BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

PANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Diajar mangrupa parobahan tingkah laku peserta didik akibat ayana interaksi antara individu jeung lingkunganna ngaliwatan pangalaman jeung latihan (Iskandarwassid & Dadang Sunendar, 2008, kc. 5). Dina pangajaran basa dipikawanoh aya opat aspék kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Nulis nya éta nyieun aksara atawa angka dina keretas jsté ku parantina (LBSS, 2007, kc. 498). Nurutkeun Iskandarwassid & Dadang Sunendar (2008, kc. 291), kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan panghéséna dibandingkeun jeung tilu kaparigelan lianna. Aksara Sunda minangka salah sahiji warisan titinggal karuhun anu kudu dimumulé jeung dipiara minangka wujud tina kabeungharan budaya. Ngamumulé aksara Sunda gé aya dina Peraturan Daérah no 5 taun 2003 ngeunaan pemeliharaan basa, sastra, jeung aksara daérah. Salian ti éta nulis aksara Sunda gé jadi matéri wajib nu aya di kelas hiji SMA/MA/SMK. Ku kituna, aksara Sunda dipiharep ngageuing siswa ngeunaan jati dirina salaku nonoman Sunda anu miboga kawajiban miara, ngajaga, ngariksa, jeung ngaraksa aksara Sunda. Kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda téh masih kurang hadé. Ieu hal disababkeun ku kurangna variasi dina métode pangajaran jeung guru nu nitah siswa belajar jeung ngerjakeun tugas ngeunaan aksara Sunda tina LKS. Sangkan dina prosés diajar-ngajar ngeunaan aksara Sunda teu monoton jeung bisa ningkatkeun karep siswa kana diajar, digunakeun hiji métode pangajaran. Nurutkeun Komalasari (2011, kc. 56), métode pangajaran nya éta cara nu digunakeun pikeun ngaimpleméntasikeun rarancang nu geus disusun dina wangun kagiatan nyata jeung praktis pikeun ngahontal udagan pangajaran. Métode pangajaran téh rupa-rupa, di antarana métode kolaborasi.

2 Nurutkeun Smith jeung Mac Gregor (dina Suyatno, 2009, kc. 47) Metode Kolaborasi didasarkan pada asumsi-asumsi mengenai proses belajar siswa adalah belajar itu aktif dan konstruktif, belajar itu tergamtung pada konteks, siswa itu beraneka latar belakang dan belajar itu bersifat sosial. Kolaborasi adalah ajang bertegur sapa dan bersilaturahmi ilmu pengetahuan (Alwasilah, 2013, kc. 25). Salian ti éta kolaborasi gé disebut diajar babarengan (social learning). Dina métode kolaborasi siswa bisa silih koréksi atawa menerkeun kasalahan-kasalahan nu ditulis ku siswa séjén. Jadi, ku cara maké ieu métode dipiharep siswa ningkatkeun deui kamampuh dina maca jeung nulis aksara Sunda. Panalungtikan nu geus aya ngeunaan aksara Sunda jeung métode kolaborasi nya éta: 1) Éféktifitas Média Visual dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda di Kelas X SMK BPP Bandung Taun Ajaran 2009/2010 ku Firman Setia Budi; 2) Éféktivitas Modél Nulis Kalimah dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X Mesin SMK Al-Falah Kota Bandung Taun Ajaran 2010/2011) ku Andi Gita Lesmana; 3) Métode Latihan pikeun Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Ékspérimén di Kelas X SMA Negeri 10 Bandung Taun Ajaran 2011-2012) ku Dede Riza Nurjaman. 4) Modél Pangajaran Nulis Résénsi Novel Ngagunakeun Métode kolaborasi ka Siswa SMAN 24 Bandung Taun Ajaran 2007/2008 ku Muhammad Reza Ardana. Dumasar skripsi nu aya di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, can aya panalungtikan skripsi nu ngagunakeun métode kolaborasi pikeun nulis aksara Sunda, dipiharep ku ayana panalungtikan ngeunaan Éféktivitas Métode Kolaborasi dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Eksperimen Murni ka Siswa Kelas X SMAN 1 Warungkiara Taun Ajaran 2013/2014) bisa dijadikeun alternatif dina ngungkulan masalah nulis aksara Sunda di kalangan murid SMA.

3 1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Dumasar kasang tukang di luhur, aya sababaraha hal anu bisa diidéntifikasi pikeun ditalungtik, diantarana: 1) guru jarang ngagunakeun métode pangajaran nu matak ngirut siswa nu antukna siswa ngarasa bosen; 2) guru nu ngan saukur nitah siswa belajar jeung ngerjakeun tugas ngeunaan aksara Sunda tina LKS; jeung 3) siswa masih ngarasa hésé dina ngapalkeun, maca, jeung nulis aksara Sunda sarta maké rarangkénna. 1.2.2 Rumusan Masalah Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara dina pangajaran nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun métode kolaborasi di kelas ékspérimén, jeung saméméh jeung sabada ngagunakeun métode ceramah di kelas kontrol? 2) Naha aya beda anu signifikan dina kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara antara kelas ékspérimén saméméh jeung sabada ngagunakeun métode kolaborasi, jeung kelas kontrol saméméh jeung sabada ngagunakeun métode ceramah? 3) Naha métode kolaborasi téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara.

4 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji éféktifitas métode kolaborasi dina pangajaran maca jeung nulis aksara Sunda di SMA, sangkan bisa dijadikeun alternatif dina ngungkulan masalah nulis aksara Sunda di kalangan murid SMA. 1.3.2 Tujuan Husus Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun: 1) kamampuh siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara dina pangajaran nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun métode kolaborasi di kelas ékpérimén, jeung saméméh jeung sabada ngagunakeun métode ceramah di kelas kontrol; 2) bédana kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara antara kelas ékspérimén saméméh jeung sabada ngagunakeun métode kolaborasi, jeung kelas kontrol saméméh jeung sabada ngagunakeun métode ceramah; jeung 3) éféktivitas métode kolaborasi dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta sangkan méré sumbangan pikeun sistem pendidikan, dina hal ieu milih métode pangajaran nu éféktif dina ngajarkeun nulis aksara Sunda. 1.4.2 Mangpaat Praktis 1) Pikeun Panalungtik Panalungtik bisa mikaweruh pangaruhna hiji métode pangajaran, nya éta éféktivitas métode kolaborasi pikeun pangajaran nulis aksara Sunda.

5 2) Pikeun Guru Ngaliwatan ieu panalungtikan, guru bisa mikaweruh hiji métode pangajaran anu bisa digunakeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis aksara Sunda, sangkan leuwih ngirut tur nyumangetan peserta didik pikeun nulis jeung ngagunakeun aksara Sunda anu bener tur merenah. 3) Pikeun nu Maca Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban wawasan jeung pangaweruh, hususna ngeunaan éféktivitas métode kolaborasi pikeun pangajaran nulis aksara Sunda. 4) Pikeun Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda Ngaliwatan ieu panalungtikan, pangajaran Basa jeung Sastra Sunda jadi leuwih euyeub ku sarupaning métode pangajaran anu hadé, lantaran ieu métode kauji ngaliwatan hiji panalungtikan. 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi Bab I Bab I mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeunana panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan. Bab II Bab II mangrupa bab anu ngabahas ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan tiori nulis, aksara Sunda, jeung métode kolaborasi. Bab III Bab III mangrupa bab anu ngabahas ngeunaan métodologi panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan sacara leuwih jembar katut desain panalungtikanna, variabel jeung wangenan operasionalna, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, populasi jeung sampel panalungtikan, ogé carana ngolah data hasil panalungtikan.

6 Salian ti éta, bab III jadi dadasar pikeun nyusun bab IV lantaran antara bab III jeung bab IV miboga pakuat-pakait anu tangtu. Bab IV Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab diébréhkeun sagemblengna hasil tina panalungtikan anu dilaksanakeun. Hasil atawa henteuna panalungtikan bisa katitén tina ieu bab. Bab V Bab V mangrupa kacindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya saran anu ditepikeun pikeun nu maca. Éta saran téh miboga tujuan pikeun kahadéan ka hareupna.