BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah


BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI C

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB IV HASIL PENELITIAN DAN PEMABAHASAN. Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diambil berdasarkan bagian-bagian karya

IDENTITAS ( Errin Ervani, , Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. jeung Ade Sutisna, S.Pd.)

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

Transkripsi:

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Maca nya éta salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna, lantaran ieu kaparigelan loba fungsina dina kahirupan manusa sapopoé. Malahan maca téh mangrupa salah sahiji faktor nu kacida pentingna dina nangtukeun kaberhasilan akademik hiji jalma. Tapi, dina kanyataanana, penduduk Indonesia jaman kiwari leuwih resep méakkeun waktu hareupeun TV batan maca. Kalungguhan maca dina kahirupan masarakat mibanda posisi nu kacida pentingna. Masarakat dina mangsa nu bakal datang meredih wargana supaya parigel jeung ngabiasakeun kana hal bucu-baca. Ieu hal luyu jeung pameredih masarakat kiwari, sangkan masarakat loba maca pangaweruh umum, kamekaran budaya, teknologi jeung pangaweruh liana nu sagemblengna dipidangkeun dina wangun bacaan. Numutkeun Tarigan (1979:7) maca nya éta prosés nu dilaksanakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun nyangking informasi nu ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan media kecap-kecap atawa basa tinulis. Kaparigelan maca mangrupa bagian tina pangajaran basa sunda. Hasil henteuna pangajaran basa Sunda gumantung kana hasil pangajaran maca. Kudu diaku ku urang, yén nepi ka kiwari pangajran basa Sunda can bisa lumangsung saperti anu dipiharep. Hartina pangajaran maca ogé can bisa nyumponan udagan anu dipiharep. Fungsi pangajaran maca nya éta edukatif, sosial jeung instrumental. Sedengkeun tujuan utama maca nya éta néangan sarta nyangking informasi nu ngawengku eusi, maham ma na bacaan, jeung ma na harti (meaning). Dina pangajaran basa aya opat aspek kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Kaopat éta aspek penting dina kahirupan. Namung, aspek maca dina kahirupan sapopoé leuwih diperlukeun lantaran hampir sakabéh jalma di kahirupan modérn unggal poé pasti maca. 1

2 Pangajaran maca dina basa jaman kiwari geus mekar. Namung tina hasil pengamatan némbongkeun yén para guru kurang nerapkeun pamarekan, strategi atawa modél pangajaran maca nu inovatif. Umumna, pangajaran maca dilakukeun kalawan ngagunakeun métode tradisional nu leuwih condong kana narjamahkeun kecap atawa kalimat. Salasahiji masalah nu disanghareupan di dunia pendidikan di Indonesia nya éta héngkérna prosés pangajaran. Prosés pangajaran di sakola kurang ngaronjatkeun kréativitas siswa. Loba tanaga pendidik anu ngagunakeun métode konvensional sacara monoton dina kagiatan pangajaran di kelas, sahingga suasana diajar kaku jeung leuwih didominasi ku guru. Prosés pangajaran nu dilakukeun ku tanaga pendidik kiwari leuwih condong kana kahontalna targét matéri kurikulum, leuwih mentingkeun hapalan batan pamahaman. Ieu hal bisa katitén tina kagiatan pangajaran di kelas nu didominasi ku guru. Dina nepikeun matéri, guru biasana ngagunakeun métode ceramah, dimana siswa ngan ukur diuk, nulis jeung ngadéngékeun naon nu ditepikeun ku guru. Siswa teu dibéré kasempetan keur nanya naon nu teu dipikahartina. Ku kituna, suasana pangajaran di kelas teu kondusif lantaran siswa jadi pasif. Pangajaran maca carita pondok mangrupa salah sahiji matéri pangajaran dina basa Sunda anu penting, sabab aya dina kurikulum pangajaran basa Sunda. Pangajaran maca carita pondok aya di kelas VII kalayan Standar Kompeténsi: Mampuh maca pikeun maham jeung méré tanggepan kana bacaan anu mangrupa sajarah lokal/carita babad, téks paguneman, dongéng, jeung carita pondok; Kompeténsi Dasar: Maca carita pondok. Lian ti éta, pangajaran maca carita pondok ogé penting pikeun siswa sangkan bisa nambahan pangaweruh jeung pangalaman. Dumasar kana hasil pra-panalungtikan di lapangan nuduhkeun yén lolobana murid kelas VII-A MTsN Sindangsari acan parigel dina kagiatan maca basa Sunda. Kahéngkéranana nya éta sikep ti para murid anu karasa geus teu resep deui diajar basa Sunda, hususna maca. Ieu hal dilantarankeun ku kamekaran jaman jeung arus globalisasi, antukna murid jadi kurang resep kana basa Sunda.

3 Teu saeutik murid anu horéam maca atawa diajar maca, utamana maca bacaanbacaan atawa karangan-karangan basa Sunda. Numutkeun Bapa Igna Nuradiyana, S.Pd (guru basa Sunda kelas VII) di MTsN Sindangsari, nalika diajar maca, siswa aya nu resep maca aya ogé anu henteu. Lian ti éta, sakapeung siswa ngan ukur maca hungkul tanpa maham eusi bacaan. Pangajaran maca carita pondok (carpon) nu dilaksanakeun téh dianggap hésé ku siswa. Ieu hal bisa katingali nalika prosés diajar lumangsung jeung dina hasil diajar siswa hésé nyangking unsur intrinsik nu nyangkaruk dina carpon. Métode nu biasa digunakeun ku guru biasana modél ceramah jeung démontrasi (konvénsional). Modél konvénsional lain modél nu kurang hadé pikeun diterapkeun di sakola, tapi dina ieu hal guru ngan saukur nitah siswa maca carita pondok, sedengkeun murid nu lianna mah ngan saukur ngaregepkeun. Kagiatan siswa ngaregepkeun carita pondok téh teu salawasna optimal, aya siswa nu heureuy, nu teu ngaregepkeun sacara maksimal, nu antukna ngabalukarkeun leungitna konséntrasi ngaregepkeun. Guru ogé teu salawasna niténan sarta merhatikeun siswa. Modél konvénsional nu dilakukeun ku guru ogé mangaruhan kana hasil diajar siswa. Ieu hal bisa katitén tina hasil Ujian Akhir Semester (UAS) semester ganjil di MTsN Sindangsari saperti dina tabél ieu di handap. Tabél 1.1 Peunteun UAS Basa Sunda Kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Semester Ganjil Taun Ajaran 2012/2013 No. Peunteun Jumlah Siswa Perséntase (%) 1. 90 100 0 0 2. 80 89 5 12 3. 75 79 12 29 4. <75 25 59 Jumlah 42 100 Dumasar tabél di luhur, bisa katitén kumaha hasil diajar siswa salila kagiatan pangajaran di kelas VII nepi ka UAS semester ganjil taun ajaran 2012/2013. Réréana siswa kurang ti peunteun 75 atawa tacan ngahontal KKM.

4 Nilai anu dipintonkeun di luhur téh di jerona nyampak ogé hasil tina matéri ngeunaan maca carita pondok. Awalna mah maca carita pondok téh disawang salaku pangajaran anu dianggap gampang, lantaran ngan saukur maca hiji conto carita pondok anu geus disadiakeun. Tapi dina émprona mah geuningan réa kénéh siswa anu can mampuh pikeun ngalakukeunana. Faktor-faktor nu nyababkeunna nya éta; (1) siswa kurang merhatikeun penjelasan guru dina unggal pangajaran, (2) métode nu diajarkeun ku guru monoton, (3) kurangna kasadaran siswa kana pangajaran basa Sunda, hususna maca. Tina pasualan-pasualan di luhur, disawang kudu aya tarékah sangkan pangajaran maca carita pondok téh bisa leuwih ngaronjat sarta dipikaresep ku siswa. Nu jadi pasualan dina ieu hal nya éta métode (cara) pikeun ngajarkeunana ka siswa nu salila ieu mah lir ibarat ngeusian keretas kosong hungkul, kudu robah oriéntasina. Prosés diajar anu dilakukeun ku siswa ilaharna kawatesanan ngan saukur nyangkem matéri pangajaran atawa nambahanana pangaweruh minangka bahan ujian atawa tés. Padahal dina tungtutan KTSP kiwari, siswa dipiharep bisa ngahontal kompeténsi, nya éta adumanisna pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Dumasar pedaran di luhur, dirasa perlu ayana modél pangajaran anu disawang bisa ngungkulan pasualan nu keur karandapan nya éta modél pangajaran kooperatif tipe CIRC. Alesan panalungtik milih modél pangajaran kooperatif tipe CIRC téh lantaran dina ieu modél ngawengku tilu kagiatan nya éta: maca, diskusi jeung nulis. Salian ti éta, modél pangajaran CIRC ogé miboga kaonjoyan-kaonjoyan, nya éta: 1) CIRC pas digunakeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina ngungkulan masalah, 2) dominasi guru dina pangajaran ngurangan, 3) siswa kamotivasian kana hasil sacara taliti lantaran gawé bareng dina kelompok, 4) para siswa bisa maham ma na soal jeung silih ngecék pagawéanana, 5) mantuan siswa anu kurang kamampuhna. Tina ieu modél téh dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok jeung bisa leuwih ningkatkeun minat siswa kana

5 pangajaran maca carita pondok sarta bisa ngajadikeun suasana kelas leuwih kondusif. Hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Galuh Permana M.S., Modél Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Maca Sajak (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa kelas IX-1 SMP Negeri 1 Leuwiliang Kabupatén Bogor Taun Ajaran 2010/2011), nyindekkeun yén modél CIRC bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina maca sajak. Salian ti éta, hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Anggi Windiasih ngeunaan Modél Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) dina Pangajaran Narjamahkeun Wacana Basa Indonésia kana Basa Sunda (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2010/2011), nyindekkeun yén modél pangajaran CIRC bisa ningkatkeun kamampuh siswa dina narjamahkeun wacana basa Indonésia kana basa Sunda. Anu pamungkas nya éta hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Retna Wulandari, ngeunaan Pangajaran Nulis Sajak Ngagunakeun Modél Cooperative Integrated Reading and Composition (CIRC) Siswa Kelas VII SMP Negeri 3 Bandung Taun Ajaran 2007/2008, nyebutkeun yén modél pangajaran CIRC bisa ningkatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII SMP Negeri 3 Bandung. Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, panalungtik ngarasa perlu ngayakeun panalungtikan anu judulna Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013). 1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang sakumaha anu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan téh diwatesanan kana ngalarapkeun modél pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina ngaronjatkeun kamampuh maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013. Aya opat tingkatan kamampuh maca pamahaman, nya éta 1) pamahaman literal; 2)

6 pamahaman inferensial; 3) pamahaman élaborasi; jeung 4) pamahaman évaluasi. Sangkan ieu panalungtikan henteu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan ngeunaan ngamekarkeun kamampuh maca pamahaman literal. Sedengkeun dina carita pondok aya dua unsur nu ngawangunna nya éta unsur intrinsik jeung unsur ékstrinsik. Dina ieu panalungtikan diwatesanan ngeunaan unsur intrinsik hungkul anu ngawengku téma, latar, alur (galur), palaku (character), gaya basa, amanat jeung puseur implengan (point of view). 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1) Kumaha Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok ka siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 dina unggal siklus? 2) Kumaha hasil diajar maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina unggal siklus? 3) Naha Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar maca carita pondok anu pikaresepeun pikeun siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013? 1.3 Tujuan Panalungtikan Unggal kagiatan tangtuna ngabogaan tujuan anu pasti. Tujuan mangrupa hal utama sangkan panalungtikan bisa réngsé luyu jeung kahayang panulis. Ku kituna, satacan ngalaksanakeun kagiatan, tujuan kudu dirumuskeun sacara jéntré. Tujuan ieu panalungtikan nya éta: 1.3.1 Tujuan Umum Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ningkatkeun kamampuh maca carita pondok dina pangajaran basa Sunda kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013, sangkan

7 pangajaran basa Sunda bisa leuwih dipikaresep jeung nimbulkeun kréativitas siswa. 1.3.2 Tujuan Khusus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta ngadéskripsikeun: a. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok ka siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 dina unggal siklus; b. hasil diajar maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013 ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC unggal siklus; jeung c. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar maca carita pondok anu pikaresepeun pikeun siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 2012/2013. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél-modél pangajaran hususna pangajaran maca. 1.4.2 Mangpaat Praktis Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nyaéta: 1) Pikeun siswa Ieu panalungtikan dipiharep kabéh siswa bisa aktif dina prosés pangajaran sarta bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan siswa dina maca carita pondok. 2) Pikeun guru Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan alternatif stratégi pangajaran utamana dina maca carita pondok.

8 3) Pikeun sakola Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun asupan pikeun sakola lantaran modél pangajaran kooperatif tipe CIRC éféktif pikeun guru-guru dina pangajaran maca carita pondok. 4) Pikeun panalungtik Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran. Pangaweruh ieu modél bisa digunakeun di sakola séjén. 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi Eusi ieu skripsi kabéhanana ngawengku lima bab, anu dijerona ngébréhkeun ngeunaan penjelasan-penjelasan anu sistematis dumasar kana maksud judul bab anu didadarkeunana. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang masalah; watesan jeung rumusan masalah; tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus; mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis; jeung sistematika nyusun skripsi. Dina bab II dipedar ngeunaan modél pangajaran kooperatif tipe CIRC, kamampuh maca carita pondok, modél pangajaran kooperatif tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok, anggapan dasar, jeung hipotésis tindakan. Dina bab III dipedar ngeunaan desain panalungtikan, setting panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, analisis data, jeung prosedur panalungtikan. Dina bab IV dipedar ngeunaan prak-prakan modél pangajaran kooperatif tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok, hasil diajar maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC, jeung suasana diajar maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC. Ari dina bab V dipedar ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi.