BAB III METODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Transkripsi:

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif, nu ngagunakeun métode déskriptif. Panalungtikan kualitatif nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif nu mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan ti jalma-jalma jeung paripolahna nu bisa ditalungtik (Bogdan jeung Taylor dina Moleong, 2007, kc. 4). David Wiliam (dina Moleong, 2007, kc. 5) nétélakeun nu disebut panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan ngumpulkeun data tina hiji latar alamiah, ngagunakeun métode alamiah, sarta dilakukeun ku panalungtik anu ka irut sacara alamiah. Tegesna panalungtikan kualitatif téh nya éta panalungtikan nu miboga maksud pikeun maham fenomena naon nu kaalaman ku hiji subjék panalungtikan, misalna: paripolah, sawangan, motivasi, tindakan, jrd., sacara holistik, jeung ku cara ngadéskripsikeun ngaliwatan kecap-kecap jeung basa, tina hiji kontéks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun metodé alamiah. Kecap déskriptif asal kecapna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan atawa hal séjén, nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 3). Désain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Désain dina rarancang panalungtikan antukna bisa meunangkeun hiji logika. Desain panalungtikan nu dilaksana miboga sababaraha tahapan, saperti ieu di handap.

21 Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Masalah Panalungtikan Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik: 1) Kajian pustaka 2) Obsérvasi 3) Wawancara Instrumén panalungtikan: 1) Catétan lapangan 2) Padoman wawancara 3) Alat rékam Analisis data Déskripsi data Kacindekan Nyusun laporan 3.2 Sumber Data Panalungtikan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar mangrupa panalungtikan kualitatif. Nurutkeun Lofland jeung Lofland (dina Moleong, 2007, kc. 157) sumber utama dina panalungtiksn kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, saterusna mangrupa data tambahan saperti dokumen, jrrd. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sagala rupa réferénsi, boh buku, jurnal, éséy, jeung warta dina média massa ngeunaan naskah drama Jeblog, pangarangna, jeung kasang tukang

22 sajarah dina prosés nyiptakeunana, hasil wawancara, ogé buku sumber nu patali jeung ieu panalungtikan. Sumber data utama dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar nu diterbitkeun ku Téater Sunda Kiwari (TSK) minangka salah sahiji naskah dina pasanggiri festival drama basa sunda (FDBS) X taun 2008. 3.2.1 Naskah Drama Jeblog karya Nazarudin Azhar Naskah drama Jeblog ditulis taun 2006 nepika 2007 ku Nazarudin Azhar. Dina taun éta kénéh, naskahna dikirimkeun ka Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) pikeun miluan pasanggiri nulis naskah drama, nepika kapilih jadi pinunjul I. Naskah drama Jeblog jadi salah sahiji naskah dina gelaran Festival Drama Basa Sunda (FDBS) X taun 2008. Naskah Jeblog Nazarudin Azhar téh loba nu ngaaprésiasi, hal éta katingal lantaran loba peserta dina FDBS X nu maké naskahna pikeun dipagelarkeun. Pinunjul I dina FDBS X ogé ngagunakeun naskah Jeblog dina pintonannana (Teater Tarian Mahesa/TTM Bandung, Sutradara Gusjur Mahesa). 3.2.2 Pangarang Nazarudin Azhar atawa sering disebut Kang Nunu lahir di Salawu, Tasikmalaya, 23 Agustus 1973. Lahir ti kulawarga basajan, kolotna ngan jadi penjaga sakola. Miboga budak hiji nu masih kelas 5 SD ti pamajikanana nu ayeuna geus pepegatan. Pagawéan kolotna nu jadi panjaga sakola mawa kabiasaan hadé pikeun kahirupan Nunu, lantaran salila jadi panjaga sakola, bapana sok rajeun mawa buku anyar ti kacamatan, saméméh dikasakolakeun biasana sok ditunda heula di imahna. Ti dinya kabiasaan maca Nunu dimimitian. Lantaran hirup di keluarga nu teu bisa nyakolakeun nepika paguron luhur, Nunu sakola ngan nepika SMIK (Sekolah Menengah Industri Kerajinan) jurusan ukir kayu. Kadang Nunu ngarasa leutik hate, nalika keur aya kumpul jeung komunitas sastra, baturna ampir sarakola ngan manéhna nu lulusan SMIK téh. Tapi harita Nunu digedéan hate ku Kang Acep, cenah mah kudu leuwih reueus laantaran teu sakola luhur gé bisa nulis (jadi pangarang).

23 Kabiasaan nulis Nunu dimimitian nalika masih kénéh sakola di SMIK salila sakola Nunu sok nguruskeun mading ogé sok rejeun ngirimkeun tulisannana ka Koran Mitra Desa nepika dimuatna. Salian aktif nulis, Nunu gé aktif di téater Gawé disakolana, karesepna kana téater kadang nepikeun sok ngabangbalérkeun sakolana. Tahun 1990, Nunu masih kénéh sakola di SMIK, Nunu jadi salah saurang pendiri Teater Dongkrak nu konsén kana widang seni teater jeung sastra. Salian pentas teater, juga sababaraha kali nyieun event kesenian utamana lomba baca sajak sunda, seminar sastra, paméran buku, jrrd. Tahun 1992 Nunu lulus ti SMIK, sabada lulus manéhna beuki neuleuman dunya téater jeung teater dongkrak. Sagala hal dina dunya téater geus kacabak ku Nunu, timimiti aktor, penata musik, penata artistik nepika jadi sutradara geus dialaman ku Nunu. Tahun 1996, bareng jeung Acép Zamzam Noor ogé Saeful Badar, nyieun hiji komunitas Sanggar Sastra Tasikmalaya (SST) nu ngabina penulis ogé penyair ngora di Tasikmalaya dan Ciamis. Ti taun 1996 nepika 2013, Nunu gawé freelance salaku penyiar jeung penata program di radio RSPD Tasikmalaya, diantarana ngasuh acara Cakrawala Sastra Kita (eusina ngeunaan maca puisi, dialog ngeunaan sastra jeung narasumber, musikalisasi puisi, maca esai sastra, jrrd), Dialog Budaya, jeung Langari (Panglawungan Urang Kiwari; majalah udara sastra jeung budaya Sunda). Tanggal 16 September 2011, nyieun grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) di media sosial facebook, nu disambut kalayan antusias ku masarakat Sunda di sawatara bagéan dunya. FBS jadi sejenis tempat persemaian dan tumbuhnya gairah pikeun nulis karya fiksimini basa Sunda. Akhirnya, fiksimini tersebut jadi landasan pikeun sawatara pangarang ngora pikeun diajar nulis fiksi jeung ngamekarkeun diri nulis karya sastra lainna, saperti puisi atawa cerpén/carpon. Nepika ayeuna anggota grup FBS nu tercatat leuwih ti 10.000 jalma, anggota aktif nu nulis lebih ti 1.500 jalma (data fikminsunda.com, web resmi FBS). Sababaraha fikminer (pangarang fiksimini Sunda) geus nerbitkeun buku karya fikminna. Salian ngenalkeun fiksimini dina

24 Basa Sunda, ogé ngamimitian nyieun grafis fiksimini, nu engkéna karya fiksimini bisa dipamérkeun selaku karya senirupa. Pernah meunang sawatara penghargaan pikeun sajak sundana, nya éta Hadiah Sastra LBSS ti Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda, taun 2005, 2007, 2009, dan 2010. Ogé jadi pinunjul I lomba menulis naskah drama Hadiah Sastra DK Ardiwinata, ngaliwatan naskah Blor! (1996), dua kali jadi pinunjul I lomba nulis naskah drama nu diselenggarakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP- SS) ngaliwatan naskah Jeblog (2007) jeung naskah Sadrah (2009). Salian maca puisi di sawatara acara sastra diantarana, dina acara Forum Sastra Indonesia Hari Ini: Jawa Barat di Komunitas Salihara Jakarta (2010), Temu Sastrawan Mitra Praja Utama di Bandung (2008) jeung di Lampung (2010), ogé sering jadi juri lomba maca puisi jeung jadi pembicara seminar atawa lokakarya seni dan budaya. Ayeuna, Nunu gawé salaku rédaktur di harian Kabar Priangan, diantarana ngasuh rubrik Budaya, ogé aktif di lembaga riset sejarah, sosial, jeung budaya Soekapoera Institute, anu nerbitkeun jurnal Historia Soekapoera (persemester) jeung majalah anak-anak basa Sunda Loka (terbit bulanan). 3.3 Ngumpulkeun Data 3.3.1 Instrumén Panalungtikan Instrumén panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan, diantarana: a. Padoman Wawancara Padoman wawancara nya éta runtuyan pananya nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék nu ditaluntik, narasumber nu diwawancara kudu ditulis idéntitasna. Informan dipilih dumasar purvosive atawa tinimbangan husus. Format laporan wawancara. 1. Idéntitas informan Wasta : Jenis kelamin : Umur :

25 Kalungguhan : Alamat : Pakasaban : Jenjang atikan : 2. Pananya ------ b. Alat Rékam Alat rékam nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta handphone pikeun alat rékam sora jeung dokuméntasi gambar. 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data a. Téhnik Kajian Pustaka Kajian pustaka nya éta néangan sumber informasi tinulis nu kaasup wanda ilmiah, sumber nu dipaké mangrupa buku, dokumén, jurnal, éséy, jrrd. Data nu geus aya tuluy dikaji pikeun néangan informasi pikeun jadi solusi dina nganggeuskeun masalah panalungtikan. b. Téhnik Wawancara Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma pikeun néangan informasi jeung ideu ngaliwatan kagiatan Tanya jawab nepika kapanggih hiji ma na tina hiji topik. c. Téhnik Dokumentasi Sugiyono nétélakeun yén hasil panalungtikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku rupa-rupa bentuk dokuméntasi (foto, video, karya tulis, seni nu geus aya saméméhna). 3.4 Téhnik Analisi Data Téhnik analisis nu dipaké dina pamarekan strukturalisme génétik nya éta metode dialéktik (Endaswara, 2003; Faruk, 2005; Ratna, 2013). Metode dialéktik ngautamakeun ma na nu koheren. Prinsip dasarna nya éta ayana pengetahuan ngeunaan fakta-fakta kemanusiaan nu bakal tetep abstrak saupama teu dijieun

26 kongkrit kucara ngaintegrasikeun kana totalitas (keseluruhan). Metode dialéktik ngamekarkeun dua konsep, nya éta keseluruhan-bagian jeung pemahamanpenjelasan. Artina dina panalungtikan euweuh titik awal nu sacara mutlak sahih, jeung euweuh pasualan nu sacara final jeung pasti terpecahkan (Faruk, 2005, kc. 19-20). Istilah dialéktik dina konsép ieu nya éta cara narik kasimpulan kucara matalikeun sacara dua arah (dialogis) antara struktur karya sastra jeung struktur sosial masarakat pangarang. Salaku struktur nu koheren, karya sastra mangrupakeun hiji kesatuan nu diwangun tina bagian-bagian nu leuwih leutik. Ku kituna, pamahamanana bisa dilakukeun maké konsép keseluruhan-bagian. Nu dimaksud pemahaman nya éta usaha ngadéskripsikeun struktur objék nu dipelajari, sedengkeun penjelasan nya éta usaha keur ngagabungkeun kana struktur nu leuwih gedé. Bisa disebut, pemahaman nya éta usaha pikeun ngarti idéntitas bagian, sedengkeun penjelasan nya éta usaha pikeun ngarti ma na bagian éta, ku cara nempatkeun dina keseluruhan nu leuwih gedé (Faruk, 2005, kc. 21). Konsép keseluruhan-bagian jeung pemahaman-penjelasan sacara prosedural nya éta: Kahiji, nganalisis drama per bagian. Nu jadi perhatian utama panalungtik nya éta nganalisis hubungan antara tokoh jeung tokoh séjén, ogé tokoh jeung lingkunganana. Terus ditéang problématika nu disanghareupan ku tokoh-tokoh éta. Kadua, méré penjelasan ngeunaan data nu kapanggih. Ngajelaskeunana dilakukeun ku cara matalikeun struktur karya sastra jeung struktur sosial pangarang. Panalungtik bisa ogé ngajelaskeun sababaraha aspék problématika sosial nu aya dina naskah drama. Katilu, ngébréhkeun sawangan dunya pangarang nu terefleksi dina naskah drama. Kasimpulan data dina léngkah katilu beunang ku cara dialéktik tina data kahiji jeung kadua (Hadiansah, 2011, kc. 22).