BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014


BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih kénéh dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Salasahiji buktina dijanggélékkeun dina pangajaran nu wajib ditepikeun ti mimiti Sakola Dasar nepi ka SMA. Ku kituna, hirup-huripna basa Sunda ogé ditangtayungan ku nagara. Sakumaha anu kaunggel dina UUD 1945, Bab XV, péréléan pasal 36, anu nétélakeun yén di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé, éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara. Salian ti éta, diwewegan deui ku ayana PERDA Nomor 5 taun 2003 bab IV pasal 7, ngeunaan miara basa, sastra jeung aksara daérah, basa daérah diajarkeun di pendidikan formal jeung nonformal di Jawa Barat. Diwuwuh deui ku ngajanggélékna kaputusan Gubernur Nomor:423.5/Kep.672-Disdik/2006, ngeunaan Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar sarta panduan nyusun Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan 2006 mata pelajaran basa jeung sastra Sunda. Mun ditilik sacara yuridis formal, kacida kuatna ku ayana tatapakan hukum di luhur. Dina KTSP taun 2006 pangajaran basa Sunda mibanda opat kaparigelan basa anu diajarkeun ka siswa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis anu bener tur luyu jeung aturan tata basa. Ngaregepkeun jeung nyarita dianggap primér, sedengkeun maca jeung nulis dianggap sékundér, anu dina kahirupan sosial geus nunjukkeun lalakon anu kawilang gedé pisan. Tapi anu disebut kagiatan réséptifna mah nya éta ngaregepkeun jeung maca, ari nyarita jeung nulis mah kaasup kagiatan produktif. Kaparigelan maca mangrupa salasahiji aspék tina kaparigelan makéna basa. Gunana pikeun narima informasi tinulis. Hal ieu téh luyu jeung pamadegan Hodgson dina Tarigan (2008:7)nu nétélakeun yén maca téh nya éta hiji prosés anu dipilampah sarta digunakeun ku nu maca pikeun narima informasi nu ditepikeun 1

2 ku nu nulis ngaliwatan média tulis. Kagiatan maca mangrupa salasahiji kagiatan ngaregepkeun, ogé mangrupa kagiatan komunikasi, ku sabab maca téh teu béda jeung narima informasi tina buku-buku. Kiwari, élmu pangaweruh jeung téknologi gedé pisan pangaruhna kana widang informasi. Sagala informasi bisa sumebar ku cara gampang tur gancang. Hal ieu taya lian dibantuan ku média citak jeung média éléktronik. Tangtu waé geus pada mikanyaho yén maca téh mangrupa jandélana dunya, konci pikeun diajar. Sabab maca miboga kauntungan anu kacida gedéna. Sawatara kauntunganana, nya éta: a) bisa nyangkem atawa meunang informasi anu bisa dijadikeun bahan dina nyarita jeung nulis, b) bisa leuwih akrab jeung tehnik-tehnik sarta sagala métode anu bisa digunakeun ku para panulis dina ngébréhkeun pamadegan, sarta c) ku cara maca urang bisa nambahan wawasan atawa élmu pangaweruh, anu asalna teu nyaho jadi nyaho, anu asalna teu bisa jadi bisa. Dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar pangajaran maca nu perlu diajarkeun di SMA nya éta maca warta. Siswa SMANegeri 6 Bandung hususna kelas X-2 dipiharep miboga kamampuh pikeun maca maké basa Sunda nu hadé jeung bener sarta lancar pikeun macakeun téks warta. Ieu hal luyu jeung matéri anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan dina Standar Kompetensi: 10.3 Mampumemahamidanmenanggapiwacanatulismelaluimembacasejarahlokal/cerit ababad, puisi, danberitadarisuratkabar/ majalah/media elektronik kalayan Kompeténsi Dasar: 10.3.3 Membacaberita (warta) darisuratkabar/majalah/media elektronik.dina kanyataan anu karandapan di kelas X-2 di SMANegeri 6 Bandung mayoritas siswana cicingeun jeung pasif. Lamun siswa dibéré pancén pikeun maca warta dihareupeun kelas ku cara latihan sorangan tuluy midang kalayan waktu kurang leuwih lima menit, masih kénéh sok hésé nepikeun warta kalayan lancar, komo maké basa Sunda nu hadé jeung bener,siswa gé leuwih bisa jeung resep kana maca warta Indonesia tibatan warta Sunda. Alesanana, siswa ngarasa jeung nganggap yén basa Sunda téh kacida héséna, leuwih asingtibatan basa deungeun. Sarta loba siswa nu ngarasa sieun maké basa Sunda. Alatan siswa sieun waktu dina makéna basa,kadéngéna kasar atawa teu

3 merenah ku jalma séjén nu ngarti kana undak-usuk basa. Aya sababaraha bangbaluh anu biasa karandapan ku siswa dina waktu maca warta. Salian ti geumpeur dina nyarita. Loba siswa anu artikulasi kurang jéntré dina maca kecap atawa istilah dina téks warta. Siswa sok salah dina kaparigelan anu sifatna mékanis, nya éta mikawanoh wangun huruf, mikawanoh unsur-unsur linguistik, mikawanoh koréspondénsi pola éjahan jeung sora atawa kamampuh nyoarakeun bahan tinulis. Jeung kaparigelan anu sifatna pamahaman, nya éta nyangkem kana wangenan anu basajan, nyangkem signifikansi atawa ma na, évaluasi atawa penilaian (eusi, wangun), gancangna maca anu fléksibel,(broughton dina Tarigan 2008:12-13). Salian ti alesan di luhur, pangajaran basa jeung sastra Sunda di SMA Negeri 6 Bandung ukur dibéré waktu sajam pelajaran. Sajam palajaranna ukur 45 menit, jadi lamun siswa di tés maca warta di hareupeun kelas téh moal éféktif pisan waktuna,sabab waktu pikeun medar materi jeung nyiapkeun média pangajaran geus béak. Sanajan kitu siswa teu matak jadi peunggas harepan dina diajar maca warta. Salasahiji cara sangkan siswa kataji dina maca warta, guru kudu bisa ngawangun suasana diajar anu leuwih kréatif jeung inovatif. Utamana ngarobah média pangajaran anu monoton, jadi pangajaran anu leuwih loba ngajak siswana ngalaksanakeun interaksi pikeun ngamekarkeun pangaweruh jeung sakabéh poténsi anu dipibogana. Nepi ka prosés pangajaran bisa lumangsung kalawan rékréatif (menyenangkan), ngabogaan ma na (éféktif), dialogis jeung dinamis. Dina ieu panalungtikan, sangkan ngahudang rasa kréatif, inovatif jeung produktiviitas siswa dina pangajaran maca warta, digunakeun média audio-visual salaku média pangajaran. Média audio-visual mangrupa alat atawa sarana dina wujud tilu diménsi nu bisa digunakeun salaku conto atawa objék dina pangajaran maca. Média audio-visual nya éta alat ngahasilkeun atawa nepikeun matéri pangajaran ngagunakeun mesin-mesin mékanis jeung éléktronik pikeun nepikeun pesen-pesen audio jeung visual (Arsyad, 1997:30). Ceuk Sukiman (2012:153) média pangajaran berbasis audio-visual nya éta média anu digunakeun pikeun nepikeun pesen ngaliwatan indera panénjo jeung indera pangreungeu. Wanda média ieu ngabogaan kamampuh anu leuwih hadé

4 tibatan wanda média visual wungkul atawa wanda média audio wungkul. Ku sabab ngawengku unsur média jeung unsur gambar. Dipiharep ku dipakéna ieu média bisa jadi pangrojong dina kagiatan diajar-ngajar anu rékréatif (menyenangkan), ngabogaan ma na (efektif), dialogis, jeung dinamis téa. Ieu panalungtikan lain panalungtikan anu munggaran, sabab saméméhna geus aya panalungtikan séjén anu nalungtik kaéféktifan média audio-visual, kalawan judul Éfektivitas Média Audio-Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara Siswa Kelas XI MTs Negeri Sukasari Cimahi,anu ditalungtik ku Lilis Wahyu Winarni taun 2010. Sarta hasilna katangen éféktif. Tapi panalungtikan ngeunaan nguji éféktivitas média audio-visual dina pangajaran maca warta mah can aya. Ku kituna, nyoko kana sawatara masalah di luhur, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran maca warta di SMA anu judulna ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUALDINA PANGAJARAN MACA WARTA(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-2SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013). 1.2 Watesan jeung RumusanMasalah 1.2.1 Watesan Masalah Ku lantaran pangajaran maca loba rupana, ku kituna ieu panalungtikan perlu diwatesan sangkan jéntré sarta henteu méngpar ti nu geus ditangtukeun. Watesan masalah dina panalungtikan ieu nya éta nalungtik éféktif henteuna Média Audio-Visual dina Pangajaran Maca Warta Siswa Kelas X-2 SMANegeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013 kalayan kritéria nu di ajén nya éta nyangkem eusi, ucapan (artikulasi), lentong jeung réngkak paripolah (gesture). 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun jadi sababaraha patalékan, sangkan masalah pedaran nyoko kana objék anu rék ditalungtik, nya éta ieu di handap. a) Kumaha prakprakan pangajaran maca warta ka siswa kelas X-2 SMANegeri 6

5 Bandung ngagunakeun média audio-visual? b) Kumaha kamampuh siswa kelas X-2 SMANegeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013 dina maca wartasaméméh ngagunakeun médiaaudio-visual? c) Kumaha kamampuh siswa kelas X-2 SMANegeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013 dina maca warta sanggeus ngagunakeun médiaaudio-visual? d) Naha médiaaudio-visual éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh maca warta? 1.3 Tujuan Panalungtikan Unggal panalungtikan dina hakékatna miboga tujuan. Saluyu jeung kasang tukang masalah anu geus diébréhkeun, tujuan tina ieu panalungtikan dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan khusus. 1.3.1 Tujuan Umum Sacara umum panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun nguji Éféktivitas Média Audio-Visual dina Pangajaran Maca Warta Siswa Kelas X-2 SMANegeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun masalah: 1) prakprakan pangajaran maca warta siswa kelas X-2 SMANegeri 6 Bandung ngagunakeun média audio-visual; 2) kamampuh maca siswa saméméh ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran maca warta; 3) kamampuh maca siswa sanggeus ngagunakeun média audio-visual dina pangajaran maca warta; 4) éféktivitas média audio-visual dina pangajaran maca warta. 1.4 Métode Panalungtikan Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi

6 ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta pretés jeung postés. Métode ékspérimén mangrupa hiji métode panalungtikan anu produktif sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun. 1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan média pangajaran anu hadé dina pangajaran maca warta. Salian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun dijadikeun hiji bahan literatur pangajaran di sakola, anu tujuanana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa jeung ngaronjatkeun daya produktivitas siswa dina maca warta anu leuwih alus. 1.5.2 Mangpaat Praktis Salian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis, diantarana: 1) siswa bisa aktif dina prosés pangajaran sarta bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan siswa dina pangajaran warta; 2) guru bisa ngamangpaatkeun média, hususna média audio-visual dina pangajaran séjén, henteu ngan saukur dina pangajaran warta. Kulantaran média pangajaran bisa ngaronjatkeun kualitas diajar; 3) média audio-visual bisa dijadikeun masukan pikeun sakola, lantaran média audio-visual jarang dipaké ku guru-guru; jeung 4) ngagunakeun média audio-visual méré mangpaat keur panalungtik pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan média pangajaran tur bisa digunakeun di sakola séjén

7 1.6 Sistematika Nulis Dina nulis karya ilmiah tangtukudu ngaruntuy sacara sistematis saperti: BAB I Bubuka Dina ieu bab téh didadarkeun perkara kasang tukang, watesanjeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, metode panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nulis. BAB II Kajian Tiori atawa Rangkay Tiori Nu jadi kajian jeung rangkay tiori dina ieu skripsi nya éta média audiovisual, maca, jeung warta. Di dieu dipedar tiori-tiori ti mimiti wangenan, mangpaat, kritéria, jrrd. anu aya pakaitna jeung pedaran-pedaran di luhur sarta anggapan dasar jeung hipotésis. BAB III Métode Panalungtikan Eusina ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan ti mimiti sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Analisis Data Eusina ngeunaan pedaran jeung déskripsi tina hasil panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan. BAB V Kacindekan jeung Rékomendasi Eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh pedaran hasil panalungtikan. Salian ti éta, aya rékomendasi anu ditepikeun ka nu maca. Tangtu waé, lian ti babagian di luhur aya ogé babagian panglengkep séjénna. Boh bagian di awal boh di ahir saperti pangjajap, daftar eusi, daftar pabukon, jeung lampiran.