BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

A. TUJUAN PEMBELAJARAN


BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

Umumna mah tatarucingan téh dikedalkeun bari gogonjakan atawa heureuy. Biasana bari silih tempas. Tatarucingan baheula mah piwajabenana téh tukuh

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB II KABUDAYAAN, UPACARA ADAT, TRADISI, JEUNG BAHAN PANGAJARAN

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Maksud jeung Tujuan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB II ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN. Ieu bab medar perkara (1) adegan kalimah, (2) émosi, (3) kedaling

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

Transkripsi:

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyaram téh cukup ku dibalibirkeun, teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung, sabagian masih kénéh sok diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu disebutkeun pamali téa. Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 5 narasumber anu aya di Désa Tanjungwangi téh aya 88 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur semiotik anu nyangkaruk dina éta kapamalian. Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin, kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta kapamalian: 1) Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 9 (10.2%) kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta Nu rék kawin teu meunang udar-ider, bisi diganggu ku mahluk jahat, Nu geus kawin teu meunang ngobrol duaan di jero kamar, bisi paséa, jeung Ulah sok dikawinkeun ka dulur, matak pigoréngeun.

105 2) Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 39 (44.3%) kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana aspék kelahiran nyaéta Teu meunang dahar dina piring gedé, ngarah santenna leutik, Teu meunang loba teuing ngadahar lada, matak galak budakna, jeung Teu meunang diuk bari ucang-ucangan dina golodog jangkung, matak hésé dina ngalahirkeun. 3) Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (2.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan. Kapamalian anu asup kana aspék sunat nyaéta Pamali lamun orok awéwé teu digusaran, sok hésé manggih jodo jeung Nu karék di sunat teu meunang ngaléngkahan tai séro, bisi hésé cageurna. 4) Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 2 (2.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék maot nyaéta Lamun aya nu maot, teu meunang kuramas, matak ngajakan maot jeung Teu meunang kuramas sareupna, matak maot salamangsa. Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life cycle, nyaéta 36 (40.9%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kapamalian umum nyaéta Teu meunang nodong dahar dina kastrol, matak rewog barangdahar, Teu meunang ngadahar tiwu jeung cangkangna, matak suing, Ulah nyiuk béas bari cingogo, matak harkat darajatna handap, jeung Parawan teu meunang ngadahar ganas, bisi combong. Dina éta kapamalian téh leubeut pisan ku ajén atikan anu ngatik, ngadidik urang aya dina kahadéan jeung kasalametan, saperti dina ajén atikan moral aya 42 kapamalian anu kaasup kana ajén moral saperti kapamalian Teu meunang liar ti magrib/salamangsa, bisi dirawu kélong jeung Teu meunang nepak sirah budak/ngadegungkeun, matak calutak ka batur. Aya 16 kapamalian anu kaasup

106 kana ajén sosial saperti kapamalian Teu meunang nodong dahar dina kastrol, matak rewog barangdahar jeung Ulah ngowah coét, matak meunangkeun salaki ka aki-aki. Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 13 kapamalian saperti kapamalian Ulah sok nyésakeun sangu dina piring, matak nyésakeun rejeki jang batur jeung Ulah sasapu ti peuting, matak ngajauhkeun rijki. Dina éta kapamalian aya 2 kapamalian anu asup kana ajén moral jeung agama diantarana Teu meunang liar ti magrib/salamangsa, bisi dirawu kélong, jeung Teu meunang susulumputan ti burit/salamangsa, bisi disumputkeun ku kélong wéwé. Sedengkeun kapamalian anu teu asup kana ajén atikan nyaéta aya 19 kapamalian. Hasil analisis semiotik kapanggih aya 28 unsur ikon, unsur ikon nyaéta tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial antara penanda jeung petandana, salasahijina nu aya dina kapamalian Teu meunang nodong dahar dina kastrol, matak rewog barangdahar, dina ieu kontéks kastrol ikon tina wadah paranti ngaliwet, nu bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna. Lian ti éta aya 35 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat, salasahiji contona dina kapamalian Nu boga hajat teu meunang mandi, matak hujan badag, dina ieu kontéks teu meunang mandi mangrupa indéksikal tina upama lamun urang mandi sarua hartina jeung beberesih sanggeus réngséna pagawéan. Jadi saupama urang geus mandi moal bisa migawé deui pagawéan (hajat) sabab geus ngaréngsékeun waktu pagawéanana ku cara beberesih tadi. Lian ti éta nalika urang mandi, hartina urang ninggalkeun éta hajat. Nalika ditinggalkeun éta bisi dina prak-prakanana aya mamala (hujan badag), tuluy teu kanyahoan ku urang (nu boga hajat), moal aya anu bisa ngaréngsékeun atawa tanggung jawab kana sagala mamalana. Dina unsur simbol kapanggih 24 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara tanda jeung denotatumna téh disapukan ku balaréa. Salasahijina saperti kapamalian Gadis teu meunang ngéndong dimana waé, matak jodona direbut ku

107 batur, dina ieu kontéks gadis ngalambangkeun awéwé anu can laki-rabi, anu can aya jodoan, nu masih hirup jeung kolotna. Ari gadis lamun ngéndong dimana waé mangrupa paripolah anu goréng, nu matak éta pijodoeun téh sok di rebut ku batur. Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot. Éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir. 5.2 Saran Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan: 1) Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab kapamalian téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula, anu kudu dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern. 2) Ieu kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka téh mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna, sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian. 3) Pikeun panalungtik saterusna, ieu hasil panalungtikan téh masih kénéh jauh tina sampurna, sabab masih loba kénéh kapamalian-kapamalian anu can kapanggih tur kapaluruh, ku kituna dipiharep aya nu nalungtik deui leuwih jero ngeunaan kapamalian.

108