BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. Bagan 3.1 Bagan Desain Panalungtikan IDÉNTIFIKASI MASALAH NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH STUDI PUSTAKA

dokumen-dokumen yang mirip
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI


BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017)

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

Transkripsi:

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan Desain panalungtikan mangrupa gambaran umum panalungtikan nu baris dilaksanakeun. Desain panalungtikan diébréhkeun dina wangun bagan tahap panalungtikan nu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan digambarkeun dina bagan di handap. Bagan 3.1 Bagan Desain Panalungtikan IDÉNTIFIKASI MASALAH NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH STUDI PUSTAKA NGUMPULKEUN DATA NGOLAH DATA HASIL PANALUNGTIKAN NYIEUN KACINDEKAN 3.2 Métode Panalungtikan Nurutkeun Ratna (2013, kc. 34) métode mangrupa cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun ngaguar runtuyan sabab-

35 akibat. Métode panalungtikan mangrupa cara pikeun nyangkem pangaweruh atawa data ngeunaan objék nu tangtu luyu jeung kaayan objék tilikan nu diguar dina tiori pikeun kaperluan panalungtikan. Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Métode déskriptif analisis mangrupa métode nu ngadéskripsikeun fakta-fakta, nu tujuanana pikeun nyangkem unsur-unsurna, tuluy dianalisis. Ieu métode nyoko kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif ngamangpaatkeun cara-cara napsirkeun jeung ngahasilkeun data-data dina wangun déskripsi atawa kekecapan tinulis. 3.3 Wangenan Operasional Dina prakna panalungtikan, diperlukeun katerangan anu jéntré ngeunaan istilah-istilah anu dipaké, hususna kekecapan anu dipaké dina ieu judul panalungtikan. Di handap ieu mangrupa tapsiran harti tina istilah-istilah dina judul panalungtikan. 1) Psikoanalisis Psikoanalisis mangrupa wangun kritik sastra nu maké sajumlah téhnik psikoanalisis dina nafsirkeun sastra. Psikoanalisis sorangan mangrupa wangun terapi nu tujuanan pikeun nyageurkeun gangguan méntal ku cara maluruh jeung niténan interaksi antara unsur-unsur sadar jeung teu sadar dina jero pikiran 2) Novel Novel nya éta prosa rékaan (fiksi) nu naratip (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). (Iskandarwassid,1992, kc. 91) 3) Sabalakana Sabalakana mangrupa novel nu asup nominasi Hadiah Sastra Rancagé 2014 karya Dadan Sutisna. Dipedalkeun ku Pustaka Jaya taun 2013.Nurutkeun kamus Sunda

36 R.A. Danadibrata (2006, kc. ), sabalakana asalna tina kecap balaka, nu hartina ngaku kasalahan sorangan, jujur terus terang. Sabalakana nyaritakeun wabah kajujuran kana sagala rusiah. 3.4 Instrumén Panalungtikan Instrumén nya éta pakakas nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 192). Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta slip data, sangkan babari dina ngumpulkeun data panalungtikan. KARTU DATA Psikoanalisis Palaku jeung Penokohan dina Sabalakana (cutatan-cutatan psikoanalisis palaku jeung penokohan) (kaca) 3.5 Sumber Data Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék asal (ti mana) data dicokot. Upama panalungtikan téh make dokuméntasi, dokumén mangrupa sumber data, ari eusi dokumén disebut subjék panalungtikan atawa variabel panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta novel Sabalakana karya Dadan Sutisna.

37 3.5.1 Déskripsi Novel Gambar 3.1 Cover Novel Sabalakana Novel Sabalakana karya Dadan Sutisna mangrupa karya sastra nu asup nominasi Hadiah Sastra Rancagé 2014. Dipedalkeun ku Pustaka Jaya, citakan kahiji taun 2013. Ukuranana 15 x 20,5 cm, kandelna 344 kaca nu ngawengku 19 bab. Bab ka-1 ngawengku 25 kaca, bab ka-2 ngawengku 19 kaca, bab ka-3 ngawengku 17 kaca, bab ka-4 ngawengku 20 kaca, bab ka-5 ngawengku 17 kaca, bab ka-6 ngawengku 18 kaca, bab ka-7 ngawengku 14 kaca, bab ka-8 ngawengku 19 kaca, bab ka-9 ngawengku 16 kaca, bab ka-10 ngawengku 19 kaca, bab ka-11 ngawengku 15 kaca, bab ka-12 ngawengku 18 kaca, bab ka-13 ngawengku 18 kaca, bab ka-14 ngawengku 20 kaca, bab ka-15 ngawengku 17 kaca, bab ka-16 ngawengku 20 kaca,

38 bab ka-17 ngawengku 13 kaca, bab ka-18 ngawengku 20 kaca, jeung bab ka-19 nu ngawengku 13 kaca. Désain jilid atawa coverna ogé mangrupa hasil karancagéan Dadan Sutisna. Dina jilid hareupna katémbong aya gambaran siluét hiji wanoja sawawa nu neuteup anteb kana palebah panon poé nu cahyana méh surup. Di sabudeureunana ogé kagambar layung, siluét tatangkalan nu jangkung, sarta gambaran siluét tatangkalan nu teu pati jangkung. Warna dasar désain jilidna loba didominasi ku warna poék saperti hideung, sarta warna layung - konéng gedang jeung konéng. Di sisi handap cover nu latarna warna hideung aya tulisan Sabalakana, minangka judul novélna. Ditulis maké font warna bodas jeung font type nu teu biasa, saperti tulisan nu geus heubeul, sawaréhna kahapus, sarta aya gurat-gurat nu nambahan éstétika tulisanana. Di handapeun tulisan Sabalakana aya tulisan Novél Sunda minangka wangun karya sastra. Di handapeunna aya ngaran pangarangna, Dadan Sutisna, belah handapna deui aya ngaran penerbitna, Pustaka Jaya, nu ditulis maké font warna beureum. Dina jilid tukang aya gambaran tatangkalan saperti di leuweung ngan teu pati jelas kacirina. Sempalan sinopsis caritana jadi atra katingalina, sabab warnana kontras. Tulisan judul dina jilidna, siluét wanoja, jeung dominasi warnana nu poék siga nu hayang némbongkeun kesan mistis jeung rasa tunggara. Saperti nu ditétélakeun ku Andriansyah (2014, kc. 28) Sabalakana mangrupa novel nu némbongkeun rasa marudah dina nyanghareupan carut-marut kaayaan sosial-budaya bangsa Indonesia. Ditulis maké gaya nyarita nu has ti pangarangna nu dibarung ku humor, intrik, jeung satir. Ngagambarkeun fénoména sosial nu kompléks; kamalaratan, modérnisasi, apatis, pangangguran, kekerasan, sarta krisis kapercayaan ka pamingpin. Sabalakana nyaritakeun wabah kajujuran tina betusna sagala rusiah. Caritana dimimitian sabada tokoh Rastiti ditémbak di kamar cai dina peuting saméméh

39 panganténan, nu némbakna (Asép Jitu) tuluy masrahkeun manéh ka pulisi, ti dinya timbul kaahéngan di Désa Cikawening. Puluhan jalma katerap wabah sabalakana. Nu katerap wabah sabalakana kalayan jujur ngabetuskeun rusiah kagoréngan dirina. Timbul rupa-rupa réspon ti nu séjén kana pernyataan kajujuran. Ngarah wabah teu sumebar, nu katerap wabah sabalakana (disebut kaum Balakasontang) tuluy dikarantina di tempat husus (Balé Sagala). Kaum Balakasontang baruntak sabada ngalaman karacunan, kalaparan, aya ngagantung manéh, jeung kajadian tragis séjenna. 3.5.2 Biografi Singget Pangarang Dadan Sutisna dibabarkeun di Pasirloa, Tanjungsari, Sumedang, 22 Pébruari 1978. Anjeunna mimiti ngarang ti SMP kénéh, tapi ngamimitian ngirimkeun tulisanana ka média massa mah basa anjeunna di SMA, taun 1995. Karanganana nu dimuat dina kalawarta Kudjang, Galura jeung Manglé mangrupa carita pondok jeung carita nyambung. Lolobana mah nulis carpon, tapi anjeunna ogé nulis novel, drama Sunda, feature artikel, nu dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakayat, Kompas, Républika, jsté. Anjeunna ogé remen nulis carita barudak, pangpangna dina Manglé Alit jeung Mupu Kembang Galura (1996-2000). Kiwari anjeunna ogé sok nulis fiksimini. Karyana nu geus dibukukeun diantarana Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2003), Campaka Mangkak, antologi carpon (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Kanagan, antologi carpon (Geger Sunten, Bandung, 2004), Surat Cinta Pangarang Sunda (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Dén Réktor (Djatnika, Bandung, 2001), Ukur Banyol (PT. Manglé Panglipur, Bandung, 2000), Belajar Mudah Menggunakan Internet (Cipta Utama Press, Bandung, 2007), 7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster (Mediakita, Jakarta, 2007), Internét untuk Pendidikan (2010)

40 Anjeunna kungsi jadi Pinunjul Harepan Pasanggiri Carita Pondok D. K. Ardiwinata (1997), Pinunjul Harepan Pasanggiri Novel D. K. Ardiwinata (1999), Pinunjul 1 Carita Rakyat Jabar, tulisanana Purnama di Maronggé (2000). Taun 2002, 2004, jeung 2011 dilélér hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (Djatnika, 2001), Misteri Haur Geulis (Kiblat, 2003), jeung Rasiah Kodeu Binér (Kiblat, 2010). Taun 2003 anjeunna ogé kungsi meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi. Anjeunna resep uprak-oprék kana komputer, pangpangna mah ngadésain internét. Wébsite nu munggaran, Longsér: A Sundanese Folk Theatre, kapilih jadi finalis dina Adikarya Désain Indonésia 2003. Taun 2008, anjeunna milu jadi tim nu marajian gelarna Unicode Aksara Sunda, minangka tarékah pikeun maténkeun éksisténsi aksara Sunda di tingkat Internasional nepi ka aksara Sunda jadi salasahiji aksara standar nu bisa dipaké dina komputer jeung dunya téknologi informasi. Ti taun 2002 anjeunna aktif dina organisasi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Di PP-SS anjeunna kapeto jadi pupuhu sarta kuncén wéb-site ppss.or.id. Anjeunna kungsi jadi wartawan Manglé. Kiwari sapopoéna jadi rédaktur majalah basa Sunda Cupumanik jeung éditor di Penerbit Kiblat Buku Utama. 3.6 Téhnik Panalungtikan Téhnik panalungtikan mangrupa cara atawa prosedur nu kudu dilakonan kalawan make métode nu tangtu anu satemenna bisa ngahontal kana tujuan panalungtikan. Téhnik dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik nganalisis data. 3.6.1. Téhnik Ngumpulkeun Data

41 Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka. Ieu téhnik dipaké nalika ngumpulkeun data nu baris dianalisis jeung nalika néangan sumber rujukan tiori atawa acuan dina ieu panalungtikan. 3.6.2 Téhnik Nganalisis Data Data nu ditalungtik nya éta novel Sabalakana karya Dadan Sutisna. Sabada data kakumpul, tuluy dianalisis kalawan léngkah-léngkah atawa tahapan téhnik ngolah data sakumaha nu ditétélakeun di handap ieu. 1) Tahap Klasifikasi Sabada eusi carita novel didéskripsikeun dina wangun sinopsis, tuluy diklasifikasikeun dumasar unsur caritana (nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita) nu baris dianalisis. 2) Tahap Analisis Tahap analisis mangrupa tahap analisis kana data anu geus diklasikasikeun kana kelompokna sewing-séwangan. Dina ieu panalungtikan, novel Sabalakana dianalisis unsur prosana nu ngawengku téma, fakta carita jeung sarana carita. Analisis leuwih nyoko kana tokoh jeung penokohan patali jeung perkara nu rék dikaji nya éta psikoanalisis. Modél analisis nu dipaké nya maké analisis struktural (Isnendes, 2010, kc. 139-193) dina Kajian Sastra. 3) Tahap Deskripsi Data nu geus dikumpulkeun tuluy dipatalikeun jeung masalah nu rék ditalungtik tuluy didéskripsikeun.. Dina ieu panalungtikan nu mimiti didéskripsikeun nya éta eusi carita novel Sabalakana nu ditulis dina wangun sinopsis. 4) Interprétasi

42 Tahap interprétasi mangrupa tahap napsirkeun hasil data pikeun ngolah pamahaman nu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya éta napsirkeun data nu diébréhkeun dina slip data anu némbongkeun indikator psikoanalisis. 5) Tahap Évaluasi Tahap évaluasi mangrupa tahap niténan deui kana hasil analisis data pikeun ngamutolaah bebeneranana nepi ka bisa méré hsil nu nyugemakeun tur bisa dipertanggungjawabkeun.