BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013


BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB II KABUDAYAAN, UPACARA ADAT, TRADISI, JEUNG BAHAN PANGAJARAN

Transkripsi:

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Géografi Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén Bandung. Ieu désa téh diwatesanan ku Désa Bojongsari (Kacamatan Bojongsoang) Beulah kalér, Beulah kidul diwatesanan ku Désa Bojongmanggu (Kacamatan Pameungpeuk), Beulah wetan diwatesanan ku Kalurahan Manggahang (Kacamatan Balééndah), jeung Beulah kulon diwatesanan ku Kalurahan Andir (Kacamatan Balééndah). Sacara Topografi, Kalurahan Balééndah aya di dataran handap. Jarak ka Ibukota/Kecamatan nya éta 0,8 Km jeung jarak ka Ibu kota Kabupatén 16 Km. Warga Kalurahan Balééndah bulan januari 2013 jumlahna 50.995 urang/jiwa, nu ngawengku 25.641 urang lalaki jeung 25.354 urang awéwé. Jumlah kepala keluargana 14.039 KK. Éta jumlah téh nyebar di 20 RW nu ngawengku 80 RT (sumber, profil Kalurahan Balééndah taun 2013). 3.1.2 Sosial Budaya 1) Warga Interaksi antar masarakat di Kacamatan Balééndah hususna Kelurahan Balééndah, kawilang alus dina kahirupan sapopoéna. Masarakatna masih kénéh mentingkeun kahirupan sosialna. Hal éta katitén dina waktu aya kapapaténan, sakabéh jalma sok hideng ngabantu-bantu najan ngan ukur tatangga lain baraya deukeut tapi sok harideng marantuan tatanggana, lain ngan ukur kapapaténan hungkul uapama aya anu hajat ogé biasana sok ngabantu-bantu, dina wangun tanaga, pikiran, jeung materi, sok sanajan henteu dipenta tulung. Ku kituna bisa disebutkeun yén masarakat Kacamatan Balééndah téh sauyunan, hirup gotong royong, sarta masih kénéh nyekel pageuh tali paranti karuhun Sunda. Sanajan di ieu daérah wargana geus heterogen loba nu asalna ti sélér bangsa séjén. 26

27 2) Agama jeung Kapercayaan Masarakat Kalurahan Balééndah anu geus heterogen. Kitu ogé dina agamana nu heterogen. Najan béda-béda dina nganut agamana tapi mayoritasna mah nganut agama Islam. katitén loba masjid jeung musola anu sumebar tibatan tempat ibadah anu lianna di éta Kalurahan. Kagiatan kaagamaan saperti pangajian rutin, masih kénéh dilaksanakeun. Ti mimiti budak, bapa-bapa jeung ibu-ibu. Pangajian barudak dilaksanakeun unggal poé ba da asar. Pangajian ibu-ibu biasana dilaksanakeun saminggu sakali, nya éta poé rebo ti mimiti jam 10.00 WIB nepi ka jam 12.00 WIB kadang-kadang nepika solat lojor babarengan. Saupama bapabapa, dilaksanakeun peuting dina malem senen ti mimiti ba da isa nepika jam 22.00 WIB. 3) Basa Masarakat anu geus heterogen, dina basa anu dipakéna ogé béda-béda, Lantaran di Balééndah loba masarakat anu lain pituin urang Sunda. Ku kituna basana ogé campur-campur. Sanajan kitu basa anu digunakeun ku masarakat Kalurahan Balééndah nya éta basa Sunda. Éta basa téh dipaké ku masarakat pikeun komunikasi dina hirup kumbuhna. Salian ti miboga pungsi salaku alat komunikasi, basa Sunda dipaké pikeun mekarkeun jeung ngarojong kabudayaan anu geus aya disabudeureun Kalurahan Balééndah. Salian ti éta basa Sunda dijadikeun cicirén minangka identitas yén masarakat Balééndah téh mangrupa sélér Sunda sok sanajan dina hirup kumbuhna loba kacampuran ku sélér séjén. Lantaran ulah jadi tamu di imah sorangan. 4) Pakasaban Pakasaban masarakat di Kalurahan Balééndah ngawengku kana sababaraha widang pagawéan, ngan réréana mah jadi karyawan pabrik. Alatan kitu téh, dilantarankeun loba lahan anu tadina pikeun tatanén geus robah fungsi jadi lahan pabrik. Salian ti éta jarakna nu deukeut ka kota, mangaruhan kana rupa-rupa widang pakasaban. Anu numutkeun data monografi Kalurahan, katitén aya salapan pakasaban di antarana: 1) karyawan, 2) wiraswasta, 3) buruh tani, 4) PNS, 5) pengrajin, 6) pedagang, 7) tani, jeung 8) jasa.

28 3.2 Desain Panalungtikan Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun kieu: Observasi Talaah pustaka Ngumpulkeun data Ngolah data Narik kacindekan Bagan 3.1 Galur Panalungtikan

29 3.3 Métode Panalungtikan Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hiji hal. Tujuan métode déskriptif nya éta nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu didéskriptifkeun dina ieu panalungtikan nya éta istilah-istilah kasenian penca silat anu aya di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung. Dina ngagunakeun ieu métode, lain ngan saukur ngumpulkeun sarta nyusun data ngeunaan istilah kasenian Penca Silat wungkul, tapi ogé ngawengku analisis ngeunaan éta data. Anu engkéna bisa nyieun hiji kacindekan sarta bisa diimplikasikeun dina wangun bahan pangajaran. 3.4 Wangenan Operasional 1) Istilah Istilah mangrupa kecap atawa kantétan kecap nu kalawan gemet ngagambarkeun hiji konsép, prosés, kahanan, atawa sipat anu aya dina hiji widang. 2) Penca silat Panglipur Penca silat nya éta hasil budidaya manusa Indonésia pikeun mertahankeun atawa ngabela éksisténsi jeung integrasina kana alam sabudeureunna pikeun ngahontal keselarasan hirup pikeun mngaronjatkeun Iman jeung Taqwa ka Gusti. Panglipur mangrupa himpunan penca silat. Luyu jeung falsafah Panglipur mangrupa singketan tina : 1) Pék Aranjeun Néangan Guru Luhung Ilmuna, Poma Ulah Ria (Takabur). 2) Pék Aranjeun Néangan Guru Luhung Ilmuna Pikeun Udageun Rasa. 3) Bahan Pangajaran Hal anu rék ditepikeun ku Guru ka siswa dina prosés diajar-ngajar disebut bahan ajar. Bahan pangajaran maca kasenian Penca Silat nya éta materi anu ditepikeun ka murid.

30 3.5 Instrumén Panalungtikan 3.5.1 Rékorder Rékorder digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku ngarékam wawancara jeung narasumber. 3.5.2 Kaméra Foto Kaméra foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar tur pikeun ngadokuméntasikeun gambar dina kagiatan panalungtikan, gerak dina silat, pakakas/ properti, jeung waditra anu digunakeun dina Penca silat Panglipur. 3.5.3 Pedoman Wawancara Numutkeun Sudjana dina Satori (2009:130) wawancara nya éta prosés ngumpulkeun data atawa informasi ngaliwatan tatap muka antara pihak anu ngawawancara (interviewer) jeung pihak anu diwawancara (interviewee). Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngabantu panalungtik ngawawancara narasumber. Tujuanna nya éta sangkan obrolan bisa museur kana tujuan anu baris dihontal. Format obsérvasi nu jadi acuan dina obsérvasi bisa ditabélkeun saperti ieu di handap: Data/hasil observasi Tabél 3.1 Format Obsérvasi Harti

31 Tabél 3.2 Pedoman Wawancara Ruang lingkup data Data informan Patalékan 1. Wasta 1. Kumaha kaayaan kasenian 2. Umur Pencak Silat di Balééndah? 3. Pakasaban 2. Kumaha sajarah HPS 4. Alamat Panglipur? 5. Kalungguhan narasumber di 3. Naon waé waditra, properti masarakat 6. Kalungguhan narasumber di atawa sanjata anu dipaké dina Penca Silat? HPS Panglipur 4. Istilah-istilah naon waé anu aya dina kasenian Pencak Silat? 3.6 Téhnik Panalungtikan Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta obsérvasi, wawancara, jeung talaah pustaka. 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Aya sababaraha téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana: 1) Obsérvasi Observasi nya éta kagiatan museurkeun panitén kana hiji obyék ngagunakeun pancaindra. Obsérvasi digunakeun sangkan meunang data nu akurat ngeunaan istilah kasenian Penca Silat anu aya di Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung.

32 2) Wawancara Téhnik wawancara nya éta téhnik pikeun nyangking bahan lisan (sumber lisan). Sasaran wawancara nya éta informasi anu dianggap nyaho kana selukbeluk kasenian Penca Silat. 3) Talaah Pustaka Talaah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun informasi ku cara ngumpulkeun data nua aya dina kamus, buku, jeung internet anu aya patalina jeung kasenian, hususna kasenian Penca Silat. 3.6.2 Téhnik Ngolah Data Léngkah-léngkah ngolah data anu dilakukeun dina ieu panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap: 1) ngumpulkeun istilah anu nyampak dina kasenian Penca Silat tina Kamus Umum Basa Sunda, buku-buku sumber, sarta data tina hasil wawancara; 2) nyatét éta istilah kasenian; 3) ngaidéntifikasi istilah nu aya dina kasenian Penca Silat; 4) milah-milah data dumasar kana wangunna; 5) ngaanalisis data tina harti istilah nu aya dina kasenian Penca Silat; 6) nyieun kacindekan hasil analisis tina harti istilah anu aya dina kasenian Penca Silat. 3.7 Prosedur Panalungtikan 3.7.1 Prosedur Ngumpulkeun Data Data panalungtikan dicokot tina sumber lisan jeung sumber tinulis. Sumber lisan nya éta data hasil wawancara ti sababaraha informan anu apal kana seluk beluk kasenian Penca Silat. Kabeneran informan anu diwawancara téh nya éta pimpinan kasenian Penca Silat. Sedengkeun sumber tinulis dicokot tina kamus, buku, jeung internet anu aya patalina jeung kasenian Penca Silat. Léngkah-léngkahna nya éta :

33 1) niténan Kamus Umum Basa Sunda (LBSS:1995) jeung buku-buku sumber lianna anu aya patalina jeung kasenian Penca Silat; 2) nyirian kekecapan anu aya patalina jeung Kasenian Penca Silat; 3) niténan istilah anu aya dina kasenian Penca Silat hasil wawancara; 4) ngadaptarkeun babandingan istilah kasenian Penca Silat tina Kamus Umum Basa Sunda jeung istilah hasil wawancara. 3.7.2 Prosedur Ngolah Data Sanggeus sakabéh data kakumpulkeun, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Tahap ngolah data mangrupa nyusun, nganalisis, sarta napsirkeun data anu geus kakumpulkeun nepi ka bisa nyusun hiji kacindekan. Léngkah-léngkahna nya éta : 1) mariksa jeung niténan data-data istilah anu aya dina kasenian Penca Silat, kira-kira data tina Kamus Umum Basa Sunda téh saluyu henteu jeung data hasil wawancara; 2) milah-milah data dumasar kana wangunna; 3) ngadéskripsikeun istilah anu aya dina kasenian Penca Silat; 4) nyieun babandingan istilah kasenian anu aya dina Kamus Umum Basa Sunda jeung hasil wawancara; 5) nyusun laporan panalungtikan