BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB III METODE PANALUNGTIKAN


BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa wawacan, nya éta carita panjang nu ditulis dina wangun pupuh. Wangun pupuh mimiti dipiwanoh ku masarakat Sunda, utamana kaum bangsawan sanggeusna aya pangaruh politik ti Mataram dina abad ka-17 (Ruhaliah, 2010:5). Upama ditilik tina eusi téksna, wawacan téh dikelompokkeun jadi sababaraha bagian, nya éta naskah kelompok agama, basa, hukum/aturan, kamasarakatan, mitologi, atikan, pangaweruh, paririmbon, sastra, sastra sajarah, sajarah, jeung seni (Ekadjati, 1988:vi). Di antara papasingan téks wawacan sakumaha nu geus disebutkeun di luhur, aya téks wawacan nu eusina sastra sajarah. Kadang-kadang éta téks téh sok dingaranan ku rupa-rupa sesebutan, di antarana babad. Babad téh bisa disebutkeun mibanda ajén-inajén jeung kajadian-kajadian nu kawilang penting dina mangsana, kayaning kahirupan kabudayaan, alam pikiran, susunan tatanan kapamaréntahan, adat-istiadat, kaayaan kamasarakatan, jeung kagiatan-kagiatan kultural (budaya) lianna. Réalitas anu nyampak dina babad geus pagalo jeung unsur kréativitas, nepi ka éta réalitas bisa disebutkeun muncul dina wangun anu anyar. Dumasar éta hal, babad teu bisa sacara gembleng ditilik salaku dokumén sajarah, tapi disawang ogé 1

2 salaku téks kréatif (sastra) nu dianggap nafsirkeun jeung némbongkeun hal-hal sajarah. Nu nyusun babad leuwih nekenkeun kana kagiatan ngama naan atawa némbongkeun éksisténsi manusa ngaliwatan carita nu ngagambarkeun kajadiankajadian nu bisa jadi sacara hakékat mah teu bener ayana, tapi asup akal sacara ma nawi. Fungsi jeung peran babad pikeun masarakat mangsa kiwari bisa disebutkeun penting. Nalika aya konsép mangsa kiwari mangrupa tuluyna tina mangsa baheula, mangka kamekaran bangsa jeung masarakat mangsa kiwari téh sakuduna bisa dipaham jeung dimekarkeun kalawan niténan kasang tukang sajarahna. Hartina, perlu pisan urang dina mangsa kiwari niténan sumber-sumber informasi mangsa béh ditu nu némbongkeun rupa-rupa pasualan kayaning sawangan, alam pikiran, jeung ajén-inajén nu pernah hirup jeung mekar ti mangsa ka mangsa. Neuleuman babad upama dibandingkeun jeung karya sastra séjénna saperti dongéng, lain perkara nu gampang. Komo upama éta babad dijadikeun bahan pembelajaran nu kondisi siswana beda antara jaman ayeuna jeung jaman baheula. Ku lantaran kitu, munasabah saupama dina sawatara buku téks kapanggih bahan pembelajaran babad nu diropéa wangunna. Nu aslina upamana wangun wawacan, dirobah jadi wangun carita prosa. Dumasar kana kasang tukang tadi, perlu aya panalungtikan ngeunaan babad. Nu ditalungtik téh salah sahiji babad, nya éta Babad Sumedang: Ulikan Struktur jeung Semiotik pikeun Alternatif Bahan Pembelajaran Sastra di SMA.

3 Nu jadi dadasar pangna Babad Sumedang (nu satuluyna disebut BS) karangan R.A.A. Martanagara jadi obyék panalungtikan lantaran BS karangan R.A.A. Martanagara mangrupa karya sastra nu sumberna tina sajarah. Ku lantaran kitu, eusina mangrupa sajarah nu ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang jaman baheula sarta ngabogaan ciri-ciri karya sastra nu bisa ditalungtik ngaliwatan pamarékan sastra. Patalina jeung alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA, ieu panalungtikan téh mangrupa usaha pikeun ngaronjatkeun motivasi jeung daya aprésiasi siswa dina ngulik babad sangkan manggihan alternatif bahan pembelajaran sastra nu bisa mantuan siswa dina ngahontal tujuan pembelajaran. Ieu panalungtikan téh ngagunakeun ulikan struktur jeung semiotik. Numutkeun Teeuw (1984:142-143) nétélakeun yén élmu sastra nu sajati kudu mibanda sipat semiotik, nya éta kudu nganggap yén sastra téh mangrupa sistem tanda. Pancén semiotik lain ngan saukur ngadéskripsikeun tanda-tanda nu tangtu, tapi méré konvénsi-konvénsi nu didadasaran ku rupaning prilaku jeung pembayangan. Sakumna pangalaman jeung kabudayaan manusa dumasar kana tanda jeung ngabogaan diménsi simbolik nu dominan. Neuleuman babad, nya éta neuleuman ma na tina éta babad. Ku ayana hasil ulikan babad, dipiharep bakal leuwih gampang dina enggoning neuleuman ma na babad. 1.2 Rumusan Masalah Dumasar kana kasang tukang tadi, ieu panalungtikan téh medar perkara struktur jeung semiotik nu aya dina BS pikeun Alternatif Bahan Pembelajaran Sastra di SMA. Identifikasi masalahna saperti ieu di handap.

4 1) Kumaha struktur carita nu aya dina BS? 2) Unsur semiotik naon waé nu aya dina BS? 3) Kumaha alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA tina hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina BS? 1.3 Watesan Masalah Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta BS karangan R.A.A. Martanagara nu ditranslitasi tina naskah nu dipiboga ku Muhamad Jen, Sumedang, diterbitkeun ku Lembaga Kebudayaan Unpad taun 1978. Dina ieu panalungtikan, nu diulik téh BS kalawan ngagunakeun pamarékan sastra nu ngawengku struktur jeung semiotik pikeun alternatif bahan pembelajaran di SMA. Unsur-unsur nu dipedar dina analisis struktur ngawengku (1) tema, (2) galur (plot), (2) latar (setting), (3) palaku, jeung (4) gayabasa, sedengkeun unsurunsur semiotik ngawengku indéks ngaran palaku jeung tindakan palaku. 1.4 Tujuan Panalungtikan Nu jadi tujuan dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun: 1) struktur carita nu aya dina BS; 2) unsur semiotik nu aya dina BS; jeung 3) alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA tina hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina BS. 1.5 Mangpaat Panalungtikan Dumasar kana tujuan panalungtikan di luhur, aya sababaraha mangpaat nu bias dicokot tina ieu panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap.

5 1) Mangpaat Téoritis Ieu panalungtikan téh bisa ngeuyeuban élmu jeung méré sumbangan pikeun dunya sastra daérah, sastra nasional, utamana pikeun panalungtikan carita babad. 2) Mangpaat Praktis Lian ti bisa méré pangaweruh anyar jeung pamahaman nu leuwih jero ngeunaan BS, bisa dijadikeun salah sahiji référénsi pikeun panalungtik dina ngawangun gagasan anyar nu leuwih kréatif dina mangsa nu bakal datang deuih. Lian ti éta, bisa dijadikeun alternatif bahan pemebelajaran sastra, hususna bahan pembelajaran sastra di SMA. 1.6 Definisi Operasional Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap. 1) Babad Sumedang, nya éta babad nu eusina ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang jaman baheula, ditulis ku Radén Aria Adipati Martanagara, ditranslitasi ku Haji Said Raksakusumah jeung Edi S. Ekadjati, sarta didokuméntasikeun ku Lembaga Kebudayaan Universitas Pajajaran dina 1978. 2) Ulikan Struktur, nya éta hiji cara pikeun neuleuman atawa nganalisis karya sastra dumasar kana struktur, anu unsur-unsurna aya patalina antara unsur nu hiji jeung unsur nu lianna kalawan gumulung.

6 3) Ulikan semiotik, nya éta hiji cara pikeun neuleuman atawa nganalisis karya sastra dumasar kana sistem-sistem, aturan-aturan anu ngamungkinkeun éta tanda téh ngabogaan harti pikeun ngalancarkeun komunikasi. 1.7 Anggapan Dasar Ieu panalungtikan téh didadasaran ku anggapan: 1) Tulisan-tulisan nu katempona miboga sipat sajarah sabenerna mangrupa campuran antara sastra jeung sajarah, saperti babad jeung sajarah (Teeuw, 2003:199). Ku lantaran kitu, BS mangrupa salah sahiji karya sastra sajarah sarta bisa ditalungtik kalawan maké pamarékan sastra; 2) Bahan pembelajaran sastra kudu dimekarkeun sangkan leuwih lengkep, matak ngirut, sarta bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina aprésiasi sastra; 3) Pangaweruh ngeunaan analisis struktur jeung semiotik BS bakal mantuan siswa dina ngaronjatkeun tingkat pamahaman maca teks sastra; 4) Dina KTSP Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda kelas X, aya kompéténsi keur maca sajarah lokal/carita babad (10.3.1). 1.8 Sistimatika Penulisan Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan sistematika sakumaha tabél ieu di handap.

7 Tabel 1 Sistematika Laporan Panalungtikan No Bab Judul Bab Eusi Bab 1 I 2 II 3 III 4 IV 5 V BUBUKA Mertélakeun perkara kasang tukang, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, definisi operasional, anggapan dasar, sistimatika penulisan, jeung paradigma panalungtikan ULIKAN Ngadadarkeun sajumlahing konsép poko nu PUSTAKA dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis masalah nu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung téori. Dina ieu bab dipedar perkara babad, téori struktur, téori semiotik, jeung pembelajaran sastra di SMA. MÉTODOLOGI Mertélakeun perkara métode panalungtikan, PANALUNGTIKAN pamarekan panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, populasi, sampel,, téhnik ngumpukeun data, jeung ULIKAN STRUKTUR JEUNG SEMIOTIK BABAD SUMEDANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PEMBELAJARAN SASTRA DI SMA KACINDEKAN JEUNG SARAN prosedur analisis data Ngadadarkeun hasil analisis data nu mangrupa hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina Babad Sumedang. Ngadadarkeun hasil analisis nu bisa dijadikeun alternatif bahan pembelajaran di SMA Mertélakeun kacindekan tina hasil analisis nu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran nu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.

8 1.9 Paradigma Panalungtikan SASTRA STRUKTUR 1. TEMA 2. FAKTA CARITA a. Galur b. Palaku c. Latar 3. SARANA SASTRA Gaya Basa BABAD SUMEDANG SEMIOTIK Indéks Ngaran Palaku jeung Indéks tindakan Palaku ALTERNATIF BAHAN PEMBELAJARAN SASTRA DI SMA