VI. KALIMAH RANGKEPAN

dokumen-dokumen yang mirip
VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

NO. 540/FPBS.0251/2013

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

Hernawan, S.Pd., M.Pd.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

SINTAKSIS BASA SUNDA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

PANGAJARAN KONPRENSI ASIA AFRIKA A. NULIS. Tujuan:

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

PANGAJARAN TATAKRAMA -MORAL

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

I. KAHANAN BASA SUNDA

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén


BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

SILABUS DAN SISTEM PENILAIAN 1

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MAKIHIKEUN BASA SUNDA DINA NGIGELAN JAMAN Yayat Sudaryat

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

TIPE FRASA ENDOSENTRIK DALAM KUMPULAN CERITA PENDEK NU HARAYANG DIHARGAAN KARYA DARPAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

TATAKRAMA DINA NYARITA

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

TEORI NULIS. Makalah. Didugikeun dina Pendidikan&Pelatihan Profesi Guru. Ku Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II DADASAR TIORI. Istilah dialék asalna tina basa Yunani, dialéktikos anu hartina kaayaan hiji

MAKIHIKEUN STANDAR KOMPETENSI MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMA/SMK/MA1)

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

PADIKA NGAJARKEUN KAPARIGELAN BASA DI SD/MI. Dingding Haerudin*)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

Transkripsi:

VI. KALIMAH RANGKEPAN A. TUJUAN PEMBELAJARAN Mahasiswa mibanda pangaweruh anu jugala ngeunaan kalimah rangkepan basa Sunda katut pangajaranana. Tujuan husus anu kudu kahontal tina ieu pangajaran, nya eta mahasiswa mampuh: (1) ngeceskeun watesan kalimah rangkepan; (2) ngeceskeun rupa-rupa kalimah rangkepan (3) ngeceskeun kalimah ngantet; jeug (4) ngeceskeun kalimah sumeler. B. AMBAHAN BAHAN AJAR Bahan ajar anu bakal dipidangkeun dina ieu lawungan atawa pajemuhan patali jeung opat perkara kayaning (1) watesan kalimah rangkepan, (2) rupa-rupa kalimah rangkepan, (3) kalimah ngantet; jeung (5) kalimah sumeler. Wincikan tiap-tiap bahan ajar dibabarkeun di handap ieu. 1. Watesan jeung Wangun Kalimah Rangkepan Kalimah rangkepan nya eta kalimah anu sakurang-kurangna diwangun ku dua klausa atawa dua kalimah salancar. Sabada dikantetkeun, klausa-klausana aya nu sarua darajatna aya nu henteu. Kalimah rangkepan anu klausa-klausana sadarajat atawa satata disebut kalimah ngantet, ari klausa-klausana anu teu sadarajat disebut kalimah sumeler. 2. Kalimah Ngantet Kalimah ngantet (sok disebut kalimah ngantet satata) nya eta kalimah rangkepan nu diwangun ku sakurang-kurangna dua klausa anu sadarajat, tanpa klausa kauger. Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung satata (konjungsi koordinatif). Ditilik tina patali harti antarklausana, kalimah ngantet satata bisa diwincik jadi genep rupa, nya eta: 40 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda

(1) Kalimah Ngantet Satata Jumlahan Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung jeung, jeung deui, sarta, tur, katut, katambah-tambah, turug-turug, boh...boh..., nya...nya..., jaba ti, lian ti, kitu deui. Contona: Anjeun teu kudu popolototan sagala, jeung deui keur naon make pipilueun kana urusan batur. (2) Kalimah Ngantet Satata Lalawanan Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung tapi, ari, ngan, padahal, nanging, sedengkeun. Contona: Enya nyeungseurikeun mah, tapi teu rumasa dewek nangtang ka urang kaum. (3) Kalimah Ngantet Satata Pilihan Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung atawa, atanapi, boh... atawa... Contona: Dahar teh rek ayeuna atawa rek engke wae? (4) Kalimah Ngantet Satata Tumuluy Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung tuluy, teras. Contona: Ari basa di pamandian silaing nyeungseurikeun dewek, tuluy nangtang urang kaum. (5) Kalimah Ngantet Satata Sinambung Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung beuki...beuki..., mingkin...mingkin... Contona: Budak teh beuki gede beuki goreng hate bae. (6) Kalimah Ngantet Satata Panandes Ieu kalimah ngantet teh dijentrekeun ku kecap panyambung malah, malahan, samalah, malih. Contona: Menehna teh henteu ngan ukur bageur, malah balabah deuih. 3. Kalimah Sumeler Kalimah sumeler (sok disebut kalimah ngantet seler-sumeler) nya eta kalimah rangkepan nu diwangun ku sakurang-kurangna dua klausa nu 41 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda

teu sadarajat; salahsahiji klausana ngabogaan sipat bebas tur jadi klausa lulugu (indung kalimah), ari klausa sejenna sipatna kauger tur jadi klausa seler (anak kalimah). Dina kalimah sumeler, klausa seler nyicingan salahsahiji fungsi tina klausa lulugu atawa katerangan kana salahsahiji unsur klausa lulugu. Ku kituna, klausa seler teh bisa mangrupa jejer, objek, panglengkep, atawa katerangan. 1) Klausa seler mangrupa k(aterangan). Contona: Sabot kuring maca, adi kuring ngagambar kuda. 2) Klausa seler mangrupa jejer. Contona: Dicaritakeun ku manehna yen eta carpon teh nyaritakeun dirina sorangan. 3) Klausa seler mangrupa o(bjek). Contona: Manehna nyebutkeun yen urang hirup teh ukur ngumbara. 4) Klausa seler mangrupa pa(nglengkep). Contona: Manehna nyahoeun yen kuring teh aya pikir kadua leutik. 5) Klausa seler mangrupa Pangwates/atr(ibut). Contona: - Budak nu indungna dibawa ka dokter teh ceurik bae. Nilik kana patali harti antara klausa seler anu mangrupa katerangan jeung klausa luluguna, kalimah sumeler bisa diwincik jadi 11 rupa. (1) Kalimah sumeler waktu Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung basa, waktu, sabot, keur, salila, memeh, samemeh, sanggeus, sabada, bada, ti barang, nepi ka, saban, saban-saban, unggal, unggal-unggal. Contona: Sabada solat Asar, kuring gesat-gesut dangdan. (2) Kalimah sumeler sarat Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung asal, bisi, dapon, lamun, mun, mun seug, umpama, saupama. Contona: Mun maneh hayang lauk, ngala ku sorangan ka balong. 42 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda

(3) Kalimah sumeler tujuan Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung ambeh, ngarah, sangkan, supaya, malah, malahmandar. Contona: Sisi walungan kuring singkil heula, sangkan calana teu kabaseuhan. (4) Kalimah sumeler sabab Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung alatan, bakat ku, bubuhan, da, dumeh, ku sabab, ku lantaran, lantaran, pedah, sabab. Contona: Kuring muru deui kamar, sabab kadenge Si Ujang jejeritan. (5) Kalimah sumeler akibat Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung akibatna, antukna, balukarna. Contona: Kentengna peupeus akibatna cai asup ka jero imah. (6) Kalimah sumeler cara Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung bari, kalawan, tanpa, kalayan. Contona: Pa Wiatma ngabalieur bari leungeunna nyabakan dada. (7) Kalimah sumeler guna Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung keur, pikeun, kanggo, geusan. Contona: Pikeun ngajentrekeun eta pasualan, urang kudu macaan heula buku sumberna. (8) Kalimah sumeler iwal Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung iwal, iwal ti, kajaba, kajabi. Contona: Abdi mah teu wantun nyekel-nyekel acan kajabi abdi dipercanten ku Aceuk pikeun ngurus murangkalih. (9) Kalimah sumeler babandingan Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung asa, bangun, jiga, siga, kawas, saperti. Contona: 43 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda

Ku naon maneh teh teu daek cicing kawas hayam keur kumahkar bae. (10) Kalimah sumeler undak Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung boro-boro, bororaah, boroampar. Contona: Boro-boro datang, nyuratan oge henteu Ani teh. (11) Kalimah sumeler tansarat Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung najan, sanajan, sanaos, sangkilang, cacakan, parandene kitu. Contona: Sanajan diburuhan oge, kuring mah moal daek. (12) Kalimah sumeler pangjentre Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung nu jeung anu. Contona: Kuring sumuju ka Gusti Nu Mahasuci anu parantos nuduhkeun jalan hirup pikeun kuring. (13) Kalimah sumeler panglengkep Klausa-klausana dikantetkeun ku kecap panyambung yen. Contona: Kuring inget yen manehna teh rek datang. C. RANGKUMAN Kalimah rangkepan mangrupa wangun kalimah anu disusun ku dua klausa atawa leuwih. Kalimah rangkepan anu diwangun ku dua klausa bebas atawa leuwih disebut kalimah ngantet. Kalimah rangkepan anu diwangun ku sakurang-kurangna hiji klausa bebas jeung hiji klausa kauger disebut kalimah sumeler. Contona: Dahar teh rek ayeuna atawa rek engke wae? Basa datang, manehna imut. Kalimah ngantet biasana dicirian ku kecap panyambung satata (koordinatif). Disawang tina kecap panyambungna, aya rupa-rupa kalimah ngantet, di antarana, kalimah ngantet (1) jumlahan, (2) lalawanan, (3) pilihan, (4) tumuluy, (5) sinambung, (6) panandes. 44 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda

Kalimah sumeler biasana dicirian ku kecap panyambung sumeler (subordinatif). Diswang tina patali harti antara klausa lulugu (bebas) jeung klausa seler (kaugerna), aya rupa-rupa kalimah sumeler, di antarana, nya eta kalimah sumeler (1) waktu, (2) sarat, (3) tujuan, (4) sabab, (5) akibat, (6) cara, (7) guna, (8) iwal, (9) babandingan, (10) undak, (11) tansarat, (12) pangjentre, jeung (13) panglengkep. Klausa seler dina klausa lulugu bisa nyicingan fungsi jejer, udagan, panglengkep, atawa katerangan. D. LATIHAN 1. Naon anu jadi ciri kalimah rangkepan? 2. Tetelakeun bedana kalimah ngantet jeung kalimah sumeler! 3. Sebutkeun rupa-rupa kalimah ngantet! 4. Contoan kalimah ngantet jumlahan jeung tumuluy! 5. Sebutkeun rupa-rupa kalimah sumeler! 6. Tetelakeun bedana klausa lulugu (indung kalimah) jeung klausa seler (anak kalimah)! 7. Contoan kalimah sumeler waktu, sarat, jeung guna! 8. Contoan klausa seler anu nyicingan fungsi subjek jeung katerangan! 9. Tangtukeun mana klausa lulugu jeung klausa selerna tina kalimah ieu di handap? Manehna teu daek datang padahal diondang. 10. Fungsi naon nu dicicingan ku klausa seler dina kalimah ieu di handap? Dijelaskeun ku kuring yen eta kajadian teh teu dihaja. 45 Pamekar Kaparigelan Basa Sunda