BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015


BAB I BUBUKA Kasang Tukang

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

>> 0 >> 1 >> 2 >> 3 >> 4 >> KAKAWIHAN JEUNG KAULINAN BARUDAK

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

Transkripsi:

Astri Handayani,2014 STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.edu 164 22 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat. Désa Pagerwangi téh perenahna aya di Kacamatan Lembang. Upama ditempo tina tipologina, Pagerwangi téh kaasup kana daérah luhur, sabab lobapasir, katambah deui aya gunung batu. Wates-watesna nya éta beulah kulon kawatesanan ku Désa Wangunsari, beulah wétan kawatesanan ku Désa Langensari, beulah kidul kawatesanan ku Désa Mekarwangi, sedengkeun beulah kalér kawatesanan ku Désa Kayuambon. Désa Pagerwangi legana kira-kira 120,22 ha/m2, kabagi jadi sababaraha bagéan, nya éta, lega pamukiman 7,8 ha/m2, legapemakaman 2,5 ha/m2, lega pakarangan 1,5 ha/m2, lega taman 1,02 ha/m2, legaperkantoran 0,5 ha/m2, jeung pasilitas umum séjénna 1 ha/m2. Komoditas anu dihasilkeun di Désa Pagerwangi di antarana sayuran kayaning: jagong, kacang panjang,cabé, tomat, sawi, kentang, engkol, bonténg, brokoli, salada, taleus, wortel; bungbuahan kayaning: jeruk, alpuket, kadu, cau, nangka, jeung stroberi; tangkal cengkéh; ingon-ingon kayaning: sapi, hayam kampung, kuda, domba, kelenci; jeung produksi tina sapi nya éta susu. Jumlah penduduk Désa Pagerwangi aya 8.959 urang anu kabagi kana 2.763 kuren. Pakasaban masarakat Désa Pagerwangi lolobana patani. Masarakat geus waranoh kana téhnologi modéren, tapi masih aya kénéh anu mertahankeun kahirupan cara tradisional. Contona, mun gering teu langsung ka dokter atawa maké ubar warung, tapi masih aya kénéh anu ngamangpaatkeun tutuwuhan pikeun ubarna, misalna mun nyeri mata maké seureuh. Tapibeuki dieu, hal-hal nu tradisional téh geus kaéréd ku hal-hal nu modéren, kaasup kaulinan tradisional.

23 Gambar 3.1 Peta Wilayah Désa Pagerwangi Sumber gambar ti kantor désa Pagerwangi 3.1.2 Sumber Data Nurutkeun Arikunto (2010, kc.172), sumber data nya éta ti mana asal datangna data. Dumasar kana éta hal, sumber data ieu panalungtikan nya éta narasumber/informan, nu mikanyaho kana kaulinan tradisional nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat, boh ngeunaan palaku, waktu, tempat, pakakas, jeung prak-prakanana, boh barudak anu sok arulin kaulinan tradisional. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta jalma salaku narasumber atawa informan dina waktu wawancara, lobana genep urang, saurang lalaki jeung lima urang awéwé. Total kaulinan tradisional anu kapaluruh aya 43. Sangkan leuwih jéntré katitén dina tabél narasumber ieu di handap. Astri Handayani,2014 STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.edu 164

Tabél 3.1 Data Narasumber Kaulinan Tradisional di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat No. Ngaran Umur Alamat Pakasaban Jumlah Waktu mupu No. Ngaran kaulinan kaulinan kaulinan 1 2 3 4 5 6 7 8 9 1. Dadi 46 Pagerwangi RT 01/02 Pagawé BRI 8 1 2 3 4 5 6 7 8 2. Emar 60 Pagerwangi RT 01/02 IRT 7 9 10 11 12 13 14 15 3. Yeni 45 Pagerwangi RT 01/02 IRT 7 16 17 18 19 20 21 22 Bedil Sorolok (Palapah cau) Jajangkungan Bandring Langlayangan Bancakan Beklén Boy-boyan Congkak Lelempengan Luncat Tinggi/Ajleng-ajengan Ngadu Kaléci Sapintrong Sondah/Péclé Ucing Jidar Barén Cacag Guramé Dol Mikadol Donal Bébék Endog-endogan Gagarudaan Hahayaman Hitam Hijau

1 2 3 4 5 6 7 8 9 4. Dini 21 Pagerwangi RT 01/02 Mahasiswa 13 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 Jeblag Panto Kelenang-kelenéng Kotak Pos Mamah Papah Pergi Mejikuhibiniung Mimi-mimi Oray-orayan Pa Polisi Paciwit-ciwit Lutung Pa Tani Pérépét Jéngkol Pipo-pipo Saya Orang Kaya 5. Dedeh Winarti 47 Pagerwangi RT 01/02 IRT 5 36 37 38 39 40 6. Rosani 28 Pagerwangi RT 01/02 IRT 3 41 42 43 Diropéa ku Hadid (2013) tina Isnendes Slépdur Susu Tela Ucing Asin/Galah Ucing Buhaya Ucing Dua Lima/Ucing Sumput Ucing Tidur Ucing Kacugak Ucing Nagog

26 3.1.3 Data Panalungtikan Nurutkeun Siswantoro (2010, kc.70), data nya éta sumber informasi nu rék diseléksi minangka bahan analisis. Data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kaulinan tradisional nu geus dikumpulkeun ku panalungtik nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat, utamana di Kampung Bukanagara. Data anu dianalisis mangrupa kaulinan tradisional anu strukturna (basa, eusi, purwakanti, wangun jeung wirahma, waktu jeung tempat, palaku, pakakas, jeung prak-prakan) bisa dianalis sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII. 3.2 Desain Panalungtikan Nurutkeun Arikunto (2010, kc.90), desain panalungtikan nya éta rencana atawa rarancang nu dijieun ku panalungtik, salaku ancer-ancer kagiatan anu rék dilaksanakeun. Léngkah-léngkah nyusun ieu panalungtikan katitén dina bagan ieu di handap. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan NANGTUKEUN MASALAH Ngarumuskeun masalah Ngarumuskeun anggapan dasar Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan Nangtukeun sumber data NGOLAH DATA Analisis data hasil observasi, wawancara jeung dokumentasi NGUMPULKEUN DATA Ulikan Pustaka Observasi Téhnik wawancara Téhnik dokuméntasi NYIEUN KACINDEKAN

27 3.3 Métode Panalungtikan Nurutkeun Siswantoro (2010, kc.55), métode nya éta cara anu digunakeun ku hiji panalungtik dina usaha ngungkulan masalah anu ditalungtik. Sedengkeun nurutkeun Arikunto (2010, kc.203), métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Jadi, métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan pikeun ngungkulan masalah anu keur ditalungtik. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Nurutkeun Syamsuddin jeung Damaianti (2007, kc.24), métode déskriptif nya éta métode pikeun ngagambarkeun kaayaan masalah nu keur disanghareupan, ku cara nyieun papasingan data, nganalisis data, napsirkeun data, anu satuluyna nyieun kacindekan. Masalah nu digambarkeun dina ieu panalungtikan nya éta rupa-rupa hal anu aya dina kaulinan tradisional di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat, utamana nu aya di Kampung Bukanagara, sarta nganalisis struktur anu aya dina kaulinan tradisional tuluy diterangkeun sacara déskriptif. 3.4 Wangenan Oprasional Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir kana ieu panalungtikan, aya sababaraha istilah nu kudu dijéntrekeun. 1) Struktur nya éta gagasan anu mandeg mandiri, teu mikabutuh hal-hal di saluareun dirina pikeun mertahankeun prosedur transformasi. 2) Kaulinan tradisional nya éta sagala paripolah boh ngagunakeun alat boh teu ngagunakeun alat, anu diwariskeun sacara turun-tumurun ti karuhun salaku sarana pikeun hiburan atawa pikeun nyenangkeun haté. 3) Bahan pangajaran maca nya éta komponén anu teu bisa ditinggalkeun jeung disapirakeun dina pangajaran, lantaran bahan pangajaran minangka inti tina prosés diajar-ngajar, anu ditepikeun ka murid dina prosés maham

28 harti anu aya dina basa tulisan jeung kagiatan nu sipatna kompléks sarta merlukeun prosés mikir. 3.5 Instrumén Panalungtikan Nurutkeun Siswantoro (2010, kc.73), instrumén hartina pakakas atawa alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Sedengkeun nurutkeun Arikunto (2010, kc.203), instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitasanu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana jadi leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari dikokolakeunana. Ku kituna, instrumén panalungtikan anu digunakeun nya éta format wawancara, format observasi, jeung alat rékam. Alat rékam nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta handphone jeung camera digital. Handphone digunakeun pikeun ngarékam sora dina prosés wawancara ka informan. Ari camera digital mah digunakeun pikeun ngarékam dina wangun vidéo jeung ngadokuméntasikeun poto kaulinan tradisional di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat, utamana nu aya di Kampung Bukanagara. Format wawancara jeung format obsérvasi pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kaulinan tradisional ti narasumber nu nyaho kana kaayaan kaulinan nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat. Nu jadi instrumén utama dina ieu panalungtikan nya éta format tabél data informan. Bisa katitén dina tabél ieu di handap. Tabél 3.2 Data Informanjeung Kaulinan Tradisional Ruang Lingkup Data Data Informan Data Kaulinan Tradisional 1 2 1.1 Ngaran Narasumber 2.1 Ngaran-ngaran kaulinan 1.2 Umur Narasumber 2.2 Struktur jeung wangun kaulinan 1.3 Alamat Narasumber 1.4 Pakasaban Narasumber Diropéa ku Hadid (2013) tina Isnendes

29 Tabel 3.3 Format Observasi Lokasi Objék :... Tanggal/Jam :... Panalungtik :... Data/hasil panalungtikan Diropéa ku Kadir (dina Syamsuddin jeung Damaianti, 2007) 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta talaah pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi. 1) Talaah Pustaka Nurutkeun Fathoni (2011, kc.95), talaah pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung subjék panalungtikan, mangrupa buku atawa dokumén-dokumén. 2) Obsérvasi Nurutkeun Satori jeung Komariah (2011, kc.105), obsérvasi nya éta téhnik anu digunakeun pikeun niténan hiji objék anu ditalungtik, boh sacara langsung boh sacara teu langsung pikeun nyangking data anu kudu dikumpulkeun dina panalungtikan. 3) Wawancara Nurutkeun Satori jeung Komariah (2011, kc.130), wawancara nya éta téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data pikeun nyangking informasi anu diguar ti narasumber data langsung ngaliwatan paguneman atawa tanya jawab.

30 4) Studi Dokuméntasi Nurutkeun Satori jeung Komariah (2011, kc.149), téhnik studi dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun dokumén jeung data-data anu diperlukeun dina panalungtikan nu bisa ngarojong jeung nambahan kapercayaan dina ngabuktikeun hiji kajadian. 3.7 Téhnik Ngolah Data Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta nganalisis data tina hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi anu dijadikeun bahan dina ieu panalungtikan. Tahap-tahap dina ngolah data dijéntrekeun ieu di handap: 1) niténan data ngeunaan kaulinan tradisional nu aya di Désa Pagerwangi Kacamatan Lembang Kabupatén Bandung Barat; 2) data nu geus kakumpulkeun tuluy dianalisis; jeung 3) nyieun kacindekan tina data nu geus diolah.