NO. 540/FPBS.0251/2013

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan


BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

KEMAMPUAN MENGGUNAKAN UNDAK USUK BAHASA SUNDA DALAM MENULIS PERCAKAPAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

Transkripsi:

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nulis mangrupa hiji kagiatan anu sifatna produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, panulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa kecapna. Nulis mangrupa kaparigelan basa anu ngawengku sababaraha Kompetensi Dasar (KD). Salah sahiji kompetensi dasarna nya éta Narjamahkeun. Hal ieu kaunggel dina pedoman pengembangan KTSP 2006 mata pelajaran basa sunda, nya éta pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda di kelas X. Narjamahkeun nya éta kagiatan nulis ngarobah tina basa sumber (Bsu) kana basa sasaran (Bsa). Dina ieu panalungtikan narjamahkeun tina basa sumber (basa Indonesia) kana basa sasaran (basa sunda). Pangajaran narjamahkeun téh penting, kusabab miboga tujuan pikeun méré informasi ngeunaan élmu, téhnologi, jeung kabudayaan sangkan urang henteu katinggaleun informasi. Kiwari pangaweruh datangna lain ti urang wungkul tapi loba élmu-élmu anu positif anu datangna ti luar. Sangkan urang bisa neuleuman tur ngamutolaah, urang salaku urang sunda kudu bisa ngabasakeun kana basa sorangan (basa Sunda) sangkan leuwih ngarti. Hasil pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda tina sababaraha taun katukang kawilang kurang nyugemakeun, aya sababaraha hal pangna pangajaran narjamahkeun téh henteu nyugemakeun, diatarana nya éta alokasi waktuna anu kurang, kawatesanana bahan jeung sumber pangajaran anu dipaké, kurangna kaparigelan guru nalika ngajarkeun materi narjamahkeun, modél pangajaran anu dipaké ogé kurang saluyu, anu balukarna kana kurangna minat siswa dina diajar narjamahkeun kana basa Sunda. Tujuan ayana pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda téh, dikasang tukangan ku lobana élmu-élmu anu datangna ti luar anu bisa dijadikeun pangdeudeul sarta ngeuyeuban pangaweruh. Hanteu kabéh NO. bahan 540/FPBS jeung.0251/2013 sumber diajar basa Sunda dina basa Sunda tapi ogé katambahan ku bahan jeung sumber 1

2 diajarna tina basa séjén, contona tina basa Indonésia. Sangkan bisa leuwih nyangkem urang kudu bisa narjamahkeun kalawan bener tur teu ngarubah makna anu ditepikeun tina téks aslina. Dina narjamahkeun urang teu bisa sagawayah narjamahkeun, eusina kudu tetep ngindung kana téks aslina. Narjamahkeun atawa nyundakeun mangrupa kagiatan anu kalintang hésé kusabab siswa teu ngawasa kandaga kecap basa Sunda. Rasa basa dina nalika narjamahkeun kawilang penting, jadi lain ngan ukur kecapna waé anu dirobah tapi nalika dibaca deui kudu merenah. Narjamahkeun tina basa Indonesia kana basa Sunda henteu bisa sakecap-sakecap, lantaran henteu kabéh kecap dina basa Indonesia bisa langsung ditarjamahkeun kana basa Sunda. Di sagédégeun éta adegan basa Suda téh béda jeung basa Indonesia. Dina kagiatan diajar-ngajar (KBM) kaparigelan guru kawilang penting, kusabab sangkan bisa ngirut siswa kana diajar narjamahkeun. Metode anu dipakéna sing bisa nimbulkeun sumanget siswa kana diajar narjamahkeun. Dina Satandar Kompetensi (SK) kelas X, disebutkeun yén dina kaparigelan nulis téh siswa dipiharep mampuh ngébréhkeun eusi pikiran, rasa, sarta kahayang dina rupa-rupa wangun tinulis mangrupa nulis tarjamahan/ narjamahkeun atawa aksara Sunda, surat, jeung biografi. Sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal sacara maksimal, materi ajar anu rék ditepikeun kudu ngagunakeun modél pangajaran anu variatif. Aya sababaraha rupa modél pangajaran anu bisa dijadikeun référénsi pikeun pangajaran nulis, di antarana nya éta modél pangajaran Kooperatif (cooperative learning) anu ngawengku: (1) Modél Student Team Achievment Division (STAD); (2) Modél Jigsaw; (3) Investigasi Kelompok (Group Investigation); (4) Modél Make a Match (nyieun pasangan); jeung (5) Modél TGT (Teams Games Tournaments). Dina ieu panalungtikan dipilih modél pangajaran Kooperatif tipe Student Team Achievment Division (STAD) pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa kana materi narjamahkeun kana basa Sunda. STAD mangrupa NO. salah 540/FPBS sahiji.0251/2013 modél pangajaran anu dianggap sederhana pikeun guru anyar anu ngagunakeun modél

3 pangajaran Kooperatif. Model pangajaran tipe Student Teams Achievment Division (STAD) numutkeun Abidin (2009:51) nya éta salah sahiji wangun pangajaran kooperatif tempat siswa diajar sacara kelompok, diskusi, pikeun manggihan jeung nyangkem kana konsép-konsép. Dumasar kasang tukang masalah diluhur, kukituna perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan tumerapna model STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda. Aya sababaraha panalungtikan anu ngulik ngeunaan modél STAD, diantarana nya éta: (1) Modél STAD pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sisindiran. Dina ieu panalungtikan kurang leuwih medar bédana kamampuh siswa nulis sisindiran saacan jeung sabada ngagunakeun modél STAD; (2) Modél Pangajaran STAD pikeun Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Undak Usuk Basa Basa Sunda. Ieu panalungtikan medar ngeunaan kamampuh siswa maké undak usuk basa; (3) STAD Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok. Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran STAD téh dipaké kana pangajaran maca, nya éta maca carita pondok. Bédana jeung panalungtikan saacana, panalungtikan ieu leuwih museurkeun kana éféktif atawa henteuna modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda. Naha kamampuh siswa téh bisa ngaronjat antara saacan jeung sabada ngagunakeun modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda kelas X. Luyu jeung pamadegan sarta pasualan diluhur, ku kituna panulis ngayakeun panalungtikan anu judulna Modél Student Team Achievment Division (STAD) dina Pangajaran Narjamahkeun Kana Basa Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-1 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013). 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Dina enas-enasna mah masalah aya kulantaran ayana tantangan, kasangsian kana hiji fénoména, ayana ambiguitas, ayana hahalang atawa cocoba, jeung ayana lolongkrang (gap) boh antar kagiatan, boh antar fénoména. Masalah panalungtikan mangrupa masalah tina hiji objek anu rék ditalungtik. NO. 540/FPBS.0251/2013 1.2.1 Watesan Masalah

4 Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurang mikaresepna siswa kana pangajaran narjamahkeun kualatan alesan siswa teu pati ngawasa kandaga kecap basa sunda. Dumasar kasang tukang di luhur, sangkan henteu lega teuing ambahanana, ku kituna panalugtikan diwatesanan pikeun nalungtik éféktifna modél STAD dina ngaronjatkeun kamampuh narjamahkeun kana basa Sunda siswa kelas X-1 nu diayakeun di SMAN 9 Bandung. Dumasar kana kasang tukang masalah, ieu panalungtikan baris medar ngeunaan éféktivitas modél STAD dina pangajaran narjamahkeuun kana basa Sunda (studi kuasi ékspérimén ka siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung taun ajaran 2012/2013). Anapon masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan kana tilu perkara nya éta: a. Narjamahkeuna diwatesanan narjamahkeun kecap jeung kalimah tina basa Indonesia kana basa Sunda, b. Narjamahkeun dina ieu panalungtikan nya éta narjamahkeun ku cara kecap per kecap, c. Modél anu digunakeun dina pangajaran narjamahkeun nya éta modél STAD. 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. a. Kumaha prak-prakan ngajarkeun materi narjamahkeun kana basa Sunda ka siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung Taun ajaran 2012/2013 ngagunakeun modél STAD? b. Kumaha kamampuh siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung Taun ajaran 2012/2013 dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda saméméh ngagunakeun modél STAD? NO. 540/FPBS.0251/2013

5 c. Kumaha kamampuh siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung Taun ajaran 2012/2013 dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda sabada ngagunakeun modél STAD? d. Sakumaha éféktifna modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda siswa kelas X-1 SMA Negeri 9 Bandung Taun ajaran 2012/2013? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngungkulan pasualan atawa kahéngkéran dina widang atikan jeung pangajaran hususna dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda di SMA kelas X, jeung bisa dijadikeun inspirasi guru nalika rék milih modél pangajaran sangkan kaayaan diajar leuwih kondusif jeung siswa ogé diajarna leuwih aktif. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun: a. prak-prakan ngajarkeun materi narjamahkeun kana basa Sunda ka siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung Taun ajaran 2012/2013 ngagunakeun modél STAD; b. kamampuh siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda saméméh ngagunakeun modél STAD; c. kamampuh siswa kelas X-1 SMAN 9 Bandung dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda sabada ngagunakeun modél STAD; d. eféktivitas modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda di kelas X-1 SMAN 9 Bandung. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré pangdeudeul pikeun sistem atikan dina hal nyiptakeun suasana NO. 540/FPBS diajar anu.0251/2013 éféktif

6 tur éfisién pikeun pangajaran basa Sunda hususna ngeunaan materi narjamahkeun kana basa Sunda sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal. 1.4.2 Mangpaat Praktis a. Pikeun guru, bisa nambahan pangaweruh dina milih modél pangajaran anu éféktif pikeun materi narjamahkeun kana basa Sunda sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina narjamahkeun kana basa Sunda ku cara ngagunakeun modél STAD; b. Pikeun siswa, bisa mikanyaho mangpaat modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda nepi ka minat jeung rasa sumanget diajar siswa bisa ngaronjatkeun kamampuhna dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda; c. Pikeun nu nalungtik, bisa mikanyaho babandingan kamampuh siswa dina kagiatan pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda anu henteu ngagunakeun modél STAD jeung anu ngagunakeun modél STAD; d. Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh hususna ngeunaan mangpaat modél STAD dina pangajaran narjamahkeun kana basa Sunda di kelas X SMA. 1.5 Raraga Tulisan Bab 1 Bab 1 téh mangrupa bab anu munggaran dina ieu skripsi. Bab hiji ngawengku kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeun ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga panulisan skripsi. Bab II Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan sacara leuwih jembar jeung leuwih jero. Bab dua ieu ngawengku kajian pustaka anu dijerona medar ngeunaan tiori modél pangajaran, modél STAD, jeung tiori ngeunaan tarjamahan. Dibahas ogé ngeunaan NO. 540/FPBS raraga.0251/2013 mikir, asumsi jeung hipotésis.

7 Bab III Bab III medar ngeunaan métode anu dipaké dina panalungtikan. Eusina ngeunaan pedaran anu rinci ngeunaan métode panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, di antarana: lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, prosés pengembangan instrumen, téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data. Dina nganalisis datana ngaliwatan sababaraha prosés diantarana diayakeun uji sipat data anu ngawengku uji normalitas, uji homogénitas jeung uji gain, tuluy sangkan mikanyaho modél STAD téh éféktif atawa henteu mangka diayakeun uji hipotésis. Bab IV Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Dina bab opat ieu ngawengku hasil panalungtikan jeung pembahasan, nya éta analisis data pikeun manggihan temuan anyar anu aya patalina jeung masalah panalungtikan, hipotesis, jeung tujuan panalungtikan, sarta pembahasan atawa analisis temuan. Bab V Bab V ngawengku kacindekan tina sakabéh pedaran anu geus dipedar jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun sangkan panalungtikan kahareupna bisa leuwih hadé. NO. 540/FPBS.0251/2013