BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

I. KAHANAN BASA SUNDA

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

NYUSUN TATA BASA SUNDA KIWARI (Tarékah Ngabukukeun jeung Ngabakukeun Basa Sunda)

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

PADIKA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMA/SMK1)

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004:6). Fungsi utama basa dina kahirupan sapopoé manusa nya éta pikeun alat komunikasi jeung antaranggota masarakatna. Komunikasi nya éta prosés tukeur informasi antarindividu ngaliwatan sistem simbol, tanda, atawa paripolah anu umum (Abdul Chaer & Leonie Agustina, 2004:17). Ku kituna, salaku alat komunikasi, basa miboga rupa-rupa fungsi anu kawilang pentingna pikeun masarakat anu makéna. Nilik kana pentingna basa salaku alat komunikasi, unggal jalma diperedih bisa ngagunakeun basa anu hadé, kalawan puguh éntép seureuhna tur bener undak-usuk basana. Kaparigelan ngagunakeun basa hiji jalma mangrupa modal anu utama pikeun ngayakeun prosés komunikasi di masarakat. Hiji jalma disebut geus parigel ngagunakeun basana upama éta jalma geus bisa ngalarapkeun aturan-aturan makéna basa kayaning komponén-komponén basa jeung éjahan basa Sunda anu bener. Salaku alat komunikasi, basa kudu luyu jeung kontékna (situasi, kondisi, jeung tujuan). Minangka alat komunikasi, basa Sunda miboga kalungguhan salaku basa daérah. Pangajaran basa Sunda ditangtayungan ku payung hukum anu ngajanggélék dina Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra jeung aksara daérah, anu netepkeun basa daérah, kaasup basa Sunda, diajarkeun ti TK nepi ka SMA/sadarajat di Jawa Barat. 1

2 Salian ti éta, basa Sunda mangrupa salasahiji mata pangajaran muatan lokal anu kudu diajarkeun di SD, SMP, jeung SMA di Jawa Barat. Basa Sunda diajarkeun di sakola-sakola sangkan siswa wanoh jeung weruh kana budaya jeung sastra Sunda, sarta bisa ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur merenah dina kahirupan sapopoé. Dina kalungguhanana salaku basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, 2009:2). Kaparigelan basa téh kudu kahontal kalawan hadé luyu jeung tujuan sarta fungsi pangajaran basa Sunda anu geus ditétélakeun di luhur. Nulis ogé mangrupa salasahiji aspék tina opat kaparigelan basa. Dina kagiatan ngarang mikabutuh kaweruh kana tata basa, saperti kamampuh nuliskeun kecap, nyusun kalimah, nyusun paragrap, sarta kudu ngawasa éjahan basa Sunda anu bener. Kamampuh nuliskeun kecap kalawan luyu jeung hartina, boh harti leksikal boh harti gramatikal kudu bener-bener kacangking ku nu nulis. Kamampuh ngagunakeun kaédah basa anu bener bakal mangaruhan kana hadé goréngna hasil tulisan. Morfologis mangrupa sifat anu patali jeung morfologi. Morfologi nya éta bagian tina élmu basa anu medar asal-muasal wangun kecap sarta fungsi parobahan-parobahan éta wangun kecap, boh fungsi gramatikal boh fungsi semantik (Ramlan, 2009:21). Ku kituna, morfologi raket patalina jeung pilihan kecap (diksi). Ku lantaran kaédah morfologis mangrupa salasahiji kaédah basa anu kudu kacangking ku nu maké basa, kaasup para siswa di sakola, ku kituna perkara morfologis ogé jadi salasahiji bahan pangajaran di sakola. Dina prakna

3 digunakeun, kaédah morfologis téh tara salawasna bener, tapi bisa baé salah. Kasalahan saperti kitu bisa disebut kasalahan morfologis. Sabada ngayakeun analisis kana sababaraha tulisan siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung, boh éta dina wangun kalimah boh dina wangun wacana, loba pisan kasalahan anu dilakukeun ku siswa. Dina hal ieu utamana kasalahan dina ngagunakeun kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung wangun morfonémis. Ieu hal patali jeung pangajaran kabasaan anu diajarkeun di sakolasakola, kaasup di sakola menengah. Lolobana guru mentingkeun kana SKSD anu aya dina RPP anu ngawengku kaparigelan ngagunakeun basa kayaning matéri ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Sedengkeun matéri kabasaanana mah ngan saukur dijadikeun matéri tambahan. Panalungtikan anu geus pernah dilakukeun ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah patali jeung kasalahan morfologis aya dua nya éta (1) Kasalahan Morfologis dina Karangan Déskripsi Siswa SMP Percontohan Lab School UPI (Indah Kartika D, 2009), jeung (2) Kasalahan Morfologis dina Karangan Esay Siswa Kelas XII SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2010/2011 (Restilawati Mustika, 2011). Sanajan sarua nalungtik ngeunaan kasalahan morfologis, tapi béda wangun wacana anu ditalungtikna sarta béda ogé sumber datana. Dumasar kana sagala hal anu geus diébréhkeun di luhur jeung pentingna kaédah basa nu kudu kacangking ku pamaké basa, kaasup para siswa di sakola, panalungtikan anu judulna Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 ieu perlu dilaksanakeun. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Sangkan ambahan ieu panalungtikan teu lega teuing, ieu panalungtikan diwatesan ngan nalungtik perkara kasalahan morfologis dina: 1) ngagunakeun kecap rundayan; 2) ngagunakeun kecap rajékan; 3) ngagunakeun kecap kantétan; jeung

4 4) ngagunakeun wangun morfofonémis. 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah anu geus dipedar, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1) Kasalahan morfologis naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 2) Kasalahan ngagunakeun kecap rundayan naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat Pribadi anu disusunna? 3) Kasalahan ngagunakeun kecap rajékan naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 4) Kasalahan ngagunakeun kecap kantétan naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 5) Kasalahan ngagunakeun wangun morfofonémis naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 1.3 Tujuan Panalungtikan Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kasalahan morfologis anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna. 2) kasalahan ngagunakeun kecap rundayan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 bandung dina surat pribadi anu disusunna. 3) kasalahan ngagunakeun kecap rajékan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna. 4) kasalahan ngagunakeun kecap kantétan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna. 5) kasalahan ngagunakeun wangun morfofonémis anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna.

5 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun: 1) nambahan référénsi ngeunaan ulikan morfologis; jeung 2) méré informasi ngeunaan kaédah morfologis. 1.4.2 Mangpaat Praktis Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun méré gambaran ka paraguru pikeun nangtukeun léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun patali jeung ngalatih kamampuh siswa dina ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah. 1.5 Raraga Tulisan Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna kabagi jadi lima bab, nya éta: Bab I dijudulan bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang panulisan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II dijudulan kasalahan basa, morfologi jeung surat pribadi, anu eusina ngawengku wangenan kasalahan basa, kasang tukang kasalahan basa, ragem kasalahan basa, taksonomi kasalahan linguistik, kasalahan morfologis, wangenan morfologi, prosés morfologis: prosés ngararangkénan (afiks), prosés ngarajék (réduplikasi), prosés ngantétkeun (komposisi), morfofonémis, jeung matéri ngeunaan surat pribadi. Bab III dijudulan métode panalungtikan, anu ngawengku sumber data, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. Bab IV dijudulan Kasalahan morfologis dina surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/213, eusina ngeunaan hasil analisis kasalahan morfologis anu nyampak dina surat pribadi nu ditulis ku siswa.

6 Bab V dijudulan kacindekan jeung Rékoméndasi, anu eusina nyindekkeun hasil panalungtikan sarta maparin rékoméndasi pikeun panalungtikan salajengna.