BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

PADIKA NGAJARKEUN KAPARIGELAN BASA DI SD/MI. Dingding Haerudin*)

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Disawang tina umurna, siswa SMP kelas VIII dipastikeun bisa nepikeun pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal ngagunakeun basa Sunda. Tapi, dina kanyataanana mah, para siswa dina nepikeun pamadegan téh umumna miskin kosa kecap jeung heureut wawasan, lantaran biasana boga sipat horéam maca jeung horéam muka kamus. Lian ti éta konsép mikir atawa pola pikir maranéhna geus didominasi ku basa Indonésia. Ku kituna para siswa mindeng béakeun picaritaeun dina kagiatan diskusi. Iwal ti siswa-siswa anu motékar, anu bisa ngahirupkeun tur manjangkeun lumangsungna kagiatan diskusi. Siswa anu motékar di dieu nya éta siswa anu daék maluruh jeung ngonsép saméméhna boh kecap boh kalimah anu rék dikedalkeun ku manéhna dina mairan atawa ngajawab diskusi. Dumasar fakta di lapangan, kagiatan diskusi henteu salilana lancar. Siswa mindeng nyanghareupan bangbaluh ti dirina sorangan, di antarana: can boga kawani ngedalkeun pamanggihna ka balaréa; sabagéan siswa geus aya kawani dina ngedalkeun pamanggihna, tapi can bisa sampurna dina nyusun kalimah anu dikedalkeun ku manéhna; aya nu wani jeung hadé dina nyarita, tapi wawasanna heureut; aya ogé anu keur mah teu wani, katambah wawasanna heureut. Katitén ogé dina panalungtikan nu dilaksanakeun ku Elliyawati Nurhayat di SMPN 19 Bandung taun ajaran 2008/2009 jeung 2009/2010, peunteun rata-ratana 60 tina hasil tés nyarita siswa. Salian ti éta, kurang karesepna siswa kana nyarita ogé katitén tina hasil wawancara di kelas VII A, B, jeun C SMPN 19 Bandung, nu ngébréhkeun yén 75% siswa sieun jeung teu bisa nyarita di hareupeun balaréa kalayan hadé tur bener (Nurhayat, 2011, kc. 88). Pasualan anu kapanggih dina pangajaran basa Sunda lain ngan ukur muncul ti diri siswana wungkul. Teu nutup kamungkinan nu jadi pasualan téh kualitas guru

2 basa Sundana. Upamana kurangna kasadaran ti diri guru yén mata pelajaran nu dicekel ku dirina téh kacida pentingna, guruna sorangan teu pati minat kana mata pelajaran nu dicekel ku manéhna anu sakuduna mah geus jadi tanggung jawabna pikeun ngawasa ieu pangajaran, sarta bisa ogé balukar tina guruna teu kréatif (ngandelkeun buku sumber saaya-aya atawa heureut deuleu). Ditilik tina hal éta, guru salaku fasilitator dina pangajaran kudu miboga inovasi, utamana dina lebah métode pangajaran sangkan sakabéh siswa bisa aktif tur bisa nepikeun sakabéh pamadeganana ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur hadé nalika lumangsungna pangajaran basa Sunda. Nurutkeun Weinstein jeung Meyer, (dina Trianto, 2007, kc. 143) pangajaran nu hadé ngawengku kumaha cara siswa diajar, kumaha cara nginget-nginget bahan pangajaran, kumaha cara mikir, jeung kumaha ngamotivasi dirina sorangan. Hal ieu dijelaskeun deui ku Weinstein jeung Meyer dina Trianto (2007, kc. 143) anu nyebutkeun yén: Merupakan hal yang aneh apabila kita mengharapkan siswa belajar namun jarang mengajarkan mereka tentang belajar. Kita mengharapkan siswa untuk memecahkan masalah namun jarang mengajarkan mereka tentang pemecahan masalah. Dan sama halnya kita kadang-kadang meminta siswa mengingat sejumlah besar bahan ajar namun jarang mengajarkan mereka seni menghafal. Sekarang tibalah waktunya kita membenahi kelemahan kita tersebut, tibalah waktunya kita mengembangkan ilmu terapan tentang belajar dan pemecahan masalah dan memori. Kita perlu mengembangkan prinsip-prinsip tentang bagaimana belajar, bagaimana mengingat, bagaimana memecahkan masalah dan kemudian mengemasnya dalam bentuk pelajaran yang siap diterapkan dan kemudian memasukkan metode-metode ini dalam kurikulum. Sakumaha anu kaunggel dina kurikulum 2013, Kompetensi Inti Kometensi Dasar/KIKD (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 25), anu nerangkeun yén siswa kelas VIII semester II dipiharep bisa mengidentifikasi, menganalisis, menanggapi, dan menyusun teks bahasan budaya Sunda dengan memperhatikan kaidah-kaidah bahasa Sunda yang baik dan benar. Di mana tujuan tina pangajaran bahasan budaya Sunda nya éta kompeténsi dasarna 8.3.6

3 mengidetifikasi dan menganalisis teks bahasan budaya Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya, jeung 8.4.6 menanggapi dan menyusun teks bahasan budaya Sunda dengan memeperhatikan kaidah-kaidahnya. Sangkan tujuan tina kompeténsi dasar bisa kahontal, dibutuhkeun hiji modél anu bisa ngarojong kana pangajaran bahasan budaya Sunda. Dumasar kana tiori nu ditétélakeun di luhur, panalungtik ngasongkeun hiji modél nu bisa dipaké dina kagiatan diajar ngajar anu dipiharep bisa ngarojong guru salaku pangajar, pikeun ngahontal tujuan pangajaran dina aspék nyarita anu matérina bahasan budaya Sunda. Modél anu diasongkeun nya éta Time Token Arends. Time Token Arrends nya éta hiji pola pangajaran nu ngabina kamampuh komunikasi siswa ku cara méré kupon nyarita ka unggal siswa nepi ka dina hiji pangajaran teu didominasi ku sabagéan siswa (Muslihudin spk, 2012, kc. 201). Dipilihna matéri pangajaran bahasan budaya Sunda téh sabab umumna siswa kelas VIII geus miboga kamampuh nepikeun gagasanana kalawan logis tur puguh éntép seureuhna, mampuh néangan pasualan jeung cara ngungkulanana dumasar kana pangaweruh anu dipimilik ku maranéhna séwang-séwangan. Lian ti éta dina raraga ngawanohkeun budaya Sunda sangkan siswa aya karep mikanyaah nepi ka ngamumuléna. Ku kituna, ieu modél dipiharep luyu jeung kabutuh siswa dina ngahontal kaparigelan nyarita dina kagiatan bahasan budaya Sunda sarta nyumponan pameredih KIKD. Panalungtikan anu dilakukeun saméméhna nya éta, Penerapan Metode Pembelajaran Time Token Arrends pada Siswa Kelas VIII A SMP N 1 Prambanan Dalam Upaya Meningkatkan Keaktifan Siswa dan Prestasi Belajar Pendidikan Kewarganegaraan, anu ditalungtik taun 2012 ku Ana Ivar Iriyanti 07401244041, Pendidikan Kewarganegaraan dan Hukum Universitar Negeri Yogyakarta. Dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan modél Time Token Arrends anu éféktif diterapkeun dina pangajaran PKn sarta mampuh ngaronjatkeun kaaktifan siswa jeung préstasi diajar siswa. Salian ti éta, panalungtikan modél Time Token Arends ogé pernah dilaksanakeun ku mahasiswa JPBD UPI Bandung nya éta ku Neni Nur alia

4 1002597 anu judul panalungtikanna nya éta Modél Time Token Arends dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita, ditalungtik taun 2013. Dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan kamampuh nyarita siswa sanggeus ngagunakeun modél Time token Arends ngaronjat nu asalna 17,1% jadi 85,7%. Katitén tina hasil panalungtikanana yén modél Time Token Arends bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung taun ajaran 2013/2014. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina hal obyék panalungtikan, kurikulum nu dipaké, jeung téma dina aspék nyarita. Di dieu panalungtik nerapkeun modél pangajaran Time Token Arrends dina pangajaran basa Sunda aspék nyarita, sangkan bisa weruh kana kamampuh siswa dina nepikeun pamadegan nalika maranéhna diskusi ngeunaan bahasan budaya Sunda. Leuwih spésifikna panalungtik nerapkeun ieu modél kana aspék nyarita siswa dina kagiatan diskusi bahasan budaya Sunda, anu nyoko kana padika KIKD tur diterapkeun ka siswa SMP kelas VIII. Teu siga panalungtikan saméméhna, anu nalungtik kamampuh nyarita siswa sagemblengna ngagunakeun modél Time Token Arends, anu di terapkeun ka siswa SMA kelas X sarta nyoko kana padika SKKD. Kukituna dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan anu judulna Impleméntasi Modél Time Token Arends dina Pangajaran Nyarita Bahasan Budaya Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi Taun Ajaran 2014/2015) medar perkara sarupaning hal anu bisa ngarojong kana pangajaran nyarita hususna pangajaran bahasan budaya Sunda. 1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah Ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan hiji masalah nu kawengku dina judul atawa inti panalungtikan kudu ngaidéntifikasi jeung ngarumuskeun heula masalah sacara jelas ngeunaan wates-wates masalahna. 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

5 Ditilik tina kasang tukang masalah di luhur, kapaluruh yén kurang aktifna siswa dina kagiatan nyarita dilantarankeun kamampuh maranéhna dina nepikeun gagasan, pamadegan atawa pamanggihna ngeunaan hiji hal kurang kahudang. Lian ti éta bisa diakibatkeun ogé kurangna variasi ngajar dina pangajaran basa Sunda dina aspék nyarita, nepi ka teu bisa ngirut minat siswa kana éta prosés diajar ngajar. Ku kituna, ngaliwatan modél Time Token Arends dipiharep bisa mekarkeun kamampuh sarta kaaktifan nyarita siswa hususna ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda. Pikeun ngaévaluasi kagiatan nyarita siswa dina diskusi, aya dua faktor anu jadi acuan, nya éta: 1) patali jeung topik nu disawalakeun, ngawengku: (a) paham henteuna kana masalah; (b) lancar atawa ngayayay; (c) aya henteuna bukti atawa fakta anu ngarojong; (d) pernyataan anu ditepikeun ngabingungkeun atawa kaharti; (e) putusan pribadi atawa kelompok; jeung 2) patali jeung téhnik nu digunakeun, ngawengku: (a) ngoméntaran dumasar data jeung fakta; (b) nafsirkeun pamadegan kalawan obyéktif; (c) teu ngarasa diri loba kanyaho/handap asor; (d) rasional teu émosional; (e) merhatikeun waktu anu ditangtukeun. (Haérudin jeung Suhérman, 2013, kc. 144) Dua faktor éta digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun maluruh hasil henteuna modél Time Token Arends dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa dina pangajaran bahasan budaya Sunda. Ku kituna ieu panalungtikan leuwih museur kana pangaruh positifna modél Time Token Arends kana aspék nyarita, hususna pangajaran bahasan budaya Sunda anu dilaksanakeun ku siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015. 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana béréndélan idéntifikasi masalah di luhur, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

6 a. Kumaha kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggih ngeunaan bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél Time Token Arrends? b. Kumaha kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél Time Token Arends? c. Naha aya béda nu signifikan antara kamampuh nyarita dina nepikeun pamadeganana ngeunaan bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arrends? 1.3 Tujuan Panalungtikan Dumasar kana idéntifikasi jeung rumusan masalah saperti anu dibéréndélkeun di luhur, tujuan tina ieu panalungtikan nya éta: 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji modél Time Token Arends, hasil henteuna ngaronjatkeun kaparigelan nyarita dina pangajaran bahasan budaya Sunda. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan: a. Pikeun mikaweruh kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél Time Token Arends; b. Pikeun mikaweruh kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4 Cimahi taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél Time Token Arends; c. Pikeun mikaweruh bédana kamampuh nyarita dina nepikeun pamanggihna ngeunaan pangajaran bahasan budaya Sunda siswa kelas VIII.2 SMPN 4

7 Cimahi taun ajaran 2014/2015, saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arends. 1.4 Mangpaat Panalungtikan Dipiharep ieu panalungtikan bisa ngahasilkeun mangpaat boh sacara téoritis boh sacara praktis. 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis mangpaat ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban métodologi panalungtikan basa Sunda dina pangajaran nyarita. 1.4.2 Mangpaat Praktis a. Pikeun guru, dipihareup ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh ngeunaan modél pangajaran utamana pangajaran nyarita, sarta ngahudang sikep inovatif para guru. b. Pikeun siswa, dipiharep ieu panalungtikan bisa ngahudang minat diajar, ngaronjatkeun kamampuh nyarita, sarta numuwuhkeun sikep positif kana basa Sunda. c. Pikeun lembaga, dipihareup ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan guru sangkan leuwih kréatif dina nepikeun matéri pangajaran ka siswana. d. Pikeun panalungtik, dipihareup ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan. 1.5 Sistematika Tulisan Sistematika tulisan mangrupa susunan bab-bab anu ngawangun ieu skripsi, kalayan sistematika saperti ieu di handap: BAB I Bubuka

8 Bubuka, mangrupa bab anu ngawanohkeun sarupaning hal anu jadi kasang tukang, tujuan jeung mangpaat tina ieu skripsi. Dina ieu kasang tukang, panulis ngabahas ngeunaan alesan dilaksanakeunana panalungtikan modél Time Token Arends dina bahasan budaya Sunda, sarta tujuan jeung mangpaat tina diterapkeunna modél Time Token Arends. BAB II Kajian Pustaka Kajian pustaka ngébréhkeun the state of the art tina tiori anu dikaji sarta kalungguhan masalah panalungtikan dina widang élmu nu ditalungtik. Eusina ngawangun ulikan tiori, hakékat modél pangajaran, wangenan tina bahasan budaya Sunda, raraga mikir, jeung hipotésis. Dina bab II ogé dibahas ngeunaan panalungtikan saméméhna anu rélévan jeung widang anu ditalungtik, kaasup prosedur, subyék, jeung hal-hal anu kapanggih salila ngalaksanakeun panalungtikan. BAB III Métode Panalungtikan Bab III ngajak pamaca pikeun mikawanoh kumaha panalungtik ngarancang galur panalungtikanana, ti mimiti pamarekan panalungtikan nu dilarapkeun, instrumén nu dipaké, téhnik ngumpulkeun data, sarta téhnik ngolah data. BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran Bab IV ngabahas hasil panalungtikan dumasar kana hasil pengolahan jeung analisis data, sarta ngabahas pedaran panalungtikan pikeun ngajawab pertanyaan panalungtikan nu geus dirumuskeun saméméhna. Dina ieu panalungtikan bisa kapanggih aya béda nu signifikan atawa henteu kamampuh nyarita siswa saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Time Token Arends. BAB V Kacindekan jeung Saran Bab V midangkeun tafsiran jeung ngama naan hasil panalungtikan kana hasil analisis hal-hal anu kapanggih dina panalungtikan sakaligus ngajukeun hal-hal

9 penting anu bisa dimangpaatkeun tina hasil éta panalungtikan. Implikasi jeung rékoméndasi nu ditulis, diajukeun ka pihak-pihak anu aya patalina jeung panalungtikan saperti paélmuan, lembaga, guru, jeung panalungtik sorangan.