dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

NO. 540/FPBS.0251/2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

DANGIANG SUNDA Vol. 2 No. 1 April

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

(Studi Kuasi Eksperimen ke Siswa Kelas VII F SMP YAS Bandung Tahun Ajaran 2016/2017)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 3 N o. 2 A g u s t u s 2015

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

1 D A N G I A N G S U N D A, V O L. 3, N O. 2, A G U S T U S 2015

MODÉL APLIKASI LEARNING MANAGEMENT SYSTEM (LMS) EDMODO PIKEUN PANGAJARAN MENULIS BAHASAN BUDAYA

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 5 N o. 1 A p r i l

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

DANGIANG SUNDA VOL. 2 NO. 1 APRIL

PANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI C

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

Transkripsi:

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 1 MÉDIA MOVIE MAKER PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET (Studi Kuasi Ékrpérimén ka Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) Desy Ratnasari 1, O. Solehudin 2, Hernawan 3 Email: desyratnasari831@yahoo.co.id, olehsolehudin89@yahoo.com, hernawan_sunda@yahoo.com Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia ABSTRAK Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta héngkérna kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Ku ayana media movie maker dipiharep siswa mampuh ngungkulan éta pasualan. Tujuan ieu panalungtikan hayang ngadéskripsikeun béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén, prestest and postest group design. Téhnik nu digunakeun nyaéta téhnik tés. Katut instrumén nu digunakeun nyaéta lembar tés. Hasil ieu panalungtikan nuduhkeun yén: (1) kamampuh nulis biografi singget saméméh ngagunakeun média movie maker rata-rata peunteun 70,78; (2) kamampuh nulis biografi singget sabada ngagunakeun média movie maker rata-rata peunteun 81,89; jeung (3) béda signifikan antara pretest jeung postest ngagunakeun média movie maker dumasar hasil t itung (10,62) > t tabél (2,42). Ieu hal nuduhkeun yén média movie maker téh bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 Kecap galeuh: Movie Maker, Nulis Biografi Singget. 1 Panulis Utama

2 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... 2 Panulis Pananggung Jawab 1 3 Panulis Pananggung Jawab 2

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 3 MEDIA MOVIE MAKER UNTUK MENINGKATKAN KAMAMPUAN MENULIS BIOGRAFI SINGKAT (Studi Kuasi Ekrperimen kepada Siswa Kelas VII-C SMPN 45 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014) Desy Ratnasari 1, O. Solehudin 2, Hernawan 3 Email: desyratnasari831@yahoo.co.id, olehsolehudin89@yahoo.com, hernawan_sunda@yahoo.com Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia ABSTRAK Latar belakang penelitian ini adalah kurangnya kemampuan menulis biografi singkat siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014. Dengan adanya media movie maker diharapkan siswa mampu mengatasi persoalan tersebut. Tujuan dari penelitian ini yaitu mendeskripsikan beda signifikan antara kemampuan menulis biografi singkat sebelum dan sesudah menggunakan media movie maker kepada siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014. Metode yang digunakan adalah metode studi kuasi eksperimen dengan pretest and postest group design. Teknik yang digunakan adalah teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan adalah lembar tes. Hasilnya: (1) kemampuan menulis biografi singkat sebelum menggunakan media movie maker dengan hasil skor rata-rata 70,78; (2) kemampuan menulis biografi singkat sesudah menggunakan media movie maker dengan hasil skor rata-rata 81,89; dan (3) ada perbedaan yang signifikan antara pretest dan postest menggunakan media movie maker berdasarkan hasil t hitung (10,62) > t tabél (2,42). Hal ini menunjukan bahwa media movie maker bisa meningkatkan kemampuan menulis biografi singkat kepada siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung tahun ajaran 2013/2014. Kata kunci: Movie Maker, Menulis Biografi Singkat. 1 Penulis Utama

4 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... 2 Penulis Penanggung Jawab 1 3 Penulis Penanggung Jawab 2

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 5 MOVIE MAKER MEDIA IN IMPROVING WRITING SKILL OF SHORT BIOGRAPHY ABILITY (Studi Quasi Eksperiment in Student Class VII-C SMPN 45 Bandung academic Year 2013/2014) Desy Ratnasari 1, O. Solehudin 2, Hernawan 3 Email: desyratnasari831@yahoo.co.id, olehsolehudin89@yahoo.com, hernawan_sunda@yahoo.com Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia ABSTRACT The background of this research was the lack of skill in writing short biography ability of the students in class VII-C SMPN 45 Bandung academic year 2013/2014. The purpose of this research was to examine the significant difference of the students skill in writing short biography ability by using movie maker media. The method used was quasi-experimental with pretest and posttest group design. The technique used was testing technique. The instrument used was testing worksheet. This study was conducted in SMPN 45 Bandung grade VII-C. The results found that: (1) the mean score of the ability in writing short biography before using movie maker media was 70,78; (2) the mean score of the ability in writing short biography after using movie maker media was 81,89; (3) there was significance difference between pretest and posttest by using movie maker media based on the result of t value (10,62) > t table (2,42). It showed that movie maker media could improve the skills in writing skill short biography ability of the students in class VII-C SMPN 45 Bandung academic year 2013/2014. Keywords: Movie Maker, Short Biography ability. 1 Writer

6 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... 2 Corespondent Writer 1 3 Corespondent Writer 2 Basa mangrupa pakakas manusa pikeun ngébréhkeun pikiran jeung ngedalkeun rasa. Nurjanah (2009, kc.1) nyebutkeun kaparigelan basa dibagi jadi opat nyaéta kaparigelan ngaregepkeun (listening skill); kaparigelan nyarita (speaking skill); kaparigelan maca (reading skill); jeung kaparigelan nulis (writing skill). Di antara opat kaparigelan basa, kaparigelan nulis kaasup kana kaparigelan panghéséna ku sabab kudu ngawasa heula unsur kabasaan séjén pikeun jadi eusi hiji karangan. Tina opat kaparigelan di luhur, kaparigelan nulis mangrupa salasahiji kaparigelan anu penting anu kudu dipimilik siswa, lantaran pangajaran nulis mangrupa pangajaran anu produktif. Tapi, ieu kaparigelan téh biasana dianggap kaparigelan anu hésé. Hal anu dianggap héséna téh nya éta nalika siswa hésé meunangkeun idé dina ngamimitian nulis hiji karangan. Nulis téh mangrupa salah sahiji bagian tina opat kaparigelan basa. Patalina antara opat kaparigelan basa téh kacida dalitna. Hubungan antara opat kaparigelan basa dina pangajaran basa bisa silih lengkepan pikeun ngahontal udagan pangajaran. Nulis asalana tina kacap tulis, maké rarangkén hareup N- (nasal) anu ngandung harti ngalakukeun. Nulis téh mangrupa hiji kagiatan aktif anu dilakukeun ku hiji jalma. Kagiatan nulis mangrupa kagiatan produktif sabab ngahasilkeun karya nu mangrupa tulisan. Kaparigelan nulis salah sahiji kaparigelan basa anu panghésena nu kudu dikawasa ku siswa, ku sabab kudu ngawasa heula unsur kabasaan séjén. Nulis nyaéta nyieun aksara atawa dina kertas jeung salian ti éta, ku parantina nurutkeun LBSS (dina Nurbudi, 2013, kc. 15). Nurutkeun Sudaryat (dina Nurbudi, 2013, kc. 15) nulis nyaéta prosés fisiko-psikis dina ngébréhkeun pikiran (gagasan, pendapat, perasaan, kahayang jeung pangalaman) sacara tinulis ngaliwatan lambang-lambang grafis, nu satuluyna disusun sacara logis jeung sistematis dina kumpulan kecap-kecap, kalimah, paragraf jeung wacana nepi ka bisa dipaham maksudna ku nu maca. Rusyana (1984, kc. 191) nulis mangrupa kamampuh dina ngagunakeun pola-pola basa pikeun nepikeun ide, gagasan katut amanah dina ngawasa karangan, kamampuh dina ngagunakeun wangun karangan, kamampuh dina ngagunakeun gaya, tur kamampuh dina ngagunakeun éjahan. Lingkup bahan pangajaran nulis aya sababaraha rupa, anu ngawengku: nulis pangalaman, nulis biografi singget, nulis sajak, nulis karangan éksposisi, nulis warta, nulis sisindiran, nulis surat, nulis éséy, nulis laporan, nulis guguritan, nulis téks biantara, nulis hasil wawancara, jeung nulis karangan ilmiah. Cindekna, nulis téh hiji kagiatan pikeun ngébréhkeun pamaksadan dina wangun tinulis ngagunakeun aksara atawa angka salaku pakakasna. Dumasar kana Standar Kompetensi Kompetensi Dasar, nulis biografi singget salasahiji matéri pangajaran dina kaparigelan nulis anu aya di SMP/MTs kelas VII. Dina kompetensi dasar nyaéta 7.4.2 Menulis Biografi Singkat. Biografi asalna ti basa Yunani, bios anu hartina hirup, sedengkeun graphien anu hartina nulis. Biografi nganalisis jeung ngalarapkeun kajadian-kajadian dina kahirupan hiji jalma. Ngaliwatan biografi bakalan kapanggih hubungan, antara kahirupan jeung paripolah hiji jalma. Biografi biasana nyaritakeun ngeunaan hiji jalma anu kasohor atawa anu teu kasohor. Tapi, biografi jalma anu teu kasohor biasana nyaritakeun ngeunaan hiji atawa leuwih tempat anu tangtu. Nurutkeun Ernest (dina Nurbudi, 2013, kc. 20) biografi nyaéta riwayat hirup anu kawilang lengkep, ngeunaan kahirupan hiji jalma anu nyaritakeun ngeunaan pangalaman, kagiatan, pasipatan, témpraménna jeung

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 7 lingkungan, anu ditulis ku batur. Nurutkeun Danadibrata (2006, kc. 583) biografi atawa riwayat hirup nyaéta hiji catetan anu geus kalanonan jeroning hirup. Masalah dina pangajaran nulis téh kawilang kompléks. Sabada diwatesanan, panalungtikan ieu ngan nalungtik ngeunaan pangajaran nulis anu dilaksanakeun ku guru di sakola masih konvénsional, anapon ngagunakeun média masih basajan, jeung kurangna kamampuh siswa dina nulis biografi singget. Bangbaluh anu karandapan ku siswa dina nulis biografi téh nyaéta siswa can mampuh ngagunakeun éjahan jeung kekecapan nu merenah. Pikeun ngungkulan éta pasualan nu kaalaman ku siswa dina pangajaran nulis biografi singget, tangtu teu leupas tina peran guru dina kagiatan diajar ngajar. Guru kudu parigel dina prakna nepikeun bahan pangajaran, sarta kudu bisa ngondisikeun kelas sangkan pikabetaheun jeung ngirut siswa nalika pangajaran nulis biografi singget. Dina proses diajar ngajar, media pangajaran mangrupa hal anu teu bisa dipisahkeun jeung kagiatan diajar ngajar. Média nyaéta komponén diajar pikeun nepikeun pesen. Média pangajaran mangrupa salah sahiji stimulus sangkan siswa resep diajar. Ngaliwatan média pangajaran, guru bisa leuwih inovatif dina nepikeun matéri pangajaran ku cara leuwih narik ati. Média pangajaran bisa mantuan guru jeung siswa dina meunangkeun informasi, cara mikir, kaparigelan, jeung ide nu kréatif dina lumangsungna pangajaran. Média anu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngungkulan pasualan anu karandapan ku siswa nyaéta ngaliwatan média movie maker. Média Movie Maker mangrupa software aplikasi éditing vidéo anu geus aya programna dina Micrsoft. Movie Maker miboga kaunggulan dina éfék jeung transisi vidéo sangkan bisa nyiptakeun vidéo anu ngirut ngaliwatan gabungan audio jeung vidéo, tur ngolah data digital kana cuplikan pilem. Ieu média bisa nambahan animasi, éfék visual atawa rédaksi singget anu dipatalikeun jeung pilem nu rék diatur. Jasmadi (2007, kc. 1) nétélakeun yén média movie maker nyaéta aplikasi éditing vidéo anu miboga kaunggulan dina éfék jeung transisi vidéo sangkan bisa nyiptakeun vidéo anu ngirut ati. Média Movie Maker miboga sababaraha mangpaat, di antarana nyaéta: (1) aplikasi gampang pikeun ngédit vidéo; (2) pikeun ngaéksprésikeun ide dina wangun pileum; jeung (3) pikeun ngolah gambar jeung vidéo sangkan ngahasilkeun dokuméntasi anu bisa disimpen langsung dina CD. Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana, panalungtikan ieu diwatesanan ngeunaan kurangna kamampuh siswa dina nulis biografi singget, tur guru masih ngagunakeun modél jeung média pangajaran anu basajan sarta guru can bisa ngungkulan bangbaluh nu karandapan siswa, sarta guru leuwih loba méré tiori batan prakték. Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget tur ngabuktikeun yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Salian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun méré alternatif ka guru sangkan pangajaran basa Sunda leuwih ngirut ati tur pikeun ngaronjatkeun motivasi diajar siswa. MÉTODE Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén anu digunakeun ku cara ngayakeun kagiatan percobaan pikeun niténan kalungguhan antara wariabel-variabel nu ditalungtik. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur

8 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... signifikan atawa henteuna média movie maker dina pangajaran nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung anu jumlahna 36 siswa, anu ngawengku 17 siswa awéwé jeung 19 siswa lalaki. Désain panalungtikan anu digunakeun nyaéta pretest and postest group design. Data panalungtikan mangrupa tulisan siswa dina nulis biografi singget. Anu baris digambarkeun dina tabél ieu di handap: Désain Panalungtikan Pre-test and Post-test Group (Arikunto, 2010, kc. 124) O 1 X O 2 Katerangan: O 1 : Tés awal (saméméh dibéré perlakuan) O 2 : Tés ahir (sabada dibéré perlakuan) X : Perlakuan ngagunakeun média Movie Maker Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngukur kamampuh siswa saméméh jeung sabada dibéré perlakuan. Instrumén panalungtikan nyaéta pakakas anu dipaké dina prosés panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta lembar soal tés. Tujuan tina éta tés pikeun mikanyaho aya béda anu signifikan atawa henteuna média movie maker pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Tés dilaksanakeun dua kali, nyaéta tés awal jeung tés ahir. Tés awal nyaéta pikeun ngukur kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh ngagunakeun média movie maker. Tés ahir nyaéta pikeun ngukur kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung sabada ngagunakeun média movie maker. Analisis hasil karangan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta dumasar lima aspék meunteun karangan. 1) Kualitas jeung lingkup eusi, nyaéta mariksa eusi gagasan dina tulisan anu diébréhkeun ku siswa, eusina luyu jeung téma atawa henteu, tuluy nepikeun informasi sacara lengkep, bisa mekarkeun ide caritaan; 2) Organisasi jeung tampilan eusi, ngawengku runtuyan kalimah anu sinambung antara kalimah kahiji jeung saterusna, antar paragraf jeung saterusna, munel, sistematis, tuluy hubungan antar paragrafna raket; 3) Tata basa, nyaéta kontruksi komplék ngeunaan tata basa anu éféktif digunakeun ku siswa, pilihan kecap merenah, eusi karangan maké struktur basa anu merenah atawa henteu; 4) Gaya basa, sarta tulisan anu dipilih kudu merenah, bisa katitén tina kalimah anu digunakeun éféktif atawa henteu sarta ngagunakeun gaya basa anu bener tur merenah, ayana kasalahan dina kontruksi kalimah, tapi ma nana teu ngabingungkeun nu maca; jeung 5) Éjahan, didieu dipuseurkeun dina ngagunakeun huruf kapital, ti mimiti nulis, ngagunakeun rarangkén hareup jeung tanda baca, bisa ngawasa tulisan ma na teu ngabingungkeun jeung teu loba kasalahan. HASIL JEUNG PEDARAN Dumasar kana kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina pangajaran nulis biografi singget saméméh ngagunakeun média movie maker, hasilna bisa katitén tina grafik ieu di handap:

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 9 Grafik 4.1 Perséntase Tés Awal Kamampuh Nulis Biografi Singget Siswa Grafik 4.2 Perséntase Tés Awal Unggal Aspék Karangan Meunteun 70.00% 60.00% 63.90% Perséntase Tés Awal 180 160 154 Tina unggal aspek 50.00% 140 40.00% 36.10% 120 130 118 119 116 30.00% 100 20.00% 80 10.00% 60 0.00% 40 20 0 Grafik di luhur nuduhkeun, yén kritéria Ketuntasan Minimal (KKM) SMPN 45 Bandung dina pangajaran Basa Sunda hususna siswa kelas VII nulis biografi singget nyaéta 75. Lamun diperséntasekeun tina jumlah siswa di kelas VII-C aya 36 siswa atawa 100% anu meunang peunteun 75 aya 13 siswa atawa 36% hartina éta siswa geus mampuh nulis biografi singget. Sésana anu meunang peunteun 75 aya 23 siswa atawa 64% hartina éta siswa can mampuh nulis biografi singget. Kritéria meunteun karangan nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dina ieu panalungtikan ngawengku lima aspék. Aspék meunteun dina ieu panalungtikan nyaéta aspék eusi, aspék organisasi, aspék tata basa, aspék gaya basa, jeung aspék éjahan. Sangkan leuwih jéntré, upama ditilik tina lima apék kritéria meunteun bisa katitén tina grafik ieu di handap: Dumasar grafik 4.2 di luhur, aspék anu pangedéna dihontal ku siswa nyaéta aspék eusi anu jumlahna 154 (24%). Aspék anu kadua nyaéta aspék organisasi eusi jumlahna 130 (20%). Aspék katilu nyaéta aspék tata basa jumlahna 118 (19%). Aspék kaopat nyaéta aspék gaya basa jumlahna 119 (19%). Tur aspék anu kalima aya aspék éjahan jumlahna nyaéta 116 (18%). Salian ti hasil kamampuh awal nulis biografi singget, aya ogé kamampuh siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 dina pangajaran nulis biografi singget sabada ngagunakeun média movie maker hasilna bisa katitén tina grafik ieu di handap:

10 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... Grafik 4.3 Perséntase Tés Ahir Kamampuh Nulis Biografi Singget Siswa Grafik 4.4 Perséntase Tés Ahir Unggal Aspék Karangan Meunteun 35 32 Presentase Tes Ahir 30 25 20 15 10 4 5 0 Dumasar kana grafik di luhur, yén kritéria Ketuntasan Minimal (KKM) SMPN 45 Bandung dina pangajaran Basa Sunda hususna siswa kelas VII nulis biografi singget nyaéta 75. Lamun diperséntasekeun tina jumlah siswa di kelas VII-C SMPN 45 Bandung aya 36 siswa (100%) anu meunang peunteun 75 aya 32 siswa (89%) hartina éta siswa geus mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget sabada ngagunakeun média movie maker. Sésana anu meunang peunteun 75 aya 4 siswa (11%) hartina éta siswa can mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget sanajan geus dibéré perlakuan ngagunakeun média movie maker. Kritéria meunteun karangan nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dina ieu panalungtikan ngawengku lima aspék. Aspék meunteun dina ieu panalungtikan nyaéta aspék eusi, aspék organisasi, aspék tata basa, aspék gaya basa, jeung aspék éjahan. Sangkan leuwih jéntré, upama ditilik tina lima apék kritéria meunteun bisa katitén tina grafik ieu di handap: 180 160 140 120 100 80 60 40 20 0 167 156 Persentase Aspek 142137137 eusi organisasi eusi tata basa gaya basa éjahan Dumasar grafik 4.2 di luhur, aspék anu pangedéna dihontal ku siswa nyaéta aspék eusi anu jumlahna 167 (23%). Aspék anu kadua nyaéta aspék organisasi eusi jumlahna 156 (21%). Aspék katilu nyaéta aspék tata basa jumlahna 142 (19%). Aspék kaopat nyaéta aspék gaya basa jumlahna 137 (18%). Tur aspék anu kalima aya aspék éjahan jumlahna nyaéta 137 (19%). Pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan tingkat signifikansi kamampuh saméméh ngagunakeun média movie maker jeung kamampuh sabada ngagunakeun média movie maker dina pangajaran nulis biografi singget, dilaksanakeun uji sipat data. Uji sipat data ngawengku uji normalitas, uji homogénitas, uji gain jeung uji hipotésis. Sangkan leuwih jéntré, titénan pedaran ieu di handap: 1) Uji normalitas Uji normalitas pikeun mikanyaho yén éta data téh normal atawa henteu. Uji normalitas tujuanna pikeun ngayakinkeun

DANGIANG SUNDA Vol. 3 No. 1 April 2014 11 yén kamampuh siswa dina nulis biografi singget mibanda distribusi normal. (a) Pretest Dumasar kana hasil ngitung uji normalitas yén data hasil tés awal X 2 itung (-149,77) X 2 tabél (11,3). Bisa dicindekkeun yén distribusi kamampuh awal (pretest) dina taraf kapercayaan 99% sifatna normal. (b) Postest Dumasar kana hasil ngitung uji normalitas yén data hasil tés ahir X 2 itung (-149,21) X 2 tabél (11,3). Bisa dicindekkeun yén distribusi kamampuh ahir (postest) dina taraf kapercayaan 99% sifatna normal. 2) Uji homogénitas Dumasar kana hasil ngitung jeung katangtuan uji homogénitas di luhur, yén data hasil tés awal jeung tés ahir nyaéta F itung (1,01) F tabél (2,21). Bisa dicindekkeun yén distribusi variansi kaasup homogén. 3) Uji Gain Dumasar kana hasil ngitung, katitén yén gain antara pretest jeung postest tina jumlah siswa 30, rata-rata gainna nyaéta 11,11. Upama dititén tina rata-rata peunteun pretest jeung postest nyaéta tina 70,78 ningkat jadi 81,89. Bisa dicindekkeun, gedéna pangaruh média movie maker dina ngaronjatkeun nulis biografi singget nyaéta 11,11. Sangkan leuwih jéntré, titénan grafik ieu di handap: Grafik 4.5 Rata-rata Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir dina Nulis Karangan Biografi Singget saméméh jeung sabada Ngagunakeun Média Movie Maker 85 80 75 70 65 70.78 Tes Awal 4) Uji Hipotésis 81.89 Tes Ahir Kalayan ngagunakeun taraf kapercayaan 99%, katitén yén hasil tina t itung nyaéta 10,62 sedengkeun hasil tina t tabél nyaéta 2,42. Dumasar kana hasil ngitung jeung katangtuan di luhur, bisa dicindekkeun yén t itung t tabél nyaéta 10,62 2,42. Hartina yén hipotésis kerja (H a ) ditarima jeung hipotésis nol (H o ) ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média movie maker signifikan pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2013/2014. Sanggeus dilaksanakeun ieu panalungtikan katitén aya bédana kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun media movie maker. Cindekna, yén media movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung. Ku ayana béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pratés jeung posttest, ieu hal ngabuktikeun kaonjoyan media movie maker. Nurutkeun Wafa (2013, kc.13) aya sababaraha kaonjoyan dina movie maker nyaéta:

12 D esy Ratnasari: Média Movie Maker pikeun... 1) hasil vidéona teu berat teuing kapasitasna; 2) bisa ogé diasupkeun kana internet; jeung 3) sanajan tampilanna basajan, matak gampang kaharti. KACINDEKAN Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker. Kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker bisa katitén tina rata-rata peunteun pratést jeung postést. Uji gain tés awal nyaéta 70,78 sedengkeun uji gain tés ahir nyaéta 81,89. Jadi rata-rata gain antara tés awal jeung tés ahir nyaéta 11,11. Uji hipotésis anu nyangking hasil t itung t tabél pikeun ngébréhkeun signifikansi média movie maker dina ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget. Hasil tina t itung nyaéta 10,62 sedengkeun hasil t tabél nyaéta 2,42. Ieu hasil kalawan ngagunakeun taraf kapercayaan 99% anu ngwengku dk 35. Uji hipotésis di luhur nétélakeun yén t itung t tabél nyaéta 10,62 2,42. Bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (H a ) ditarima jeung hipotésis nol (H o ) ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén média movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung taun ajaran 2013/2014 Sabada ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran nulis biografi singget, ditétélakeun yén hasil tés awal jeung tés ahir aya béda anu signifikan. Ku kituna, média movie maker bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran nulis biografi singget, jeung kabukti media movie maker bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi sinngget siswa. DAPTAR PUSTAKA Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat. Jasmadi. (2007). Cara Mudah Mengolah Film Keluarga Dengan Membuat Windows Movie Maker 2.1. Jakarta: Gramedia Pustaka. Nurjanah, N. (2009). Tiori Nulis. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. (2013). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: Diponegoro. Nurbudi, R.S. (2013). Strategi Modeling Berbasis Teks (SMBT) Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Wafa, S.F. (2013). Éféktivitas Média Movie Maker Dina Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi. (Skripsi). Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.