2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

dokumen-dokumen yang mirip
2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

2016 STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

Transkripsi:

1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Paribasa mangrupa salah sahiji kebeungharan masarakat utamana di masarakat Sunda. Ayana paribasa dina basa Sunda, salah sahijina diakibatkeun ku sipat umum urang Sunda anu tara wani nyarita langsung kana tujuan utamana (ceplak pahang). Hartina, lamun aya teu kapanuju atawa aya kahayang téh tara langsung diutarakeun sajalantrahna, tapi sok dibalibirkeun ngaliwatan paribasa. Maksudna mah ngaragangan sangkan jalma lian nu diajak nyarita atawa omongan nu ditepikeunana téh henteu nyéntug teuing kana haténa (Sudaryat, 2007, kc. 97). Hal ieu henteu waé kajadian di urang Sunda wungkul tapi umumna urang Indonésia maké paribasa pikeun ngungkapkeun hal nu dimaksud ku cara henteu langsung. Dina paribasa Sunda maksud nu rék ditepikeun téh disumputkeun ku kekecapan nu lantip jeung rikip. Kitu deui dina paribasa Indonésia, maksud téh sok dibungkus ku kekecapan nu ngibaratkeun. Hal ieu nunjukkeun boh budaya urang Sunda nu mangrupa bagian ti budaya Indonésia nu boga sasaruaan dina ngungkapkeun naon anu dimaksud. Misalna, dina paribasa Sunda, uyah mah moal téés ka luhur jeung paribasa Indonésia buah jatuh tidak jauh dari pohonnya. Dua paribasa ieu diwangun ku kekecapan nu béda tapi boga harti atawa maksud nu sarua, nya éta yén watek budak moal jauh ti watek kolotna. Dumasar kana éta conto katilik yén wangun paribasa Sunda jeung Indonésia miboga adegan nu unik. Antara paribasa Sunda jeung Indonésia aya nu diwangun ku kekecapan nu sarua oge aya nu béda tapi miboga maksud nu sarua. Paribasa BS-BI nu diwangun ku kekecapan nu béda jeung maksudna sarua, contona waé dina paribasa nu geus dicontokeun di luhur. Paribasa BS-BI nu diwangun ku kekecapan nu sarua jeung maksudna sarua, misalna dina paribasa Sunda siga anjing jeung ucing jeung dina paribasa Indonésia seperti anjing dan kucing. Nu ngaibaratkeun dua jalma nu sok mumusuhan waé. 1

2 Dina basa Sunda, paribasa téh boga kalungguhan salaku karsa atawa wujud ide manusa dina enggoning hirup kumbuh ngawangun kahirupan. Paribasa Sunda ogé bisa dijadikeun cecekelan hirup, lantaran nyidem ajén-inajén kahirupan saperti panyaram lampah salah atawa pangjurung lampah hadé anu kacida pentingna pikeun padoman hirup. Tina hal luhur katitén yén paribasa dina kahirupan urang Sunda téh kacida pentingna, lian ti salaku bagian tina kabeungharan basa Sunda, ogé neundeun maksud anu bisa dijadikeun piluangeun, pieunteungeun, jeung picontoeun masarakat nu mikawanohna. Hal ieu bisa nunjukeun yén paribasa Sunda ngandung nilai atikan budaya Sunda. Ngeunaan hakékat atikan budaya masarakat Sunda sok disebut étnopédagogik. Istilah étnopédagogik ditétélakeun ku Alwasilah (2009) yén istilah étnopédagogik neundeun panitén kana local genous dan local widsom ku cara ngungkapkeun ajén-inajén budaya Sunda salaku model awal. Sedengkeun Rosidi (2009) nétélakeun yén ajén budaya Sunda nu modérn geus ngaakulturasi jeung budaya séjén. Wacana ngeunaan kaarifan lokal (istilah nu dipaké ku Rosidi), karék muncul di masarakat dina taun 1980-an, dina waktu budaya lokal nu aya di masarakat geus beuki luntur digerus ku modérnisasi. Ajén atikan nu kaeunteung dina paribasa Sunda mangrupa ajén atikan nu bisa katingali dumasar kana oriéntasi étnopédagogik nya éta catur tunggal watak jeung catur tunggal moral bangsa, nu nagtukeun prosés atikan dumasar kana karakter nu didasarkeun kana totalitas psikologis nu aya dina poténsi hiji jalma (dina ranah kognitif, aféktif jeung psikomotor) sarta pungsi totalitas sosiokultural nu lumangsung sapanjang hirup. Catur tunggal watak nu dimaksud, diantarana: (1) ajén karakter olah haté (spiritual and emotional development); (2) ajén karakter olah pikir (intelectual development); (3) ajén karakter olah raga jeung kinestetik (physical and kinesthetic development); jeung (4) ajén karakter olah rasa jeung karsa (affective and creativity development) (Mulyati dina Sudaryat, 2013, kc. 4). Ajén moral nu kaitana jeung catur tunggal moral kamanusaan nya éta, (1) pengkuh agamana (Spiritual quotient), nu dumasar kana moral manusa ka Gusti/ Tuhan (MMT) ; (2) luhung élmuna (intellectual quotient), nu dumasar kana moral manusa ka alam (MMA) jeung ka waktu (MMW); (3) jembar budayana

3 (emotional quotient), nu dmasar kana moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP) jeung ka manusa séjén (MMM); sarta (4) rancagé gawéna (actional quotient), nu dumasar kana moral manusa dina ngudag kapuasan lahir jeung batin (MMLB) (Suryalaga, 2009, kc. 10). Nilik kana kamekaran jaman, kalunggguhan atawa pamor paribasa di jaman kiwari geus mimiti karasa nyirorot. Paribasa geus jarang dipaké deui ku urang Sunda sorangan, lantaran cenah dianggap basana hésé teuing jeung réa nu teu dipikawanoh. Antukna karya cipta nu dianggap linuhung téh teu katitén deui nyongcolangna. Masarakat nu baheula kungsi nyaho kana paribasa Sunda ogé jiga nu horéam pikeun ngajarkeun deui ka barudakna. Antukna entragan anyar, nu dianggap salaku generasi penerus, geus réa anu teu waranoheun atawa paham kana paribasa-paribasa Sunda. Patali jeung panalungtikan ngeunaan paribasa nu ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia sabenerna mah geus kungsi aya nu ngaguar, ngan puseur pasualanana can nyindekel ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia nu ngulik tina segi semantik formal jeung étnopédagogik. Panalungtikan nu kungsi dilakukeun, judul skripsina Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonésia Disawang tina Maksud anu Dikandung jeung Bahan anu Dibandingkeunana (Demaswati, 2004). Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métodeu déskriptif analitis komparatif pikeun ngadéskripsikeun, ngaanalisis, jeung ngabandingkeun paribasa Sunda dina buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda karya Budi Rahayu Tamsyah jeung paribasa Indonésia buku 1700 Peribahasa Indonésia karya Amran Y.S. Chaniago. Hasil tina ieu panalungtikan kapaluruh yén saba da ngabandingkeun antara paribasa Sunda jeung Indonésia ditilik tina maksud anu dikandungna lolobana sarua ngeunaan eusi tuladeunana, ari babandingan dumasar kana bahanna mah ngeunaan ngaran sasatoan. Dina paribasa Sunda mah nu saeutik téh ngagunakeun kaayaan alam, ari dina basa Indonésia mah paribasa anu ngagunakeun babagian awak. Panalungtikan nu ngulik paribasa, diantarana panalungtikan nu dilakukeun dina raraga Penelitian Penguatan Kompeténsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI nu dijudulan Nilai Pendidikan Karakter dan Moral Bangsa dalam

4 Ungkapan Tradisional Sunda (Sudaryat, spk., 2013), anu medar ngeunaan ungkapan tradisional nu dijerona medar ngeunaan paribasa Sunda. Hasilna ngadéskripsikeun ngeunaan ajén-ajén atikan karakter jeung moral nu linuhung. Panalungtikan nu dilakukeun ku mahasiswa strata 2 nu judulna Paribasa Sunda (Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik) nya éta Haris Santosa Nugraha taun 2013. Panalungtikan éta ngadéskripsikeun struktur paribasa ogé ma na dumasar kana babandingan jeung maksudna ogé analisis psikolinguistik anu disawang tina tingkatan umur (jenjang sakola). Salian ti éta, aya ogé skripsi nu dijudulan Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata (Jéni Siswandi K., 2005) anu ngadéskripsikeun digunakeunana babasan jeung paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ditilik tina jumlah babasan jeung paribasana, sumber babandingan paribasa, sumber babandingan babasan, jeung larapna babasan katut paribasa dina éta carpon dumasar kana suasana caritana. Skripsi nu judulna Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologi) anu ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda nu nu aya patalina jeung unsur budaya, pakasaban, jeung pakakas tina tilikan unsur- unsur basa jeung harti, sarta nu némbongkeun budaya masarakatna. Panalungtikan nu rék dilakukeun sarua ngaguar paribasa, kalungguhana panalungtikan ieu ngaguar babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia nu ngulik tina segi semantik formal jeung étnopédagogik. Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, panalungtikan nu sacara husus ngulik jeung medar ngeunaan babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana ulikan semantik formal jeung étnopédagogik. Ku kituna, panalungtikan nu dijudulan, Babandingan Paribasa Sunda jeung Indonésia (Ulikan Semantik Formal jeung Étnopédagogik) 1.2 Rumusan Masalah Dumasar kana kasang tukang masalah nu geus diguar, aya sababaraha hal nu diulik tur ditalungtik leuwih jero. Di handap ieu aya opat rumusan masalah nu diwangun ku kalimah pananya saperti di handap.

5 a. Kumaha aspék semantik formal nu aya dina paribasa Sunda? b. Kumaha aspék semantik formal nu aya dina paribasa Indonésia? c. Kumaha babandingan aspék semantik formal paribasa Sunda jeung Indoneia? d. Kumaha ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia nu saharti? 1.3 Tujuan Panalungtikan Sangkan ieu panalungtikan téh muser, ditangtukeun dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus. Panalungtikan ieu secara umum dilaksanakeun pikeun ngulik paribasa BS-BI semantik formal, ngabandingkeun paribasa BS-BI jeung ajén étnopédagogik dina paribasa BS-BI. Leuwih spésifik tujuan husus dilaksanakeuna ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh jeung ngadéskripsikeun opat hal, nya éta: a. aspék semantik formal dina paribasa Sunda; b. aspék semantik formal dina paribasa Indonésia; c. babandingan aspék semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia; jeung d. ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia nu saharti. 1.4 Mangpaat Panalungtikan Ieu panalungtikan mibanda dua mangpaat nya eta mangpaat tioritis jeung praktis. 1.4.1 Mangpaat Tioritis a. Pikeun Élmu Basa Mangpaat pikeun élmu basa, ieu panalungtikan bakal ngaronjatkeun kabeungharan élmu linguistik utamana dinu widang semantik nu boga sub widang semantik formal, semantik referensial. Élmu linguistik nyatana bisa jadi peso pikeun ngulik rupa-rupa objek panalungtikan. Salah sahijina ngulik paribasa nu bisa di ulik ku widang-widang élmu linguistik, nu pernah dilakukeun nya éta struktur, psikolingistik, semantik, jeung sajabana. Dina ieu panalungtikan paribasa dipedar ku semantik formal. Ku ayana panalungtikan ieu dipiharep bisa

6 manggihan tiori ngeunaan semantik formal dina paribasa Sunda jeung Indonésia ogé babandingana. b. Pikeun Élmu Pangajaran Mangpaat pikeun élmu pangajaran, dipiharep ieu panalungtikan méré kontribusi pikeun élmu pangajaran dina raraga ngajar barudak. Pangajaran ka barudak utamana di sabudeureun Jawa barat nu boga budaya Sunda tangtu kudu dumasar kana karakter budayana, hal ieu luyu jeung kurikulum ayeuna. Paribasa bisa jadi salah sahiji media dina ngadidik kusabab salian mangrupa budaya Sunda di jerona miboga ajén atikan nu linuhung nu kaitan jeung catur tunggal watak ogé catur tunggal moral kamanusaan. 1.4.2 Mangpaat praktis Ku ayana panalungtikan ieu mangpaat praktis nu diharepkeun nya éta: a. Pikeun guru, méré salah sahiji média dina ngadidik dumasar kana budaya Sunda nu boga ajén atikan salah sahijina nya éta paribasa. Salian ti éta guru bisa ngawanohkeun paribasa Sunda dumasar kana babandingana jeung paribasa Indonésia. b. Pikeun siswa, ngagaronjatkeun karesep kana paribasa Sunda dumasar kana babandingana jeung paribasa Indonésia nu geus leuwih tiheula dipikawanoh siswa. Salian ti éta paribasa nu boga ajén étnopédagogik bisa jadi atikan teu langsung pikeun siswa. c. Pikeun masarakat, méré karesep tur muka wawasan yén dina budaya nu dipibogana ngandung ajén-inajén nu luhur. Nu antukna masarakat leuwih mikacinta tur sadar sangkan nerapkeun atikan budaya Sunda kana kahirupana sapopoé. d. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré pangalaman jeung gambaran ngeunaan paribasa Sunda jeung Indonésia mun dibandingkeun boh tina semantik formal jeung ajén étnopédagogik nu dipibogana.

7 1.5 Raraga Tulisan Tésis nu rék dijieun kabéhna aya genep bab. Eusina ngébréhkeun ngeunaan sistématika raraga tulisan dumasar kana judul bab nu dipedarna. Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan. Bab II Ulikan pustaka eusina medar ngeunaan kahiji, ulikan tiori (babandingan struktur paribasa Sunda jeung Indonésia, semantik dina paribasa Sunda-Indonésia, jeung étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia). Kadua, panalungtikan samemehna nu luyu jeung ieu judul, jeung katilu, kalungguhan teoritis panalungtikan atawa raraga mikir. Bab III Métodeu Panalungtikan nu eusina mantuan dina prosés panalungtikan. Bab ieu medar ngeunaan opat hal utama, kahiji desain panalungtikan nu ngawengku pamarkan nu dipake, Métodeu jeung alur panalungtikan. Kadua, sumber data nu di analisis dina ieu panalungtikan. Katilu, ngumpulkeun data nu ngawengku instrumen, tehnik, jeung lengkah lengkahna. Kaopat, analisis data nu ngawengku tehnik jeung lengkah lengkahna. Bab IV, ngadeskripsikeun ngeunaan timuan jeung pedaran hasil panalungtikan, nu eusina medar semantik formal tina paribasa Sunda, semantik formal tina paribasa Indonésia, jeung némbongkeun babandingan semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia, sarta étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia nu saharti. Bab terahir atawa bab VI, nya éta kacindekan jeung saran atawa rekomendasi. Eusina medar ngeunaan kacindekan tina panalungtikan nu dilakukeun sarta saran atawa rékomendasi pikeun individu atawa lembaga nu aya patalina jeung eusi ieu panalungtikan.