Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

Transkripsi:

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Saméméh ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik kudu nataharkeun sagala rupa kaperluan pikeun kalancaran prosés panalungtikan. Ku kituna, dina ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun hiji desain, sangkan dina prak-prakanana lumangsung sacara sistematis. Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun nya éta: Desain Panalungtikan Tujuan Panalungtikan Ngadéskripsikeun: - unsur intrinsik jeung ekstrinsik nu aya dina novelét Jamparing. - ajén-ajén moral nu nyangkaruk dina novelét Jamparing. - psikologi perkembangan rumaja, utamana dina psikososialna. - bahan pangajaran anu saluyu pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran nyaritakeun eusi novél di SMP Kelas IX. Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber ngeunaan struktur novelét, ajén moral, psikologi perkembangan rumaja jeung bahan pangajaran. Ngayakeun panalungtikan ngaliwatan kajian teori anu aya dina buku jeung wawancara ka pangarang Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data. Nyieun kacindekan tina hasil ngolah data Bagan 3.1

36 3.2 Métode Panalungtikan Kecap métode mangrupa kecap serepan ti basa deungeun, nya éta basa Latén. Éta istilah téh asal kecapna tina methodos (meta: nyungsi, ngaliwatan, nurutan, atawa sanggeusna, jeung hodos: jalan, cara, atawa arah). Sacara umum métode dina panalungtikan dihartikeun minangka cara ilmiah pikeun meunangkeun data jeung tujuan sarta gunana nu tangtu. Disebut cara ilmiah téh hartina kagiatan panalungtikan didadasaran ku ciri-ciri paélmuan, saperti rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan dilakukeun ku cara-cara anu kaharti ku akal sangkan kahontal ku logika manusa. Émpiris hartina cara-cara anu dilakukeun téh bisa ditalungtik ku panca indra manusa. Sistematis hartina prosés anu digunakeun dina panalungtikan téh ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu nu sipatna logis. Data anu dicangking ngaliwatan panalungtikan nya éta data anu émpiris nu mibanda kritéria anu tangtu nya éta valid. Dumasar éta hal, métode panalungtikan bisa dihartikeun minangka cara ilmiah pikeun nyangking data anu valid sangkan bisa ditimukeun, dimekarkeun, jeung dibuktikeun, hiji pangaweruh nu tangtu sangkan dina waktuna bisa dipaké pikeun mahaman, ngaréngsékeun, jeung nyingkahan pasualan (Sugiyono, 2012:6). Dina raraga panalungtikan, saban panalungtik merlukeun métode pikeun ngahontal tujuan panalungtikanana. Ku kituna, métode anu digunakeun kudu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikanana. Dina ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun neuleuman tur ngadadarkeun unsur intrinsik anu diwatesanan saukur téma, galur, tokoh katut penokohan, latar carita, jeung unsur ékstrinsik, ajén moral anu aya dina novelét, psikologi perkembangan rumaja dina hal psikososialna, jeung luyu henteuna ieu panalungtikan pikeun bahan pangajaran nyarita kelas IX di SMP. Ditilik tina wangun jeung sipatna, métode anu dianggap loyog pikeun digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif, hartina data didadarkeun ngaliwatan kekecapan atawa gambar-gambar, lain dina wangun angka-angka (Semi, 1990:24). Tétéla dina ieu panalungtikan mah teu maké angka-angka anu kawengku ku wangun statistik. Dina prak-prakanana, métode

37 déskriptif téh henteu ukur ngumpulkeun jeung nyusun data wungkul, tapi dibarung ku analisa jeung interprétasi ngeunaan harti tina data (téks). Ku lantaran kitu, ieu métode sok disebut ogé métode analitik. Ratna (dina Meiwindra, 2011:57), nétélakeun yén métode déskriptif analitik téh nya éta salah sahiji métode panalungtikan anu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu aya dina téks, nu ditéma ku cara ngaanalisis atawa ngainterprétasi éta fakta. 3.3 Wangenan Operasional 1) Ajén nya éta gambaran ngeunaan naon anu dipikahayang, anu pantes, miboga harga, jeung bisa mangaruhan paripolah sosial tina jalma anu miboga éta ajén. 2) Moral nya éta pangajaran hadé jeung goréngna ngeunaan kalakuan (ahlak). 3) Psikologi Perkembangan Rumaja nya éta cabang tina psikologi perkembangan anu nalungtik perkembangan paripolah rumaja boh sacara fisik boh sacara mental jeung kognitifna. 4) Novelét nya éta wangun karya sastra Sunda mangrupa prosa anu panjangna antara novel jeung carpon tapi wengkuanana leuwih jembar tibatan carpon, saperti dina plot, téma jeung unsur-unsur séjénna. 5) Nyarita nya éta kamampuh ngucapkeun sora-sora artikulasi pikeun ngungkarakeun, nepikeun pikiran, gagasan, jeung perasaan. 6) Bahan pangajaran nyarita nya éta matéri pembelajaran anu sacara umum ngawengku pangaweruh, kaparigelan, sikep, nu kudu diteuleuman ku siswa dina raraga ngahontal standar kompeténsi anu geus ditangtukeun. 3.4 Instrumén Panalungtikan Instrumén digunakeun pikeun pakakas panalungtikan atawa pakakas ngumpulkeun data. Arikunto (2010:136) méré pamadegan yén anu disebut instrumén panalungtikan téh nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan leuwih gampang, tur hasilna leuwih alus, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung ngéntép seureuh. Dina ieu

38 panalungtikan ngagunakeun tilu instrumén, nya éta kartu data, padoman wawancara, jeung kaméra digital. 3.4.1 Kartu Data Kartu data digunakeun pikeun nimukeun data-data anu aya dina téks, jadi sumber data téh leuwih gampang diwilah-wilahna. Conto Kartu Data 1. No 2. Ajén moral/psikologi perkembangan.. 3. Cutatan carita.. 4. Kaca... 3.4.2 Kaméra Digital Kaméra digital mangrupa pakakas anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun informasi-informasi salila prosés ngawawancara narasumber. Narasumber di dieu nya éta pangarang anu karyana jadi objék panalungtikan. Jadi, panalungtik teu kudu nyalin deui kana wangun tinulis informasi anu ditepikeun ku narasumber. 3.4.3 Padoman Wawancara Dina prak-prakanana wawancara, saméméhna panalungtik kudu miboga padoman wawancara sangkan dina prosésna lumangsung kalayan lancar. Padoman dina ieu panalungtikan nya éta: I. Data Narasumber Jenengan : Yuswa : Atikan : Pakasaban : II. Daptar Patalékan 1. Naon anu jadi inspirasi dina nulis carita ngeunaan rumaja? 2. Saupama ditilik tina eusi carita, naha teu pati midangkeun kahirupan rumaja anu sababaraha palakuna sakola di sakola anu islami?

39 3. Ditilik tina sampul hareupna, naha éta téh mangrupa réprésentasi rumaja anu ideal? 4. Kumaha kahirupan rumaja nalika ieu karya dikarang? 5. Kumaha kaayaan sosial nalika ieu karya dikarang? 6. Naon bédana kahirupan rumaja anu dicaritakeun dina novelét jeung kahirupan rumaja kiwari? 7. Kumaha sawangan ibu patali jeung moral anu hadé, anu kudu dipibanda ku pararumaja? 3.5 Sumber Data Nurutkeun Arikunto (2010:172), sumber data nya éta subjék ti mana data bisa dimeunangkeun. Sumber data diklasifikasi jadi tilu bagian, nya éta: 1) Person, nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan, ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis ngaliwatan angkét. 2) Place, nya éta sumber data anu méré titingalian mangrupa kaayaan cicing (ruangan, kalengkepan pakakas, jsb), jeung anu gerak (kagiatan gawé, kagiatan diajar, jsb). 3) Paper, nya éta sumber data anu midangkeun tanda-tanda mangrupa aksara, angka, gambar, atawa simbol liana. Dina ieu panalungtikan, anu dijadikeun sumber data anu mangrupa paper nya éta novelét Jamparing. Sedengkeun anu jadi sumber data mangrupa person nya éta pangarang novelét Jamparing.

40 3.5.1 Déskripsi Novelét Novelét Jamparing mangrupa novelét katilu karya Chyé Rétty Isnéndés anu medal taun 2012. Katitén tina sampul hareup bukuna aya gambar lima wanoja maraké saragam sakola SMP. Unggal wanoja miboga ciri anu béda, utamana katingali tina ciri fisikna. Aya Érinawati anu buukna panjang saimbit, Élis anu buukna galing jeung awakna pendék, Lina anu jangkung leutik, Éla anu rarayna buleud, jeung Citra anu buukna satonggong jeung awakna jangkung begang. Éta kalima wanoja téh babaladan maké ngaran Jamparing (Jamparing Cinta lengkepna), nyapertikeun simbul gambar jamparing anu ngabelesat. Saeutikna bisa katebak kumaha eusi caritana dititén tina sampul bukuna, moal jauh tina dinamika jeung pasualan rumaja. Novelét pedalan Wisata Literasi ieu téh kandelna 44 kaca, pantes saupama kaasup novelét anu sakali maca bisa réngsé. Dina sampul tukangna, pamedal némbongkeun foto pangarang jeung nyieun ringkesan eusi novelétna. Nu diringkesna téh nya éta konflik antara géng Jamparing ti SMP Muhammadiyah jeung géng Bangbara ti SMP Negri. Anu jadi mimiti papaséanana téh tina hal nu teu pira, pédah sok pahina-hina sakola. Pernahna

41 SMP Muhammadiyah anu dilingkung ku sawah sok dipoyokan ku sora bangkong. Kitu deui, pernahna SMP Negri téh deukeut pisan jeung peternakan hayam, sok disebut ku sora hayam pepetok. Antukna, dua géng éta téh baris tepung di tegalan Ciganas minangka lajuning laku tina tangtangan. 3.5.2 Biografi Singget Pangarang Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi. Lahir ping 02 Désémber 1972. TK, SD, Madrasah, SMP, jeung SMA-na di Sukabumi. Taun 1993 kuliah S1 di IKIP Bandung, lulus taun 1998. Taun 2002 nuluykeun kuliah S2 di UGM, lulus taun 2004. Taun 2010 nuluykeun deui kuliah S3 di UPI. Taun 2011 kungsi mukim tilu bulan di Walanda lantaran meunang béasiswa Sandwich-Like KTL pikeun risét kepustakaan disertasina. Mimiti resep nulis sajak ti SD kénéh (dina basa Indonésia), di SMP mimiti nulis sajak dina basa Sunda. Taun 1994 sajak jeung carponna mimiti dipublikasikeun dina Manglé. Satuluyna tulisan-tulisanana (utamana sajakpuisi) dimuat dina Turus, Galura, Kujang, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Bandung Pos, jeung Galamédia. Nepi ka kiwari, nulis 200-an sajak, 75-an carpon, jeung tilu novelét. Novelét anu kahiji dikarang taun 1996, judulna Gupay Tineung Gupay Ludeung. Nu kadua, Handeuleum na Haté Beureum, dikarang taun 1998. Nu katilu nya éta novelét Jamparing anu medal taun 2012. Sanajan karyana leuwih loba anu mangrupa sajak, tapi dina nyieun karya anu mangrupa novelét ogé aya punjulna. Utamana dina novelét anu katilu, nya éta novelét Jamparing anu medal dina taun 2012. Dua novelét deui mah teu kungsi dibukukeun, mung jadi carita nyambung dina majalah Manglé. 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data Nurutkeun Suyatna (2002:18), téhnik panalungtikan nya éta mangrupa salasahiji tarékah atawa cara nu kudu dilakukeun dina métode nu tangtu,

42 sangkan tujuan anu dituju dina hiji panalungtikan bisa kahontal. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka, jeung téhnik wawancara. 1. Téhnik Studi Pustaka Téhnik studi pustaka mangrupa cara pikeun nyangking tiori-tiori anu aya patalina jeung hal anu keur ditalungtik. Dina ieu talaah diperlukeun babanding atawa cecekelan dina ngalakukeun panalungtikan. Ieu studi pustaka bisa dilakukeun ku cara ngumpulkeun data-data nu sumberna ti pabukon nu mangrupa buku-buku, dokumén-dokumén, jeung sajabana pikeun dijadikeun pangdeudeul dina nyusun laporan. Aya tilu kritéria dina studi pustaka (Sugiyono, 2012:398), nya éta relevansi (tiori nu digunakeun saluyu jeung masalah nu keur ditalungtik), kemutakhiran (tiori atawa référénsi anu digunakeun nya éta nu masih anyar), jeung kaaslian (sumber nu asli). 2. Téhnik Wawancara Wawancara digunakeun minangka téhnik ngumpulkeun data lamun panalungtik hayang nyaho leuwih jero informasi ti réspondén. Ieu téhnik dumasar kana laporan ngeunaan diri sorangan (self-report), atau pangaweruh jeung kayakinan pribadi. Wawancara anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta wawancara semiterstruktur. Dina lumangsungna ieu wawancara dilakukeun sacara leuwih bébas upama dibandingkeun jeung wawancara terstruktur. Réspondén dibéré patalékan anu geus disiapkeun, tapi lamun aya sawangan séjén saluareun patalékan bisa ditepikeun, asal masih aya patalina jeung pasualan utama. Tujuan dilaksanakeunana ieu wawancara nya éta sangkan bisa nimukeun data atawa informasi anu leuwih jero deui sarta narasumber bisa dipénta sawangan jeung ide-idena, utamana ngeunaan hal-hal anu patalina jeung pangarang sacara teu langsung dina hasil karya fiksi.

43 3.7 Analisis Data Data anu geus kakumpul tuluy dianalisis sangkan ngahasilkeun kacindekan tina panalungtikan anu dilaksanakeun. Nurutkeun Bogdan (Sugiyono, 2012:334), analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu dicangking tina hasil wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara ngaorganisasikeun data kana kategori, ngadadarkeun kana unit-unit, ngalakukeun sintésa, nyusun kana pola, milih mana nu penting jeung anu bakal diulik, jeung nyieun kacindekan sangkan gampang dipahaman ku sorangan atawa ku nu lian. Dina tahap analisis data, anu jadi puseur garapanana nya éta: 1) Neuleuman data-data. 2) Ngawilah-wilah data. 3) Nyirian data anu nuduhkeun déskripsi ngeunaan ajén moral jeung psikologi perkembangan rumaja. 4) Ngadéskripsikeun data anu geus dianalisis. 5) Ngaimplikasikeun hasil analisis data kana pangajaran nyarita ku cara dijieun ringkesan novelét 6) Nyusun silabus jeung RPP dumasar kana SK-KD. 7) Nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.