BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

PANGARUH MÉDIA GAMBAR KANA KAMAMPUH NULIS KARANGAN DÉSKRIPSI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 1 LEBAKWANGI KABUPATEN KUNINGAN

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

HAND OUT TEORI MEMBACA

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB IV HASIL PENELITIAN DAN PEMABAHASAN. Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diambil berdasarkan bagian-bagian karya

Transkripsi:

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Prosés diajar-ngajar anu éféktif ditandaan ku ayana minat jeung perhatian siswa kana prosés pangajaran. Minat mangrupa hiji sifat anu rélatif netep dina diri hiji jalma. Minat gedé pangaruhna kana diajar lantaran ku ayana minat hiji jalma bakal ngalakukeun hiji hal kalawan daria. Dina hakékatna, saban jalma miboga minat kana diajar. Ku kituna, guru salaku pananggungjawab kana kagiatan diajar ngajar sakuduna narékahan sangkan minat siswa kana diajar beuki ngaronjat. Salasahiji cara pikeun ngaronjatkeun hasil diajar siswa nya éta ku cara ngagunakeun média pangajaran anu ngirut ati. Média pangajaran anu ngirut ati bisa nyiptakeun suasana anu pikaresepeun pikeun siswa nalika lumangsungna prosés diajar ngajar, hususna dina pangajaran basa Sunda. Dumasar hasil panitén di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya, pangajaran basa Sunda hususna pangajaran ngaregepkeun jarang ngagunakeun média. Pangajaran ngaregepkeun dianggap pangajaran anu pikaboseneun. Faktor anu ngabalukarkeun rasa bosen siswa téh aya di guruna jeung dina diri siswana sorangan. Faktor ti dirina sorangan nya éta siswa anu kurang bisa maham sarta nyangkem kana matéri. Sedengkeun faktor ti guruna nya éta kurang kréatif dina ngagunakeun alat sarta média pangajaran. Kamekaran dina widang téhnologi tangtuna méré pangaruh anu gedé pikeun dunya atikan. Di jaman anu geus sagala canggih tangtuna loba jalma anu parigel ngagunakeun téhnologi kaasup siswa. salaku guru, urang teu meunang éléh géléng ku

2 siswa, sabisa-bisa guru kudu leuwih kréatif jeung inovatif nalika ngajar sangkan matéri anu ditepikeun ka siswa bisa gancang ditarima kalawan teu pikaboseneun. Di sagigireun hal éta, kaparigelan ngaregepkeun mangrupa kaparigelan anu pangheulana dipikawanoh ku manusa, tuluy nyarita, dituturkeun ku maca jeung nulis. Ku kituna, teu salah upama ngaregepkeun mangrupa kagiatan anu panglobana dilakukeun ku manusa. Hal ieu dibuktikeun ku salasahiji panalungtikan anu dilakukeun ku De Vito (Hermawan, 2012: 31). Ieu panalungtikan méré gambaran komparatif ngeunaan aktivitas ngaregepkeun anu dilakukeun ku jalma dewasa jeung mahasiswa. Nurutkeun De Vito, jalma dewasa ngagunakeun 45% waktuna pikeun ngaregepkeun, 30% pikeun nyarita, 16% pikeun maca, sarta 9% pikeun nulis, sedengkeun mahasiswa ngagunakeun 53% pikeun ngaregepkeun, 16% pikeun nyarita, 17% pikeun maca sarta 14% pikeun nulis. Tina data panalungtikan di luhur, sacara kuantitatif kagiatan anu panglobana dilakukeun dina aktivitas komunikasi sapopoé nya éta ngaregepkeun, tapi sacara kualitatif ieu kagiatan téh masih kurang éféktif. Ku lantaran kitu kagiatan ngaregepkeun perlu dironjatkeun sangkan leuwih éféktif. Ngaregepkeun mangrupa salasahiji kaparigelan anu kudu dikawasa ku siswa dina kagiatan diajar ngajar. Siswa kudu bisa ngaregepkeun naon anu ditepikeun ku guruna kalawan hadé. Upama siswa teu bisa ngaregepkeun sacara bener/hadé, otomatis naon anu ditepikeun ku guru teu asup kana uteukna. Jadi, kahontal henteuna tujuan pangajaran ditangtukeun ku hadé goréngna siswa dina ngaregepkeun. Dumasar éta hal, antukna ngaregepkeun téh pohara pentingna pikeun siswa. Tapi dina kanyataanana, pangajaran ngaregepkeun téh kurang diperhatikeun ku siswa atawa bisa jadi dianggap salaku perkara nu leutik/céték. Hal éta ngabalukarkeun siswa kurang maksimal dina pangajaran ngaregepkeun. Ku lantaran kitu, guru kudu milih atawa nangtukeun kumaha carana sangkan pangajaran

3 ngaregepkeun téh bisa lumangsung kalawan hadé. Ieu hal katitén tina prosés pangajaran basa Sunda di kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya, anu ngan saukur nekenkeun kana tiori jeung pangaweruh hungkul, sedengkeun latihan kurang diperhatikeun hususna kaparigelan ngaregepkeun. Balukar teu kalaksanana pangajaran ngaregepkeun anu hadé, antukna kaparigelan ngaregepkeun, hususna ngaregepkeun dongéng masih kénéh handap. Dumasar hasil pangamatan, kahéngkéran dina pangajaran ngaregepkeun dongéng anu kapanggih dina objék panalungtikan, nya éta: (1) siswa kurang maham kaparigelan ngaregepkeun dongéng; (2) mangpaat anu dicangking tina kagiatan ngaregepkeun dongéng kurang karasa ku siswa, anu antukna ngabalukarkeun siswa jadi kurang antusias/saregep; (3) penggunaan média pangajaran di SMAN 1 Manonjaya anu masih saeutik/teu sakabéh guru; (4) tehnik pangajaran dina ngaregepkeun dongéng anu kurang variatif. Hal-hal éta anu jadi cukang lantaran kamampuh ngaregepkeun siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya masih di handap KKM (Kritéria Ketuntasan Minimal). Pikeun ngungkulan masalah-masalah di luhur, perlu diayakeun pangajaran berbasis média. Hal éta dilakukeun sangkan kaparigelan siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng ngaronjat. Ku ngaronjatna hasil diajar siswa, dipiharep tujuan pangajaran ogé baris kahontal. Média anu cocog pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngaregepkeun nya éta média audio visual. Sakumaha anu diébréhkeun ku panalungtikan saacanna, di antarana: (1) ngaliwatan média audio visual, niléy ratarata pangajaran ngaregepkeun tembang pupuh sekar ageung ngalaman paningkatan tina siklus I anu gedéna 83, 95 ningkat jadi 91,05 dina siklus II (Barliani, 2013: 57); (2) kamampuh ngaregepkeun kelas éksperimén anu ngagunakeun média audio visual ngalaman paningkatan anu signifikan nya éta 9,6 tina skala niléi 100 dibandingkeun jeung kelas kontrol anu teu ngagunakeun média audio visual (Suparno, 2012: 134).

4 Ku lantaran hasil ahir anu ningkat sarta acan aya panalungtikan ngeunaan pangaruh média audio visual kana pangajaran ngaregepkeun dongéng di kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya, antukna panulis kairut pikeun ngalapkeun média di luhur kana pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngaregepkeun Dongéng (Kuasi Eksperimen di Kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya Taun Ajaran dilaksanakeun. 1.2 Idéntifikasi, Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Dumasar kasang tukang di luhur, aya sababaraha kahéngkéran dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, di antarana: (1) siswa kurang kairut nalika pangajaran ngaregepkeun dongéng; (2) mangpaat anu dicangking tina kagiatan ngaregepkeun dongéng kurang karasa ku siswa, anu antukna ngabalukarkeun siswa jadi kurang antusias/saregep; (3) prosés diajar ngajar hususna pangajaran ngaregepkeun dongéng anu teu ngagunakeun média disababkeun ku guruna anu teu ngawasa kana média pangajaran. 1.2.2 Watesan Masalah Sangkan panalungtikan teu lega teuing, panalungtik ngawatesan masalah kana materi pangajaran ngaregepkeun dongéng ngagunakeun audio visual salaku media pembelajaranana. 1.2.3 Rumusan Masalah

5 Dumasar kana watesan masalah di luhur, dirumuskeun sawatara masalah saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas éksperimén di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saacan jeung sabada ngagunakeun média audio visual? 2) Kumaha kamampuh siswa kelas kontrol di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saacan jeung sabada ngagunakeun média konvensional (teu ngagunakeun média audio visual)? 3) Sabaraha tingkat signifikansi antara kelas éksperimen anu ngagunakeun média audio visual jeung kelas kontrol anu ngagunakeun média konvénsional dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya? 4) Naha média audio visual éféktif pikeun ngaronjatkeun pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Ieu panalungtikan tujuanna pikeun nyalusur salasahiji média anu luyu pikeun pangajaran ngaregepkeun dongéng di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya, ku cara ngagunakeun média audio visual sangkan dina prosés diajar ngajar bisa ngagunakeun média pangajaran anu leuwih variatif sarta bisa ngiru minat siswa. 1.3.2 Tujuan Khusus Anu jadi tujuan husus dina ieu panalungtikan, nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

6 1) kamampuh siswa kelas éksperimén di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saacan jeung sabada ngagunakeun média audio visual; 2) kamampuh siswa kelas kontrol di SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saacan jeung sabada ngagunakeun média konvensional (teu ngagunakeun média audio visual); 3) tingkat signifikansi antara kelas éksperimen anu ngagunakeun média audio visual jeung kelas kontrol anu ngagunakeun média konvénsional dina pangajaran ngaregepkeun dongéng siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya; jeung 4) eféktivitas média audio visual dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun dongéng siswa kelas X SMAN 1 Manonjaya Tasikmalaya. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. 1.4.2 Mangpaat Praktis Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan didadarkeun ieu di handap. 1) Guru

7 Pikeun guru basa Sunda, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan tinimbangan dina ngalaksanakeun prosés KBM (Kegiatan Belajar Mengajar) hususna dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. 2) Siswa Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan ngaregepkeun dongéng ngagunakeun média pangajaran anu luyu, sangkan bisa ngaronjatkeun kamampuhna, bisa ngabantuan siswa ngungkulan kahéngkérankahéngkéran dina pangajaran ngaregepkeun dongéng, lian ti éta bisa ningkatkeun sumanget diajar siswa hususna dina pangajaran ngaregepkeun dongéng. 3) Lembaga Pikeun lembaga ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan média pangajaran anu éféktif pikeun pangajaran ngaregepkeun dongéng. 4) Panalungtik Pikeun panalungtik ogé dipiharep bisa mikanyaho kamampuh siswa dina pangajaran ngaregepkeun dongéng saacan jeung sabada ngagunakeun média pangajaran berbasis audio visual. Sarta bisa dijadikeun pangalaman sangkan leuwih kréatif jeung inovatif dina ngalakukeun panalungtikan. 5) Maca Pikeun anu maca, dipiharep bisa nambahan pangaweruh hususna ngeunaan mangpaat média pangajaran berbasis audio visual kana pangajaran ngaregepkeun dongéng.

8 1.5 Sistematika Tulisan Sistematika tulisan dina ieu panalungtikan nyoko kana lima bab, di antarana: BAB I: Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, metodé, jeung sistematika penulisan. Dina ieu bab eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu ditalungtik. BAB II: Kajian teori. Medar ngeunaan média pangajaran, Média pembelajaran berbasis audio visual, léngkah-léngkah pangajaran, téori ngaregepkeun, wangenan ngaregepkeun, jenis-jenis/wanda ngaregepkeun,tiori ngeunaan dongéng, papasingan dongéng, unsur-unsur dongéng, raraga tiori jeung hipotésis. BAB III: Metodologi panalungtikan medar ngeunaan metode panalungtikan, populasi jeung sampel, tehnik pengumpulan data jeung tehnik analisis data. Pikeun nganalisis data hasil panalungtikan aya di BAB IV. Anu pamungkas BAB V: Kacindekan jeung saran.