BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

NO. 540/FPBS.0251/2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

PANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sacara lahiriah unggal siswa miboga kamampuh pikeun maca, nulis, ngaregepkeun, tur nyarita. Dina kanyataanana teu sakabéh siswa miboga kamampuh anu alus dina éta kaopat aspék kaparigelan basa, hususna basa Sunda. Salah sahiji hal anu ngalantarankeunana nyaéta kurangna pangaweruh siswa dina nyangkem kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda. Kurangna pangaweruh siswa dina nyangkem kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda kiwari geus jadi masalah anu gedé pikeun umumna sakola-sakola nu aya di sabudeureun Jawa Barat. Padahal nu ku urang katitén yén Gubernur Jawa Barat ngaluarkeun Peraturan Daerah Jawa Barat No 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah, yang menétapkan bahasa Daérah antara lain bahasa Sunda diajarkan di pendidikan dasar di Jawa Barat; hartina basa Sunda téh wajib diajarkeun ti mimiti TK nepi ka SMA tur dirojong ogé ku ayana Surat Kaputusan jeung Surat Edaran Gubernur Jawa Barat No 423/2372/Set-disdik ping 26 Maret 2013 ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa Daerah pada Jenjang Pendidikan SD/MI, SMP/M.Ts., SMA/SMK/MA anu ditujukeun ka Kapala Dinas Pendidikan Kabupaten/Kota sa-jawa Barat jeung ka Kepala Kantor Kementrian Agama Kabupaten/Kota sa-jawa Barat. Kondisi pangajaran basa Sunda di Kota Bandung sorangan kiwari kurang nyugemakéun, katitén boh dina hasil ulangan harian boh dina ujian ahir sakola anu meunang nilai alus téh tara leuwih ti sapertilu tina jumlah murid sakelasna, padahal Bandung téh puseur pamaréntahan Jawa Barat. Réa guru basa Sunda nu nyebutkeun yén kurangna kamampuh siswa dina ngagunakeun basa Sunda. Ieu hal téh salah sahiji faktorna disababkeun ku pemeroléhan basa indungna (B1) lain basa Sunda. Salah sahiji contona baé, tina data anu dicangking di SMP Negeri 15

2 Bandung taun ajaran 2013-2014 aya 29,24% siswa kelas VII anu teu bisa nyarita ngagunakeun basa Sunda balukar tina B1-na lain basa Sunda téa, sarta jumlah perséntase pangréana aya di kelas VII-D nyaéta 50%, sakumaha anu diwincik dina tabél ieu di handap. Kelas Tabél 1.1 Tabél Kamampuh Siswa dina Nyarita Ngagunakeun Basa Sunda SMPN 15 Bandung Taun Ajaran 2013-2014 Kasang Tukang Lain Urang Sunda Urang Sunda Jumlah Nu teu bisa basa Sunda Jumlah Siswa/kelas Perséntase Jumlah nu teu bisa basa Sunda VII-A 4 7 11 34 32,35% VII-B 3 10 13 34 38,23% VII-C 5 3 8 34 23,53% VII-D 5 12 17 34 50% VII-E 4 3 7 34 20,58% VII-F 1 9 10 34 29,41% VII-G 2 7 9 34 26,47% VII-H 2 3 5 34 14,70% VII-I 4 5 9 35 25,71% VII-J - 11 11 35 31,42% JUMLAH 30 70 100 342 29,24% (Sumber: Observasi ka siswa kelas VII SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 ) Nurutkeun Tarigan (2011, kc. 13) salah sahiji tujuan dina pangajaran basa téh nyaéta siswa bisa nyangkem atawa mampuh ngawasa kana opat aspék kaparigelan basa. Antara hiji aspék silih pakait jeung aspék séjénna. Panyatur nu hadé bisa méré conto pikeun diturutan ku paregep anu hadé, sedengkeun paregep nu hadé bisa nuliskeun naon-naon anu diregepkeunana. Sarta tulisanana bisa dibaca tur mangpaat pikeun jalma séjén. Éta hal bakal lumangsung kalayan anu dipikaharep lamun dirojong ku euyeubna pangaweruh siswa kana kandaga kecap dasar, lantaran kualitas kaparigelan basa hiji jalma dipangaruhan ku kuantitas jeung kualitas kandaga kecap anu dicangkemna. Hartina, beuki loba tur beuki alus

3 pangaweruh kandaga kecap dasar basa Sunda hiji siswa tangtu mangaruhan kana prosés diajar basana sarta kamampuh dina nyangkem opat aspék kaparigelan basa. Dumasar kana masalah anu diébréhkeun di luhur, digunakeunana B1 anu lain basa Sunda jadi cukang lantaran héngkérna pangaweruh kandaga kecap dasar basa Sunda siswa-siswa di sakola-sakola di kota Bandung hususna dina mangsa kiwari. Pikeun narékahanana diperlukeun ayana pangajar anu rancagé sarta modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun pangajaran basa Sunda di SMP, utamana modél pangajaran anu bisa nambahan pangaweruh siswa kana kandaga kecap basa Sunda anu ngawengku kandaga kecap dasar (basic vocabulary) saperti: istilah-istilah pancakaki, ngaran-ngaran babagian awak, kecap sulur, kecap bilangan poko, kecap pagawéan poko, kecap kaayaan poko, sarta parabot sacara universal. Kiwari, lobana siswa SMP anu teu bisa nulis jeung nyarita maké basa Sunda téh salah sahijina dilantarankeun ku héngkérna kuantitas jeung kualitas kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda anu dikawasana. Saméméhna geus aya panalungtikan ngeunaan ieu hal, nyaéta skripsi karya Dewi Yuliani (2012) anu judulna Modél Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh Léksikon Siswa Kelas XI SMA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 9 SMA Negeri 3 Bandung Taun Ajaran 2011/2012). Béda ieu panalungtikan jeung panalungtikan anu saméméhna nyaéta dina jenjang sakola pikeun SMP, sedengkeun panalungtikan saméméhna dilaksanakeun di SMA. Lian ti éta ogé, dina modél anu dipaké ku panalungtik tangtu béda jeung modél saméméhna. Dina ieu modél, salian ti siswa bisa nambahan pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda ogé bisa ngarti tur surti atawa nyangkem kana éta kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda, anu ahirna bener ngalarapkeunana dina nulis kalimah tur merenah dina cumarita sapopoéna. Salian ti éta, panalungtikan séjén ngeunaan ieu modél pangajaran téh nyaéta tésis karya Anggi Citra Apriliana (2012) judulna Pengaruh Model Induktif Kata Bergambar (Picture Word Induktif Model) Terhadap Keterampilan Membaca dan Menulis Permulaan Siswa Kelas II SD

4 Negeri Sirnagalih Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang. Hasil tina éta panalungtikan nétélakeun yén model induktif kata bergambar gedé pangaruhna pikeun ningkatkeun kaparigelan maca jeung nulis siswa kelas II SDN Sirnagalih, lantaran dibéré stimulus kecap-kecap dasar anu dideudeulan ku gambar-gambar. Dumasar kana masalah di luhur, panalungtikan Modél Induktif Kata Bergambar Pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh Kandaga Kecap Dasar (Basic Vocabulary) Basa Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 2013-2014), perlu dilaksanakeun. 1.2 Idéntifikasi Masalah Dina pangajaran kaparigelan basa Sunda (ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis) anu jadi masalah utama nyaéta ayana anggapan siswa yén diajar basa Sunda téh hésé. Salian ti éta, kurangna pangaweruh siswa kana kandaga kecap dasar basa Sunda ogé jadi masalah kana lumangsungna pangajaran basa Sunda, Ku kituna ieu panalungtikan téh, museurkeun objék panalungtikanana kana modél induktif kata bergambar dina ngaronjatkeun pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda. Kandaga kecap dasar (basic vocabulry) ngawengku istilah-istilah pancakaki, ngaran-ngaran babagian awak, kecap gaganti, kecap bilangan poko, kecap pagawéan poko, kecap kaayaan poko sarta ngaran barang-barang sacara universal. Ieu panalungtikan, leuwih museurkeun kana ngaronjatkeun pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vacabulary) basa Sunda istilah ngaran-ngaran babagian awak, kecap pagawéan poko, kecap kaayaan poko, jeung ngaran barang-barang sacara universal ka siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014. 1.3 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

5 a. Kumaha pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 saméméh ngagunakeun modél induktif kata bergambar? b. Kumaha pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 sabada ngagunakeun modél induktif kata bergambar? c. Naha aya béda anu signifikan pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa SMP kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél induktif kata bergambar? 1.4 Tujuan Panalungtikan Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku kana tujuan umum jeung tujuan husus, nyaéta sakumaha anu dipedar ieu di handap. 1.4.1 Tujuan Umum Sacara umum dilaksanakeunna ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nguji kaéféktifan modél pangajaran basa anu bisa dilaksanakeun di sakola-sakola utamana dina pangajaran basa Sunda. 1.4.2 Tujuan Husus Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: a. pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 saméméh ngagunakeun modél induktif kata bergambar; b. pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 sabada ngagunakeun modél induktif kata bergambar; sarta

6 c. bédana pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél induktif kata bergambar. 1.5 Mangpaat Panalungtikan Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap. 1.5.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré pangdeudeul pikeun élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran basa jeung sastra Sunda pikeun ngaronjatkeun pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda siswa kelas VII-D SMP Negeri 15 Bandung taun ajaran 2013-2014. 1.5.2 Mangpaat Praktis Sacara praktisna, ieu panalungtikan téh bisa mangpaat pikeun guru, sarta pikeun peserta didik. 1) Pikeun Guru Mangpaat anu bisa dihontal ku guru nyaéta, pikeun nambahan kabeungharan modél pangajaran basa Sunda, sarta bisa jadi salah sahiji alternatif modél pangajaran anu bisa digunakeun di kelas. 2) Pikeun Peserta Didik

7 Pikeun peserta didik ieu panalungtikan téh bisa jadi modél atawa cara diajar anu ngirut ati sangkan peserta didik kamotivasi pikeun terus diajar ngaronjatkeun pangaweruh kandaga kecap dasar dina pangajaran basa Sunda. 1.6 Raraga Tulisan Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka anu eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah anu baris ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi. Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan tatapakan tiori jeung rangkéy tiori anu digunakeun dina panalungtikan, raraga mikir sarta hipotésis tina panalungtikan anu dilaksanakeun. Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh jenis métode panalungtikan boh cara prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan oprasional. Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan prak-prakan panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan, jeung medar modél induktif kata bergambar pikeun ngaronjatkeun pangaweruh kandaga kecap dasar (basic vocabulary) basa Sunda. Bab V mangrupa bagian panutup tina skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan sarta saran pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.