Drs. Usep Kuswari, M.Pd.

dokumen-dokumen yang mirip
A. TUJUAN PEMBELAJARAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB II DADASAR TIORI. Istilah dialék asalna tina basa Yunani, dialéktikos anu hartina kaayaan hiji

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

Hernawan, S.Pd., M.Pd.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

SINTAKSIS BASA SUNDA

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB II TATAPAKAN TIORI. Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata

DEIKSIS ANAFORIS DAN DEIKSIS KATAFORIS DALAM CERPEN MAJALAH MANGLÉ

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

NYUSUN TATA BASA SUNDA KIWARI (Tarékah Ngabukukeun jeung Ngabakukeun Basa Sunda)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

VI. KALIMAH RANGKEPAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

TIPE FRASA ENDOSENTRIK DALAM KUMPULAN CERITA PENDEK NU HARAYANG DIHARGAAN KARYA DARPAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB II KAJIAN TEORETIS NOMINA, ADJEKTIVA, DAN HUBUNGAN KEDUANYA

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

I. KAHANAN BASA SUNDA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MAKIHIKEUN BASA SUNDA DINA NGIGELAN JAMAN Yayat Sudaryat

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

MENGUNGKAP BENTUK FATIS DALAM BAHASA SUNDA

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

PEMERLENGKAPAN DALAM BAHASA SUNDA 1)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan


BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

MAKIHIKEUN STANDAR KOMPETENSI MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SD/MI1)

VIII. PILIHAN KECAP JEUNG HARTI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Maksud jeung Tujuan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

Transkripsi:

Drs. Usep Kuswari, M.Pd. Hernawan, S.Pd., M.Pd.

TUJUAN MATA KULIAH Setelah mengikuti perkuliahan ini mahasiswa memiliki pengetahuan yang memadai mengenai kedudukan morfologi, klasifikasi morfém, proses morfologis, kategorisasi kata, proses morfofonemik bahasa Sunda, dan model bahan pembelajaran morfologi bahasa Sunda.

DESKRIPSI MATA KULIAH Dalam perkuliahan ini di antaranya dibahas 1) kedudukan morfologi, 2) morfém, 3) klasifikasi morfém, 4) proses morfologis, 5) kata, 6) proses morfofonemik bahasa Sunda, dan 7) model bahan pembelajaran morfologi bahasa Sunda.

AMBAHAN 1) Pengertian Morfologi 2) Kedudukan morfologi, 3) Morfém, 4) Proses morfologis, 5) Kata, 6) Proses morfofonemik bahasa Sunda, dan 7) Model bahan ajar morfologi bahasa Sunda.

WANGENAN MORFOLOGI Istilah morfologi asalna tina basa Yunani, morpho hartina 'wangun' jeung logos hartina 'élmu'. Morfologi basa nyaeta konstruksi-konstruksi nu wangun-wangun kaugerna aya di antara konstituenkonstituenna. (Bloomfield, 1995: 200) Morfologi mangrupa cabang linguistik nu maluruh wangun-wangun dasar basa mangrupa wangun gramatikal. (Verhaar, 2001: 97)

WANGENAN MORFOLOGI Morfologi nya éta deskripsi tina kombinasi morfémmorfém nu leuwih raket, kasarna mah nya éta nu ilahar disebut kecap(gleason, 1970:58) "Morphology deals with the internal structure of words..."morfologi ngulik ngeunaan adegan batin kecap; maksudna, nalungtik kumaha kawangunna kecap tina morfém-morfém (Lyons,1968:194)

WANGENAN MORFOLOGI "Morphology is the study of morphemes and their arrangements in forming words", morfologi mangrupa ulikan ngeunaan morfém katut susunanana dina ngawangun kecap (Nida, 1978:1). Morfologi téh nya éta bagian élmu basa nu medar seluk beluk wangun kecap sarta parobahan-parobahanana kana golongan jeung harti kecap (Ramlan, 1987:19).

WANGENAN MORFOLOGI Morfologi nya eta ulikan élmu basa anu maluruh morfém jeung kecap sarta kumaha proses kawangunna katut parobahan-parobahanana.

KALUNGGUHAN MORFOLOGI ADEGAN BASA LINGUISTIK EUSI BASA SEMANTIK WACANA KALIMAH WANGUN BASA KLAUSA FRASA KECAP MORFÉM FONEM SINTAKSIS MORFOLOGI TATA BASA/ GRAMATIKA FONOLOGI KANDAGA KECAP LEKSIKOLOGI

HUBUNGAN MORFOLOGI JEUNG ELMU LIAN 1) Hubungan Morfologi jeung Léksikologi Sasaruaanana léksikologi katut morfologi teh dina jihat harti. Bédana nya éta morfologi mah ngulik harti nu muncul balukar ayana peristiwa gramatik, tegesna harti nu muncul mangrupa harti gramatikal (grammatical meaning) atawa disebut ma'na. Ari léksikologi mah ngulik harti nu geus baku aya dina hiji kecap nu biasa disebut harti léksikal (lexical meaning).

2) Hubungan Morfologi jeung Étimologi Morfologi jeung étimologi mibanda hubungan dina jihad wangun. Étimologi maluruh parobahan wangun kecap nu sipatna husus dina kecap nu tangtu, contona, kecap abdiasalna tina basa Arab abid. Demi morfologi maluruh parobahan wangun nu mangrupa aturan basa nu sipatna umum (contona: rarangkén, rajékan, jeung kantétan) nu geus puguh aturanana, contona, wangun tikah dirarangkénan N- robah jadi nikah.

3) Hubungan Morfologi jeung Sintaksis Morfologi raket patalina jeung sintaksis, boh morfologi boh sintaksis duanana mangrupa bagian tina tata basa sarta duanana ngalibetkeun kecap salaku objék pedaranana. Wangun basa nu pangleutikna dipaluruh ku morfologi nya éta morfém, sedengkeun wangun basa panggedéna nu dipaluruh ku sintaksis mangrupa kalungguhan hiji kecap dina frasa, klausa, jeung kalimah.

WANGENAN MORFEM PRINSIP IDENTIFIKASI KLASIFIKASI

WANGENAN MORFÉM Morfém mangrupa wangun basa pangleutikna nu miboga harti, boh harti léksikal boh harti gramatikal. Contona: kecap meuli diwangun ku dua morfém, nya éta morfém léksikal beuli nu hartina nukeuran barang ku duit jeung morfém gramatikal N- (anu robah jadi m-) nu hartina kalakuan.

MORF Morf téh nya éta: 1) Foném atawa runtuyan foném nu mibanda asosiasi jeung hiji ma'na, 2) Anggota morfém nu can ditangtukeun distribusina, jeung 3) wujud kongkrit atawa wujud fonémis tina morfém. Kridalaksana (1983:199)

MORF Morf téh wujud nyata tina hiji morfém nu can ditangtukeun distribusina, contona: N-, -ar- jeung -na.

ALOMORF Alomorf nya éta variasi tina hiji morfém nu geus ditangtukeun distribusina Contona: N-~ /m-, n-, ny-, ng-, nge/

PRINSIP IDENTIFIKASI MORFÉM PRINSIP 1 Wangun-wangun basa anu mibanda adegan fonologis jeung harti nu sarua mangrupa morfém nu sarua. Conto: Wangun baju dina dibaju, ngaput baju, jeung baju batik.

PRINSIP 2 Bagian-bagian basa nu ngabogaan adegan fonologis anu beda disebut hiji morfém nu sarua lamun éta bagian basa téh miboga harti nu sarua jeung struktur fonologisna bisa dijéntrékeun sacara fonologis. Cotnona: Wangun m-, n-, ng-. ny-, jeung nge-dina maca, nulis, ngitung, nyieun, jeung ngebom.

PRINSIP 3 Bagian-bagian basa nu ngabogaan struktur fonologis nu beda sarta bedana teu bisa dijéntrékeun sacara fonologis bisa dianggap hiji morfém nu sarua lamun miboga harti nu sarua jeung miboga distribusi nu kompléméntér. Contona: Wangun -ar- dina aralus, jeung ra- dina racleng

PRINSIP 4 Wangun-wangun anu homofon bisa mangrupa morfém nu sarua atawa morfém anu béda. a) Mangrupa morfém nu béda upama hartina béda. Contona: buku tulis, lima buku awi. b) Mangrupa morfém nu sarua, upama mibanda hubungan harti kalawan distribusi nu béda. Contona: suku korsi, suku jelema. c) Mangrupa morfém nu béda, upama mibanda hubungan harti kalawan distribusi nu sarua. Contona: korsi tamu, parebut korsi.

PRINSIP 5 Unggal bagian-bagian basa nu bisa dipisahkeun mangrupa morfém, asal miboga harti. Contona: Wangun panggareulisna bisa dipilah-pilah jadi pang-na, -ar-, jeung geulis. Éta bagian-bagian téh disebut morfém.

MORFEM BEBAS PUHU KECAP MORFEM MORFEM MADYABEBAS PARTIKEL BAGAL KECAP KLITIK MORFEM KAUGER CAKAL/ PRAKATEGORIAL PANGDEUDEUL/ PROLEKSEM RARANGKEN/ AFIKS

KLASIFIKASI MORFEM DUMASAR HARTINA MORFEM LEKSIKAL MORFEM MORFEM GRAMATIKAL

KLASIFIKASI MORFEM DUMASAR DISTRIBUSINA MORFEM BEBAS MORFEM BEBAS LEKSIKAL MORFEM MORFEM BEBAS FUNGSIONAL MORFEM KAUGER MORFEM KAUGER SACARA MORFOLOGIS MORFEM KAUGER SACARA SINTAKSIS

PROSES MORFOLOGIS Prosés morfologis nya éta prosés ngawangun kecap tina wangun séjén anu mangrupa wangun dasarna (Ramlan, 1987:51). Prosés morfologis nya éta cara ngawangun kecapkecap ku cara nepungkeun morfém nu hiji jeung morfém séjénna (Samsuri, 1983:190).

PROSES MORFOLOGIS AFIKSASI/NGARARANGKENAN PROSES MORFOLOGIS REDUPLIKASI/NGARAJEK KOMPOSISI/NGANTETKEUN

KECAP RUNDAYAN Kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Kecap rundayan diwangun ku lima cara: 1. ngararangkenan hareup 2. ngararangkenan tengah 3. ngararangkenan tukang 4. ngararangkenan barung (konfiks) 5. ngararangkenan bareng (ambifiks)

KECAP RAJEKAN Kecap rajekan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung rarangkén boh henteu.

PAPASINGAN KECAP RAJEKAN DWIMURNI DWILINGGA DWIRÉKA DWILINGGA BINARUNG RARANGKÉN KECAP RAJÉKAN DWIPURWA TANRARANGKÉN BINARUNG RARANGKÉN DWIMADYA TANRARANGKÉN BINARUNG RARANGKÉN TRILINGGA

DWILINGA Dwilingga nya éta kecap rajékan nu mangrupa hasil ngarajék wangun asal atawa wangun dasar sagemblengna boh dibarung ku robahna sora boh henteu, bisa binarung jeung rarangkén bisa henteu.

Dwimurni Dwimurni nya éta kecap rajékan nu mangrupa hasil ngarajék wangun dasar sagemblengna tur teu dibarung jeung variasi foném atawa teu robah sora, conto: angka-angka buku-buku bener-bener guru-guru

Dwiréka Dwiréka nya éta kecap rajekan nu mangrupa hasil ngarajék wangun dasar atawa wangun asal sagemblengna tur binarung jeung variasi foném vokal atawa robah sora, boh dina unsur kahiji boh dina unsur kadua. Conto buca-baca cut-cat culak-cileuk alangah-éléngéh asal-usul cruk-crék murah-maréh rawah-riwih

Dwilingga binarung Rarangkén Dwilingga binarung rarangkén nya éta kecap rajékan nu mangrupa hasil ngarajék wangun asal atawa dasar sagemblengna boh dibarung jeung robahna sora boh heunteu tur dibarung ku rarangkén. diriung-riung diteges-teges dirasa-rasa diasup-asupkeun digunta-ganti dibulak-balik diubrak-abrik digémbar-gémbor

DWIPURWA Dwipurwa nya éta kecap rajékan nu dihasilkeun tina prosés ngarajék engang mimiti (silabé kahiji) wangun asal atawa wangun dasar, boh binarung rarangkén boh heunteu. Conto dwipurwa teu maké rarangkén: bubuka bébéja cocolék cocoba Conto dwipurwa binarung rarangkén: bubuahan beubeutian bongborosan dibobodo

DWIMADYA Dwimadya nya éta kecap rajékan nu dihasilkeun tina prosés ngarajék engang tengah wangun dasar atawa asal boh binarung rarangkén boh heunteu. Conto dwimadya binarung rarangkén nya éta: sapopoé sadidinten sajoljoleun sagokgokeun

TRILINGGA Trilingga mangrupa kecap rajékan nu mangrupa hasil ngarajék wangun dasar leuwih ti sakali, biasana diucapkeun tilu kali tur dibarung ku variasi foném. Morfém dasar biasana ngan saengang (hiji silabé) nya éta kecap anteuran, tiruan sora (onomatope) jeung partikel. blak-blék-blok dar-dér-dor plak-plék-plok dag-dig-dug

FUNGSI NGARAJÉK KECAP Fungsi ngarajék kecap nya éta fungsi nu ngahasilkeun warna kecap anyar. Ku kituna, medar perkara fungsi rajékan kecap raket patalina jeung papasingan warna kecap nu jadi cecekelanana.

FUNGSI NGARAJÉK KECAP 1) Fungsi Nominal bawa (vérba) babawaan gedé (ajéktiva) gégedén iring (cakal) iring-iringan 2) Fungsi Vérbal béja (nomina) bébéja reuwas (ajéktiva) ngareureuwas sodor (cakal) disodor-sodorkeun

3) Fungsi Ajéktival asa (cakal) asa-asa ati (nomina) ati-ati dor (partikel) dar-dér-dor 4) Fungsi Numeral likur (cakal) manglikur-likur pirang (cakal) mangpirang-pirang welas (cakal) welas-welas 5) Fungsi Partikel kitu (cakal) sakitu-sakitu leres (adjéktiva) leres-leres lima (numeralia) salima-lima

CIRI RAJEKAN CIRI SEMANTIK CIRI RAJEKAN CIRI MORFOLOGIS

CIRI SEMANTIK (1) Wangun dasar kecap rajékan salawasna miboga harti anu béda jeung harti rajékanana, (2) Prosés ngarajék bakal nimbulkeun harti anyar, jeung (3) Harti nu dihasilkeun mangrupa harti gramatikal.

CIRI MORFOLOGIS 1) ayana parobahan wangun, tina wangun dasar jadi wangun rajékan, 2) sakapeung aya kategori atawa warna kecap anyar, 3) wangun kecap nu siga kecap rajékan, tapi masih kénéh bisa dirajék, lain wangun rajékan, jeung 4) wangun rajékan tina wangun dasar anu teu miboga harti tapi bisa mandeg mandiri sanggeus ngalaman prosés morfologis disebut kecap rajékan.

WANGENAN KECAP KANTÉTAN Kata majemuk ialah kata yang terdiri dari dua kata sebagai unsurnya (Ramlan, 1987:76) Kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta mibanda harti anu béda tina harti kecap anu jadi bagian wangunna (Wirakusumah jeung Djajawiguna, 1989:20). Kecap kantétan nya éta dua kecap atawa leuwih anu dihijikeun turta miboga harti nu mandiri (Permana, 1980:18) Gabungan dari dua kata atau lebih yang membentuk satu kesatuan arti" (Keraf, 1980:123). Tina wangenan-wangenan anu ditétélakeun di luhur, cindekna kecap kantétan téh nya éta kecap nu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu miboga harti anyar nu béda tina harti kecap asalna.

KECAP KANTETAN Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal, boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung harti mandiri.

CIRI STRUKTUR KECAP KANTÉTAN 1) Diwangun ku dua unsur nu disebut léksém, contona: héjo tihang 2) Patali unsur-unsurna mibanda sipat a. unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur séjén conto: gédéhuluteubisagédénu hulu b. unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun, lantaran lamun dibalikkeun wangunna robah jadi frasa. contona: panjang leungeun lamun dibalikkeun robah jadi frasa leungeun panjang c. unsur-unsurna teu bisa dijembaran séwang-séwangan tapi kudu duanana, contona: hampang leungeun panghampangleungeunna * panghampangnaleungeun * hampangpangleungeunna

CIRI SEMANTIS KECAP KANTÉTAN Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri, nya éta harti nu béda tina harti unsur-unsur pangwangunna. conto: amis budi, hartina lain budina anu amis, tapi marahmay, soméah

CIRI FUNGSI KECAP KANTÉTAN Gunana pikeun ngabédakeun kecap kantétan jeung frasa (Bloomfield, 1933:185) teu atributif, contona: seuri konéng, ketan hideung; teu koordinatif, contona: tisusruk tidungdung, untung rugi; teu prosésif, contona: indung tunduh; teu objéktif, contona: tangtang angin, meupeus keuyang; teu prédikatif, contona: banjir getih, ketuk tilu; teu lokatif, contona: kembang buruan, seuneu Bandung; teu instruméntatif, contona: tali mimitran, karéta mesin; teu komparatif, contona: tinggar kalongeun; jeung teu kausalitatiftif, contona: unggut kalinduan.

STRUKTUR KECAP KANTÉTAN NURUTKEUN STATUS MORFÉM 1. morfém poko bébas jeung morfém poko bébas, contona: awét rajét. 2. morfém poko bébas jeung morfém poko kauger, contona: runtut raut. 3. morfém kauger jeung morfém bébas, contona: api lain. 4. morfém kauger jeung morfém kauger, contona: astakalih.

WARNA KECAP KANTÉTAN Kecap barang: taleus hideung; Kecap pagawéan: suka seuri; Kecap sipat: ngegel curuk; jeung Kecap partikel: mangsa bodo;

HARTI STRUKTURAL KECAP KANTÉTAN a. 'dina/kana':nulak cangkéng, nanggeuy gado, nangkeup harigu; b. 'tempat': buku tulis, méja makan, kamar mandi; c. 'alat': maénbal, ngadu panggal; d. 'hal': unjuk uninga; e. 'waktu migawéna': salat peuting, dahar soré; f. 'pangrandap': suuk kulub, sangu liwet; g. 'migawé tina': medal sila, lepas tangan;jeung h. 'asal': batik tasik, jeruk garut, peti beusi.

WANGENAN KECAP Kecap nya éta bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bebas sarta ngandung harti anu tangtu.

SIPAT KECAP 1. Kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna 2. Mibanda sipat bebas dina leunjeuran kalimah a) bisa madeg mandiri dina kalimah b) bisa dipisahkeun cicingna c) bisa dipatukeurkeun tempatna 3. Miboga harti nu tangtu boh harti leksikal, boh harti gramatikal

PATALINA MORFEM JEUNG KECAP Kecap bisa mangrupa morfem bisa henteu. Henteu sakabéh morfem mangrupa kecap. Sabab, anu disebut kecap mah ngan morfem bébas wungkul. Cindekna, unggal morfem bébas mangrupa kecap, tapi teu sakabeh kecap mangrupa morfem bebas

Kecap diwangun ku unsur-unsur anu disebut morfem, aya anu hiji morfem aya nu leuwih. Kecap nu diwangun ku hiji morfem disebut kecap salancar. Kecap nu diwangun ku dua morfem atawa leuwih disebut kecap rékaan.

UNSUR-UNSUR PANGWANGUN KECAP KECAP KECAP LULUGU KECAP PANCÉN UNSUR PANGWANGUN KECAP BAKAL KECAP PANGWUWUH PUHU KECAP BAGAL KECAP CAKAL JANGKAR KLITIK PROLEKSEM PAMASEUK RARANGKEN

Bakal kecap(leksem) Bahan baku dina ngawangun kecap anu ngandung harti leksikal, sipatna bisa bebas, rada bebas, jeung bisa kauger.

Puhu kecap (stem/pangkal) Bakal kecap anu boga harti leksikal, sipatna bebas, jelaswarna kecapna, tur ilahar langsung jadi kecap asal. Contona: diuk, dahar, sare.

Bagal kecap Bakal kecap anu boga harti leksikal, sipatna rada bebas, katangenwarna kecapna, tur bisa dijieun wangun parentah. Contona: akut, baca, cokel, jejek, tulis, tajong.

CAKAL (AKAR, PRAKATEGORIAL) Bakal kecap anu boga harti leksikal, sipatna kauger, tur can ditangtukeun warna kecapna. Contona: cucul, juang, gapuy, guling.

JANGKAR Jangkar kecapnya éta engang anu jadi asal dina ngawangun bakal kecap, sipatna fonestemis sarta bakal jadi bakal kecap atawa kecap lamun geus diwuwuhan ku pamaseuk (formatif). Contona: but, brut, jeung dug dina kecap gebut, sebrut, jeung beledug.

PANGWUWUH KECAP Unsur-unsur anu diwuwuhkeun kana wangun dasar. Nu kaasup kana pangwuwuh téh nya eta a. klitik b. pangdeudeul/proleksem c. pamaseuk/formatif d. rarangken/afiks.

KLITIK Klitik nya éta morfém kauger anu diwuwuhkeun kana kecap, geus miboga harti leksikal, biasana jadi gaganti milik tur aya pasanganana jeung kecap gaganti. Klitik nu diwuwuhkeun hareupeun kecap disebut proklitik, conto: pun, sim, tuang. Klitik nu diwuwuhkeun di tukangeun kecap disebut enklitik, conto: -na

PROLEKSEM Proleksem atawa pangdeudeul nya éta morfém kauger anu ditapelkeun kana bakal kecap (cakal, bagal, atawa puhu), teu bisa dijembaran, katangen warna kecapna, sarta miboga harti leksikal. a. panyebut: para-, pari-, pra-, pasca-, -man, -wan, -wati b. panglaku: barang-, pada-, sili(h)-, pili(h)- c. pamilang: eka-, dwi-, tri-, catur-

FORMATIF/PAMASEUK Engang anu diwuwuhkeun atawa diseselkeun kana jangkar kecap, cakal, atawa kecap panganteur.

RARANGKEN/AFIKS Morfém kauger anu diwuwuhkeun tur napel kana wangun dasar bari boga harti gramatikal

WANGUN ASAL & WANGUN DASAR Wangun asal wangun salancar (tunggal) anu jadi asal atawa dasar dina ngawangun kecap. Wangun dasar wangun salancar atawa rundayan anu jadi dasar dina ngawangun kecap. Dina wangun dasar pasti aya wangun asal.

disakompetdaunkeun di-keun sakompet daun sa- kompet daun kompét daun

WANGUN KECAP SALANCAR REKAAN RUNDAYAN RAJEKAN KANTETAN WANCAHAN

WARNA KECAP KECAP BARANG/NOMINA KECAP LULUGU KECAP PAGAWEAN/VERB KECAP SIPAT/ADJEKTIVA KECAP BILANGAN/NUMERALIA WARNA KECAP KECAP PANAMBAH/ ADVERBIA KECAP PANCEN KECAP PANYAMBUNG/ KONJUNGSI KECAP PANGANTET/ PREPOSISI KECAP PANYELUK INTERJEKSI

KECAP BARANG Kecap barang nya eta kecap anu ngandung ciri-ciri: 1) Kecap nu nuduhkeun barang jeung naon-naon nu dianggap barang saperti jalma, sato, tutuwuhan, tempat, jeung barang 2) bisa nuturkeun kecap bilangan: tilu méja 3) bisa dituturkeun ku kecap gaganti milik: indung anjeun, imah manéhna. 4) bisa dipiheulaan kecap pangantét: di Bandung. 5) lamun éta kecap wangun rundayan, biasana ngandung rarangkén pan-, pa--an, pan--an, jeung -na, contona: pananya, padumukan, pasawahan, bapana.

6) bisa ngawangun frasa maké bilangan: hiji imah; 7) henteu bisa ngawangun frasa maké morfém mindeng, remen, sering: *mideng imah, *sering baju. 8) Bisa dipiheulaan ku kecap pamungkir: lain guru, euweuh jalma. 9) Bisa dituturkeun ku kecap sipat: mobil alus, budak bageur. 10) Umumna sok jadi jejerjeung udagan dina leunjeuran kalimah

WANDA KECAP BARANG KECAP PANANYA KECAP SESEBUTAN KECAP BARANG KECAP PANUDUH KECAP SULUR

KECAP SESEBUTN Kecap sesebutan nya eta kecap barang anu dipake pikeun nyebutan hal-hal anu tangtu. Barang nu disebutnanan disawang tina segi: 1) Nyawaan atawa paeh 2) Ngaran macakal/ngaran diri 3) Nyata atawa abstrak 4) Kabilang henteuna 5) Gundukan (kolektif) lainna

KECAP BARANG NYAWAAN Nyoko kana tilu sesebutan 1) Sesebutan jalma (persona) a. ngaran diri b. ngaran pancakaki c. ngaran panggentra d. ngaran kasab (gelar, pangkat) 2) Sesebutan sasatoan (fauna) 3) Sesebutan tutuwuhan (flora)

KECAP BARANG PAEH Nyoko kana sesebutan: 1) Zat jeung babarangan: cai, hawa, beusi, pacul. 2) Patempatan 3) Waktu 4) Ngaran lembaga 5) Ngaran basa 6) panggolong

KECAP SULUR Kecap sulur/gaganti (pronomina) nya eta kecap anu dipake nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Kecap sulur anu nuduhkeun jalma disebut kecap Kecap sulur anu nuduhkeun jalma disebut kecap gaganti jalma.

KECAP PANUDUH Kecap panuduh nya eta kecap anu dipake pikeun nuduhkeun naon-naon nu aya jeroeun jeung luareun wacana. Kecap panuduh nu nuduhkeun jeroeun wacana disebut kecap panuduh endoforis. Contona: eta, itu, kitu, ieu, kieu, sakieu Kecap panuduh anu nuduhkeun naon-naon nu aya luareun wacana disebut kecap panuduh eksoforis. Conto: dieu, dinya, ditu.

KECAP PANANYA Kecap pananya nya eta kecap anu gunana pikeun nyuluran naon-naon anu hayang dipikanyaho ku panyatur.

FUNGSI KECAP PANANYA No. MA NA 1. Jalma, Pangeran, Malaikat 2. Barang, tutuwuhan, sato KECAP PANANYA WUJUD Saha, ku saha, ti saha, ka saha Naon, tina naon, kana naon 3. pilihan 4. tempat 5. Sabab/kalakuan 6. waktu 7. Cara/kaayaan 8. Jumlah/bilangan Mana, nu mana Di mana, ti mana, Ku naon, naon sababna Iraha, ti iraha Kumaha Sabaraha,sakumaha

WANGUN KECAP BARANG KECAP BARANG SALANCAR KECAP BARANG RUNDAYAN KECAP BARANG KECAP BARANG RAJEKAN KECAP BARANG KANTETAN KECAP BARANG WANCAHAN

KECAP PAGAWÉAN Ciri-ciri: 1) Kecap pagawéan ngandung ma na bawaan (inhéren) kalakuan, prosés, jeung kaayaan. Contona: lumpat, leyur, jeung resep. 2) Kecap pagawéan, utamana nu miboga ma na inhéren kalakuan, bisa dijadikeun wangun paréntah (imperatif). Conto: Lumpat!, Asupkeun! 3) Kecap pagawéan bisa dipiheulaan kecap pamungkir (hen)teu. Conto: henteu lumpat jeung teu leyur.

4) Kecap pagawéan bisa dipiheulaan ku kecap bari. Conto: bari lumpat 5) Kecap pagawéan bisa dituturkeun ku frasa kalawan + kecap sipat. Contona: nyarandé kalawan tumaninah 6) Kecap pagawéan umumna nyicingan fungsi caritaan atawa puseur caritaan dina kalimah. Conto: Mang Karta keur ngala lauk di Balong.

WANDA KECAP PAGAWÉAN Disawang tina ma na inhérenna, kecap pagawéan bisa dipasing-pasing jadi dua rupa, nya éta kecap pagawéan dinamis (binangkit) jeung kecap pagawéan statif, anu miboga subwanda masing-masing. Kecap pagawéan dinamis nya éta kecap pagawéan anu miboga wangun lumaju (progrésif), ilaharna bisa dicirian ku ayana kecap pancén aspék duratif, upamana, (eu)keur saperti dina frasa keur lumpat. Kecap pagawéan statif nya éta kecap pagawéan anu nuduhkeun kaayaan tumetep (statis), ilaharna teu bisa dicirian ku kecap pancén aspék progrésif *keur. Contona: nyaho, teu bisa dicirian ku *keur nyaho.

KECAP SIPAT Ciri-ciri: 1) sajumlah kecap anu bisa dipaké dina ngawangun babadingan, contona: alus pisan, pangbadagna. 2) bisa ditempatkeun diwangun babandingan, dipiheulaan morfém leuwih jeung konfiks pang--na: leuwih alus, pangalusna. 3) biasana bisa dilégaan maké inténsifiér pisan jeung pohara +-na: alus pisan, pohara alusna. 4) bisa ngawangun frasa maké kecap pisan jeung kacida, contona: alus pisan, pinter kacida, kacida pinterna.

KECAP BILANGAN Ciri-ciri: 1) Sajumlah kecap anu bisa dipaké ngitung hiji hal, contona: hiji, dua, katilu, duaan. 2) bisa dilégaan ku morfém kali: dua kali tilu kali. 3) bisa dirarangkénan hareup ka- nu nétélakeun tahapan: katujuh.

KECAP PANAMBAH (ADVERBIA) Kecap Panambah nya éta kecap anu sok ditambahkeun kana kecap pagawéan, bilangan, sipat, jeung kecap panambahna sorangan. contona: nulis gancang, saeutik pisan, teuas contona: nulis gancang, saeutik pisan, teuas kacida, rusuh teuing.

KECAP PANYAMBUNG (KONJUNGSI) Kecap Panyambung nya éta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap atawa omongan jeung omongan

KECAP PANGANTET (PREPOSISI) Kecap Pangantét nya éta kecap anu gunana paranti ngantétkeun antara kecap-kecap Contona: dina méja, dipasar, kasakola.

KECAP PANYELUK (INTERJEKSI) Kecap Panyeluk nya éta kecap anu diseselkeun dina tengah-tengah kalimah, sok disebut ogé sora pangréwong. Kecap panyeluk ngawengku sora rasa saperti euleuh, ambuing, hurséh; tiruan sora saperti gejebur, dor; jeung kecap anteuran saperti cat unggah, dug ngedeng.

PROSÉS MORFOFONÉMIK/ MORFOFONOLOGI BASA SUNDA Ramlan (1987:83) nétélakeun yén morfofonémik téh maluruh parobahan-parobahan foném nu muncul balukar tepungna morfém jeung morfém. Samsuri (1987:201) negeskeun yén studi ngeunaan parobahan-parobahan dina foném-foném nu dilantarankeun ku hubungan dua morfém atawa leuwih sarta méré tanda-tanda disebut morfofonémik.

Prosés morfofonémik nya éta prosés parobahan foném balukar tepungna dua morfém atawa leuwih (Prawirasumantri, 1990:34) jeung Sudaryat (1991:60).

WANGENAN PROSÉS MORFOFONÉMIK Prosés morfofonémik téh nya éta prosés robahna foném balukar tepungna dua morfém atawa leuwih

Papasingan Prosés Morfofonemik GANTINA FONÉM TAMBAHNA FONÉM PROSÉS MORFOFONEMIK LEUNGITNA FONÉM LUNCATNA FONÉM AWORNA FONÉM

Prosés Gantina Foném Prosés gantina foném nya éta digantina hiji foném ku foném séjén. Foném /r/diganti ku foném /l/ upama infiks -ar-digabungkeun jeung wangun dasar nu dimimitian ku foném /l/,ditungtungan ku foném /r/ atawa ngandung foném /r/ dina runtuyan klusterna, contona: aludur --- -ar- + udur lalebet --- -ar- + ebet /lebet/ saleueur --- -ar- + seueur /lior/ calipruk --- -ar- + cipruk /tjipruk/

Prosés Leungitna Foném Prosés eungitna foném nya éta prosés leungitna hiji foném ku sabab tepungna dua morfém atawa leuwih.

1) Prosés Leungitna Foném /b/ Foném /b/ nu aya di awal wangun dasar sok leungit upama éta wangun téh dikantétkeun kana morfém N- (nasal), contona: mabuk --- N- + babuk males --- N- + bales malik --- N- + balik Alomorf nu muncul tina ieu prosés morfofonémik téh nya éta {m}.

2) Prosés Leungitna Foném /c/ Foném /c/ nu aya di awal hiji wangun dasar sok leungit upama éta wangun dasar téh dikantétkeun kana morfém N- (nasal). Sarta morf N-téh robah jadi alomorf (ny), contona : nyaangan --- N- + caangan nyabak --- N- + cabak nyandak --- N- + candak

3) Prosés Leungitna Foném /k/ Foném /k/ nu aya di awal hiji wangun dasar sok leungitupama éta wangun dasar téh dikantétkeun kana morf N- (nasal). Alomorf anu muncul dina ieu prosés téh nya éta {ng-}, contona : (a) ngaléng --- N- + kaléng (b) ngaput --- N- + kaput (c) ngarang --- N- + karang

4) Prosés Leungitna Foném /t/ Foném /t/ nu aya di awal hiji wangun dasar sok leungit upama éta wangun dasar téh dikantétkeun kana morfém N- (nasal). Alomorf an muncul dina ieu prosés téh nya éta {n}, contona: (a) naék --- N- + taék (b) nambut --- N- + tambut (c) nampik --- N- + tampik

5) Prosés Leungitna Foném /p/ Foném /p/ anu aya di awal hiji wangun dasar sok leungit upama éta wangun dasar téh dikantétkeun kana morfém N- (nasal). Alomorf anu muncul dina ieu prosés téh nya éta {m}, contona: maéhan --- N- + paéhan majar --- N- + pajar maju --- N- + paju

6) Prosés Leungitna Foném /s/ Foném /s/ nu aya di awal hiji wangun dasar sok leungit upama éta wangun dasar téh dikantétkeun kana morfém N- (nasal). Alomorf anu muncul dina prosés téh nya éta {ny-}, contona: nyalindung --- N- + salindung nyambat --- N- + sambat nyanghulu --- N- + sanghulu

7) Prosés Leungitna Foném-Kadua tina Engang Kahiji Lantaran Dirajék Foném kadua tina engang munggaran hiji wangun komplék leungit sabab dirajék. Data nu kapanggih téh nya éta wangun iinditan ===> R-an + indit

Prosés Leungitna Foném-Katilu tina Engang Munggaran Wangun-Wangun nu Ngalaman Prosés Réduplikasi Foném katilu tina engang munggaran wangun kompléks sok leungit upama éta wangun téh ngalaman prosés réduplikasi, contona: papanggungan --- R-an + panggung rerempagan --- R-an + rempag (badami) tatangkalan --- R-an + tangkal

Prosés Tambahna Foném Prosés tambahna foném nya éta prosés munculna hiji foném balukar tepungna dua morfém atawa leuwih.

1) Prosés Tambahna Foném /a/ Prosés tambahna foném /a/ bisa dilantarankeun ku dua hal, nya éta: (a) tepungna morfém N- jeung wangun dasar nu dimimitian ku foném /b, d, g, h, j, l, m, r, w, y/, contona: ngabanda --- N- + banda ngadadak --- N- + dadak ngagalura --- N- + galura ngahaja --- N- + haja ngalahun --- N- + ahun ngamusuh --- N- + musuh ngarasa --- N- + rasa ngawadul --- N- + wadul ngayakinkeun --- N- + yakinkeun

(b) tepungna morfém {-na} jeung wangun dasar nu geus dirarangkénan -an atawa -eun, contona: ajianana tiluanana --- -an + ajian --- -na + tiluan

2) Prosés Tambahna Foném /ŋ/ Foném /ŋ/ sok muncul dina hiji wangun kompléks upama wangun dirajék (konfiks R--an) sarta éta wangun téh nuduhkeun harti divérsitas/imitatif, contona: (a) bongborosan --- R-an + boros (b) céngcéléngan --- R-an + céléng (c) dangdaunan --- R-an + daun

3) Prosés Tambahna Foném /na/ Foném /na/ sok muncul dina hiji wangun katatabasaan anu husus upama hiji wangun dasar dirarangkénan -na, contona: (a) duanana --- -na + dua (b) étanana --- -na + éta

d. Prosés Pindahna (Luncatna) Foném Prosés Pindahna/luncatna foném nu kapanggih tina data nu dianalisis téh nya éta foném /ar/ -nu asalna tina morf /-ar-/ robah /ra/ upama morfém -ar- dikantétkeun kana wangun dasar nu dimimitian ku vokal, contona: 1) arangkat --- -ar- + angkat 2) arembung --- -ar- + embung 3) arindit --- -ar- + indit 4) aroyag --- -ar- + oyag

PROSÉS AWORNA FONÉM Prosés aworna foném nya éta ngahijina/leburna dua foném tina dua morfém jadi hiji foném.

1) Prosés Aworna Foném /aa/ jadi /a/ Runtuyan foném /aa/ tina dua morfém nu ngahubungkeun tur ngawangun hiji kecap sok aya nu awor jadi /a/. Ieu hal téh dilantarankeun ku ngagabungna morfém ka--an, pa--an, R--an kana wangun dasar nu ditungtungan ku foném /a/, contona: (a) babasan --- R-an + basa (b) kamulyaan --- ka--an + mulya (c) paséban --- pa--an + séba

2) Prosés Aworna Foném /ua/ atawa /au/ jadi /o/ Runtuyan foném /ua/ atawa /au/ tina dua morfém digabungkeun tur ngawangun hiji kecap sok aya nu awor jadi /o/ upama morfém ka--an atawa R--an ngagabung kana wangun dasar nu ditungtungan ku foném /u/ atawa morfém téa kana wangun dasar nu dimimitian ku foném /u/, contona: (a) bebendon --- R--an + bendu (b) karaton --- ka--an + ratu (c) kocap --- ka- + ucap (d) kondur --- ka- + undur (e) wewengkon--- R-an + wengku

3) Prosés Aworna Foném /ia/ jadi /ε/ Runtuyan foném /ia/ tina dua morfém nu digabungkeun tur ngawangun hiji kecap sok aya nu awor jadi /ε/ upama morfém ka--an atawa pa-- an digabungkeun kana wangun anu ditungtungan ku foném /i/, contona: (a) kabupatén --- (b) kasaktén --- (c) pasantrén --- ka--an + bupati ka--an + sakti ka--an + santri