SISINDIRAN. B. Papasingan Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 8.1

Ukuran: px
Mulai penontonan dengan halaman:

Download "SISINDIRAN. B. Papasingan Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 8.1"

Transkripsi

1 SISINDIRAN A. Wangenan Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Kecap sindir dirajek binarung rarangken R an any fungsina ngawangun kecap barang jeung kecap pagawean, nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (1985:479) ngandung harti: 1. Basa anu direka lolobana murwakanti, sarta bias dikawihkeun, aya cangkang jeung aya eusina. 2. Ngucapkeun sisindiran. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapadalisan téh diwangun ku dalapan engang. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran téh tiasa di sebat oge: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun (heula), diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti. Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, klausa, prosa, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan. B. Papasingan Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 8.1

2 1. Rarakitan Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Upami nilik kana eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta: a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 2. Paparikan Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap parék anu hartina deukeut. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Nilik kana eusina, paparikan oge dipasing-pasing ku tilu golongan, nyaéta: a. Paparikan silihasih Nyaéta paparikan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. 8.2

3 b. Paparikan piwuruk Nyaéta paparikan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Paparikan sésébréd Nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). 3. Wawangsalan Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh dibagi dua, nyaéta: a. Wawangsalan bangbalikan layaran b. Wawangsalan bangbalikan dangding C. Sumebarna Sisindiran di Masarakat Sunda Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran. Waktu nyaritakeun perkara ngayam samak jeung topi, Jaman mimiti nyebar sisndiran: paribasa ngayam samak, neuteukeun bari motongan (kaca 61), eusina oge geus mangrupa sisindiran di jaman harita téh. Upama caang bulan, diburuan téh rame ku paramojang. Aya anu maud pitopieun, nuluykeun hanca nyieun rangkay, mantengkeun, atawa ngalepe. Gyntreng ngobrol bari barung ku sisindiran. (kaca 60-64) Salinan ti Syarif Amin, Haji Hasan Mustapa deuih anu nyabit-nyabit sisindiran patalina jeung kahirupan sapopoe téh. Dina bukuna Bab Adatadat Urang Priangan jeung Sunda Lianna ti Eta (1913), Haji Hasan Mustapa 8.3

4 nyaritakeun kabiasaan bujang jeung lajang urang sunda alam harita, pasosore mun hade poena, ngariung di buruan bari siligonjak ku sisindiran. Dina buku Bandung Baheula, aya sawatara bagian anu ngagambarkeun dalitna urang sunda kana sisindiran. Dina bagian sejen eta buku (jilid II) uncul sawatara sisindiran alatan bangsa urang dijajah Jepang. Bangsa Jepang anu cenah ngakukeun Sodara Tua, lain ngajajah wungkul datangna ka urang the tapi bari jeung ngaranjah deuih, sagala dikunjalan, jeung sagala beuki deuih. Basa ka urang mimiti aya kareta api espres (ekspres ayeuna mah) Bandung Surabaya, kira-kira taun 1930, buru-buru dijieun sisindiran. Taun 1980 an di urang popular lagu Susana. Muncul lagu Susana dina rupa-rupa versi, laguna mah angger tapi rumpakna digaranti. Harita oge Citarum banjir ngeueum pasawahan di Karawang. Lagu Susana diganti ku sisindiran. Nurutkeun katerangan Atik Sopandi, S. keur basa caramah ngeunaan Rumpakan Lagu-lagu Sunda, sawatara taun katukang, rereana kawih sunda buhun rumpakan téh mangrupa sisindiran. Malah sisindiran oge kapanggih dina sawatara lagu pop sunda. Tina sawatara katerangan diluhur, tetela baé yen sisindiran téh kacida dipika wanoh ku urang sunda. Wangun sisindiran dipake pikeun ngebrehkeun eusi hatena, pantasiana, katut daya rancagena, leuwih jauh deui, milu ngeyeuban basana. Tandaning sisindiran téh geus dalit jaung kahirupanana. Bukti sejen kumaha dalitna wangun sisindiran jeung urang sunda, kateangan tina sawatara kakawih barudak, ti leuleutik bari ulin urasng sunda geus mikawanoh wangun sisindiran anu mangrupa cangkang jeung eusi téa, sanajan wangunna basajan. Masih dina pertengahan taun 1980 an Caraka Sundalogi pingpinan Adang S, mimiti mintonkeun sisindiran dina televise ngaliwatan TVRI Stasiun Bandung. Demi sisindiran anu dipintonkeunana umumna mangrupa paparikan jeung rarakitan, silitempas dina wangunan sosio drama. 8.4

5 D. Conto-conto sisindiran 1. Taun 1913, Dina buku Bab Adat-Adat Urang Priangan jeung Sunda Lianna ti Eta. Karya Haji Hasan Mustapa, nyaeta: Jeruk purut Cikaruncang, jambu aer Wanayasa. Camerut haying ka bujang, susu laer teu dirasa. 2. Kira-kira taun 1930 an, aya sisindiran magrupa: Espres Bandung Surabaya, digantolan kikinciran. Neda ma lum ka sadaya, abdi bade sisindiran. 3. Dina buku Syarif Amin judulna Di Lembur Kuring taun 1964, aya sisindiran anu dipake silisindir, diantawisna: Boboko ragrag ti imah, ninggang kana pileuiteun. Nya bogoh ulah ka semah, ari balik sok leungiteun. Boboko ragrag ti para, ninggang kana panto keser. Nya bogoh ulah katara, ambeh henteu matak gehger. Ka mana boboko kuring, ngan aya wakulna bae. Ka mana kabogoh kuring, ngan aya baturna bae. 4. Taun an Karawang dengklok karawang dengklok, Citarum banjir. Parawan dekok parawan dekok. dicium nyengir. 8.5

6 5. Sawantara Rarakitan: a. Rarakitan silihasih Sapanjang jalan Soréang, moal weléh diaspalan. Sapanjang tacan kasorang, moal weléh diakalan. Mun teu tulus ka paseukna, ka pancirna oge hade. Mun teu tulus ka lanceukna, ka adina oge hade. Batur mah ka Margacinta, kuring mah ka Nagrak bae. Batur mah dipika cinta, kuring mah ditolak bae. b. Rarakitan piwuruk Sing getol nginum jamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol neangan élmu, nu guna dunya ahérat. Lamun urang ka Cikole, moal hese naek kahar. Lamun urang daek gawe, moal hese barangdahar Ari haying melak wijen, ulah deukeut awi gombong. Ari haying pada ngajen, ulah boga sikep sombong. 8.6

7 c. Rarkitan sésébréd Rarasaan ngala mayang, teu nyaho cangkeuteuk leuweung. Rarasaan konéng umyang, teu nyaho cakeutreuk hideung. Majar maneh cengkeh koneng, kulit peuteuy dina nyiru. Majar maneh lengkeh koneng, kulit beuteung mani nambru. Rarasaan melak cau, teu nyaho mun melak jahe. Rarasaan matak lucu, teu nyaho mun matak rehe. Deudeuh teuing jeruk purut, keur koneng téh loba hileud. Deudeuh teuing nu cambrut, keur goring téh minding baeud. Kuring mah alin ka Bandung, mending ge ka kadungora. Kuring mah embung di candung, mending ge jadi nu ngora. Conto rarakitan anu genep padalisan: Hanjakal ku nangka liat, hayang leuleuweungan bae, ayeuna katuncar hideung. Hanjakal ku nu ngaliwat, hayang reureujeungan bae, ayeuna paturay tineung. 8.7

8 6. Sawantara Paparikan: a. Paparikan silihasih Meuncit meri dina rakit, boboko wadah bakatul. Lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur. Lain Bangban lain Pacin, lain kananga kuduna. Lain babad lain tanding, lain kadinya kuduna. Daun pulus dilulunan, jojodog ti Tarikolot. Sugan tuluy lalunan, aya jodo pakokolot. Ngala saga sisi huma, disamberan ku waliwis. Tiis raga tiis sukma, lantaran jadi ka nu geulis. b. Paparikan piwuruk Ka kulah nyiar kapiting, ngocok endog bobodasna. Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana. Aya manuk dina pager, nu sukuna aya bola. Lamun urang haying pinter, kudu getol kasakola. Papan Kiara ditatah, Iraha jadi lomari. Mun bias miara létah, Mokaha salamet diri 8.8

9 c. Paparikan sésébréd Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuit. Anu geulis ngadeukeutan, hayangeun dibéré duit. Sapanjang jalan Cirebon, jalan butut diaspalan. Sapanjang dijajah Nipon, baju butut tatambalan. Angeun kangkung sapariuk, disiuk jadi sapiring. Anu jangkung geura calik, sing karunya ka simkuring Cau naon cau naon, cau kulutukl di juru. Bau naon bau naon, bau nu hitut di juru. Cau kapok keur rumégang, dieunteupan bondol héjo. Keur dekok katambah égang, ditambah olol lého. 7. Sawantara Wawangsalan Belut sisit saba darat, Kapiraray siang wengi. (Wangsalna: oray) Jukut jangkung pipir gunung, Hate abdi panas peurih. (Wangsalna: eurih) Beulit cingir simpay réma, Ulah lali ka sim abdi. (Wangsalna: ali) 8.9

10 Abdi mah caruluk Arab, Henteu tarima téh teuing. (Wangsalna: korma) Asal hiji jadi dua, Temak matak susah ati. (Wangsalna: walimah) Dudukuy panjang gagangna, Piker bati ngalanglayung. (Wangsalna: paying) Gambar hirup jero imah, teu meunang dipikarisi. (Wangsalna: telepisi) 8.10

11 PAMUNGKAS Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 1. Rarakitan a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 2. Paparikan a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 3. Wawangsalan 8.11

12 DAFTAR RUJUKAN Sudaryat Yayat, M.Hum, Dr, Panduan Kegiatan Siswa (PKS) Basa Sunda. Bandung: CV. Karya Iptek. Ristisni Iis, S.Pd, M.Pd, Hj, Bahan Ajar Basa & Sastra Sunda.Bandung

Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh

Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh Tatarucingan Harti Tatarucingan Tatarucingan atawa baheula mah sok disebut turucing atawa tuturucingan, Numutkeun katerangan anu kapanggih dina basa sunda susunan R.Satjadibrata, tatarucingan téh omongan-omongan

Lebih terperinci

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan wanda, sipat, jeung fungsi kalimah dina basa Sunda. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran,

Lebih terperinci

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa mangrupa makhluk sosial nu tumuwuh di masarakat. Manusa teu bisa leupas tina komunikasi, alat pikeun komunikasi antar manusa nya éta ngaliwatan basa. Basa

Lebih terperinci

1. Teu puguh monyet hideungna (lutung; wangsal) 2. Geus jadi sabiwir hiji (balem; wangsal)

1. Teu puguh monyet hideungna (lutung; wangsal) 2. Geus jadi sabiwir hiji (balem; wangsal) SISINDIRAN Sisindiran kaasup kana salah sahiji wangun ugeran (puisi) buhun. Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu maksudna sisi. Ngomong sindir maksudna ngomong anu nyisi, henteu poksang ceplak

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 26 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK 28 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN Salah sahiji cara pikeun mikanyaho kamana arah jeung tujuan panalungtikan ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar ieu

Lebih terperinci

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Undak Usuk Basa (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Sajarah Undak usuk basa Sunda Para ahli basa Sunda sapamadegan yén ayana undak usuk basa Sunda téh dipangaruhan ku kabudayaan Jawa (Mataram) dina

Lebih terperinci

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK Wangenan Kakawihan Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh Ngawih nya éta ngalagukeun kawih atawa sisindiran

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun

Lebih terperinci

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Nu dimaksud sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ti mana asalna subjék data anu bisa dibeunangkeun (Arikunto, 2010, kc. 172). Anu jadi sumber

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 29 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII C jeung VII A SMPN 1 Sukawening taun ajaran 2012/2013 anu jumlah siswana kelas VII C 28 siswa,

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 9 Kota Bandung kelas VIII-12 kalawan jumlahna aya 40 urang, anu ngawengku 18 urang

Lebih terperinci

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI KARANGAN EKSPOSISI Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI WANGENAN KARANGAN Karangan nya eta hasil karya tulis pikeun ngungkabkeun gagasan anu ditepikeun ngaliwatan media tulis

Lebih terperinci

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis, 28 BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métodé Panalungtikan Métodé mangrupa hiji dasar pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan. Métodé

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) maca naskah longsér, (2) nganalisis struktur drama, (3) nganalisis ma na, (4) ngolah data,

Lebih terperinci

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Tempat Panalungtikan Désa Taraju téh tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun ngayakeun panalungtikan. Jumlah penduduk Désa Taraju

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Diajar mangrupa parobahan tingkah laku peserta didik akibat ayana interaksi antara individu jeung lingkunganna ngaliwatan pangalaman jeung latihan (Iskandarwassid & Dadang

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 228 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Dina bagian ahir ieu dicindekkeun hal-hal anu kapanggih tina panalungtikan. Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sastra bisa dianggap minangka gejala sosial. Ku kituna, sastra anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adatistiadat nu

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ilaharna unggal bangsa miboga ciri anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna, lantaran unggal bangsa miboga pamikiran sarta paripolah anu béda-béda dumasar

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 32 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun

Lebih terperinci

NO. 540/FPBS.0251/2013

NO. 540/FPBS.0251/2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nulis mangrupa hiji kagiatan anu sifatna produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, panulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sacara lahiriah unggal siswa miboga kamampuh pikeun maca, nulis, ngaregepkeun, tur nyarita. Dina kanyataanana teu sakabéh siswa miboga kamampuh anu alus dina

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Salah sahiji aspék kaparigelan basa téh nya éta nulis. Sacara leksikal, dina Danadibrata (2009, kc. 71), kecap nulis téh asalna tina tulis anu hartina barangjieun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan 1) Desain Panalungtikan Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Ékspérimén mangrupa métode panalungtikan anu produktif,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2004:6)

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh salasahiji pakakas ucap anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Minangka pakakas ucap, basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ieu pamanggih téh

Lebih terperinci

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 1 MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET (Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) Desy

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung masarakat, unggal

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan sakola hususna di tingkat

Lebih terperinci

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. KALUNGGUHAN KARYA TULIS ILMIAH DI UPI Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. Mangrupa syarat wajib dina ngaréngsékeun program S1, S2,&S3: skripsi(s1), tésis

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik 89 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih kénéh dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Salasahiji buktina dijanggélékkeun dina pangajaran nu wajib ditepikeun ti mimiti

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung prosedur

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif, nu ngagunakeun métode déskriptif. Panalungtikan

Lebih terperinci

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS 1 MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS MAKALAH didugikeun dina pelatihan mata pelajaran Mulok Bahasa & Sastra Sunda pikeun Guru SD ku Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran

Lebih terperinci

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) Diana Indahsari 1 Universitas Pendidikan Indonesia, dianaindahsari@ymail.com

Lebih terperinci

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN XII. MACA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan maca basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat

Lebih terperinci

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN IX. PAKEMAN BASA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan pakeman basa (idiom) dina basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya

Lebih terperinci

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Paribasa mangrupa salah sahiji kebeungharan masarakat utamana di masarakat Sunda. Ayana paribasa dina basa Sunda, salah sahijina diakibatkeun ku sipat umum urang

Lebih terperinci

VI. KALIMAH RANGKEPAN

VI. KALIMAH RANGKEPAN VI. KALIMAH RANGKEPAN A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan kalimah rangkepan basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik 59 BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik pikeun ngakaji masalah-masalah anu disanghareupan. Ku kituna panalungtik kudu

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013) BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Prosés diajar-ngajar anu éféktif ditandaan ku ayana minat jeung perhatian siswa kana prosés pangajaran. Minat mangrupa hiji sifat anu rélatif netep dina diri hiji jalma.

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Brown (1979) nétélakeun yén tujuan nu pangpokona dina ngajarkeun basa téh nyatana sangkan unggal budak (siswa) mampuh ngomunikasikeun naon hal nu hayang ditepikeunana

Lebih terperinci

REINVENTARISASI FOLKLOR LISAN JENIS NYANYIAN RAKYAT SUNDA DI JAWA BARAT UPAYA KONSERVASI KEARIFAN BUDAYA LOKAL. Oleh: Ayo Sunaryo, M.Pd.

REINVENTARISASI FOLKLOR LISAN JENIS NYANYIAN RAKYAT SUNDA DI JAWA BARAT UPAYA KONSERVASI KEARIFAN BUDAYA LOKAL. Oleh: Ayo Sunaryo, M.Pd. REINVENTARISASI FOLKLOR LISAN JENIS NYANYIAN RAKYAT SUNDA DI JAWA BARAT UPAYA KONSERVASI KEARIFAN BUDAYA LOKAL Oleh: Ayo Sunaryo, M.Pd. FPBS Ceritera Nini Anteh yang dikaitkan dengan lagu bulantok yang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indonésia diwangun ku sababaraha sélér bangsa. Sunda mangrupa salah sahiji selér bangsa anu aya di Indonésia nu miboga kabudayaanana sorangan. Kabudayaan nya éta

Lebih terperinci

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. A g u s t u s 205 INVÉNTARISASI JEUNG ANALISIS STRUKTUR PUISI MANTRA DI DÉSA JINGKANG KACAMATAN TANJUNGMEDAR KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Nulis nya éta mindahkeun pikiran atawa perasaan kana wangun lambang basa (Semi, 2003:8). Jadi nu dimaksud nulis téh nya éta ébréhan tina pikiran atawa

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Pasundan 2 Bandung nu alamatna di Jl. Cihampelas No. 167, Telepon/Fax 2030093,

Lebih terperinci

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Indonesia teh nagara anu mibanda rupa-rupa suku bangsa. Unggal suku miboga tradisi jeung adat-istiadat anu mangrupa kabeungharan bangsa. Tapi luyu jeung kamekaran

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Kecap budaya téh asalna ti basa Sansekerta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal), dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode

Lebih terperinci

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA Dingding Haerudin Universitas Pendidikan Indonesia Dasar Hukum Keberadaan Bahasa Sunda di Jawa Barat UUD 1945 Bab XV, Pasal 36; Ketetapan UNESCO

Lebih terperinci

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling 9 BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling ambek, jeung (4) bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek.

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA Kasang Tukang 1.1. Kasang Tukang BAB I BUBUKA Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif

Lebih terperinci

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN Kode Mapel : 748GD000 MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER MAPEL BAHASA SUNDA SMA/SMK KELOMPOK KOMPETENSI E PEDAGOGIK: Bahan Pangajaran Basa Jeung Sastra

Lebih terperinci

I. KAHANAN BASA SUNDA

I. KAHANAN BASA SUNDA I. KAHANAN BASA SUNDA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan kahirupan basa jeung sastra Sunda. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa mampuh

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén

Lebih terperinci

DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ

DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ 1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 3 N o. 2 A g u s t u s 2015 DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ Nessa Fauzy Rahayu 1, Yayat Sudaryat 2, Hernawan 3 Nessa.fauzy@student.upi.edu,

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran

Lebih terperinci

SILABUS DAN SISTEM PENILAIAN 1

SILABUS DAN SISTEM PENILAIAN 1 Standar Kompetensi : Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi berbagai wacana percakapan, dongeng dan pupujian 7.1.1 Menyimak Percakapan Dapat menyimak dengan Menyimak percakapan yang diperagakan atau

Lebih terperinci

POSTES PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA. Raden Djamoe

POSTES PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA. Raden Djamoe POSTES PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA Baca sing gemet ieu bacaan di handap! Raden Djamoe Dina hiji peuting di bumi kapatihan, aya hiji nonoman keur calik, mande mandeko semu isin. Nilik kana anggoanana,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sakur mahluk anu gumelar di dunya, ngabogaan basa séwang-séwangan. Umpamana urang nempo anak hayam kabulusan, tangtu bakal ciak-ciakan ngageroan indungna. Kitu deui

Lebih terperinci

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun) 1. NAREGEPKEUN 2. NYARITA 3. MACA 4. NULIS Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun) Maca teh mangrupa hiji kaparigelan ngagunakeun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi panalungtikan pikeun meunangkeun data ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri nya éta di Kecamatan

Lebih terperinci

PANGAJARAN TATAKRAMA -MORAL

PANGAJARAN TATAKRAMA -MORAL A. NGAREGEPKEUN PANGAJARAN TATAKRAMA -MORAL 10. Siswa mampu mencari, mengumpulkan, dan menyerap informasi secara lisan maupun tertulis. Ngaregepkeun Warta Wangun Prosa Arguméntasi tina Radio/Televisi HUBUNGAN

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Désain jeung Métode Panalungtikan Numutkeun Suwanda (2011, kc. 1) désain (rancangan), nya éta sagala hal anu geus dirancang, disiapkeun, direncanakeun, atawa diprogramkeun.

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina kaparigelan basa. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Nida dina (Tarigan, 2008: 1) anu nétélakeun yén

Lebih terperinci

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN Kode Mapel : 748GD000 MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER MAPEL BAHASA SUNDA SD KELOMPOK KOMPETENSI E PEDAGOGIK: Bahan Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. Antara manusa jeung budaya bisa disebutkeun lir ibarat dua sisi nu teu bisa dipisahkeun.

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Dina Bab tilu dibahas métode panalungtikan, eusina ngawengku, (1) lokasi, sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) variabel jeung wangenan operasional, (4)

Lebih terperinci

MATERI PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA DI SD JEUNG SMP. Dr. Dedi Koswara, M. Hum.

MATERI PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA DI SD JEUNG SMP. Dr. Dedi Koswara, M. Hum. MATERI PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA DI SD JEUNG SMP ku Dr. Dedi Koswara, M. Hum. 1. Bubuka Sastra Sunda meunang lahan dina SKKD KTSP sangkan diajarkeun di sakola-sakola ti mimiti Taman Kanak-Kanak tepi ka

Lebih terperinci

MODEL PANGAJARAN SATRA SUNDA Ku Dedi Koswara

MODEL PANGAJARAN SATRA SUNDA Ku Dedi Koswara MODEL PANGAJARAN SATRA SUNDA Ku Dedi Koswara I. Bubuka Dina dora ieu panglawungan, samemeh ngobrolkeun pangajaran sastra Sunda di SD/SMP, leuwih ti heula urang nengetan sajumlah runtuyan materi pangajaran

Lebih terperinci

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya BAB II LANDASAN TIORI 2.1 Wawacan Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya éta wawacan. Wawacan mangrupa salah sahiji karya sastra buhun anu loba mangaruhan pola pikir jeung

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku kituna kamekaran basa téh gedé pisan pangaruhna kana kamekaran sastra. Kamekaran sastra bisa katitén

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, boh ditilik tina dedeg-pangadeg manusana boh disawang tina budayana. Budaya nu dipibanda ku hiji

Lebih terperinci

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017)

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017) PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017) Tata Cara Pendaftaran Online Mimitran Damas 2017 1. Léngkah nu munggaran nyaéta buka http://mimitran.damas.or.id,

Lebih terperinci

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014 DANGIANG SUNDA Vol. 2 No. 2 Agustus 2014 1 KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014 Iik Ikmaliyah 1), Dingding

Lebih terperinci

HAND OUT TEORI MEMBACA

HAND OUT TEORI MEMBACA HAND OUT TEORI MEMBACA KAPARIGELAN BASA 1. NAREGEPKEUN 2. NYARITA 3. MACA 4. NULIS Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun) Maca teh

Lebih terperinci

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Indonésia dipikawanoh ku balaréa minangka nagara agraris. Lian ti éta Indonésia dipikawanoh ogé ku nagara tatangga lantaran kasuburan jeung luas lahanna, ceuk paribasana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Budaya téh dipangaruhan pisan ku basa. Dina émprona, budaya anu kawangun ku basa bakal ngawujud jadi hiji kearifan lokal jeung ciri masarakat daérah anu hadé.

Lebih terperinci

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN IV. WARNA KECAP A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan warna kecap dina basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Tatar Sunda téh suku bangsa anu kawéntar mibanda tradisi di unggal wewengkonna. Éta tradisi téh nepi ka kiwari masih dimumulé kénéh ku masarakatna, saperti

Lebih terperinci