BAB I BUBUKA 1.1.Kasang Tukang Masalah Kamampuh ngagunakeun basa ngabédakeun antara manusa jeung sato. Basa nyaéta lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2011:2). Basa mangrupa ciptaan Pangéran nu kacida gedé pisan mangpaatna pikeun hirup kumbuh manusa dina ngalakonan hirup jeung papada manusa di masarakat. Basa Sunda mangrupa basa indung nu dijadikeun tatali marga pikeun masarakat Sunda nu tumuwuh di wewengkon Jawa Barat. Kiwari jaman geus ngalaman parobahan. Aya nu robah kana kahadéan, tapi teu saeutik anu robah kana kagoréngan. Parobahan jaman nu ngabalukarkeun sagala rupa hal alus jeung goréng, anu mangaruhan kana tata kalakuan masarakat Sunda khususna. Media-media informasi nu nyampak, ngabalukarkeun masarakat manggihan hal anyar nu asalna ti luar wilayah kasundaan. Ahirna masarakat ngan ukur bisa nurutan hal naon nu ditempo jeung didéngé bari jeung teu disaring mana nu hadé jeung mana anu goréng. Manusa dina enas-enasna miboga dua fungsi nyaéta salaku mahluk individu jeung mahluk sosial, minangka mahluk individu hartina manusa téh mahluk nu mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun nyaéta ngahijina jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial hartina manusa henteu bisa hirup sosoranganan, tapi butuh jalma séjén dina kahirupanana. Manusa hirup dina hiji kelompok nu disebut masarakat. Dina kahirupan masarakat bakal aya kabiasaan-kabiasaan dumasar kana akal budi nu dipiboga ku manusa. Saterusna ieu kabiasaan téh ngawengku cara mikir jeung tindak laku anu sok disebut kabudayaan. Tina kabudayaan nu aya di lingkungan éta masarakat, bisa némbongkeun hiji ciri anu husus tina masarakat éta sorangan. Minangka cicirén anu masih kénéh dicekel pageuh ku hiji masarakat di jaman globalisasi anu sarwa canggih ieu, ngajadikeun hiji hal anu unik tina budaya lokalna. Kasebutkeun hadé pisan saumpama urang di éra sarwa moderen kieu masih kénéh ngarérét kana kearifan budaya lokal titinggal karuhun, sabab
2 saupama dititénan bener-bener loba mangpaat jeung informasi budaya hasil kreaatifitas karuhun anu bisa diguar di jaman kiwari. Koentjaraningrat ngébréhkeun yén kabudayaan nyaéta sakabéh sistem ide, tindakan, sarta hasil karya manusa dina raraga kahirupan masarakat anu dijadikeun milik diri manusa. Dina bukuna Ilmu Antropologi, Koentjaraningrat (2009:165) nyebutkeun tujuh unsur-unsur budaya anu sipatna universal anu salasahijina nyaéta basa. Kabudayaan mangrupa hasil prosés mikir nu jero tur waktu nu panjang. Unggal wewengkon boga ciri has budayana séwang-séwangan. Koentjaraningrat (1985:2) nétélakeun yén sacara universal kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya, nyaéta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, 7) sistem téhnologi jeung pakakas. Ku ayana kamekaran jaman jeung teknologi anu makin canggih, dibarengan ku ngaronjatna kamampuh manusa dina interaksi sosial. Kiwari sukusuku bangsa anu aya di Nusantara anu ngahiji dina budaya nasional, leuwih condong kana kabudayaan industri, lain kaarifan budaya lokal titinggal karuhun. Dina satukangeun ayana suku bangsa anu kapangaruhan ku budaya industri téh aya kénéh sawatara suku bangsa anu tetep mertahankeun budaya jeung adat tradisionalna sorangan, saperti Masarakat Kampung Naga contona anu perenahna di Desa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Sakumaha anu geus loba katitén, yén Kampung Naga téh nyaéta kampung adat anu sacara husus geus jadi padumukan warga Kampung Naga. Kampung anu kawilang teu pati gedé tapi éndah, sejuk, asri, sakurilingna téh ngalir Walungan Ciwulan. Anu leuwih matak ngirutna deui téh Kampung Naga ngabogaan khazanah budaya jeung kaayaan lingkungan anu teu jauh béda kahélokanana jeung kampung adat lianna, saperti Kampung Dukuh jeung Kampung Pulo anu perenahna di Garut, Kampung Kuta di Ciamis, Kampung Mahmud di Kabupatén Bandung, Kampung Urug di Bogor, jeung Baduy di Kanekes Banten.
3 Masarakat Kampung Naga lolobana jadi tukang tani jeung buruh di lahana masing-masing, anu gedena teu kawilang gede. Kusabab hasil tatanén kurang nyukupan, masarakat Kampung Naga nyiar pakasaban anu lianna saluareun tatanén. Saperti, jadi tukang karajinan anyaman tina awi, karajinan rumah tangga, jeung industri leutik sejenna. Hampir unggal pakasabanana ngokolakeun hasil alamna. Ku pakasaban saayana saperti anu ditétélakeun saméméhna, naha warga masarakat Kampung Naga bisa hirup rahaja jeung ngarasa kacukupan atawa masih kénéh kakurangan. Ku ayana sistem jeung konsép hirup anu béda antara masarakat modern saperti umumna jeung masarakat kampung adat saperti di Kampung Naga ku kituna, perlu panalungtikan anu fokusna kana kaarifan budaya lokal di Masarakat Kampung Naga, hususna dina sitem pakasaban masarakat Kampung Naga. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga anu raket jeung adat budayana. 1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang nu geus diébréhkeun di luhur, sangkan bisa leuwih museur jeung puguh jujutanana, tur tangtu teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesan museur kana perkara sistem pakasaban anu diwariskeun sacara turun tumurun di masarakat Kampung Naga. 1.2.2. Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap: a. Kumaha kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga? b. Kumaha sistem pakasaban masarakat Kampung Naga? c. Kumaha prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga? d. Ajén-ajén lokal naon waé anu aya di Kampung Naga?
4 e. Ajén-ajén lokal naon waé anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional? 1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum ieu panalungtikan nyaeta pikeun numuwuhkeun rasa reueus kana titinggal budaya karuhun hususna jeung maluruh katut meunangkeun konsép hirup nu luyu jeung hadé ku cara neuleuman gaya hirupna masarakat Kampung Naga anu katelah harmonis jeung lingkungan alamna, utamana ngeunaan sistem pakasaban atawa ekonomi masarakat Kampung Naga. 1.3.2. Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun: a. Ngadéskripsikeun kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga. b. Ngadéskripsikeun sistem pakasaban masarakat Kampung Naga. c. Ngadéskripsikeun prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga. d. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu aya di Kampung Naga. e. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional 1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Teoritis Mudah-mudahan ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngeuyeuban jeung leuwih ngagambarkeun sacara jéntré ngeunaan tiori kabudayaan, katut unsur-unsur kabudayaanana, hususna ngeunaan sistem pakasaban masarakat di Kampung Naga. 1.4.2. Mangpaat Praktis Salian ti mangpaat teoritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis nyaéta mangpaat anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, saperti
5 pikeun panalungtik sorangan, siswa atawa mahasiswa, guru, sarta bisa jadi bahan bacaan pikeun khalayak umum nu boga kapentingan kana ieu panalungtikan. a. Siswa/Mahasiswa: 1) bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Budaya dina nyusun pancén ngeunaan sistem pakasaban; 2) bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Sajarah, utamana ngeunaan sajarah Sunda; 3) bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Antropologi dina nyieun makalah atawa pancén ngeunaan unsur budaya. b. Guru: 1) pikeun bahan ajar budaya di sakola. c. Panalungtik/panulis: 1) nambah pangaweruh ngeunaan unsur-unsur budaya, hususna sistem pakasaban; 2) tafakur diri minangka makhluk Allah téh lain sakur nyiar dunyana hungkul tapi jeung ngariksa ciciptaanana kaasup ibadahna. d. Umum: 1) bisa ngamotivasi masarakat sunda hususna sangkan ngamumulé jeung ngajaga ajén-ajén kaarifan budaya lokal. 2) méré gambaran ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga anu bisa dijadikeun pieunteungeun kana ngaraksa ngariksa kaarifan budaya lokalna. 3) méré kasadaran kana pentingna budaya anu dipimilik ku unggal sélérsumélér bangsa anu mangrupa titinggal karuhun urang. 1.5. Sistematika Tulisan Ieu di handap diébréhkeun ngeunaan raraga tulis atawa sistematika tulisan dina ieu panalungtikan. Sabada data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nyaéta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Sistematika tulisanana kabagi jadi lima bab, nyaéta:
6 Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung sistematika penulisan. Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina ieu panalungtikan, anu eusina ngawengku kabudayaan, kaarifan budaya lokal, déskripsi profil Kampung Naga, jeung sistem pakasaban. Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan metode panalungtikan. Ieu bab mangrupa dadasar pikeun nyusun bab IV, lantaran pikeun medar bab IV, kudu aya dadasarna heula atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan nu aya dina ieu panalungtikan, pikeun dipedar dina bab IV. Ku kituna, salian ti metode panalungtikan, dina bab III dipedar data jeung sumber data dina ieu panalungtikan, ogé kumaha téhnik panalungtikan katut desain panalungtikanana, jeung cara ngumpulkeun sarta ngolah data hasil panalungtikan. Bab IV mangrupa bab anu paling inti dina ieu panalungtikan, lantaran ieu bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab bakal dipedar sacara gembleng hasil tina ngolah atawa nganalisis data dian panalungtikan. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan bakal katitén dina ieu bab. Ngabahas jero ngeunaan sistem pakasaban masyarakat Kampung Naga, eusina ngawengku hasil analisis pakasaban masyarakat kampung naga anu eusina kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga, ajén-ajén, sistem pakasaban, prosés ngawariskeun sistem pakasaban masarakat Kampung Naga, kumaha ajén Sosial Budaya lokal Kampung Naga bisa méré kontribusi kana Pendidikan Nasional jeung pedaran hasil panalungtikan. Bab V mangrupa bab pamungkas dina ieu panalungtikan. Eusina medar ngeunaan kacindekan tina skabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun kahareupna, dina ieu bab ditambahan sub bab saran anu ditepikeun ku nu nyusun ka nu maca.