BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

2016 STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Tatar Sunda téh suku bangsa anu kawéntar mibanda tradisi di unggal wewengkonna. Éta tradisi téh nepi ka kiwari masih dimumulé kénéh ku masarakatna, saperti tradisi nyepuh nu masih dilaksanakeun ku masarakat di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu. Tradisi nyepuh mangrupa kabiasaan masarakat Desa Ciomas pikeun ngaberesihan diri. Nyepuh asal kecapna tina sipuh nu hartina ngalampad barang logam ku jalan dikeueum di jero cai nu ngandung leleyuran pérak, emas, nékel, jste (Danadibrata, 2009, kc. 643). Ieu tradisi dilaksanakeun sataun sakali waktu mapag bulan Romadon saeunggeus solat nisfu Sya ban atawa minggu pamungkas di bulan Rewah. Nyepuh miboga udagan sangkan manusa nu rék nyanghareupan bulan suci bisa diberesihkeun lahir jeung batinna, nu sacara saréatna diberesihkeun ku cai suci. Cai nu dianggap suci téh diala tina cai geger emas anu karamat. Salian ti éta, dina tradisi Nyepuh ge aya jarah ka hiji makam ulama anu dikaramatkeun ku masarakat Désa Ciomas, nyaéta makam Kiai Haji Panghulu Gusti. Tradisi nyepuh téh patula-patali jeung agama Islam, kaciri tina waktuna nyaéta dina mapag bulan Romadon sarta aya jarah ka makam Kiai Haji Panghulu Gusti. Ditilik tina kasang tukang sosial, masarakat Désa Ciomas téh mayoritasna ngagem agama Islam sarta masih mertahankeun budaya Sunda. Teu ahéng upama nepi ka kiwari, masarakat Desa Ciomas masih ngamumulé sarta ngariksa tradisi nyepuh, sangkan teu leungit komo nepi ka kapangaruhan ku budaya deungeun, lantaran éta tradisi teu méngpar tina kayaan sosial masarakatna. Ditilik tina prak-prakan jeung udagan éta tradisi, nyepuh kaasup kana sistem religi jeung upacara kaagamaan dina unsur universal kabudayaan. Koentjaraningrat (2005, kc. 202) nétélakeun yén sistem religi jeung upacara kaagamaan téh miboga udagan néangan hubungan dunya gaib dumasar sistem kapercayaan dina implengan manusa ngeunaan wangun dunya, alam, alam gaib, 1

2 hirup, maot, jeung sajabana. Koentjaraningrat (2005, kc. 202) gé nyebutkeun yén sagala hal anu aya patalina jeung laku lampah kaagamaan jadi karamat. Tempat jeung waktu anu dipaké pikeun ngalaksanakeun prilaku kaagamaan sarta pakakas jadi karamat, nepi ka jelema-jelema anu ilubiung gé dianggap karamat, sanajan éta hal téh sipatna profan. Pikeun ngajaga hal nu dianggap karamat, manusa nyiptakeun aturan biasana ngaliwatan simbol-simbol, boh nu nyamuni boh nu nyampak dina prak-prakan tradisina. Loba masarakat nu jadi palaku budaya, tapi teu apal kana simbol-simbol nu nyangkaruk dina kabudayaanana. Balukarna, loba masarakat nu ngalaksanakeun tradisi, tapi teu apal alus atawa henteuna éta tradisi. Dina tradisi nyepuh, jelema anu ilubiungna téh maraké baju bodas, tuluy aya tumpeng, sarta melak tatangkalan. Éta téh mangrupa simbol anu miboga amanat, tapi teu kabéh hal anu aya dina tradisi disebut simbol, ku kituna kudu dianalisis mana nu kaasup simbol mana nu lain simbol. Tiori anu digunakeun pikeun nganalisis nyaéta tiori semiotika Charles Sanders Peirce. Sudaryat (2010, kc. 21), nétélakeun tiori semiotik téh nyaéta tiori tanda jeung simbul, elmu anu maluruh rupa-rupa sistem tanda. Tanda téh digunakeun pikeun nafsirkeun hiji ma na. Tanda nyaéta gunggungan tina hiji wangun penanda (signifier) kana hiji pikiran atawa petanda (signified) (Sobur, 2009, kc. 46). Semiotik nyaéta élmu anu maluruh kana sagala hal nu nyicingan hiji posisi salaku wawakil tina hal séjén (Isnéndés, 2010b, kc. 57). Tiori Peirce nétélakeun tilu hubungan tanda jeung acuanna nyaéta (1) ikon, (2) indeks, jeung (3) simbol (Sudjiman & Zoest, 1991, kc. 8). Salian ti mikaweruh simbol dina tradisi nyepuh, ieu hasil panalungtikan gé bakal mikanyaho ikon jeung indéksna. Ku cara nganalisis unsur semiotika, ajén-inajén dina tradisi nyepuh bisa dicangking sarta masarakat Sunda bisa leuwih wanoh jeung ngariksa budayana. Ku kituna, nu nyusun miboga karep pikeun ngawanohkeun unsur semiotika dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis. Upama geus ngayakeun panalungtikan sarta hasilna jadi élmu, bisa dijadikeun hiji artikel budaya anu dilarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel di SMA. Ieu bahan

3 pangajaran maca artikel téh bisa nambahan pangaweruh siswa ngeunaan tradisi urang Sunda. Hasil panalungtikan ngeunaan ulikan semiotik mah geus aya saperti Simbol jeung Ma na nu Nyampak dina Tradisi Nikah di Desa Cigugur Kacamatan Parongpong Kabupaten Bandung (Skripsi Yulia Astuti, 2008) nu dina hasil panalungtikanana aya 59 simbol dina tradisi nikah nu miboga mangpaat pikeun jadi piwuruk ka nu nikah, Simbol-Simbol nu Nyampak dina Tradisi Seren Taun di Desa Sirnaresmi Kecamatan Cisolok Kabupatén Sukabumi (Skripsi Nunung Restian Winarti, 2010) nu nalungtik simbol-simbol dina tradisi seren taun, Tradisi Gusaran di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA (Skripsi Siti Fitriyasih, 2012) nu eusina ngadadarkeun mangpaat jeung ajén atikan, sosial, agama, budaya, jeung moral dina tradisi Gusaran, Ajén Falsafah dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawungantén Babakan Désa Kawungantén Kecamatan Cikaum Kabupatén Subang (Ulikan Struktural-Semiotik) (Skripsi Deasy Hapsari, 2012) anu nalungtik ajén falsafah dina simbol-simbol tradisi hajat makam sarta relevansi kana kahirupan jaman kiwari, Simbol-Simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian Cingcowong di Desa Luragung Landeuh Kecamatan Luragung Kabupaten Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan (Skripsi Ikin Sodikin, 2013) hasil panalungtikanana nu ngagunakeun metode deskriptifkualitatif nu ngadadarkeun 25 simbol budaya dina kasenian Cingcowong. Sababaraha judul skripsi di luhur aya nu sarua ngulik budaya tina unsur semiotika, tapi medar unsur semiotika dina tradisi nyepuh sarta nu dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca artikel mah can kungsi aya anu nalungtik. Dumasar kana kasang tukang di luhur, nalungtik unsur semiotik anu ngawengku ikon indéks, jeung simbol dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas téh penting pisan. Ku kituna, panalungtikan anu dijudulan Unsur Semiotik dina Tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA penting dilaksanakeun.

4 1.2 Identifikasi Masalah Panalungtikan Tina kabudayaan tradisi nyepuh loba pisan hal nu bisa dipaluruh jeung dipedar. Dina ieu panalungtikan dipaluruh ngeunaan deskripsi prak-prakanana, jeung medar unsur semiotika dina tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. 1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap. a. Kumaha déskripsi prak-prakan tradisi Nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan panjalu Kabupatén Ciamis? b. Naon waé unsur semiotika (ikon, indéks, jeung simbol) dina tradisi Nyepuh Desa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis? c. Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel di SMA? 1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum Ditilik tina kasang tukang jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nyaéta: a. ngajembaran pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda; b. numuwuhkeun tradisi nu aya di masarakat Sunda; c. ngariksa tradisi nu aya di masarakat Sunda. 1.4.2 Tujuan Husus Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nyaéta: a. ngadéskripsikeun prak-prakan tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis; b. medar unsur semiotika (ikon, indéks, jeung simbol) dina tradisi nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupatén Ciamis; c. ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA.

5 1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun ngajembaran jeung ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda sarta simbol-simbol anu dipedar bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA. 1.5.2 Mangpaat Praktis Mangpaat praktis nu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan téh nyaéta: a. pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan panjalu Kabupatén Ciamis sangkan bisa nanjeurkeun budaya Sunda; b. pikeun mikanyaho unsur semiotika nu aya dina tradisi Nyepuh di Désa Ciomas Kecamatan panjalu Kabupatén Ciamis sangkan nu maca apal kana ajén-inajén tradisi Sunda; c. pikeun masarakat sangkan leuwih wanoh kana kabudayaanana jeung bisa ngariksa jeung ngaraksa budayana sorangan. 1.6 Struktur Organisasi Skripsi BAB I Bubuka, nyaéta nu ngawengku kasang tukang panalungtikan, identifikasi masalah panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi. BAB II Ulikan Tiori, nyaéta nu ngawengku tradisi Nyepuh Desa Ciomas, unsur semiotika, jeung bahan pangajaran maca artikel di SMA. BAB III Métodologi Panalungtikan, nyaéta nu ngawengku lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métodologi panalungtikan, definisi oprasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. BAB IV Hasil Panalungtikan jeung pedaran, nu ngawengku deskripsi prakprakan, unsur semiotika dina tradisi nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu

6 Kabupaten Ciamis, larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA, sarta pedaran. BAB V Kacindekan jeung saran. Ieu bab eusina mangrupa kacindekan tina panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta saran nu nyusun pikeun lajuning laku kana ieu panalungtikann.