BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
|
|
- Dewi Tedjo
- 6 tahun lalu
- Tontonan:
Transkripsi
1 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun bebeneranana. Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén. Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol sakabéh variabel nu rélevan Desain Panalungtikan Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris digambarkeun dina tabél di handap. Tabél 3.1 Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén O1 X O2 O1 : pretést Rosi Gasanti Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu
2 25 O2 : postést X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi (Sugiyono, 2006: 116). X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol. 3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional Variabel Dumasar kana pamadegan Arikunto (2002:96) nétélakeun yén anu disebut variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih Arikunto (2002:97) nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas (independent variable) jeung variabel kauger (dependent variable). Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur, variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya Wangenan Operasional Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan ditétélakeun ieu di handap. 1) Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi engkéna bisa ngadémonstrasikeun deui kalawan ngalaksanakeun prakték-
3 26 prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték ngagunakeun alat peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal, nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan siswa. 2) Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan (lafal) jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di antarana: a) Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora konsonan. b) Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng. Aspék non-linguistik ngawengku; a) Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita. b) Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita. c) Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan merenah, luyu jeung eusi carita. d) Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta gerak nu teu kaleuleuwihi. 3.3 Tehnik Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data
4 27 Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ditétélakeun ieu di handap. a) Téhnik Tes Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. b) Téhnik Observasi Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru mata pelajaran basa Sunda di Sakola. 3.4 Instrumén Panalungtikan Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana, lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun. Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung Lembaran Tés Lisan Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak di hareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga
5 28 maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris didongéngkeun ku siswa. Sasakala Biruang Jadi Sato Galak Sampurasun... Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh. Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang ngajaga sawah patani téh. Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disarada cuit cuit cuit cit cit cit, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep.. Horda...huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit, arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu! ceuk biruang sumanget ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk bari ngahenang-ngahening bari hahariringan. Pupuh Balakbak Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari sesegrok ngoook..grok..ngok grok. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy manéhna ngareureuwas bagong bari keprok Hoyah! rék naon siah silaing kadieu, nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing, hus..hus.. nyingkah siah kaditu! Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir. Pok deui biruang ngomong Hag siah, saha deui nu wani datang kadieu, moal
6 sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring bakal meunang paré loba euy huhahahhaa... Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuysaranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna. Omong biruang, Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah, tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun ku kaula. Ku juru tani diwalon, Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang, kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna mah top baé kabéh keur sampéan. Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya! ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka leuweung. Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana. Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy diringkid ka lembur. Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna. Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, Aing sumpah nepi ka turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung, rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu. Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida bedasna. Cag ah... 29
7 30 Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap. No Sasaran Tabel 3.2 Kisi-kisi kritéria anu diajén Aspék 1. Basa Lafal Lentong 2. Eusi Pamahaman Eusi Sistematika Eusi 3. Téhnik/Gaya Réngkak jeung Peta Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga Wasta : Kelas : Tabel 3.3 Format Meunteun Sasaran Basa Aspek Lafal Skala Nilai Skor Eusi Tehnik / gaya Jumlah lentong (tekenan, wirahma, randegan) pamahaman eusi sistematika eusi réngkak jeung peta kaparigelan ngagunakeun alat peraga Katerangan:
8 31 Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5. Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti unggal aspék. Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng. 1. Lafal 5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna. 4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal. 2 = Kasalahan dina lafal rada sering. 1= Loba kasalahan 2. Lentong (tekenan, wirahma, randegan) 5 = Lentong (tekenan, wirahma, jeung randeganna) sampurna. 4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah 2 = Lentong nu teu merenahna rada sering. 1= Loba lentong nu teu merenah. 3. Pamahaman eusi 5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna. 4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham. 2 = Kurang paham kana eusi dongéng. 1= Teu paham kana eusi dongéng. 4. Sistematika eusi 5 = Runtuyan eusi ngaguluyur ti mimiti nepi ka tungtung sampurna.
9 32 4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung (ngacak). 2 = Rada loba runtuyan nu ngacak. 1= Runtuyan carita dongéng pabaliut. 5. Réngkak jeung peta 5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi. 4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi. 3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah. 2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah. 1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah. 6. Ngagunakeun Alat Peraga 5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif 4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah 3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah 2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah 1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah Skor Anu Kahontal Skor Ahir (Nilai) = x Skor Idéal (100) = Skor Total Obsérvasi Instrumén obsérvasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap. Tabel 3.4 Pedoman Observasi Poé, Ping : No Aktifitas Prosés Dilaksanakeun Henteu
10 33 1 Guru nitah siswa pikeun maca, maham, jeung neuleuman eusi dongéng sasakala biruang jadi sato galak nu rék ditepikeun. 2 Guru ngadémonstrasikeun dongéng sasakala biruang jadi sato galak ka siswa kalawan ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta cara ngagunakeun alat peraga kalawan hadé. 3 Guru nitah siswa pikeun ngadémonstrasikeun deui dongéng sasakala biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta ngagunakeun alat peraga kalawan hadé. 4 Guru ngoréksi jeung mére koméntar ngeunaan hasil démonstrasi siswa 5 Guru méré aprésiasi ka siswa nu paling hadé dina ngadongéng sasakala biruang jadi sato galak Obsérver, Téhnik Analisis Data Sangkan meunangkeun tujuan ahir dina ieu panalungtikan, ku kituna baris dilakukeun analisis data ngaliwatan analisis kamampuh ngadongéng sasakala biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun aspék lafal, lentong, pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta ngagunakeun alat peraga ngaliwatan pamarekan statistika anu léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap. 1. Uji Normalitas Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna a) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap: r = peunteun panggedéna-peunteun pangleutikna
11 34 b) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus: k = 1 + 3,3 log N c) Nangtukeun panjang kelas interval d) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap: Tabél 3.5 Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés No Kelas Interval f i x i 2 x i f i x i 2 f i x i 1 2 e) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap. f) Katerangan: X = rata-rata mean = jumlah Fi = jumlah data Xi = nilai tengah (Sudjana, 1992: 70)
12 35 g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta: (a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi Tabél 3.6 Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés Interval Oi BK Z Z tabel L E i X 2 (b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) (c) Nangtukeun batas kelas interval (bk) (d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas) (e) Nangtukeun Z tabel (f) Ngitung lega kelas interval
13 36 (g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara: Ei = n x L (h) Nangtukeun nilai X 2 (chi kuadrat) (Sudjana, 1992:273) (i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk) dk = k - 3 (Sudjana,1992:293) (j) Nangtukeun harga X 2 tabél (k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap: - Lamun X² itung < X² tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal. - Lamun X² itung > X² tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu normal. Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas kalayan hasilna normal, kagiatan nu satuluyna nya éta uji homogénitas. 2. Uji Homogénitas Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap. a) Ngitung variansi (S²) unggal kelompok Variansi tés awal S 1 = Variansi tés ahir
14 37 S 2 = (Sudjana, 1992: 95) b) Ngitung harga variasi (F) c) Ngitung derajat kabébasan (dk) dk = n - 1 d) Nangtukeun harga e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap: (1) Lamun F itung < F tabél hartina variasi sampel homogén. (2) Lamun F itung > F tabél hartina variasi sampel teu homogén. (Sudjana, 1992:250) 3. Uji Hipotésis Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta: a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung postés No 1 2 Ngaran Siswa Tabél 3.7 Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun Peunteun Pratés Peunteun Pascatés d d²
15 38 b) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés ahir. Rumusna nya éta: c) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta: dk= n-1 d) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta: e) Ngitung t, rumusna nya éta: Katerangan: t = tés signifikasi Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel f) Nangtukeun t tabél g) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta: Nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir kelompok nu ditalungtik (ékspérimén). Kritéria anu digunakeun nya éta (H I ) ditarima (H O ) ditolak lamun t itung > t tabél jeung (H I ) ditolak (H O ) ditarima lamun t itung < t tabél
16 Sumber Data Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya jalan Rumah sakit No. 28 Tasikmalaya kalayan jumlah siswa 38 urang.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan 1) Desain Panalungtikan Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Ékspérimén mangrupa métode panalungtikan anu produktif,
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
29 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII C jeung VII A SMPN 1 Sukawening taun ajaran 2012/2013 anu jumlah siswana kelas VII C 28 siswa,
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Nu dimaksud sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ti mana asalna subjék data anu bisa dibeunangkeun (Arikunto, 2010, kc. 172). Anu jadi sumber
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
32 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Pasundan 2 Bandung nu alamatna di Jl. Cihampelas No. 167, Telepon/Fax 2030093,
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 9 Kota Bandung kelas VIII-12 kalawan jumlahna aya 40 urang, anu ngawengku 18 urang
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Désain jeung Métode Panalungtikan Numutkeun Suwanda (2011, kc. 1) désain (rancangan), nya éta sagala hal anu geus dirancang, disiapkeun, direncanakeun, atawa diprogramkeun.
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Metode panalungtikan mangrupa prosedur anu dipaké pikeun panalungtikan. Ku kituna, dina ieu bab dipedar ngeunaan (1) sumber data, (2) desain panalungtikan, (3) variabel jeung
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik
59 BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik pikeun ngakaji masalah-masalah anu disanghareupan. Ku kituna panalungtik kudu
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta di SMA Negeri 13 Bandung. 3.1. Sumber Data Panalungtikan Anu jadi
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Lokasi ngalaksanakeun ieu panalungtikan di SMP Pasundan 4 Bandung Jln. Kebonjati No.31 Tlp. (022) 423548 Kota Bandung 40181. 3.1.2
Lebih terperinciBAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)
BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Prosés diajar-ngajar anu éféktif ditandaan ku ayana minat jeung perhatian siswa kana prosés pangajaran. Minat mangrupa hiji sifat anu rélatif netep dina diri hiji jalma.
Lebih terperinciBAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Populasi/Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi/tempat panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 14 Kota Sukabumi nu pernahna aya
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Nulis nya éta mindahkeun pikiran atawa perasaan kana wangun lambang basa (Semi, 2003:8). Jadi nu dimaksud nulis téh nya éta ébréhan tina pikiran atawa
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan sakola hususna di tingkat
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Diajar mangrupa parobahan tingkah laku peserta didik akibat ayana interaksi antara individu jeung lingkunganna ngaliwatan pangalaman jeung latihan (Iskandarwassid & Dadang
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
26 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana
Lebih terperinciBagan 3.1 Desain Panalungtikan
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis
Lebih terperinci2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa mangrupa makhluk sosial nu tumuwuh di masarakat. Manusa teu bisa leupas tina komunikasi, alat pikeun komunikasi antar manusa nya éta ngaliwatan basa. Basa
Lebih terperinciBAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,
28 BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métodé Panalungtikan Métodé mangrupa hiji dasar pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan. Métodé
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN Dina Bab tilu dibahas métode panalungtikan, eusina ngawengku, (1) lokasi, sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) variabel jeung wangenan operasional, (4)
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun
Lebih terperinciBAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
228 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Dina bagian ahir ieu dicindekkeun hal-hal anu kapanggih tina panalungtikan. Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I
Lebih terperinciBAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar
BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN Salah sahiji cara pikeun mikanyaho kamana arah jeung tujuan panalungtikan ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar ieu
Lebih terperinciMODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)
MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) Diana Indahsari 1 Universitas Pendidikan Indonesia, dianaindahsari@ymail.com
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) maca naskah longsér, (2) nganalisis struktur drama, (3) nganalisis ma na, (4) ngolah data,
Lebih terperinciNO. 540/FPBS.0251/2013
BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nulis mangrupa hiji kagiatan anu sifatna produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, panulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina kaparigelan basa. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Nida dina (Tarigan, 2008: 1) anu nétélakeun yén
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sacara lahiriah unggal siswa miboga kamampuh pikeun maca, nulis, ngaregepkeun, tur nyarita. Dina kanyataanana teu sakabéh siswa miboga kamampuh anu alus dina
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2004:6)
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih kénéh dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Salasahiji buktina dijanggélékkeun dina pangajaran nu wajib ditepikeun ti mimiti
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi panalungtikan pikeun meunangkeun data ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri nya éta di Kecamatan
Lebih terperinciGambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Tempat Panalungtikan Désa Taraju téh tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun ngayakeun panalungtikan. Jumlah penduduk Désa Taraju
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi
Lebih terperinciKARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI
KARANGAN EKSPOSISI Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI WANGENAN KARANGAN Karangan nya eta hasil karya tulis pikeun ngungkabkeun gagasan anu ditepikeun ngaliwatan media tulis
Lebih terperinciBAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan
20 BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode Panalungtikan
Lebih terperinciDANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 1 MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET (Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) Desy
Lebih terperinciBAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013
BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Brown (1979) nétélakeun yén tujuan nu pangpokona dina ngajarkeun basa téh nyatana sangkan unggal budak (siswa) mampuh ngomunikasikeun naon hal nu hayang ditepikeunana
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh salasahiji pakakas ucap anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Minangka pakakas ucap, basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ieu pamanggih téh
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Salah sahiji aspék kaparigelan basa téh nya éta nulis. Sacara leksikal, dina Danadibrata (2009, kc. 71), kecap nulis téh asalna tina tulis anu hartina barangjieun
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN
BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode
Lebih terperinciVII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH
VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan wanda, sipat, jeung fungsi kalimah dina basa Sunda. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran,
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Budaya téh dipangaruhan pisan ku basa. Dina émprona, budaya anu kawangun ku basa bakal ngawujud jadi hiji kearifan lokal jeung ciri masarakat daérah anu hadé.
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK
28 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN
BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan
Lebih terperinciNGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF
NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF ku: Usep Kuswari A. Purwacarita Tujuan nu hayang dihontal dina unggal kagiatan pembelajaran boh nu sifatna instruksional boh tujuan nu ngadeudeul kana sasaran atawa target
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ilaharna unggal bangsa miboga ciri anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna, lantaran unggal bangsa miboga pamikiran sarta paripolah anu béda-béda dumasar
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat
Lebih terperinciMODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.
MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung prosedur
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN
BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan pikeun nyangking data ngeunaan tradisi nyepuh téh pernahna
Lebih terperinciNgaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)
1. NAREGEPKEUN 2. NYARITA 3. MACA 4. NULIS Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun) Maca teh mangrupa hiji kaparigelan ngagunakeun
Lebih terperinciA. TUJUAN PEMBELAJARAN
XII. MACA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan maca basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa
Lebih terperinciMODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.
MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung
Lebih terperinci1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 3 N o. 2 A g u s t u s 2015
1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 3 N o. 2 A g u s t u s 2015 MODEL PEMBELAJARAN ARTIKULASI DALAM MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENGAMATI CARPON (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas X-TKJ SMK Kartika Candra
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna,
Lebih terperinciIDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)
IDENTITAS ( Errin Ervani, 0907376, Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.) MÉDIA FLASH CARD PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS AKSARA SUNDA Errin Ervani ABSTRAK Artikel ini berjudul Média
Lebih terperinciTÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI
TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-1 SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2012-2013) Tia Sri Rahayu Program S-1 Jurusan
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji pasualan nu disanghareupan ku Bangsa Indonesia nya éta krisis integritas jeung idéntitas minangka
Lebih terperinciMODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS
1 MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS MAKALAH didugikeun dina pelatihan mata pelajaran Mulok Bahasa & Sastra Sunda pikeun Guru SD ku Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN
BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif, nu ngagunakeun métode déskriptif. Panalungtikan
Lebih terperinciMangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.
KALUNGGUHAN KARYA TULIS ILMIAH DI UPI Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. Mangrupa syarat wajib dina ngaréngsékeun program S1, S2,&S3: skripsi(s1), tésis
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Tatar Sunda téh suku bangsa anu kawéntar mibanda tradisi di unggal wewengkonna. Éta tradisi téh nepi ka kiwari masih dimumulé kénéh ku masarakatna, saperti
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sastra bisa dianggap minangka gejala sosial. Ku kituna, sastra anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adatistiadat nu
Lebih terperinciIMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA
IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA Dingding Haerudin Universitas Pendidikan Indonesia Dasar Hukum Keberadaan Bahasa Sunda di Jawa Barat UUD 1945 Bab XV, Pasal 36; Ketetapan UNESCO
Lebih terperinciHAND OUT TEORI MEMBACA
HAND OUT TEORI MEMBACA KAPARIGELAN BASA 1. NAREGEPKEUN 2. NYARITA 3. MACA 4. NULIS Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun) Maca teh
Lebih terperinciBAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS
BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ulikan Téori 2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran Nurutkeun Joyce&Weil (1980) dina Rahman (2006: 4) modél pangajaran (model of teaching) nya éta hiji rarancang
Lebih terperinciÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK
ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK Dalam pembelajaran menulis termasuk menulis surat pribadi, tentunya siswa
Lebih terperinciPANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN
PANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN Iis Istiqomah Email : iisistiqomah1408@gmail.com Program Studi PBSD STKIP Muhmmadiyah
Lebih terperinciVI. KALIMAH RANGKEPAN
VI. KALIMAH RANGKEPAN A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan kalimah rangkepan basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta
Lebih terperinciNganalisis jeung ngadeskripsikeun data.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Saméméh ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik kudu nataharkeun sagala rupa kaperluan pikeun kalancaran prosés panalungtikan. Ku kituna, dina ngalaksanakeun
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Disawang tina umurna, siswa SMP kelas VIII dipastikeun bisa nepikeun pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal ngagunakeun basa Sunda. Tapi, dina kanyataanana
Lebih terperinciMODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J
Kode Mapel : 748GM000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J PEDAGOGIK: PTK Dina Pangajaran Basa Sunda PROFESIONAL: Wanda Teks jeung Drama Penulis Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.;
Lebih terperinciBAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik
89 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun
Lebih terperinciMODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H
KODE MAPEL: 748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H PEDAGOGIK: Penileyan Pangajaran Basa Sunda Jeung Sastra Sunda PROFESIONAL: Aksara Sunda, Carita Pondok, Jeung Guguritan
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Astri Handayani,2014 STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu
Lebih terperinciBAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling
9 BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling ambek, jeung (4) bahan pangajaran guneman kalimah kedaling ambek.
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan
BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan Budaya mangrupa idéntitas hiji bangsa nu bisa ngabedakeun antara hiji bangsa jeung bangsa lianna. Darajat hiji bangsa bisa katitén tina budayana éta sorangan.
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran
Lebih terperinciBAB I BUBUKA Kasang Tukang
1.1. Kasang Tukang BAB I BUBUKA Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah
1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta sakabéh hasil pamikiran, karya, jeung hasil karya manusa nu teu museur kana naluri manusana, jeung sakabéh hasil karya manusa téh dihasilkeun
Lebih terperinciMODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER
Kode Mapel : 748GD000 MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER MAPEL BAHASA SUNDA SD KELOMPOK KOMPETENSI H PEDAGOGIK: Peniléyan Pangajaran Basa jeung Sastra
Lebih terperinciBAB III METODE PANALUNGTIKAN
BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung masarakat, unggal
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
60 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang tur ngalaksanakeun panalungtikan. Desain dina rarancang panalungtikan
Lebih terperinciBAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Lokasi Panalungtikan Dina sub-bab ieu dipedar ngeunaan gambaran umum lokasi panalungtikan. Nu jadi tempat panalungtikan nya éta daérah Kacamatan Jonggol Kabupatén Bogor.
Lebih terperinciA. TUJUAN PEMBELAJARAN
IV. WARNA KECAP A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan warna kecap dina basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa
Lebih terperinciMODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER
Kode Mapel : 748GM000 MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETÉNSI J PÉDAGOGIK: Réfléksi jeung PTK Dina Pangajaran
Lebih terperinciMODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP
Kode Mapel :748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI I PEDAGOGIK: Remedial Jeung Pengayaan dina Pangajaran Basa Sunda PROFESIONAL: Wanda Teks jeung Novel Penulis Dr. Hj. Ai Sofiyanti,
Lebih terperinciMODEL PANGAJARAN MACA BASA SUNDA. ku: Usep Kuswari *)
MODEL PANGAJARAN MACA BASA SUNDA ku: Usep Kuswari *) A. Bubuka Model pangajaran teh mangrupa rarancang atawa pola nu digunakeun pikeun mekarkeun kagiatan diajar-ngajar di kelas. Model pembelajaran anu
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.
1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. Antara manusa jeung budaya bisa disebutkeun lir ibarat dua sisi nu teu bisa dipisahkeun.
Lebih terperinciBAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sakur mahluk anu gumelar di dunya, ngabogaan basa séwang-séwangan. Umpamana urang nempo anak hayam kabulusan, tangtu bakal ciak-ciakan ngageroan indungna. Kitu deui
Lebih terperinciBAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun
Lebih terperinciMODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D
Kode Mapel : 748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D PEDAGOGIK: Kurikulum 2013 dina Pangajaran Basa Sunda PROFESIONAL: Wanda Teks, Kaparigelan Basa,jeung Dongeng Penulis 1.
Lebih terperinci1 D A N G I A N G S U N D A, V O L. 3, N O. 2, A G U S T U S 2015
1 D A N G I A N G S U N D A, V O L. 3, N O. 2, A G U S T U S 2015 MEDIA GAME PUZZLE DALAM MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENGENAL KOSA KATA BASA SUNDA (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VIII-C SMP 4 Muhammadiyah
Lebih terperinci