1. Teu puguh monyet hideungna (lutung; wangsal) 2. Geus jadi sabiwir hiji (balem; wangsal)

dokumen-dokumen yang mirip
Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh

SISINDIRAN. B. Papasingan Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 8.1

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

REINVENTARISASI FOLKLOR LISAN JENIS NYANYIAN RAKYAT SUNDA DI JAWA BARAT UPAYA KONSERVASI KEARIFAN BUDAYA LOKAL. Oleh: Ayo Sunaryo, M.Pd.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

METAFORA DALAM WAWANGSALAN BERBAHASA SUNDA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

TATAKRAMA DINA NYARITA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

PUISI SISINDIRAN BAHASA SUNDA DI KABUPATEN BANDUNG (KAJIAN ISI DAN FUNGSI)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

VI. KALIMAH RANGKEPAN

WAWANGSALAN BAHASA SUNDA

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

Jeung pangeran anjeun. Nya geura ngadengade. Nya prak nyingkahan

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017)

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

GUNEMAN DINA BASA SUNDA BIHARI JEUNG KIWARI (Ulikan kana Kecap Gaganti Ngaran) H. Wahyu Wibisana Yayat Sudaryat

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB 3 METODOLOGI PENELITIAN. Dalam metodologi penelitian ini, terdapat metode penelitian, sumber dan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

GUGURITAN Dingding Haerudin*)

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODEL PANGAJARAN SATRA SUNDA Ku Dedi Koswara

Etika Sunda * Hawe Setiawan **

PANGAJARAN TATAKRAMA -MORAL

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah


Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

MATERI PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA DI SD JEUNG SMP. Dr. Dedi Koswara, M. Hum.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB VI SISINDIRAN DAN PUPUJIAN

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

BAB V SISINDIRAN DAN PUPUJIAN

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

Transkripsi:

SISINDIRAN Sisindiran kaasup kana salah sahiji wangun ugeran (puisi) buhun. Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu maksudna sisi. Ngomong sindir maksudna ngomong anu nyisi, henteu poksang ceplak pahang, sangkan omongan urang karasana henteu nyentug atawa ngagasruk ka jalma anu diajak nyarita. Dina sisindiran aya maksud anu dikedalkeun henteu saceplakna, tapi dibulen ku kecap-kecap sejen anu ngandung karasmen, dipalar pikaresepeun. Lamun diibaratkeun kana bungbuahan mah, aya cangkang jeung eusina. Ku lantaran kitu, M.A. Salmun (1963:57) netelakeun yen sisindiran bisa disebut oge kesenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana. Sisindiran lain kabinangkitan urang Sunda wungkul, tapi kum ka sakuliah Indonesia, ngan beda-beda nyebutna. Di Sunda disebutna sisindiran, di Jawa disebutna parikan, di Malayu mah pantun, di Tapanuli mah ende-ende, jeung sajabana ti eta. Wangunan sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan. Sisindiran mibanda sipat anu rupa-rupa, nya eta silih asih, piwuruk, jeung kaheureuyan. Ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana sisindiran teh bias dibagi jadi tilu golongan, nya eta 1) rarakitan, 2) paparikan, 3) wawangsalan. 1) Wawangsalan Aya anu nyebutkeun yen wawangsalan teh asalna tina kecap wangsal anu lilalila jadi wangsul, hartina balik. Ku lantaran kitu wawangsalan sok disebut oge bangbalikan. Ceuk sawareh deui kecap wawangsalan teh asalna tina kecap angsal, anu hartina beunang, sabab dina wawangsalan teh aya sabangsa teteguhan anu kudu kapanggih eusina. Nilik kana wangunna wawangsalan teh aya dua rupa, nya eta a) bangbalikan lanjaran, 2) bangbalikan-dangding Wawangsalan diwangun ku dua padalisan; padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua eusina. Unggal padalisan matok diwangun ku dalapan engang. Pakaitna cangkang jeung eusi ku ayana wangsal anu murwakanti jeung kecap konci anu jadi inti dina padalisan eusi. Ieu di handap conto bangbalikan-lanjaran anu geus ngalemah jadi paribasa. 1. Teu puguh monyet hideungna (lutung; wangsal) Teu puguh tungtungna (kecap konci; inti) 2. Geus jadi sabiwir hiji (balem; wangsal) Jadi pangaleman jalma (kecap konci: inti) 3. Teu beunang disupa dulang (kejo; wangsal) Teu beunang dibebenjokeun (kecap konci; inti) Lian ti eta, aya deui wawangsalan anu dirakit jadi guguritan, anu ceuk M.A. Salmun mah disebutna teh bangbalikan dangding. Contona saperti ieu di handap.

Kinanti Di Cikadang aya gunung, asa paturay jasmani kalong leutik saba gedang bawaning sumedot piker kembang biru di astana abot pisan jeung nu asih cikuray cocodot samoja 2) Rarakitan Nurutkeun M.A. Salmun (1963:61-62) rarakitan teh nya eta wangun sisindiran anu kecap awal unggal padalisan cangkang dibalikan deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit (sabangsa parahu dijieun tina awi leunjeuran disusun ku kekep) anu papak di puhuna. Geura ilikan contona di handap. Lain bangban lain pacing Lain kananga kuduna Lain babad lain tanding Lain ka dinya kuduna Rarakitan kagolong kana puisi rayat, turun-tumurun sarta sumebar ku cara lisan di lingkungan masarakat bari teu kapaluruh saha anu nyiptana atawa anu ngarangna (anonim). Ari gancang nerekabna utamana mah lantaran mindeng dipidangkeun dina seni kawih. Nilik kana eusina, rarakitan teh aya anu kaasup kana paparikan piwuruk, silih asih, jeung sesebred. Piwuruk Lamun urang ninun kanteh Ulah resep make poleng Lamun urang leutik keneh Ulah resep ngomong goreng Meugeus diangkir ku jeungjing Geura ganti ku kahiang Meunggeus pelesir ti peuting Geura ganti ku sambeang Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun awak Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat Sesebred Sok hayang nyaba ka Bandung Sok hayang nyaho nanjakna Sok hayang nanya nu pundung Sok hayang nyaho nyentakna

Majar maneh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkeh koneng Kulit beuteung meuni nambru Rarasaan melak cau Teu nyaho mun melak jahe Rarasaan matak lucu Teu nyaho mun matak rehe Rarasaan ngala mayang Teu nyaho cakeutreuk leuweung Rarasaan koneng umyang Teu nyaho cakeutreuk hideung Silih asih Daek soteh ka cinangka ka Cisitu mah teu purun daek soteh ka manehna ka nu itu mah teu purun Hayang teuing kueh bugis teu bisa ngasakanana hayang teuing ka nu geulis teu bisa ngakalanana Ka mana nya nyiar kulit Hayang geura sesewiran Ka mana nya nyiar duit Hayang seubeuh pelesiran Lain bangban lain pacing Lain kananga kuduna Lain babad lain tanding Lain ka dinya kuduna Mihape sisir jeung minyak Kade kaancloman leungeun Mihape pikir jeung niat Kade kaangsonan deungeun Cau ambon dikorangan Malati kapipir-pipir Lalaki ambon sorangan Awewe teu mikir-mikir Kapinis ulah disumpit Tangkal muncang ngarangrangan Ieu nulis bade pamit Duakeun ti kaanggangan

Karinding palapah kawung Ditiup ku nu paranti Nu ginding ulang mangpaung Sing emut ka diri abdi Kaso pondok kaso panjang Kaso ngaroyom ka jalan Sono mondok sono nganjang Sono patepang di jalan Kembang goyang jeung ermawar Pacampur jeung kacaping Hariwang rea kakelar Tagiwur teu geunah cicing Lampuyang nu cocongoan Bawaeun ka Rajagaluh Ku hayang nya sosonoa Isuk mah ulah pajauh Leuleupeutan leuleumeungan Ngarah kekejoanana Deudeukeutan reureujeungan Ngarah tetenjoanana Majar maneh nganyam samak Neukteukan bari motongan Majar maneh neang anak Ngadeukeutan popotongan Ngala antanan ka jami Cau emas tengah huma Kahayang ulah rek lami Geura unjukan ka ama Pucuk tiwu akar bangban Amis mata di susukan Mun rek milu geura dangdan Cimata geura susutan Rayagung tanggal sapuluh Kasungka reujeung malela Abdi burung mun teu tulus Kasuda da ti baheula Reundeu beureum reundeu hideung Reundeu kayas solempangan Beuki heubeul beuki nineung Beuki laas kaedanan

Samping hidung dina bilik Kumaha nuhurkeunana Abdi nineung ka nu balik Kumaha nuturkeunana Sayang kaak diarengan Diasupkeun kana peti Hayang angkat sasarengan Bati gegetun nya ati Mun teu tulus ka paseukna Ka pacirna oge hade Mun teu tulus ka lanceukna Ka adina oge hade Sapanjang jalan soreang Moal weleh diaspalan Sapanjang tacan kasorang Moal weleh diakan 3) Paparikan Asalna tina kecap parik, anu sumberna tina parek, hartina deukeut. Paparikan atawa paparekan teh maksudna mah deudeukeutan. Dina hukum sisindiran anu padeukeut teh nya eta sada atawa sora dina cangkang jeung eusi kawih. Paparikan diwangun ku opat jajar. Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun jajaran katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Contona bisa diilikan saperti ieu di handap. Hampelas raraga jati 1 (cangkang) palataran babalean 2 (cangkang) iklas raga sareng pati 3 (eusi) ngabelaan kasaean 4 (eusi) Mawa peti dina sundung ditumpangan ku karanjang pangarti teu beurat naggung tapi mangpaatna manjang Lauk emas ngakan ganggeng disamberan ku japati boga emas moal langgeng teu cara boga pangarti Silih asih Aya meri dina rakit Boboko wadah bakatu Lain nyeri ku panyakit Kabogoh direbut batur

Baju hideung kancing tangan Dikaput ku merang awi Nu hideung matak teu nangan Sing emut ka diri abdi Baju soeh tatambalan Kaput gede jarumatna Daek soteh ngawulaan Lamun hade rumawatna Carulang dipahpal kuda Hejo deui-hejo deui Rek mulang samar kaduga Nejo deui-nenjo deui Seungit kembang sumarsana Bawa angin ngadalingding Nu laip kieu rasana Nandang nyeri tanpa tanding Talingtung talina benang Mobil beureum diguratan Satungtung teu acan beunang Moal eureun disuratan Tangkal manjah sisi lamping Tangkal putat kaibunan Hate bungah tanpa tanding Nampi serat kikintunan piwuruk Baju kutud heureut pola Dikelin teu dijalujur Mun teu cucud ti sakola Arisin balik ka lembur Ka kulah nyiar kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana Susuru opat ngajajar Katinggang ku daun jati Guguru kapalang ajar Cara kembang burung jadi

Sesebred Cau naon-cau naon Cau kulutuk di juru Bau naon-bau naon Bau hitut nu di juru Cikur jangkung jahe koneng Lampuyang pamura beuteung Rarasaan jangkung koneng Puguh mah bureuteu hideung Daun jarak dibeungkeutan Dibawa ka jalan gede Anu harak ngadeukeutan Hayangeun dibawa hade Salian ti nu di luhur aya oge nu disebut paparikan dangding, biasana diwangun ku dua pada pupuh. Pada kahiji mangrupa cangkang, pada kadua mangrupa eusina. Contona saperti ieu di handap. Kinanti Ngalantung mulungan tanjung Bari melak nagasari Kembang goyang jeung ermawar Pacampur jeung kacapiring Seungit kembang sumarsana Bawa angin ngadalingding Baringung piker mangpaung Ati ngerik jeung rarisi Hariwang rea kakelar Tagiwur teu ngeunah cicing Nu laip kieu rasana Nandang nyeri tanpa tanding cangkang eusi SESEBRED/JENAKA Ka kota ka tanjung siang Ti garut mulung rambutan Nyarita teu kudu panjang Bisi kaburu nundutan tumbila diadu boksen disidikkeun teu dipisah ngabandungan kalah bosen Pipikiran geus di imah

SISINDIRAN 1. Majar manéh melak salam Geuning kalah melak jaat Majar manéh urang Islam Geuning tara daék salat 2. Mang Ade keur dagang bandrék Diborong ku tukang bubur Nu hade loba kadaék Komo bari laku jujur 3. ngaronda naék padati Digusur ka Cimalaya Sakola ngala pangarti Lain eukeur loba gaya Isi tulisan di atas orisinil karya sendiri, isi hasil adaptasi dari beberapa Sumber Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kesusastraan. Jakarta: BP Iskandarwassid. 1922. Kamus Istilah Sastra: geger Sunten.