BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

NO. 540/FPBS.0251/2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MATERI PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA DI SD JEUNG SMP. Dr. Dedi Koswara, M. Hum.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

Transkripsi:

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat siswa dina pangajaran basa Sunda nu nganggap yén pangajaran basa Sunda taya mangpaatna. Basa nya éta alat nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku réntétan sora nu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat nu maké éta basa (Wirakusumah & Djajawiguna, 1969:5 dina Sudaryat, 2004: 5). Ilaharna prosés pangajaran basa Sunda sok maksa siswa pikeun resep kana basa Sunda. Aktivitas diajar saperti ieu tangtuna moal bisa ngaronjatkeun pangaweruh siswa kana basa Sunda sacara optimal. Cara ngungkulan éta masalah salah sahijina ngagunakeun métode atawa strategi pangajaran nu bisa dijadikeun prosés nu dipikaresep ku siswa, sangkan siswa bisa ngamekarkeun poténsi nu aya dina dirina. Kaparigelan nulis mangrupa salah sahiji kaparigelan basa, lian ti kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Éta opat kaparigelan basa téh salawasna silih pangaruhan sarta raket patalina jeung prosés-prosés nu jadi dadasar ngagunakeun basa. Nurutkeun Tarigan (2008:1), kaparigelan makéna basa ngawengku opat komponén nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Éta komponén kaparigelan basa téh mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun antara kaparigelan nu hiji jeung kaparigelan nu sejenna. Lantaran kaparigelan basa mah mangrupa kaparigelan catur tunggal. Nilik kana éta hal, nulis tangtuna miboga kalungguhan nu penting dina kahirupan, lantaran sipatna anu méré informasi jeung mangaruhan (Tarigan, 2008:4). Ku kituna, nulis téh mikabutuh kaahlian jeung kaparigelan, sangkan nu maca bisa meunang informasi, bisa nyangkem jeung bisa kapangaruhan ku hasil tulisan.

Dina pangajaran basa Sunda di SMP aya pangajaran nulis nu diajarkeun di kelas VIII. Ayana pangajaran nulis sisindiran (wawangsalan, rarakitan, paparikan) geus katitén dina KTSP jeung SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda. Pangajaran nulis rarakitan mangrupa salah sahiji pangajaran nu merlukeun kaparigelan jeung kréativitas siswa. Kréativitas kudu bisa dirojong ku kaayaan lingkungan kelas jeung lingkungan sakola anu kondusif. Digunakeunana métode pangajaran nu saluyu dipiharep bisa ngaronjatkeun motivasi jeung pamahaman siswa kana matéri. Modél Quantum Teaching mangrupa salah sahiji solusi nu bisa digunakeun pikeun numuwuhkeun motivasi siswa dina proses diajar. Modél Quantum Teaching bisa nyieun suasana diajar nu pikaresepeun. Modél Quantum Teaching téh geus kauji di Amerika salaku métode anu alus dina ngaronjatkeun prestasi siswana, sabab métode Quantum Teaching mangrupa métode pengajaran atawa pelatihan nu ngagunakeun metodologi dumasar kana tiori-tiori pendidikan Accelerated Learning (Lozanov), Multiple Intelligences (Gardner), Neuro Linguistic Programming atau NLP (Grinder & Bandler), Experential Learning (Hahn), Socratic Inquiry, Cooperative Learning (Johnson & Johnson) jeung Elements of Effective Instruction (Hunter) nu jadi hiji paket multisensory, uteuk gé mampuh ngaronjatkeun kamampuh dina prosés diajar. Pikeun ngungkulan masalah anu aya dina proses diajar alamiah bisa ngaliwatan merenahna lingkungan sabudeureun, nyusun bahan pangajaran nu saluyu jeung SKKD, cara éféktif penyajian matéri, jeung ayana kaaktifan siswa dina diajar di sakola. Dipiharep siswa jadi mikaresep jeung bisa ngaronjatkeun prestasi siswa dina pangajaran nulis rarakitan basa Sunda. Panalungtikan ngeunaan modél Quantum Teaching jeung rarakitan lain nu munggaran. Saméméhna kungsi aya nu geus nalungtik dina wangun skripsi, di antarana: Éfektivitas Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Guguritan (Yanti, 2011) jeung Éfektivitas Modél Pangajaran Tematik dina Pangajaran Nulis Sisindiran Wangun Paparikan & Rarakitan (Kusuma, 2009). Bédana jeung ieu

panalungtikan nya éta modél pangajaran Quantum Teaching dipaké pikeun pangajaran rarakitan. Dumasar kana pedaran di luhur, perlu dilakukeun panalungtikan ngeunaan pasualan-pasualan nu aya. Salah sahijina, ku cara guru kudu bisa nyieun suasana diajar nu leuwih kréatif jeung inovatif. Utamana ngarobah modél pangajaran nu modérn sangkan siswa leuwih aktif. Ku kituna judul ieu panalungtikan nya éta Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang masalah panalungtikan dipedar modél Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan di SMP Negeri 9 Bandung kelas VIII-12. Aspék-aspék anu dititénan dina karangan siswa nya éta kualitas karanganana dina nyieun rarakitan. Lobana masalah dina nulis rarakitan di kelas VIII di antarana nya éta kabahasaanna anu dianggap hésé ku murid. Masalah anu ditalungtik ngawengku: 1) pilihan kecap, 2) karapihan tulisan, 3) éjahan, 4) guru wilangan dina unggal pada, jeung 5) hubungan antar pada & antar padalisan. 1.2.2 Rumusan Masalah Luyu jeung kasang tukang panalungtikan, masalah nu jadi udagan dina ieu panalungtikan nya éta dirumuskeun dina kalimah ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching? 2) Naha aya bédana kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan umum Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji Modél Pangajaran Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. 1.3.2 Tujuan Khusus Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun sababaraha hal ieu di handap. 1) Kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. 2) Bédana kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. 1.4 Mangpaat Panalungtikan Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat, hususna pikeun nu nyusun, umumna pikeun masarakat, lembaga, sarta pihak-pihak séjén nu boga kapentigan kana ieu hasil panalungtikan. Mangpaat nu dipiharep nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis. 1.4.1 Mangpaat Tioritis Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan jeung ngeuyeuban tiori modél-modél pangajaran, jeung méré informasi ngeunaan éféktivitas anu digunakeun dina prosés nulis rarakitan pangajaran basa Sunda ngaliwatan modél Quantum Teaching. Salian ti éta dipiharep hasil ieu panalungtikan bisa jadi référénsi pikeun pendidik dina ngaronjatkeun kualitas pendidikan.

1.4.2 Mangpaat Praktis Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta: a. Pikeun guru nepikeun matéri pangajaran basa Sunda nu dipikaresep ku siswa lantaran ngajarna teu matak bosen. Bisa maluruh alternatif modél pangajaran khususna métode Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan. Nambahan élmu pangaweruh dina ngajarkeun matéri anu resep pikeun siswa. Sarta nambahan élmu pangaweruh, strategi, modél, jeung métode pangajaran. b. Pikeun siswa dipiharep bisa ngaronjatkeun prestasina dina pangajaran nulis rarakitan basa Sunda, numuwuhkeun kréatifitas jeung motivasi dina diajar basa Sunda. Siswa dipiharep leuwih daria tur leuwih maham kana matéri pangajaran. Siswa ogé bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan dina pangajaran rarakitan. 1.5 Raraga Tulisan Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, métode jeung téknik panalungtikan, sistematika nyusun skripsi, jeung jadwal kagiatan. Bab II eusina medar ngeunaan modél pangajaran Quantum Teaching, nulis laporan, asumsi, jeung hipotesis. Pedaran ngeunaan modél pangajaran dimimitian ku hakékat modél pangajaran, rumpun sarta komponen modél pangajaran, modél pangajaran Quantum Teaching, hakékat nulis, nulis laporan, sarta léngkah-léngkah dina nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. Salian ti éta, dina ieu bab dipedar ngeunaan asumsi jeung hipotesis panalungtikan. Bab III medar ngeunaan métodologi panalungtikan. Eusina ngawengku

sumber data, métode panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional. Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan, sarta ngadeskripsikeun kaéféktifan modél pangajaran Quantum Teaching dina nulis rarakitan siswa SMP. BAB V mangrupa kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.