BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran manusa anu asalna tina kabiasaan nu jadi ciri tina éksisténsina hiji golongan masarakat. Numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata, budaya mangrupa ringkesan tina dua kecap budi jeung daya anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema. Kabudayaan sorangan nya éta hasil tina, karep, pikiran, sarta parasaan jelema pikeun nambahan kasenangan jeung kani matan ku rupa-rupa akal. Luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat (2002: 180) yén budaya téh nya éta sakabéh gagasan jeung karya manusa, anu kudu dibiasakeun ku cara diajar, sarta sakabéh hasil budi jeung karyana éta sorangan. Kitu ogé karya sastra, mangrupa hasil cipta karya manusa anu maké alat basa. Demi fungsina rupa-rupa, salian pikeun nambahan pangaweruh ogé minangka salasahiji sarana hiburan. Ku cara maca karya sastra, hiji jalma jadi apal kana hal anu leuwih jembar deui. Ku cara maca karya sastra urang bisa jadi ngarasa bungah, senang, sedih, keuheul atawa ambek balukar pangaruh eusi éta karya. Komo deui pikeun nu nyiptakeun éta karya sastra atawa nu sok disebut pangarang. Upama hiji jalma nyieun karya sastra atawa ngarang karya sastra, hiji jalma bisa ngetrukeun sagala kanyahona kana éta karya sangkan karyana miboga mangpaat pikeun balaréa. Salian ti éta, karya sastra bisa ogé dijadikeun sarana pikeun para pangarang ngaéksprésikeun perasaanna. Teu ngan saukur pikeun para pangarang nu geus boga ngaran hungkul, tapi ogé pikeun saha baé nu resep nulis, resep ngarang. Ku cara nyieun karya sastra, pangarang bisa ngébréhkeun pamaksudan sarta ngaéksprésikeun parasaanna kalawan jujur. 1
2 Hususna dina karya sastra novél, sifatna mémang fiksi. Tapi dina novél ieu gé bisa disalusupkeun kajadian anu enya-enya kajadian salaku pangalaman atawa kajadian sajarah. Dina karya sastra aya gaya basa nu digunakeun sangkan caritana karasa leuwih hirup, leuwih keuna kana mamanah nu macana. Ku kituna karya sastra ngandung rupa-rupa ajén anu luhur. Ajén anu aya dina karya sastra diantara ajén falsafah, ajén budaya, ajén kaagamaan, ajén psikologis, jeung ajén moral. Salian ti ngandung ajén-ajén anu geus disebutkeun tadi, karya sastra ogé miboga struktur pangwangunna. Struktur nya éta komponén-komponén anu ngawangun hiji karangan. Komponén atawa unsur anu ngawangun karya sastra nya éta téma, galur/plot, latar, gaya basa, palaku, watek, jeung amanat. Dina kahirupan sastra Sunda, salasahiji cara pikeun maluruh kamekaran sastra Sunda nya éta kudu niténan sawatara hasil karya sastra nu gelar dina periode anu tangtu. Diantarana aya karya sastra Sunda buhun jeung modern. Nu kaasup kana karya sastra buhun nya éta saperti mantra, carita pantun, carita wayang, sawér, wawacan, pupuh, guguritan, pupujian, jeung kakawihan. Ari nu kaasup kana karya sastra modern nya éta kayaning sajak, carpon, novél, jeung drama. Salasahiji karya sastra Sunda modern nya éta novél. Novél mémang lain produk asli ti urang Sunda, novél datang ti budaya deungeun. Sok sanajan kitu, urang sunda ogé ilubiung kana kamekaran novél. Novél anu pangheulana gelar di Tatar Sunda nya éta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata anu gelar dina taun 1914. Hal éta nuduhkeun yén karya sastra novél Sunda leuwih tiheula gelarna dibanding jeung novél dina basa Indonesia atawa basa Malayu, lantaran novél nu munggaran gelar dina basa Malayu nya éta Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu gelar dina taun 1920. Jaman harita anu sok medalkeun buku nya éta pamedal Balai Pustaka. Tapi sanggeusna rentul koran-koran, karya sastra novél téh mindeng dimuat dina koran dijadikeun carita nyambung.
3 Jadi cindekna mah novél nu mekar di Tatar Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia atawa sastra Malayu sabab tétéla novél maké basa Sunda nu leuwih tiheula gelarna sok sanajan nu ngarangna lain urang Sunda pituin. Hanjakal teu loba masarakat anu apal kana ieu informasi. Upama urang niténan karya sastra Sunda, tong boroning nu buhun dalah karya sastra modern ogé ari wangunna maké basa Sunda mah langka nu maca. Paribasa teu ngarti kana basana. Hal éta ngalantarankeun teu loba pamedal nu medalkeun karya sastra Sunda, sakalina aya nu butuh néangan kokotéténgan hésé pisan. Padahal loba pisan karya sastra Sunda anu mangrupa novél téh, malah dina rupa-rupa eusi carita. Di luhur geus disebutkeun karya sastra kaasup kana budaya lantaran mangrupa hasil cipta tina ide gagasan manusa. Sagedéngeun éta, karya sastra ogé miboga sababaraha ajén nu geus disebutkeun tadi nu diantarana ajén budaya téa. Numutkeun Koentjaraningrat (2002: 186) budaya dibagi kana tilu aspék kahirupan. Nu kahiji minangka kompléks ide-ide, gagasan, ajén, norma, peraturan-peraturan, jeung sajabana. Nu kadua minangka aktivitas laku lampah manusa dina hirup kumbuhna di masarakat. Nu katilu minangka wujud-wujud barang hasil karya manusa. Éta aspék kabudayaan téh raket pisan patalina jeung kahirupan. Moal mungkin ayana aktivitas-aktivitas lamun teu dimimitian ku pikiran ide jeung gagasan mah, jeung salila urang boga aktivitas urang pasti butuh sarta bisa ngahasilkeun nu disebut karya téa. Salian ti wujud kabudayaan ditétélakeun ogé ngeunaan unsur-unsur kabudayaan saperti (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem jeung organisasi kamasarakatan; (4) sistem téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kesenian. Ulikan ngeunaan unsur budaya dina karya sastra saperti novél masih langka kénéh dilakukeun, kaasup ulikan budaya kana novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Panalungtikan nu aya réréana ajén budaya dina wawacan saperti Analisis struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Sulanjana ku Diana Darnia, 2004, Analisis Struktur Carita jeung Ajén Budaya Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin pikeun Bahan Pangajaran di SMP ku
4 Nenden Nurwendah, 2009, Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon ku Dini Siti Oktaviani, 2007, Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Bahan Pangajaran ku Nenden Sri Utari, 2010, jeung Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf ku Eva Novianti, 2004. Ku kituna, panalungtikan anu judulna Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA dilaksanakeun. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Pedaran ngeunaan karya sastra nu mekar di Tatar Sunda téh lega pisan ditilik boh tina eusina boh tina wangunna. Novél minangka karya sastra wangun lancaran. Karya sastra wangun lancaran téh lain ngan ukur novél hungkul, tapi aya kénéh carpon jeung dongéng. Novél jadi bahan ulikan lantaran eusina kompléks, bisa ditaratas tina rupa-rupa aspék boh strukturna boh unsur eksternalna saperti unsur-unsur budaya. Unsur budaya nu rék diulik nya éta (1) basa, (2) sistem pangaweruh, (3), sistem jeung organisasi kamasarakatan (4), sistem téhnologi (5) sistem pakasaban, (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan, jeung (7) kesenian. Struktur dina ieu panalungtikan nyoko kana struktur intrinsik nu ngawengku (1) téma, (2) galur, (3) palaku, (4) latar, (5) judul, (6) point of view, jeung (7) gaya basa. Kulantaran kitu, sangkan puguh pedaranana tur ambahanana teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesanan kana struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana sarta unsur budaya anu nyampak dina éta novél. 1.2.2 Rumusan Masalah Saluyu jeung pedaran di luhur, sangkan anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan puguh bahasanana, di handap ieu diébréhkeun rumusan masalahna, nya éta:
5 1) Kumaha kahanan novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 2) Kumaha struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 3) Naon waé unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 4) Naha bisa unsur intrinsik jeung unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar dijadikeun bahan ajar aprésiasi sastra di SMA? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum tina diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana sarta unsur budaya naon waé anu nyampak dina ieu novél, sangkan bisa dijadikeun bahan pikeun ngajembaran pangaweruh masarakat balaréa ngeunaan novél di Tatar Sunda sarta strukturna jeung unsur budaya hususna budaya Sunda anu dilakonan ku tokoh-tokoh dina ieu novél. 1.3.2 Tujuan Husus Anu jadi tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun: 1) Kahanan Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, 2) struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, 3) unsur budaya anu nyampak dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, jeung 4) cocog henteuna struktur intrinsik jeung unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA.
6 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis Ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan novél di Tatar Sunda sarta strukturna ogé ajén budaya hususna budaya Sunda anu dilakonan ku tokoh-tokoh dina ieu novél. 1.4.2 Mangpaat Praktis a. Pikeun Siswa Mangpaat ieu panalungtikan pikeun siswa nya éta nambahan pangaweruh ngeunaan novél-novél anu gelar tur mekar di Tatar Sunda. Salian ti éta ogé pikeun neuleuman leuwih jero deui struktur intrinsik karya sastra jeung mikawanoh nu ngaranna unsur budaya anu aya dina karya sastra. b. Pikeun Guru Mangpaat ieu panalungtikan pikeun guru nya éta salian ti nambahan pangaweruh guru ngeunaan struktur intrinsik jeung unsur budaya anu aya dina karya sastra novél, ogé pikeun ngébréhkeun ka siswana ngeunaan ngeunaan jejer tadi sangkan siswana leuwih kairut diajar kasundaan boh bahasana boh karya sastrana. c. Pikeun Pangajaran Mangpaat ieu panalungtikan pikeun bahan pangajaran nya éta bisa dijadikeun matéri ajar dina kompeténsi dasar maca sempalan karya sastra novél anu aya di SMA kelas XI. Sok sanajan paréntahna ukur maca sempalan novél, tapi siswa bakal leuwih ngarti tur kairut upama diébréhkeun ogé struktur intrinsik jeung unsur budayana. 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi Ieu panalungtikan disusun dina lima bab. Bab I mangrupa bagéan mimiti tina skripsi anu eusina medar ngeunaan bubuka. Bubuka eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nyusun skripsi.
7 Bab II medar ngeunaan tiori anu patali jeung panalungtikan Struktur jeung Unsur Budaya dina Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA minangka dadasar dilaksanakeunna panalungtikan, anu ngawengku novél, struktur intrinsik, unsur budaya, jeung bahan pangajaran aprésiasi sastra. Bab III medar ngeunaan métodologi panalungtikan anu ngawengku métode panalungtikan, téknik panalungtikan, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data jeung wangenan operasional. Bab IV mangrupa analisis struktur intrinsik novél, analisis unsur budaya novél, sarta analisis cocog henteuna hasil panalungtikan dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Bab V eusina nya éta kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran pikeun nu nyusun hususna jeung pikeun nu maca umumna.