BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004, kc.7) nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana aturan anu tangtu pikeun ngahontal hiji tujuan. Minangka hiji sistem basa miboga dua sipat nyaéta sistematis jeung sistemis. Disebut sistematis lantaran basa miboga unsur-unsur anu dumuk pola-polana tur bisa diramalkeun, sedengkeun disebut sistemis lantaran basa téh mibanda subsistem kayaning fonologi, gramatika, léksikon, jeung semantik. Basa anu dipaké pikeun alat komunikasi téh mangrupa wujud kedalna eusi pikiran, kahayang, rasa, jeung rupa-rupa pamaksudan ti hiji jalma ka jalma lianna. Cara nepikeun sarupaning pamaksudan ti diri panyatur sangkan kacangkem maksudna, bisa ngaliwatan basa lisan atawa tulisan. Basa lisan nyaéta basa anu ditepikeun ngaliwatan media tulis, saperti novel, carpon, ésséy, jeung sajak. Dina hirup kumbuh, basa Sunda téh miboga ragem basa. Ari ragem basa téh disawang tina sababaraha jihat anu makéna anu nyoko kana: 1) wewengkon, 2) tahap atikan, 3) sikep panyaturna, 4) basa omongan, 5) sarana, basa lisan, bisa tulisan, jeung, 6) pasosokna. Mun ditingali tina ragem basa (sarana), karya sastra mangrupa ragem makéna basa tinulis. Sabab, di antarana ngawengku atawa diwangun ku morfém, kecap, frasa, klausa, jeung wacana (Sudaryat, 2011, kc.3). Nurutkeun Sudaryat (2010, kc.2) wacana mangrupa unsur gramatikal pangjembarnaa, bisa ngawujud karangan anu gembleng (novél, buku, artikel) atawa paragraf, kalawan mawa amanat anu lengkep. Wacana mangrupa wangun basa pangjembarna anu diulik ku pragmatik. Ku kituna, wacana miboga sifat-sifat pragmatis. Kapragmatisan wacana ngawengku, (1) déiksis, (2) praduga, (3) implikatur konvérsasi, (4) adegan konversasi, jeung (5) laku basa (Levinson dina Sudaryat, 2010, kc.10-11). Déiksis mangrupa unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi nu tangtu di luar basa nu gunana pikeun ngukur gejala semantis nu aya dina kecap 1
2 atawa adegan kecap nu ngan bisa ditafsirkeun acuanana ku cara ngitung-ngitung situasi omongan. Kecap déiksis asalna tina basa Yunani deiktickos anu hartina hal nuduhkeun kalawan langsung. Déiksis dipaké pikeun ngébréhkeun fungsi kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut léksikal séjénna nu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumangsungna komunikasi basa (Lyons dina Sudaryat, 2010, kc. 11). Naon-naon anu dituduhkeun ku déiksis téh disebutna antésédén. Nilik kana antésédénna, déiksis bisa dibédakeun jadi déiksis persona, déiksis temporal, déiksis lokatif, déiksis wacana jeung déiksis sosial. Nilik kana kahanan antésédén, aya déiksis luar-tuturan (eksoforis) jeung déksis jero-tuturan (endoforis). Nilik kana posisi antésédén, aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Upamana waé, kecap manéhna dina kalimah Ahmad téh urang Ciamis. Manéhna kuliah di UPI. Kaasup kana déiksis anaforis. Déiksis anaforis jeung déiksis kataforis téh kapanggih dina kalimah sapopoé boh lisan boh tinulis. Dina komunikasi lisan kapanggih nalika jalma papada gunem catur, sedengkeun dina wacana tinulis biasana kapanggih dina majalah, buku, koran, jeung karya sastra tinulis salah sahijina nyaéta carpon. Ieu panalungtikan téh museur kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina salasahiji majalah Sunda nyaéta majalah Manglé. Aya sababaraha panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan déiksis di antarana waé: (1) Déiksis dina Kumpulan Carita Pondok Jurig Paséa Jeung Nyi Karsih karangan Tini Kartini (Riana, 2005), (2) Déiksis Sosial dina Novél Payung Butut karya Ahma Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas IX (Purnamasari, 2010). (3) Wanda déiksis dina Novél Béntang Pasantrén Karya Usép Romli H.M pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (Nuraeni, 2012). Dina éta tilu panalungtikan téh pada-pada dopedar perkara déiksis, nyaéta unsur basa anu ngacu kana antésédén. Panalungtikan kahiji dipedar kabéh wangun déiksis, panalungtikan kadua medar déiksis sosial, ari panalungtikan ka tilu medar wanda déiksis. Tiluanana miboga sasaruan jeung bédana lebah lega ambahan ngulikna. Ieu panalungtikan ogé sarua medar perkara déiksis, tapi diwatesanan kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Jaba ti éta, sumber datana ogé béda
3 nyaéta tina majalah Manglé. Garapan séjénna anu béda téh nyaéta dina ieu panalungtikan dipedar ogé perkara antésédén anu diacuna. Ari panalungtikan saméméhna mah teu kungsi nepi ka éta garapan. Ku kituna, panalungtikan perkara déiksis utamana mah déiksis anaforis jeung déiksis kataforis katut antésédénna masih perlu dilaksanakeun. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan anu judulna Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis dina Majalah Manglé perlu dilaksanakeun. 1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis téh bisa disawang tina rupa-rupa jihat saperti tina wanda, posisi, tipe, jeung acuan. Disawang tina wanda aya déiksis endoforis jeung déiksis eksoforis. Tina posisina aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna aya déiksis persona, temporal, lokatif jeung sosial. Ku lantaran ambahan déiksis kaitung lega. Ieu panalungtikan diwatesanan kana rupa-rupa déiksis dumasar kana posisina. Jaba ti éta, tina ieu panalungtikan ogé bakal diulik wangun antésédén anu diacu ku déiksis, boh déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana éta idéntifikasi jeung watesan masalah, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun din wangun pananya ieu di handap: a. Kumaha tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina carpon anu aya dina Majalah Manglé? b. Kumaha posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé? c. Kumaha wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé? d. Kumaha wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina éta carpon?
4 1.3 Tujuan panaluntikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun déiksis anaforis jeung kataforis dina carpon anu aya dina Majalah Manglé. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus panaluntikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun: a. Tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina carpon anu aya dina Majalah Manglé Wangun déiksis anaforis jeung kataforis ékstrakalimah jeung intrakalimah dina éta carpon. b. Posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé. c. Wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé. d. Wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina éta carpon. 1.4 Mangpaat Panaluntikan Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat teoritis jeung mangpaat praktis: 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, hasil panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun paélmuan, nyaéta: 1) Nambahan pangaweruh deiksis dina katatabasaan sarta leuwih jembar deui. 2) Sumber acuan nu rék nalungtik ieu kapragmatisan wacana ngeunaan déiksis nu leuwih euyeub deui.
5 1.4.2 Mangpaat Praktis Mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina panalungtikan sacara praktis, nyaéta: 1) Pikeun panalungtik, dipiharep tina panalungtikan ieu bisa jadi ngajembaran pangaweruh ngeunaan katatabasaan 2) Pikeun guru, jadi bahan informasi ka masyarakat sangkan bisa weruh kana unsur deiksis. 3) Bisa dipaké pikeun ngeuyeuban kaédah-kaédah tata basa nu geus aya, sangkan leuwih jembar. 1.5 Raraga Tulisan Ieu panalungtikan disusun dina lima bab Bab I Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, rumusan, tujuan, mangpaat, jeung raraga tulisan. Bab II ulikan pustaka, eusina ngeunaan déiksis dina wacana carita pondok anu aya dina Majalah Manglé. Eusina ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis. Bab III mangrupa métode panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, intrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil panalungtikan. Bab IV hasil jeung pedaran, anu eusina ngawengku hasil panalungtikan, sarta hasil panalungtikan. Bab V kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan mangrupa intisari tina sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékoméndasi anu ditepikeun ku nu nulis ka nu maca.