SISINDIRAN A. Wangenan Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Kecap sindir dirajek binarung rarangken R an any fungsina ngawangun kecap barang jeung kecap pagawean, nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (1985:479) ngandung harti: 1. Basa anu direka lolobana murwakanti, sarta bias dikawihkeun, aya cangkang jeung aya eusina. 2. Ngucapkeun sisindiran. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapadalisan téh diwangun ku dalapan engang. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran téh tiasa di sebat oge: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun (heula), diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti. Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, klausa, prosa, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan. B. Papasingan Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 8.1
1. Rarakitan Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Upami nilik kana eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta: a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 2. Paparikan Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap parék anu hartina deukeut. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Nilik kana eusina, paparikan oge dipasing-pasing ku tilu golongan, nyaéta: a. Paparikan silihasih Nyaéta paparikan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. 8.2
b. Paparikan piwuruk Nyaéta paparikan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Paparikan sésébréd Nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). 3. Wawangsalan Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh dibagi dua, nyaéta: a. Wawangsalan bangbalikan layaran b. Wawangsalan bangbalikan dangding C. Sumebarna Sisindiran di Masarakat Sunda Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran. Waktu nyaritakeun perkara ngayam samak jeung topi, Jaman mimiti nyebar sisndiran: paribasa ngayam samak, neuteukeun bari motongan (kaca 61), eusina oge geus mangrupa sisindiran di jaman harita téh. Upama caang bulan, diburuan téh rame ku paramojang. Aya anu maud pitopieun, nuluykeun hanca nyieun rangkay, mantengkeun, atawa ngalepe. Gyntreng ngobrol bari barung ku sisindiran. (kaca 60-64) Salinan ti Syarif Amin, Haji Hasan Mustapa deuih anu nyabit-nyabit sisindiran patalina jeung kahirupan sapopoe téh. Dina bukuna Bab Adatadat Urang Priangan jeung Sunda Lianna ti Eta (1913), Haji Hasan Mustapa 8.3
nyaritakeun kabiasaan bujang jeung lajang urang sunda alam harita, pasosore mun hade poena, ngariung di buruan bari siligonjak ku sisindiran. Dina buku Bandung Baheula, aya sawatara bagian anu ngagambarkeun dalitna urang sunda kana sisindiran. Dina bagian sejen eta buku (jilid II) uncul sawatara sisindiran alatan bangsa urang dijajah Jepang. Bangsa Jepang anu cenah ngakukeun Sodara Tua, lain ngajajah wungkul datangna ka urang the tapi bari jeung ngaranjah deuih, sagala dikunjalan, jeung sagala beuki deuih. Basa ka urang mimiti aya kareta api espres (ekspres ayeuna mah) Bandung Surabaya, kira-kira taun 1930, buru-buru dijieun sisindiran. Taun 1980 an di urang popular lagu Susana. Muncul lagu Susana dina rupa-rupa versi, laguna mah angger tapi rumpakna digaranti. Harita oge Citarum banjir ngeueum pasawahan di Karawang. Lagu Susana diganti ku sisindiran. Nurutkeun katerangan Atik Sopandi, S. keur basa caramah ngeunaan Rumpakan Lagu-lagu Sunda, sawatara taun katukang, rereana kawih sunda buhun rumpakan téh mangrupa sisindiran. Malah sisindiran oge kapanggih dina sawatara lagu pop sunda. Tina sawatara katerangan diluhur, tetela baé yen sisindiran téh kacida dipika wanoh ku urang sunda. Wangun sisindiran dipake pikeun ngebrehkeun eusi hatena, pantasiana, katut daya rancagena, leuwih jauh deui, milu ngeyeuban basana. Tandaning sisindiran téh geus dalit jaung kahirupanana. Bukti sejen kumaha dalitna wangun sisindiran jeung urang sunda, kateangan tina sawatara kakawih barudak, ti leuleutik bari ulin urasng sunda geus mikawanoh wangun sisindiran anu mangrupa cangkang jeung eusi téa, sanajan wangunna basajan. Masih dina pertengahan taun 1980 an Caraka Sundalogi pingpinan Adang S, mimiti mintonkeun sisindiran dina televise ngaliwatan TVRI Stasiun Bandung. Demi sisindiran anu dipintonkeunana umumna mangrupa paparikan jeung rarakitan, silitempas dina wangunan sosio drama. 8.4
D. Conto-conto sisindiran 1. Taun 1913, Dina buku Bab Adat-Adat Urang Priangan jeung Sunda Lianna ti Eta. Karya Haji Hasan Mustapa, nyaeta: Jeruk purut Cikaruncang, jambu aer Wanayasa. Camerut haying ka bujang, susu laer teu dirasa. 2. Kira-kira taun 1930 an, aya sisindiran magrupa: Espres Bandung Surabaya, digantolan kikinciran. Neda ma lum ka sadaya, abdi bade sisindiran. 3. Dina buku Syarif Amin judulna Di Lembur Kuring taun 1964, aya sisindiran anu dipake silisindir, diantawisna: Boboko ragrag ti imah, ninggang kana pileuiteun. Nya bogoh ulah ka semah, ari balik sok leungiteun. Boboko ragrag ti para, ninggang kana panto keser. Nya bogoh ulah katara, ambeh henteu matak gehger. Ka mana boboko kuring, ngan aya wakulna bae. Ka mana kabogoh kuring, ngan aya baturna bae. 4. Taun 1980- an Karawang dengklok karawang dengklok, Citarum banjir. Parawan dekok parawan dekok. dicium nyengir. 8.5
5. Sawantara Rarakitan: a. Rarakitan silihasih Sapanjang jalan Soréang, moal weléh diaspalan. Sapanjang tacan kasorang, moal weléh diakalan. Mun teu tulus ka paseukna, ka pancirna oge hade. Mun teu tulus ka lanceukna, ka adina oge hade. Batur mah ka Margacinta, kuring mah ka Nagrak bae. Batur mah dipika cinta, kuring mah ditolak bae. b. Rarakitan piwuruk Sing getol nginum jamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol neangan élmu, nu guna dunya ahérat. Lamun urang ka Cikole, moal hese naek kahar. Lamun urang daek gawe, moal hese barangdahar Ari haying melak wijen, ulah deukeut awi gombong. Ari haying pada ngajen, ulah boga sikep sombong. 8.6
c. Rarkitan sésébréd Rarasaan ngala mayang, teu nyaho cangkeuteuk leuweung. Rarasaan konéng umyang, teu nyaho cakeutreuk hideung. Majar maneh cengkeh koneng, kulit peuteuy dina nyiru. Majar maneh lengkeh koneng, kulit beuteung mani nambru. Rarasaan melak cau, teu nyaho mun melak jahe. Rarasaan matak lucu, teu nyaho mun matak rehe. Deudeuh teuing jeruk purut, keur koneng téh loba hileud. Deudeuh teuing nu cambrut, keur goring téh minding baeud. Kuring mah alin ka Bandung, mending ge ka kadungora. Kuring mah embung di candung, mending ge jadi nu ngora. Conto rarakitan anu genep padalisan: Hanjakal ku nangka liat, hayang leuleuweungan bae, ayeuna katuncar hideung. Hanjakal ku nu ngaliwat, hayang reureujeungan bae, ayeuna paturay tineung. 8.7
6. Sawantara Paparikan: a. Paparikan silihasih Meuncit meri dina rakit, boboko wadah bakatul. Lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur. Lain Bangban lain Pacin, lain kananga kuduna. Lain babad lain tanding, lain kadinya kuduna. Daun pulus dilulunan, jojodog ti Tarikolot. Sugan tuluy lalunan, aya jodo pakokolot. Ngala saga sisi huma, disamberan ku waliwis. Tiis raga tiis sukma, lantaran jadi ka nu geulis. b. Paparikan piwuruk Ka kulah nyiar kapiting, ngocok endog bobodasna. Ulah sok liar ti peuting, osok loba gogodana. Aya manuk dina pager, nu sukuna aya bola. Lamun urang haying pinter, kudu getol kasakola. Papan Kiara ditatah, Iraha jadi lomari. Mun bias miara létah, Mokaha salamet diri 8.8
c. Paparikan sésébréd Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuit. Anu geulis ngadeukeutan, hayangeun dibéré duit. Sapanjang jalan Cirebon, jalan butut diaspalan. Sapanjang dijajah Nipon, baju butut tatambalan. Angeun kangkung sapariuk, disiuk jadi sapiring. Anu jangkung geura calik, sing karunya ka simkuring Cau naon cau naon, cau kulutukl di juru. Bau naon bau naon, bau nu hitut di juru. Cau kapok keur rumégang, dieunteupan bondol héjo. Keur dekok katambah égang, ditambah olol lého. 7. Sawantara Wawangsalan Belut sisit saba darat, Kapiraray siang wengi. (Wangsalna: oray) Jukut jangkung pipir gunung, Hate abdi panas peurih. (Wangsalna: eurih) Beulit cingir simpay réma, Ulah lali ka sim abdi. (Wangsalna: ali) 8.9
Abdi mah caruluk Arab, Henteu tarima téh teuing. (Wangsalna: korma) Asal hiji jadi dua, Temak matak susah ati. (Wangsalna: walimah) Dudukuy panjang gagangna, Piker bati ngalanglayung. (Wangsalna: paying) Gambar hirup jero imah, teu meunang dipikarisi. (Wangsalna: telepisi) 8.10
PAMUNGKAS Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 1. Rarakitan a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 2. Paparikan a. Rarakitan silihasih Nyaéta rarakitan anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. b. Rarakitan piwuruk Nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. c. Rarakitan sésébréd Nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik). 3. Wawangsalan 8.11
DAFTAR RUJUKAN Sudaryat Yayat, M.Hum, Dr, 2006. Panduan Kegiatan Siswa (PKS) Basa Sunda. Bandung: CV. Karya Iptek. Ristisni Iis, S.Pd, M.Pd, Hj, 2005. Bahan Ajar Basa & Sastra Sunda.Bandung http://su.wikipedia.org/wiki/sisindiran http://su.wikipedia.org/wiki/paparikan http://su.wikipedia.org/wiki/rarakitan http://su.wikipedia.org/wiki/wawangsalan http://yantisusanty.blogspot.com/ 8.12