BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

dokumen-dokumen yang mirip
2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013


BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB IV HASIL PENELITIAN DAN PEMABAHASAN. Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diambil berdasarkan bagian-bagian karya

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ayana prosés komunikasi téh lantaran manusa butuh pikeun ngedalkeun eusining uteuk katut haté. Ku kituna, manusa salaku makhluk sosial teu leupas tina patalimarga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan kalawan ngedalkeun pikiran, gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan. Unggal basa nu dipaké ku panyaturna, pasti dipangaruhan ku rupa-rupa faktor, di antarana, saha nu nyarita jeung diajak nyarita, katut iraha jeung di mana lumangsungna prosés komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan élmu pragmatik anu nétélakeun bagbagan makéna basa keur kaperluan anu tangtu dina hiji komunikasi, kumaha patalina kalimah nu luyu jeung pangabutuh nu makéna. Atawa kumaha cara milih basa anu keuna tur luyu jeung pangabutuh nu makéna (Levinson, dina Sudaryat, 2003: 9-10). Dina pamakéanana, basa bisa dipaké dina wangun fiksi jeung non fiksi. Basa dina wangun fiksi teu saukur ngaitkeun tanda jeung naon nu dimaksudna wungkul, tapi ogé mangrupa wujud éksprési pangarang anu di jerona aya idé, gagasan atawa amanat anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pakaitna basa jeung sastra téh bisa katempo tina hasil karya sastra. Sarta tulisan nu diwangun ku élmuning basa. Salah sahiji widang ulikan basa nu ditalungtik nya éta ngeunaan pragmatik. Pragmatik maluruh patalina tindak basa jeung konteks tempat, waktu, kaayaan pamakéan katut patalina ma na jeung anéka situasi ungkara. Sakumaha nu dipedarkeun ku Levison (1983) dina F.X. Nandar (2009: 5): Pragmatik adalah suatu istilah yang mengesankan bahwa sesuatu yang sangat khusus dan teknis sedang menjadi objek pembicaraan, padahal istilah tersebut tidak mempunyai arti yang jelas.

Jadi, pragmatik mah maluruh jeung nalungtik maksud omongan, lain ma na omongan, ku kituna pragmatik téh élmu ngeunaan hubungan antara lambang jeung panafsiran (Poerwo 1990: 15). Ulikan pragmatik nu ditalungtik ngeunaan fungsi Lokusi, Ilokusi, jeung Perlokusi. Austin (1962) dina Chaer (2010: 53) ngabagi tindak tutur kana tilu rupa, nu kahiji Tindak lokusi (lecutionary act) nya éta polah ucap dina wangun kalimah nu ngabogaan ma na jeung bisa dipaham. Tindak ilokusi (illecitionary act) nya éta polah ucap nu biasana dipaluruh ku kalimah performatif nu éksplisit. Tindak perlokusi (perlocutionary act) nya éta polah ucap nu aya hubunganana jeung sikep non linguistik ti paregepna sorangan. Searle (1975) dina Chaer (2010: 29) ngabagi fungsi tindak tutur jadi lima, nya éta fungsi assertif atawa representatif, fungsi anu ngawawarkeun jeung medar ngeunaan hiji hal saayana, bener atawa salahna, fungsi direktif, fungsi anu meredih sangkan pamiarsa ngalakukeun hiji hal, fungsi komisif, fungsi anu meredih sangkan panyatur ngalakukeun hiji hal anu aya dina jero omonganana, fungsi éksprésif, fungsi anu ngébréhkeun rasa panyatur sacara psikologis dumasar kana pangalamanana, jeung fungsi déklaratif, anu tujuanana pikeun ngarobah kaayaan ngaliwatan omonganana. Dina ieu panalungtikan baris medar ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Salah sahijina nyaéta dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby, naskah saduran tina naskah judulna Ke karya Yudhistira ANM Massardi nu dilélér pinunjul ka-3 dina Sayembara Penulisan Naskah Sandiwara Indonesia, anu mibanda unsur-unsur kalimah nu bisa dianalisis dumasar kana tiori katatabasaan. Di antarana ngeunaan analisis fungsi tindak tutur dina naskah drama. Panalungtikan ngeunaan analisis pragmatik saacanna di antarana waé: Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Naskah Drama Sunda Karangan Siswa Kelas XII IPA SMA Sindangkasih Kab. Ciamis Taun Ajaran 2010/2011 ku (Endhang Mardhayanty, 2011), Adegan Pragmatis Kalimah Pananya dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem Karangan Duduh Durahman ku (Irma Dewi Kharisma, 2008), Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Karangan Paguneman

Pérsuasif Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran 2010/2011 ku (Dian Cesar Maharani, 2011), Adegan Pragmatis Kalimah Singgetan dina Novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbrian Karya Tatang Sumarsono pikeun Bahan Pangajaran di SMP ku (Andika Wibowo, 2010), Adegan Pragmatis Kalimah Paréntah dina Kumpulan Carpon Dukun Lepus Karangan Ahmad Bakri ku (Aryani Purbasari, 2008), Analisis Kalimah Pragmatis dina Naskah Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP ku (Septiadi Angga Yuda, 2012). Panalungtikan saacanna miboga sasaruaan medar ngeunaan wangun, harti, jeung adegan kalimah pragmatis. Bédana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun nya éta panalungtikan nu di luhur teu medar ngeunaan tindak tutur anu nyoko kana wanda jeung fungsi tindak tuturna. Dumasar kana kasang tukang éta, dicindekkeun yén can aya panalungtikan séjén ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama. Ku kituna, ieu panalungtikan museur kana analisis fungsi lokusi, ilokusi, jeung perlokusi dina Naskah Drama Meredong karya Rosyid E. Abby. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang masalah, sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanna ku kituna perlu diwatesannan dina panalungtikanna. Ieu panalungtikan medar ngeunaan wanda jeung fungsi tindak tutur dina wacana paguneman/drama, analisina nyoko kana tilu wanda tindak tutur, nya éta lokusi, ilokusi jeung perlokusi sarta lima rupa wanda fungsi tindak tutur anu numutkeun Searle dina Chaer (2010: 29), nya éta: fungsi asértif atawa répreséntatif, fungsi diréktif, fungsi éksprésif, fungsi komisif jeung fungsi déklarasi, dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby.

1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah jeung kasang tukang, ieu panalungtikan boga sababaraha masalah anu kudu dirumukeun. Masalah nu baris ditalungtik dirumuskeun dina wangun panya ieu dihandap. a) Kumaha wanda tindak tutur dina naskah drama Meredong? b) Kumaha fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong? 1.3 Tujuan Panalungtikan Patali jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan nu rék dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus. 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta maluruh fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a) Wanda tindak tutur dina naskah drama Meredong. b) Fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh sarta pikeun jadi pangdeudeul dina paélmuan katatabasaan utamana pragmatik, katut jadi salah sahiji référénsi pikeun kaperluan-kaperluan nu aya pakaitna jeung panalungtikan anu medar ngeunaan naskah drama.

1.4.2 Mangpaat Praktis Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun: a) Panalungtik jeung umum sangkan méré pangaweruh dina widang katatabasaan, hususna dina analisis pragmatis b) Méré pangaweruh ngeunaan fungsi tindak ujar dina naskah drama Meredong karya Rosyid E. Abby. c) Jadi bahan tinimbang guru-guru dina nyusun sumber pangajaran. 1.5 Raraga Tulisan BAB I Bubuka, ngajéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu pakait jeung analisis fungsi tindak tutur dina naskah drama. BAB II Ulikan Tiori, ngajéntrékeun tiori-tiori anu dipaké dina ieu panalungtikan. Medar ngeunaan pragmatik ti mimiti wangenan pragmatik, wangenan tindak tutur, fungsi-fungsi tindak tutur jeung wangenan drama. BAB III Metode Panalungtikan, ngajéntrékeun métode panalungtikan dina ieu panalungtikan. Métode panalungtikan anu baris dipaké nya éta métode déskriptip analitis. BAB IV Analisis Fungsi Tindak Tutur dina Naskah Drama Meredong, ngajéntrékeun hasil panalungtikan. Ngeunaan fungsi tindak tutur dina naskah drama Meredong. BAB V Kacidekan, ngajéntrékeun kacindekan sarta saran tina hasil panalungtikan pikeun nu maca ieu panalungtikan.