BAB III METODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN


BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

Transkripsi:

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan nu keur ngalaman prosés kamekaran dina rupa-rupa widang. Lian ti éta ieu kacamatan téh miboga kamekaran penduduk nu kaitung gancang jeung hétérogén. Sumber pakasabanna ogé mimiti ngalaman parobahan ti séktor tani ka séktor industri. Wilayah padésaan geus loba nu robah statusna jadi wilayah perumahan. Ieu hal bisa dibuktikeun ku lobana pangwangunan perumahan di sababaraha désa nu aya di wilayah Kacamatan Sétu. Sacara géografis wilayah Kacamatan Sétu legana nyaéta 5.457 Ha, nu ngawengku 1.871 Ha wilayahna mangrupa sawah jeung 3.586 Ha wilayahna mangrupa darat. Sedengkeun sacara démografis Kacamatan Sétu wilayahna aya di 40 m luhureun laut. Jumlah pendudukna nurutkeun data nepi ka Bulan Novémber 2012 aya 126.572 jiwa, ngawengku 64.307 urang lalaki jeung 62.265 urang awéwé. Sedengkeun jumlah kepala keluargana (KK) nyaéta 36.515 KK. Ngeunaan wates wilayahna, Kacamatan Sétu miboga wates nyaéta: Beulah kalér : Kacamatan Tambun Selatan Kacamatan Cikarang Barat Beulah wétan: Kacamatan Cikarang Selatan Beulah kidul: Kacamatan Cileungsi/Kab. Bogor Beulah kulon: Kacamatan Bantar Gebang/Kota Bekasi Sedengkeun orbitrasi daérahna nyaéta 25 Km ti kacamatan ka kabupatén jeung 10 Km ti kacamatan ka désa pangjauhna (Pemerintah Kecamatan Setu, 2012:1).

30 3.1.2 Subjék Panalungtikan Lokasi tina ieu panalungtikan nyaéta Kacamatan Sétu nu aya di wilayah Kabupatén Bekasi. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikan sabab ieu tempat mangrupa wates nu ngabalukarkeun ayana kamungkinan interaksi pamakéan basa antara masarakat nu aya di jerona jeung masarakat Kabupatén Bogor ogé masarakat Kota Bekasi. Ku kituna, bakal aya kecap-kecap tangtu tur has anu digunakeun nalika masarakatna ngayakeun komunikasi jeung masarakat di saluareun daérahna. Saperti halna dina pamakéan istilah-istilah kadaharan jeung inuman, sasatoan, bungbuahan, usum, jsté. Sedengkeun ti éta populasi atawa universe mangrupa kagemblengan tina unit analisis anu kanyahoan ciri-cirina. Patali jeung populasina, boh manusa boh barang dina hiji panalungtikan miboga dua kamungkinan, ditalungtik sagemblengna atawa ngan sabagéan. Nalungtik kalayan gembleng téh geus tangtu hésé. Komo deui saupama objék nu ditalungtikna mangrupa populasi anu gedé. Ku kituna dina saban panalungtikan diayakeun pembatasan objek nu disebut sampel (Ratna, 2010:212). Ari nu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nyaéta masarakat di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi. Lian ti éta, sampelna nu aya dina ieu panalungtikan mangrupa sampel total nyaéta 11 désa nu aya di Kacamatan Sétu nu informanna dicokot nurutkeun pasaratan nu tangtu, sakurang-kurangna hiji informan primer ti hiji désa nu aya. Sedengkeun pasaratan nu diajukeun minangka kriteria iformanna nyaéta lalaki atawa awéwé, umurna ± 30 nepi ka ± 60 taun, dibabarkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, bisa ngagunakeun basa indonesia, jeung séhat rohani tur rohani (alat ucapna sampurna) (Zulaeha, 2010:53-54).

31 3.2 Desain Panalungtikan kieu: Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun saperti Désain Panalungtikan Léngkah 1 Milih Masalah Léngkah 2 Studi Bubuka Léngkah 3 Ngarumuskeun Masalah Léngkah 4 Ngarumuskeun Anggapan Dasar Léngkah 5 Nangtukeun Pamarekan Léngkah 4-a Hipotésis Léngkah 6-a Nangtukeun Variabel Léngkah 6-b Nangtukeun Sumber Data Léngkah 7 Nangtukeun Instrumén Léngkah 8 Ngumpulkeun Data Léngkah 9 Analisis Data Léngkah 10 Nyindekkeun Léngkah 11 Nyusun Laporan (nurutkeun Arikunto, 2010: 68)

32 Desain panalungtikan di kaca saméméhna, mangrupa dasar tina sakabéh wangun panalungtikan. Ku kituna teu sakabéh léngkah nu aya dina bagan desain nu aya dilarapkeun kana ieu panalungtikan. Saperti léngkah 4a nyaéta nangtukeun hipotésis. Éta léngkah téh teu dipilampah sabab panalungtikan anu dikokolakeun téh mangrupa panalungtikan anu kaasup kualitatif. Ku kituna teu merlukeun ayana hipotésis. 3.3 Métode Panalungtikan Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun, ngaanalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan (Ratna, 2010:467). Sedengkeun metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Metode deskriptif nyaéta metode anu digunakeun pikeun ngadeskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotesis. Ieu métode leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisan (Ratna, 2010:337). Tujuan metode deskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu baris di deskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan basa Sunda dialék Bekasi nu aya di masarakat Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi. 3.4 Wangenan Operasional Sangkan ieu panalungtikan leuwih jéntré, ku kituna baris dipedar wangenan operasionalna, di antarana nyaéta: 1) Basa Sunda Nurutkeun Sudaryat (2010:10) basa Sunda mangrupa basa indung (mothertongue; first language) urang Sunda, anu diparaké kénéh ku masarakatna boh di tatar Sunda boh luareun tatar Sunda kayaning Madura, Majenang, Dayeuh luhur, jeung Manggung (Jawa Tengah) sarta di wewengkon masarakat transmigrasi asal jawa barat saperti di Lampung jeung Bengkulu.

33 2) Dialék Bekasi Nurutkeun Chaer (2010:63) dialék mangrupa varéasi basa ti kelompok panyatur nu jumlahna rélatif, aya di hiji tempat, wilayah, atawa aréa nu tangtu. Ku sabab dialék didadasaran ku wilayah atawa enggon cicing panyatur, ku kituna dialék sok disebut ogé dialék aréal, dialék regional atawa dialek geografi. Sedengkeun Bekasi mangrupa salah sahiji wilayah nu aya di Jawa Barat atawa tatar Sunda nu sacara administratif kabagi kana wilayah kabupatén jeung kota. Wilayah Kabupatén Bekasi miboga wates wilayah beulah kalér Laut Jawa, beulah kidul Bogor, beulah wétanna karawang, jeung beulah kulonna Kota Bekasi jeung DKI Jakarta. Sedengkeun wilayah Kota Bekasi miboga wates beulah kalér jeung wétan nyaéta Kabupatén Bekasi, beulah kidul Kabupatén Bogor jeung beulah kulon nyaéta Jakarta Timur. Sedengkeun nu dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikanana nyaéta dipuseurkeun di daérah Kabupatén Bekasi Jadi, anu dimaksud dialék Bekasi téh nyaéta varéasi basa dina basa Sunda nu dipaké ku masarakat Bekasi nu leuwih spesifikna nyaéta masarakat Kabupatén Bekasi. 3) Kacamatan Sétu Mangrupa salasahiji ti 23 Kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Wilayahna diwangun ku 11 désa atawa kelurahan. Sacara administratif Kacamatan Sétu miboga wates wilayah nyaéta beulah kaler Kacamatan Cikarang Barat, beulah kidul Kabupatén Bogor (Kac. Cileungsi), beulah kulon Kacamatan Kota Bekasi (Kac. Bantar Gebang), jeung beulah wetan Kacamatan Cikarang Selatan jeung Kac. Serang Baru. Sabagéan wilayahna 34% mangrupa padésaan. Kacamatan Sétu mangrupa daérah nu deukeut ka kawasan industri nyaéta kawasan MM 2100 (Pemerintah Kecamatan Setu, 2012:1). 4) Bahan Pangajaran Nurutkeun Iskandarwassid Spk. (2010:171) bahan ajar mangrupa saperangkat informasi nu kudu dicangkem peserta didik ngaliwatan pembelajaran nu pikaresepeun. Bahan pangajaran dina ieu panalungtikan baris medar perkara materi pangajaran maca ngagunakeun média kandaga kecap basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu dina wangun artikel.

34 5) Maca Mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa. Nurutkeun Hodgson dina Tarigan (2008:7) maca mangrupa hiji prosés nu dikokolakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun meunangkeun pesen, nu rék ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan média kecap-kecap atawa basa tinulis. 6) SMA SMA mangrupa wangun jenjang atikan formal sabada ngaréngsékeun Sekolah Menengah Pertama (SMP). Dina éta jenjang diajarkeun mata pelajaran Basa Sunda nu mangrupa mata pelajaran muatan lokal anu wajib pikeun diajarkeun, Saluyu jeung kurikulum. Dina ieu panalungtikan siswa SMA diperedih sangkan mampu jeung weruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan téh disarungsum jadi salah sahiji wangun bahan pangajaran maca salaku média pikeun siswa bisa mikawanoh jeung mikaweruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi nu aya. Jadi anu dimaksud basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun bahan pangajaran maca di SMA téh mangrupa panalungtikan anu dipuseurkeun kana analisis data basa dina wangun basa dialék nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi anu hasilna dijadikeun salah sahiji alternatif nu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca keur siswa di SMA 3.5 Instrumén Panalungtikan Instrumén nyaéta rupa-rupa alat bantu nu digunakeun dina panalungtikan, saperti: kartu data, kuésionér, check list, pedoman wawancara, kaméra foto, alatalat perekam, alat-alat tinulis, jeung sajabana (Ratna, 2010:246-247). Sedengkeun instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta kuésionér informan, pedoman wawancara (dumasar kana daftar kandaga kecap lulugu), sarta médiamédia pangrojong pikeun ngadokuméntasikeun hasil panalungtikan, nyaéta kaméra, Hp, jsb. Ari format kuésionér informan nu jadi titincakan dina ieu panalungtikan nyaéta saperti nu aya dina ieu di handap.

35 Kuésionér Informan Kampung :... Désa :... Wasta informan :... Jenis Kelamin: (L/P) Umur informan :... Tempat/Ping Gumelar:... (di jero/luar kampung/désa/kacamatan/ieu kabupatén) Pakasaban informan :... di :... Atikan informan :... Status Kulawarga : Kawin/teu kawin Pangalaman cicing di luar daérah : a. Di mana :... b. Sabaraha lila : ti... nepi ka... Aktivitas ka luar daérah : (Sering/jarang/henteu) ka... Pamakéan basa sapopoé : a. Kulawarga :... b. Masarakat :... c. Di pakasaban :... d. Nalika anjang-anjangan :... Tanggal wawancara... Pewawancara... Format kuésionér informan nurutkeun Suriamiharja Spk. (1981:131)

36 Pedoman wawancara nu baris digunakeun di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan. Pedoman Wawancara Kategori Basa Kandaga Kecap Ruang Lingkup Data Dipikawanoh Dipaké Kecap Séjén nu Dipaké a. Pancakaki b. Kadaharan... (Pedoman nu leuwih lengkep ilikan lampiran 4) 3.6 Téhnik Panalungtikan Nurutkeun Ratna (2010:475-476) téhnik asal kecapna tina teknikos (Yunani) nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Lamun dibandingkeun jeung métode atawa tiori, téhnik mangrupa alat nu pangkongkritna, cara-cara nu bisa diindra. Téhnik miboga patali jeung instrumén jeung data primér. Sedengkeun téhnik nu aya dina ieu panalungtikan sacara gurat badag ngawengku dua téhnik, nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data. 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Dina ngumpulkeun data, aya tilu tehnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana:

37 1) Observasi Observasi mangrupa téhnik anu matalikeun antara dua hal nyaéta obsérver (panitén) jeung jalma séjén anu dititénan kalayan kalungguhanna salaku nu méré informasi (informan). Ku kituna panalungtik atawa obsérver dianggap salaku intrumén pangutamana, sabab dina prak-prakanna ieu téhnik matalikeun fungsi obsérver (panitén) salaku manusa anu mibanda alat pancaindra (panénjo, pangrungu, pangambeu, pangecap jeung pangrasa) dina nyatétkeun jeung ngarekam kalayan sistematis sakabéh data nu aya (Ratna, 2010:217-218). Téhnik observasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan niténan sakabéh paripolah informan dina ngagunakeun basa Sunda wewengkon atawa dialék nu dipaké dina kahirupan sapopoéna. 2) Wawancara Wawancara (interview) mangrupa cara-cara pikeun meunangkeun data kalayan ngayakeun dialog langsung antara individu jeung individu séjén atawa individu jeung kelompok tangtu. Salaku mékanisme komunikasi, wawancara umumna dilaksankeun sabada observasi. Sedengkeun kagiatan niténan sakabéh objékna dibarengan ku aktivitas tangtu jeung ngagunakeun instrumen anu tangtu. Tapi dina kanyataan dilapangan, éta téhnik téh lumangsung kalayan silih lengkepan. Observasi moal bisa dilaksanakeun saupama teu ngayakeun wawancara, kitu ogé sabalikna (Ratna, 2010:222). Sedengkeun sasaran wawancara dina ieu panalungtikan nyaéta informan anu nyumponan pasaratan kayaning lalaki atawa awéwé, umurna ± 30 nepi ka ± 60 taun, dibabarkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, bisa ngagunakeun basa indonesia, jeung séhat rohani tur rohani (alat ucapna sampurna) (Zulaeha, 2010:53-54). 3) Kuésionér Nurutkeun Ratna (2010:239), kuésionér mangrupa téhnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan tinulis anu disarungsum kalayan telik, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori, jeung masalah inti dina panalungtikan. Sedengkeun fungsi tina ieu téhnik nurutkeun Black jeung Champion dina Ratna (2010:239) aya dua rupa. Kahiji déskripsi ngeunaan individu atawa kelompok anu ditalungtik,

38 kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Kadua ngeunaan ukuran hususna nu aya patalina jeung sikep kayaning: jarak sosial, kabébasan séks, kaamanan jeung katartiban lalu lintas, jsb. Sedengkeun wangun kuésionér anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta nyoko kana déskripsi ngeunaan individu anu kalungguhanna salaku informan, kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Dumasar kana téhnik-téhnik ngumpulkeun data nu geus dipedar, ku kituna prosés ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, di antarana nyaéta: 1) Nyiapkeun sajumlahing intstrumén panalungtikan nu dijadikeun alat pikeun meunangkeun data panalungtikan dina wangun kecap-kecap, 2) Ngadatangan lokasi atawa tempat nu dijadikeun subjék panalungtikan, 3) Ngayakeun wawancara kalayan langsung jeung informan-informan nu aya di tempat panalungtikan, 4) Ngaregepkeun, nyatét, jeung ngarekam hasil wawancara nu dilaksanakeun jeung informan nu aya, 3.6.2 Téhnik Ngolah data Dina ieu panalungtikan, analisis nu diayakeun nyaéta ngagunakeun téhnik padan. Padan sarua hartina jeung babandingan. Hartina hiji hal nu dibandingkeun miboga makna nu aya patalina. Ku kituna padan dina ieu kontéks diartikeun kana hal patali-banding (Mahsun, 2005:117). Ieu téhnik dilarapkeun tujuanna nyaéta pikeun ngaanalisis ayana bébédaan unsur kabasaan basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu jeung basa Sunda anu standar atawa basa Sunda lulugu. Sedengkeun ti éta, analisis nu baris dijéntrékeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun dua pidangan. Pidangan ka hiji nyaéta ngagunakeun pidangan formal nu didéskripsikeun kana wangun data formal kayaning daftar tabel jeung peta sebaran kandaga kecap dialék basa Sunda dialék Bekasi nu aya di Kacamatan Sétu. Sedengkeun ti éta, pidangan ka dua nyaéta ngagunakeun pidangan informal nu didéskripsikeun ngaliwatan pedaran kalimat nu eusina ngajéntrékeun rupa-rupa katerangan nu aya dina data pidangan formal.

39 Saméméh data nu aya dianalisis tur dipidangkeun, data-data panalungtikan nu aya ngalaman prosés diolah heula. Anapon léngkah-léngkah ngolah datana nyaéta saperti di handap ieu: 1) Ngabandingkeun data basa dina wangun kecap kecap basa Sunda wewengkon jeung basa Sunda lulugu/baku/standar, 2) Misahkeun data basa nu dianggap salaku kecap-kecap basa Sunda dialék di daérah panalungtikan, 3) Nyieun papasingan data basa di daérah panalungtikan dumasar kana ruparupa istilah nu sok digunakeun dina kahirupan sapopoé, 4) Nangtukeun klasifikasi bébédaan antara basa Sunda dialék Bekasi nu aya di Kacamatan Sétu jeung basa Sunda lulugu, 5) Nyieun papasingan data basa nu dianggap kecap-kecap basa Sunda wewengkon dumasar kana klasifikasi wangun kecapna, 6) Nangtukeun jumlah perséntasi dialéktométri tina kecap-kecap nu dianggap basa Sunda dialék di daérah panalungtikan, 7) Metakeun kecap-kecap basa Sunda dialék Bekasi dumasar kana sebaran pamakéan istilah basa nu aya di daérah panalungtikan. 8) Nyieun bahan pangajaran maca ngagunakeun kecap-kecap nu aya dina basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu.