BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Sastra bisa dianggap minangka gejala sosial. Ku kituna, sastra anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adatistiadat nu tumuwuh dina éta jaman (Koswara, 2009: 10). Ku ayana nu disebut sastra, tangtuna ogé pasti aya hasilna nya éta nu disebut karya sastra. Saluyu jeung éta katerangan, Sapardi Djoko Damono (dina Koswara, 2009: 10) nyebutkeun yén karya sastra téh diciptakeun ku sastrawan pikeun dirarasakeun, dipikapaham, jeung dimangpaatkeun ku masarakat. Luyu jeung pamadegan Sapardi Djoko Damono, apresiator karya sastra kudu bisa ngararasakeun, maham, sarta ngamangpaatkeun éta karya sastra. Nu maca bisa maham karya sastra ku cara kritik sastra atawa méré pangajén kana éta karya sastra, Wellek (dina Pradopo, 2010: 92) nétélakeun yén: Kritik sastra merupakan studi sastra yang langsung berhadapan dengan karya sastra, secara langsung membicarakan karya sastra dengan penekanan pada penilaiannya. Ku kituna, sangkan bisa maham kana hiji karya sastra, nu maca kudu ngajén sacara langsung kana éta karya. Aspék-aspék poko kritik sastra nya éta analisis, interpretasi (penafsiran), jeung évaluasi (Pradopo, 2010: 93). Lamun sastra gelar tanpa ayana kritik, teu béda jeung daun anu ngémploh héjo jadi di ranca (Ajip Rosidi dina catetan kuliah kritik sastra). Karya sastra mangrupa ébréhan (éksprési) jiwa nu gelar dina wangun basa. Wangun basa nu dipaké éstu ragam basa nu éndah, miboga ajén éstétis, tur bisa ngahudang rasa nu maca dina néangan ajén bebeneran. Karya sastra Sunda dibagi kana dua période nya éta karya sastra Sunda heubeul jeung karya sastra Sunda anyar. Dina unggal période aya tilu wangun karya sastra nya éta prosa, puisi, jeung drama. Nu ngabédakeun antara période heubeul jeung anyar téh nya éta tina jenis karyana. Contona wangun prosa sastra heubeul mah aya dongéng, jeung Muhammad Yogi Hamdani,2013 1

2 wawacan; sedengkeun wangun prosa dina sastra Sunda anyar mah carpon, jeung novél. Kaayeunakeun mah karya sastra Sunda nu réa gumelar nya éta sajak, carpon, jeung novél. Karya sastra saperti dongéng, mantra, carita pantun mah jarang atawa bisa disebut teu gelar deui nu anyar. Karya sastra wangun novél nya éta carita rékaan anu méré kesan lir enyaenya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeuna ogé loba sarta aya sababaraha kajadian anu nyambung atawa pakuat-pakait lantaran boh latar tempat boh latar waktu leuwih jembar. Asupna novél kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novél munggaran dina sastra Sunda nya éta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata (D.K. Ardiwinata) (Kosasih, 2010: 44). Salian ti D.K. Ardiwinata, réa para pangarang anu medalkeun novélna, novél nu dikarang macem-macem, aya nu kainspirasian ku kaayaan sosial, kaayaan kulawarga, jeung sajabana. Para pangarang bébas nyipta-nyipta palaku jeung masalah saluyu jeung imajinasi séwang-séwangan sabab novél mangrupa carita rékaan. Tapi sanajan novél téh kaasup carita rékaan, aya sawatara novél nu teu saujratna cipta imajinasi pangarangna, aya sawatara novél nu nyoko kana bukti-bukti sajarah boh masalah boh palakuna, contona novél-novél karya Yoseph Iskandar nu nyoko kana naskah-naskah sajarah Sunda Saperti séri novél Perang Bubat. Éta novél téh disebut novél sajarah. Yoseph Iskandar ngarang dalapan novél sajarah nu mangrupa runtuyan tina sajarah karajaan Sunda nya éta novél Perang Bubat (1988), Wastu Kancana (1989), Prabu Wangisutah (1991), Tanjeur na Juritan, Jaya di Buana (1991), Pamanahrasa (1991), Putri Subanglarang (1991), Prabu Anom Jayadewata (1996), jeung Tri Tangtu di Bumi (1996). Novél Tanjeur na Juritan, Jaya di Buana dilélér Hadiah Sastra Rancagé (1992), sedengkeun novél-novél séjén nu ditulis dina taun éta asup kana nominasi. Novél Tri Tangtu di Bumi (1996) meunang Hadiah Sastra Rancagé 1997 (Iskandar, 2011:89). Novél téh mangrupa karya sastra anu ngandung ajén-ajén. Ku kituna, novél bisa dijadikeun bahan ajar, saluyu jeung SK-KD pangajaran basa Sunda. Dina

3 SKKD kelas XI aya pangajaran maca novél. Novél Tri Tangtu di Bumi karya Yoséph Iskandar bisa dijadikeun bahan ajar. Sabab éta novél eusina saluyu jeung émosional siswa SMA sarta euyeub ku ajén-ajén kahirupan. Novél Tri Tangtu di Bumi mangrupa novél sajarah sarta dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 1997, jeung éta novél téh mangrupa novél pamungkas tina dalapan séri novél sajarah Sunda karya Yoseph Iskandar. Sangkan novél Tri Tangtu di Bumi bisa dijadikeun bahan pangajaran, kudu diayakeun heula panalungtikan kana éta karya atawa kudu dianalisis heula. Aya sawatara cara pikeun ngajén hiji karya sastra, tapi dina ieu panalungtikan novél Tri Tangtu di Bumi ditalaah ku cara analisis struktural. Tepi ka kiwari can aya hiji pamadegan anu écés ngeunaan komponén anu kudu dipaké bedog pangadék pikeun nganalisis karya sastra sacana struktural (Koswara, 2009: 25). Nurgiyantoro (dina Oktaviani, 2007: 19) nyebutkeun yén: Analisis struktur karya sastra yang dalam hal ini fiksi, dapat dilakukan dengan mengidentifikasi, mengkaji, dan mendeskripsikan, misalnya bagaimana keadaan peristiwa-peristiwa, plot, tokoh dan penokohan, latar, sudut pandang, dan lain-lain. Jadi, nurutkeun pamadegan di luhur, pikeun nganalisis struktur karya sastra téh bisa dilakukeun ku cara ngaidéntifikasi, mutolaah, sarta ngagambarkeun sababaraha unsur pangwangun nu aya dina éta karya. Sumardjo & Saini K. M. (dina Oktaviani, 2007: 19) nétélakeun yén unsur-unsur pangwangun dina carita téh nya éta (1) galur atawa plot, (2) tokoh carita, (3) téma carita, (4) suasana, (5) latar atawa séting, (6) point of view, jeung (7) gaya pangarangna. Ieu struktur téh dirojong ku unsur-unsur karya sastra. Unggal unsur téh silih rojong antara nu hiji jeung nu lianna. Nurutkeun Stanton (dina Koswara, 2009: 25) ieu unsur-unsur téh ngawengku (1) téma jeung masalah, (2) fakta carita, jeung (3) sarana carita. Dumasar éta hal, ieu panalungtikan dijudulan Analisis Struktural Novél Tri Tangtu di Bumi Karya Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Maca kelas XI.

4 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Unsur-unsur sastra aya dua rupa, nya éta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Nu saluyu jeung ulikan struktural mah nya éta unsur intrinsik. Sakumaha nu disebutkeun dina kasang tukang, tepi ka kiwari can aya pamadegan nu écés ngeunaan komponén-komponén nu bisa dijadikeun péso pangraut dina nganalisis struktur hiji karya sastra. Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur sarta écés, komponén-komponén nu dipaké péso pangraut dina ieu panalungtikan nya éta saluyu jeung tiori Stanton, nu ngawengku (1) téma jeung masalah, (2) fakta carita, jeung (3) sarana carita nu aya dina novél Tri Tangtu di Bumi. Sarta ngajadikeun ieu hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas XI. 1.2.2 Rumusan Masalah Dina unggal panalungtikan tangtuna aya masalah-masalah nu diguar. Dina ieu panalungtikan, dumasar kana watesanan masalah, aya sawatara rumusan masalah nu disusun dina wangun patalékan. 1. Kumaha téma jeung masalah novél Tri Tangtu di Bumi? 2. Kumaha fakta carita nu aya dina novél Tri Tangtu di Bumi? 3. Kumaha sarana carita nu aya dina novél Tri Tangtu di Bumi? 4. Kumaha ngalarapkeun ieu hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas XI? 1.3 Tujuan Panalungtikan Dina unggal panalungtikan tangtu miboga udagan. Ieu panalungtikan miboga udagan, di antarana: 1. Ngajéntrékeun téma jeung masalah novél Tri Tangtu di Bumi. 2. Ngajéntrékeun fakta carita nu aya dina novél Tri Tangtu di Bumi. 3. Ngajéntrékeun saran carita nu aya dina novél Tri Tangtu di Bumi. 4. Ngalarapkeun ieu hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas XI.

5 1.4 Mangpaat Panalungtikan a. Mangpaat tioritis: Pikeun nambahan tiori apresiasi karya sastra, hususna dina ulikan analisis struktural. b. Mangpaat praktis: 1. Pikeun ngajén karya sastra anyar hususna novél; 2. Pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan kasusastraan Sunda, hususna ngeunaan novél Tri Tangtu di Bumi; sarta 3. Pikeun nambahan bahan ajar kasusastraan Sunda. 1.5 Sistematika Panulisan Sistematika panulisan dina ieu skripsi, di antarana: 1. BAB I: Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtukan, jeung sistematika panulisan. 2. BAB II: Novél, unsur-unsur carita, analisis struktur, bahan pangajaran maca. 3. BAB III: Métodologi panalungtikan medar ngeunaan métode panalungtikan, téknik panalungtikan, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, jeung wangenan oprasional. 4. BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan. 5. BAB V: Kacindekan jeung saran.