BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

Ukuran: px
Mulai penontonan dengan halaman:

Download "BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah"

Transkripsi

1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna. Éta kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa éta sorangan. Kabudayaan bakal terus tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman. Manusa téh mangrupa mahluk sosial, nu butuh ku jalma séjén dina nyanghareupan kahirupanana. Sakumaha anu kaunggel dina sempalan rumpaka pupuh Pucung utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti padajalma. Ku kituna manusa hirup dina hiji kelompok nu bisa disebut ogé masarakat. Numutkeun William A. Haviland (Sundjaya, 2008, kc.4), masarakat minangka sakelompok jalma anu nyicingan hiji daérah sarta miboga kabudayaan nu sarua, ogé numuwuhkeun interaksi sosial. Demi interaksi sosial minangka konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial bisa ngadatangkeun balukarna, boh balukar positif boh balukar négatif. Balukar négatif bisa mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal anu teu luyu jeung norma-norma agama ogé norma-norma sosial. Pikeun mageran pangaruh négatif nu aya di lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun ngurangan éta pangaruh négatif téh. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh mangrupa aturan norma, kaidah, hukum nu tinulis jeung teu tinulis. Aturan nu teu tinulis umumna nyampak dina budaya lokal nu salasahijina mangrupa aspék kapamalian, sabab dina éta budaya lokal téh kacida leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palsapah hirup. Upamana dina kapamalian, urang Sunda

2 2 baheula nepikeun pikiran, rasa, kahayang dina wangun lisan ku cara dibalibirkeun sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan. Koentjaraningrat (2009, kc.144), nétélakeun yén kabudayaan nyaéta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu aya dina budaya bakal mangaruhan kana kamekaran atikan. Dina kabudayaan, nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina wujud ideel anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa di cabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud ideel bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ideel téh fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat salaku tatakrama atawa sopan santun. Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS, 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka, tapi nu patalina jeung norma kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk mangpirang-pirang aturan anu aya patalina jeung atikan, ngatik budak kana kahadéan sangkan ngajadikeun budak nu patuh kana norma norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc.39) nyaéta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, malajarkeun, warah, ngabingbing. Dina kahirupan masarakat, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaplikasikeun naon nu dimaksud atikan, boh métode boh bahanna. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal anu teu meunang dilakonan, sabab saupama dilakonan pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu sering dijadikeun alat dina ngadidik nyaéta ku ayana folklor anu ngébréhkeun ngeunaan aspék kapamalian anu dipaké ku masarakat. Balukar upama urang ngalanggar pamali biasana aya patalina jeung kasalametan diri, boh nu langsung kajadian, boh dina jangka waktu nu tangtu. Ku

3 3 kituna, pamali téh mangrupa hal anu dianggap matih pikeun ngahulag naon nu teu meunang dilakonan ku urang. Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand (Danandjaya, 2007, kc.21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nyaéta folklor lisan, folklor sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nyaéta folklor anu wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nyaéta folklor anu wangunna mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nyaéta folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan diluhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan anu kaasup kana genre kapercayaan rayat. Unggal masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan, salasahijina anu mangrupa kapercayaan rayat. Kapercayaan rayat didieu nu mangrupa pamali atawa pantrangan. Kecap pamali téh digunakeun pikeun hal-hal anu sifatna tabu. Dina kahirupan urang sunda, loba kapanggih pakeman basa, di antarana kapamalian. Cenah, kapamalian téh salah sahiji padika dina nepikeun atikan karuhun Sunda. Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nyaéta sagala rupa anu ngotoran awak (mala=kokotor; mali=nu nyababkeun kokotor, leutak nu ngalimpudan awak). Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé karampana ku akal waras. Lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh paman diali. Taya bédana jeung dongéng anu sok diheureuykeun jadi ngabobodo budak céngéng, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc.41). Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc.489) nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna. Mulkan (2007) dina artikel nu judulna Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur Sunda nétélakeun yén pamali nyaéta larangan pikeun ngalaksanakeun atawa ngucapkeun hiji hal nu matak mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka

4 4 sabudeureunana. Upama dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan. Pamali, biasana patali jeung kecap mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka hal nu teu asup akal, sabab mitos mangrupa ungkara atawa hal-hal anu dipercaya sacara turun tinurun ku hiji masarakat. Ku kituna, mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul. Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot, éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir. Dina ieu panalungtikan digunakeun tilikan semiotik pikeun maluruh tanda anu aya dina éta kapamalian. Semiotik nyaéta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu anu nganggap yén fénoména sosial/masarakat jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Semiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvensi-konvensi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti. Jadi nu bisa dijadikeun tanda téh sabenerna mah lain ngan saukur basa hungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119). Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang penting pikeun maluruh kumaha ajén atikan tina éta pamali mangaruhan kana sikep hiji masarakatna. Ajén-inajén dina éta pamali téh mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, pamali dijadikeun alat pikeun kolot ngatik ka budakna. Upama urang ngatik budak ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak tangtu bakal merhatikeun tuluy ngarasa sieun nu ahirna éta budak téh bisa nurut kumaha ceuk kolotna. Panalungtikan ngeunaan ajén atikan kawilang loba, diantarana ngeunaan kaulinan, sisindiran, pupujian, jeung wawacan, tapi dina nalungtik kumaha ajén atikan nu nyampak dina kapamalian can aya nu nalungtik, sedengkeun dina aspék

5 5 kapamalian téh leubeut ku ajén-inajén ngeunaan atikan. Aya sababaraha panalungtikan anu aya patalina jeung ajén atikan di antarana: (1) Sri Mulyani ( ) anu judulna Ajén Atikan dina Kaulinan Barudak Lembur di Désa Sukamaju Kecamatan Cigudeg Kabupatén Bogor pikeun Bahan Pangajaran di SD. (2) Ayu Mustika Mayashinta anu judulna Ajén atikan dina sisindiran anu aya di kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP. (3) Eros Rosmiati anu judulna Ajén atikan puisi pupujian di Kecamatan Ciparay Kabupatén Bandung. Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan aspék kapamalian mah can aya nu nalungtik. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik) Watesan jeung Rumusan Masalah Masalah panalungtikan nya éta masalah objéktif dina hiji panalungtikan. Ku kituna di handap ieu baris dijéntrékeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan Watesan Masalah Ajén-inajén anu aya dina aspék kapamalian, hususna ajén atikanna anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama (Setiyadi, 2011, kc. 29) nyaéta ngatik budak sangkan hadé ahlak jeung moralna. Dina kapamalian ogé, tangtu nyangkaruk unsur semiotik anu perlu ditalungtik sangkan bisa maham kana simbol éta kapamalian. Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing, masalah anu dipedar museur dina ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama,

6 6 sarta simbol-simbol dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah tadi, sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung? 2) Kumaha harti jeung fungsi éta aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung? 3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung? 4) Unsur semiotik naon waé nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung? 1.3. Tujuan Panalungtikan Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus Tujuan Umum Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta maluruh ngeunaan ajén atikan dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung Tujuan Husus Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

7 7 1) Aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung 2) Harti jeung fungsi dina aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung 3) Ajén atikan nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung 4) Unsur semiotik nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung 1.4. Mangpaat Panalungtikan Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan sunda, hususna dina widang aspék kapamalian Mangpaat Praktis Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan jeung ma na simbol-simbol nu nyangkaruk dina aspék kapamalian anu aya hususna di masarakat Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan Sistematika Penulisan Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta: 1) Bab I bubuka, ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan;

8 8 2) Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar kabudayaan, foklor aspék kapamalian, ajén atikan, jeung tilikan semiotik; 3) Bab III Métodologi Panalungtikan anu dipaké dina ieu skripsi nu medar ngeunaan métode panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data; 4) Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, diantarana waé pembahasan ngeunaan kondisi sosial budaya Désa Tanjungwangi, déskripsi kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, déskripsi harti jeung fungsi aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, sarta semiotik anu aya dina aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka. 5) Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kahareupna. Daftar pustaka jeung lampiran-lampiran.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan Budaya mangrupa idéntitas hiji bangsa nu bisa ngabedakeun antara hiji bangsa jeung bangsa lianna. Darajat hiji bangsa bisa katitén tina budayana éta sorangan.

Lebih terperinci

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa mangrupa makhluk sosial nu tumuwuh di masarakat. Manusa teu bisa leupas tina komunikasi, alat pikeun komunikasi antar manusa nya éta ngaliwatan basa. Basa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Manusa salaku mahluk sosial nu ngabutuhkeun hal séjén pikeun nyumponan pangabutuhna boh jalma, sato atawa barang nu lianna. Dina hirup kumbuh jeung masarakat, unggal

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan sakola hususna di tingkat

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2004:6)

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Diajar mangrupa parobahan tingkah laku peserta didik akibat ayana interaksi antara individu jeung lingkunganna ngaliwatan pangalaman jeung latihan (Iskandarwassid & Dadang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana

Lebih terperinci

NO. 540/FPBS.0251/2013

NO. 540/FPBS.0251/2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nulis mangrupa hiji kagiatan anu sifatna produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, panulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Tatar Sunda téh suku bangsa anu kawéntar mibanda tradisi di unggal wewengkonna. Éta tradisi téh nepi ka kiwari masih dimumulé kénéh ku masarakatna, saperti

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta sakabéh hasil pamikiran, karya, jeung hasil karya manusa nu teu museur kana naluri manusana, jeung sakabéh hasil karya manusa téh dihasilkeun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna,

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013) BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Prosés diajar-ngajar anu éféktif ditandaan ku ayana minat jeung perhatian siswa kana prosés pangajaran. Minat mangrupa hiji sifat anu rélatif netep dina diri hiji jalma.

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta: (1) maca naskah longsér, (2) nganalisis struktur drama, (3) nganalisis ma na, (4) ngolah data,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh salasahiji pakakas ucap anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Minangka pakakas ucap, basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ieu pamanggih téh

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sastra bisa dianggap minangka gejala sosial. Ku kituna, sastra anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adatistiadat nu

Lebih terperinci

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Indonesia teh nagara anu mibanda rupa-rupa suku bangsa. Unggal suku miboga tradisi jeung adat-istiadat anu mangrupa kabeungharan bangsa. Tapi luyu jeung kamekaran

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sacara lahiriah unggal siswa miboga kamampuh pikeun maca, nulis, ngaregepkeun, tur nyarita. Dina kanyataanana teu sakabéh siswa miboga kamampuh anu alus dina

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN Salah sahiji cara pikeun mikanyaho kamana arah jeung tujuan panalungtikan ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar ieu

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 26 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi. BAB I BUBUKA 1.1.Kasang Tukang Masalah Kamampuh ngagunakeun basa ngabédakeun antara manusa jeung sato. Basa nyaéta lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2011:2).

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indonésia diwangun ku sababaraha sélér bangsa. Sunda mangrupa salah sahiji selér bangsa anu aya di Indonésia nu miboga kabudayaanana sorangan. Kabudayaan nya éta

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ilaharna unggal bangsa miboga ciri anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna, lantaran unggal bangsa miboga pamikiran sarta paripolah anu béda-béda dumasar

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK 28 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 29 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII C jeung VII A SMPN 1 Sukawening taun ajaran 2012/2013 anu jumlah siswana kelas VII C 28 siswa,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Nulis nya éta mindahkeun pikiran atawa perasaan kana wangun lambang basa (Semi, 2003:8). Jadi nu dimaksud nulis téh nya éta ébréhan tina pikiran atawa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode

Lebih terperinci

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Tempat Panalungtikan Désa Taraju téh tempat anu dipilih ku panalungtik pikeun ngayakeun panalungtikan. Jumlah penduduk Désa Taraju

Lebih terperinci

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis, 28 BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métodé Panalungtikan Métodé mangrupa hiji dasar pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan. Métodé

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA Kasang Tukang 1.1. Kasang Tukang BAB I BUBUKA Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti sarwa gancang, sarwa babari jeung sarwa némbrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi

Lebih terperinci

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman sababaraha kali robah, ti mimiti jaman kolonial, perang kamerdékaan, sabada perang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Brown (1979) nétélakeun yén tujuan nu pangpokona dina ngajarkeun basa téh nyatana sangkan unggal budak (siswa) mampuh ngomunikasikeun naon hal nu hayang ditepikeunana

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan

Lebih terperinci

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Hakékat sastra téh salaku fakta kahirupan. Sastra dianggap minangka kacamata hasil kabudayaan dina mangsa nu kaliwat anu ngawengku adat kabiasaan, kapercayaan,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Salah sahiji aspék kaparigelan basa téh nya éta nulis. Sacara leksikal, dina Danadibrata (2009, kc. 71), kecap nulis téh asalna tina tulis anu hartina barangjieun

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Kecap budaya téh asalna ti basa Sansekerta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal), dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih kénéh dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Salasahiji buktina dijanggélékkeun dina pangajaran nu wajib ditepikeun ti mimiti

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina kaparigelan basa. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Nida dina (Tarigan, 2008: 1) anu nétélakeun yén

Lebih terperinci

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Indonésia dipikawanoh ku balaréa minangka nagara agraris. Lian ti éta Indonésia dipikawanoh ogé ku nagara tatangga lantaran kasuburan jeung luas lahanna, ceuk paribasana

Lebih terperinci

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Paribasa mangrupa salah sahiji kebeungharan masarakat utamana di masarakat Sunda. Ayana paribasa dina basa Sunda, salah sahijina diakibatkeun ku sipat umum urang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ajén nya éta hiji hal anu sipatna abstrak jeung miboga harga (kualitas) ngeunaan hadé jeung goréng, éndah atawa teu éndah, jeung bener atawa salah. Hiji hal anu miboga

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 9 Kota Bandung kelas VIII-12 kalawan jumlahna aya 40 urang, anu ngawengku 18 urang

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Budaya téh dipangaruhan pisan ku basa. Dina émprona, budaya anu kawangun ku basa bakal ngawujud jadi hiji kearifan lokal jeung ciri masarakat daérah anu hadé.

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA Dina enas-enasna, basa jeung sastra mangrupa dua unsur anu teu bisa dipisahkeun dina kabudayaan manusa. Duanana silih lengkepan (méré tur narima), sakumaha

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda, boh ditilik tina dedeg-pangadeg manusana boh disawang tina budayana. Budaya nu dipibanda ku hiji

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji pasualan nu disanghareupan ku Bangsa Indonesia nya éta krisis integritas jeung idéntitas minangka

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Nu dimaksud sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ti mana asalna subjék data anu bisa dibeunangkeun (Arikunto, 2010, kc. 172). Anu jadi sumber

Lebih terperinci

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013 BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di urang Sunda. Hartina, lamun basana leungit, nya meureun éta bangsa téh geus leungiteun salah

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi panalungtikan pikeun meunangkeun data ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri nya éta di Kecamatan

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indonesia mangrupa nagara nu diwangun ku sababaraha sékésélér. Unggal sélér miboga kabudayaan anu béda-béda jeung wewengkon séjénna. Hal ieu tangtu ngahasilkeun kajembaran

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 228 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Dina bagian ahir ieu dicindekkeun hal-hal anu kapanggih tina panalungtikan. Kapanggih lima adegan kalimah basa Sunda dina tarjamah Qur'an nya éta Pola I

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan 1) Desain Panalungtikan Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Ékspérimén mangrupa métode panalungtikan anu produktif,

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik 89 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik manakiban Syéh Abdul Qodir Jailani sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 32 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu ditétélakeun ku Linton dina

Lebih terperinci

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA Dingding Haerudin Universitas Pendidikan Indonesia Dasar Hukum Keberadaan Bahasa Sunda di Jawa Barat UUD 1945 Bab XV, Pasal 36; Ketetapan UNESCO

Lebih terperinci

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan wanda, sipat, jeung fungsi kalimah dina basa Sunda. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran,

Lebih terperinci

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 1 MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET (Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) Desy

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Lamun nilik kana sajarah kamekaran pilem Indonesia, tétéla pilem Indonesia anu munggaran téh munculna di tatar Sunda, nya éta di kota Bandung. Pilem asli pribumi

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Disawang tina umurna, siswa SMP kelas VIII dipastikeun bisa nepikeun pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal ngagunakeun basa Sunda. Tapi, dina kanyataanana

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Désain jeung Métode Panalungtikan Numutkeun Suwanda (2011, kc. 1) désain (rancangan), nya éta sagala hal anu geus dirancang, disiapkeun, direncanakeun, atawa diprogramkeun.

Lebih terperinci

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI KARANGAN EKSPOSISI Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI WANGENAN KARANGAN Karangan nya eta hasil karya tulis pikeun ngungkabkeun gagasan anu ditepikeun ngaliwatan media tulis

Lebih terperinci

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Niténan kamekaran jaman kiwari, karéréana masarakat boga anggapan yén drama téh ngan ukur hiji pintonan nu biasa dipagelarkeun di panggung atawa média, hususna

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sakur mahluk anu gumelar di dunya, ngabogaan basa séwang-séwangan. Umpamana urang nempo anak hayam kabulusan, tangtu bakal ciak-ciakan ngageroan indungna. Kitu deui

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik 59 BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik pikeun ngakaji masalah-masalah anu disanghareupan. Ku kituna panalungtik kudu

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMA Pasundan 2 Bandung nu alamatna di Jl. Cihampelas No. 167, Telepon/Fax 2030093,

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Budaya mangrupa eunteungna hiji bangsa. Ajén budaya bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu patali jeung kahirupan manusa. Pikeun maluruh ajén budaya hiji bangsa,

Lebih terperinci

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral

Lebih terperinci

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. KALUNGGUHAN KARYA TULIS ILMIAH DI UPI Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi. Mangrupa syarat wajib dina ngaréngsékeun program S1, S2,&S3: skripsi(s1), tésis

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu maké sandiasma G.S. nulis buku kumpulan carita Dogdog Pangréwong (1930). G.S. ogé dianggap

Lebih terperinci

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN XII. MACA A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan maca basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa teu bisa leupas tina basana. Hakékat basa pikeun manusa nya éta pikeun alat komunikasi. Basa ogé bisa nepikeun pesen

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan. Antara manusa jeung budaya bisa disebutkeun lir ibarat dua sisi nu teu bisa dipisahkeun.

Lebih terperinci

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Undak Usuk Basa (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si. Sajarah Undak usuk basa Sunda Para ahli basa Sunda sapamadegan yén ayana undak usuk basa Sunda téh dipangaruhan ku kabudayaan Jawa (Mataram) dina

Lebih terperinci

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF ku: Usep Kuswari A. Purwacarita Tujuan nu hayang dihontal dina unggal kagiatan pembelajaran boh nu sifatna instruksional boh tujuan nu ngadeudeul kana sasaran atawa target

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan pikeun nyangking data ngeunaan tradisi nyepuh téh pernahna

Lebih terperinci

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Populasi/Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi/tempat panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 14 Kota Sukabumi nu pernahna aya

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi dina ieu panalungtikan nya éta di SMA Negeri 13 Bandung. 3.1. Sumber Data Panalungtikan Anu jadi

Lebih terperinci

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK Wangenan Kakawihan Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh Ngawih nya éta ngalagukeun kawih atawa sisindiran

Lebih terperinci

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013) Diana Indahsari 1 Universitas Pendidikan Indonesia, dianaindahsari@ymail.com

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung

Lebih terperinci

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum. A. Bubuka Model pembelajaran sastra Sunda berbasis kompetensi, saestuna mangrupa wujud tina metode jeung prosedur

Lebih terperinci

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Lokasi Panalungtikan Dina sub-bab ieu dipedar ngeunaan gambaran umum lokasi panalungtikan. Nu jadi tempat panalungtikan nya éta daérah Kacamatan Jonggol Kabupatén Bogor.

Lebih terperinci

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografis Kabupatén Subang nya éta salasahiji wilayah di Tatar Sunda nu perenahna aya di posisi 107 31-107 59 Bujur Timur jeung 6 11-6

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku 1 BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku kituna kamekaran basa téh gedé pisan pangaruhna kana kamekaran sastra. Kamekaran sastra bisa katitén

Lebih terperinci

2016 STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET

2016 STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dongéng dina pakumbuhan masarakat Sunda kungsi meunang tempat sarta jadi hiburan anu kacida dipikaresepna. Dina radio-radio, saméméh aya televisi, acara ngadongéng mangrupa

Lebih terperinci

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda, 1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Basa Sunda anu nyampak ayeuna mangrupa

Lebih terperinci