana A. Pendahuluan Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar (SKKD) Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda disusun berdasarkan Peraturan Daerah

Lebih terperinci

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota BAB I 1.1 Kasang Tukang Basa téh mangrupa beungkeutan sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi)

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sakur mahluk anu gumelar di dunya, ngabogaan basa séwang-séwangan. Umpamana urang nempo anak hayam kabulusan, tangtu bakal ciak-ciakan ngageroan indungna. Kitu deui

Lebih terperinci

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN XII. MACA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan maca basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa

Lebih terperinci

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP) RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP) Satuan Pendidikan : SD/MI Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA Kelas/ Semester : V/2 Topik : Peristiwa dalam Kehidupan A. Kompetensi Inti KI-1 Menerima, menjalankan, dan

Lebih terperinci

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Populasi/Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi/tempat panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 14 Kota Sukabumi nu pernahna aya

Lebih terperinci

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Undak Usuk Basa (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Sajarah Undak usuk basa Sunda Para ahli basa Sunda sapamadegan yén ayana undak usuk basa Sunda téh dipangaruhan ku kabudayaan Jawa (Mataram) dina

Lebih terperinci

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D Kode Mapel : 748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D PEDAGOGIK: Kurikulum 2013 dina Pangajaran Basa Sunda PROFESIONAL: Wanda Teks, Kaparigelan Basa,jeung Dongeng Penulis 1.

Lebih terperinci

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER Kode Mapel : 748GD000 MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETÉNSI D PÉDAGOGIK: Kurikulum 2013 dina Pangajaran

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Budaya mangrupa eunteungna hiji bangsa. Ajén budaya bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu patali jeung kahirupan manusa. Pikeun maluruh ajén budaya hiji bangsa,

Lebih terperinci