BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN


Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

Transkripsi:

1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ilaharna unggal bangsa miboga ciri anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna, lantaran unggal bangsa miboga pamikiran sarta paripolah anu béda-béda dumasar kana kaayaan lingkungan sarta alamna. Anu ngabédakeun hiji bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi, (11:1995) bangsa Indonésia diwangun ku kelompok atawa golongan anu masingmasing miboga kasang tukang sajarah saluyu jeung daérah lingkungan alamiah masing-masing anu miboga ciri anu husus dina hal adat istiadat jeung kasenian. Kabudayaan muncul lantaran ayana hiji pamikiran ti hiji masarakat dumasar kana kabutuhan anu miboga ajén-inajén luhung pikeun hirup kumbuhna, sok sanajan aya ogé anu nganggap yén budaya téh hiji ritual kalayan teu apal ayana ajén-inajén anu nyangkaruk di jerona sakumaha anu aya dina wujud kabudayaan. Nu dimaksud wujud tina kabudayaan nyaéta (1) salaku hiji hal nu komplek tina ide-ide, gagasan, ajén inajén, norma-norma sarta aturan-aturan (2) kumpulan kagiatan anu mola ti manusa di masarakat (3) hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dijadikeun milik manusa ngaliwatan diajar (Koentjaraningrat 1985:1). Dumasar kana wujud budaya, wayang mangrupa hasil karya manusa dina kahirupan masarakat sarta miboga ajén inajén anu ngagambarkeun sifat sarta paripolah manusa. Sakumaha anu disebutkeun ku Suryana (2002:12) yén wayang

2 golék, saperti jenis wayang séjéna nyaéta alat komunikasi nu lengkep, nyaéta alat komunikasi pandang dengar, ajén (tuntunan) dibungkus dina tuturan dalang. Kabéh jenis wayang, ti mimiti fungsina salaku sarana pikeun nepikeun ajén inajén disagigireun salaku pintonan. Jadi, audiens (nu lalajo) meunangkeun dua sajian nyaéta mangrupa ajén jeung hiburan (pintonan). Di Indonesia wayang sumebar di sababaraha daérah sarta miboga jenis jeung ngaran anu béda-béda dumasar kana daérahna, diantarana wayang kulit, wayang golék jeung wayang wong. Éta wayang téh nepika kiwari masih kénéh aya tur dipintonkeun pikeun hirup kumbuhna wayang sarta hiburan di masarakat. Dina kahirupan urang Sunda wayang anu aya sarta sumebar téh nyaéta wayang golék. Wayang golék nyaéta salahsahiji jenis seni tradisi anu aya nepi kaayeuna téh tetep hirup di daérah tatar Sunda (Suryana 2002:5). Wayang golék jadi ciri has budaya Sunda lantaran wayang golék sumebar di Sunda. Kasenian wayang golék sok dipagelarkeun dina kagiatan anu aya patalina jeung salametan, kawinan, nyunatan jeung kagiatan séjéna. dipagelarkeun sapeupeuting, dipaénkeun ku dalang anu nyaritakeun eusi caritaan. Carita wayang golék latar na nyaéta carita Ramayana jeung Mahabrata. Masarakat Sunda kiwari geus hariwang kana budaya hasil cipta, karsa jeung karya titinggal karuhun anu geus katindih ku budaya deungeun. Ieu hal bisa ngabalukarkeun seni budaya urang leungit saupama geus euweuh nu reueus deui kana seni budaya éta sorangan. Budaya geus jadi ciri hiji bangsa, saupama éta budaya geus leungit, tangtu leungit ogé idéntitas bangsa téh. Salasahiji tarékah sangkan seni budaya teu leungit salasahijina diayakeunana panalungtikan ku

3 sababaraha jelema anu geus leuwih tiheula nalungtik ngeunaan wayang, diantarana nyaéta Karakteristik Palaku dina Carita Wayang Kurawa-Pandawa Karya Hidayat Susanto (skripsi, taun 2006 Udin) jeung Ajén Falsafah Panakawan dina Pagelaran Wayang Golék Purwa Versi Giri Harja (skripsi, 2007 Nurani Septiani). Salian ti kitu, sangkan seni budaya hususna wayang tetep aya sarta teu leungit ieu panalungtikan téh dianggap perlu sarta bisa leuwih ngawanohkeun deui seni budaya wayang ka generasi anu ngora sangkan bisa mertahankeun seni budaya titinggal karuhun, salasahiji carana pikeun éta kasenian wayang téh dipiwanoh ku balaréa nyéta ngaliwatan pangajaran di sakola anu ngawanohkeun heula carita wayang anu jadi babon pagelaran wayang. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dibéré judul Karakteristik Tokoh Pandawa dina Carita Wayang Mahabarata pikeun Bahan Pangajaran di SMA. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang anu geus dipedar saméméhna, ieu panalungtikan téh perlu diwatesan sangkan puguh jujutannana. Carita wayang Mahabarata ngandung sababaraha unsur carita. Ku kituna pikeun ngawatesanan ieu panalungtikan rék ngadéskripsikeun (ngagambarkeun) karakteristik tokoh Pandawa dina carita wayang.

4 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, rumusan panalungtikan diwangun ku kalimah pananya saperti di handap ieu: 1) Saha waé tokoh Pandawa dina carita Mahabarata téh? 2) Kumaha karakter tokoh pandawa dina carita Mahabarata? 3) Ajén moral anu nyangkaruk dina karakter tokoh Pandawa téh? 4) Naha carita wayang tokoh Pandawa dina carita Mahabarata bisa dijadikeun bahan ajar di SMA? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum dina ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun ngamumulé salasahiji budaya anu sumebar di Indonésia hususna carita wayang anu aya di tatar Sunda. 1.3.2 Tujuan Husus Tujuan husus dina ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: 1) Tokoh Pandawa nu aya dina carita Mahabarata. 2) Karakter tokoh Pandawa nu aya dina carita Mahabarata. 3) Ajén moral anu nyangkaruk dina karakter tokoh Pandawa. 4) Carita wayang tokoh Pandawa dina carita Mahabarata bisa dijakeun bahan ajar di sakola.

5 1.4 Mangfaat Panalungtikan 1.4.1 Mangfaat Téoritis Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa mangfaat pikeun balaréa anu mikacinta kana budaya Sunda, hususna carita anu aya dina wayang golék, sarta leuwih reueus deui kana budaya Sunda. 1.4.2 Manfaat Praktis Mangfaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta: 1) Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan bisa leuwih ngaguar deui karakter sarta ajén moral tokoh Pandawa dina carita wayang Mahabarata. 2) Pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda. 3) Pikeun siswa, ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh siswa kana karakteristik tokoh wayang Pandawa dina carita Mahabarata. 1.5 Anggapan Dasar Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nyaéta: 1) Wayang golék téh mangrupa budaya Sunda anu perlu dimumulé kaayaanana. 2) Tokoh Pandawa dina wayang nyaéta Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. 3) Carita wayang bisa dijadikeun bahan kagiatan diajar ngajar.

6 1.6 Wangenan Operasonal Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih jéntré, sarta leuwih maham kana istilah-istilah anu dipaké. aya sababaraha wangenan istilah-istilah anu dipaké pakait jeung judul panalungtikan. 1) Karakter atawa karakrerisasi nyaéta sakur anu aya patalina jeung palaku carita atawa rupaning cara, téhnik, ngagelarkeun palaku dina carita (Iskandarwassid 61:1992). 2) Pandawa. hartina turunan Bharata anu asalna ti Kunti talibrata lain Pandu Déwanata, Kunti Talibrata mangrupa turunan Bandhadhari anu mangrupakeun putri Sentanu (Komandoko 52:2009). Lima tokoh dina carita wayang Mahabarata nyéta Punta Déwa/Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. 3) Wayang nyaéta hiji bentuk seni pintonan anu magrupa drama anu has, anu ngawengku seni sora, seni sastra, seni music, seni caritaan, seni lukis, jrrd (Pasha 17:2011). 4) Mahabarata. Nyaéta runtuyan kasusastraan anu lengkep (Effendi 8:1955). Ku urang India Mahabarata dibéré ngaran purana-samhita, nyaéta kumpulan dongéng-dongéng heubeul, carita raja-raja anu miboga cita-cita suci, jalmajalma alim, permaisuri nu satia jeung putri anu geulis (Effendi 8:1955). 1.7 Rangkay (karangka) téori Dina ieu panalungtikan maké sababaraha téori anu aya kaitanna jeung panalungtikan diantara teori ngeunaan unsur carita anu diwangun ku peristiwa

7 carita (alur atawa plot), tokoh carita (karakter), tema carita, suasana carita, sudut pandang carita, gaya carita (Sumarjo 37:1988). Karakter atawa karakterisasi nyaéta sakur anu aya patalina jeung palaku carita atawa rupaning cara, téhnik, ngagelarkeun palaku dina carita (Iskandarwassid 61:1992). Wayang nyaéta hiji bentuk seni pintonan anu magrupa drama anu has, anu ngawengku seni sora, seni sastra, seni musik, seni caritaan, seni lukis, jrrd (Pasha 17:2011). Moral nyaéta hadé goréngna nu ditarima ku umum ngeunaan kalakuan, sikep, kawajiban jsb.; ahlak, budi pekerti, susila (KBBI, dina Nurgiyantoro 320:2010). SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda nyaéta program pikeun mekarkeun pangaweruh, kaparigelan basa jeung sikep positip kana basa jeung sastra Sunda (Disdik 23:2007). 1.8 Sistematika Laporan Dina ieu panalungtikan sangkan puguh éntép seureuhna kudu aya sistematikana di antarana: 1) BAB I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan mangfaat panalungtikan, anggapan dasar, wangenan operasional, karangka téori jeung sistematika panalungtikan. 2) BAB II anu di jerona medar téori unsur carita, panokohan/karakteristik, jeung Pangajaran. 3) BAB III Métode Panalungtikan, eusina ngeunaan métode jeung téhnik panalungtikan, desain panalungtikan, instrumen panalungtikan, sumber data, léngkah panalungtikan, léngkah nyusun.

8 4) BAB IV eusina ngeunaan hasil panalungtikan unsur dina carita, karakteristik tokoh Padawa, ajén moral anu nyangkaruk dina karakter tokoh Pandawa. 5) BAB V mangrupa bab pamungkas eusina ngeunaan kacindekan jeung saran hasil tina panalungtikan. 6) Daftar Pustaka 7) Lampiran