BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

Transkripsi:

1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Kabudayaan nya éta sakabéh hasil pamikiran, karya, jeung hasil karya manusa nu teu museur kana naluri manusana, jeung sakabéh hasil karya manusa téh dihasilkeun sanggeus ngaliwatan prosés diajar. Koentjaraningrat (1983, kc. 2) nétélakeun yén kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal, nya éta: 1) sistem kapercayaan atawa réligi, 2) sistem jeung organisasi masarakat, 3) organisasi pangaweruh, 4) sistem basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi. Tina tujuh unsur universal ngajanggélék dina tilu wujud kabudayaan anu ngawengku sistem budaya (ideas), sistem sosial (activities), jeung unsur-unsur budaya fisik (artefak). Tina tujuh unsur universal kabudayaan, aya salasahiji unsur anu pungsina pikeun ngahibur nu ogé sok dipagelarkeun di lingkungan masarakat, nya éta kasenian. Djelantik (1999, kc. 16) nétélakeun yén kasenian nya éta hal-hal anu dijieun jeung diwangun ku manusa anu nimbulkeun rasa senang, sugema, ni mat, jeung rasa éndah, sedengkeun Raga (2007, kc. 38) nétélakeun yén kasenian mangrupa alat pikeun ngébréhkeun idé-idé, ajén-inajén, cita-cita, jeung perasaan. Hartina, kasenian teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat sarta pungsina anu pikeun ngaéksprésikeun idé-idé jeung gagasan dina diri manusa. Komo deui, lamun éta kasenian geus jadi ciri has hiji désa atawa kelompok masarakat anu tangtu. Salasahiji kasenian nu aya di Kabupatén Karawang, nya éta kasenian Topéng Banjét. Kasenian Topéng Banjét geus aya ti jaman Walanda, salasahijina kasenian Topéng Banjét Pendul anu aya di Désa Lemahduhur Kecamatan Tempuran Kabupatén Karawang. Topéng Banjét Pendul geus aya ti taun 1912, diadegkeun ku Abah Sairan. Anjeunna ngadegkeun Topéng Banjét Pendul pikeun hiburan, atikan, jeung nambahan kabeungharan budaya Sunda. Nu mingpin Topéng Banjét Pendul ayeuna, nya éta Abah Jaya nu mangrupa buyut atawa generasi kaopat ti Abah Sairan. Danadibrata (2009, kc. 707) nétélakeun yén

2 topéng asalna tina basa Kawi nu hartina kedok atawa ronggéng nu maké kedok, sedengkeun banjet nya éta ronggéng dibarengan ku bodor bari ngalakonkeun kajadian (Danadibrata, 2009, kc. 63). Jadi, Topéng Banjét nya éta ronggéng nu maké kedok nu ngalakonkeun kajadian dibarengan ku bodor, sedengkeun Pendul téh ngaran hiji grup Topéng Banjét nu geus kasohor di Kabupatén Karawang. Kasenian Topéng Banjét Pendul dina pintonanna teu leupas tina pakempakem anu diwariskeun ti karuhun-karuhunna, di antarana: 1) arang-arangan, 2) tatalu, 3) gonjingan, 4) kaluar panari banjét, 5) muka lalakon jeung bodoran dina térémbél, 6) midangna lalakon, jeung 7) panutup. Sakumaha anu ditataan di luhur, dina kasenian Topéng Banjét nyangkaruk ajén-inajén anu leubeut nu bisa dijadikeun papagon hirup, saperti ajén moral, sosial, budaya, agama, jeung éstétika. Kasenian Topéng Banjét dirojong ku sababaraha unsur seni, nya éta seni musik, seni tari, seni drama, seni rupa, jeung seni sastra, anu gumulung jadi karya seni tradisional anu teu leupas tina ajéninajén kasundaan anu némbongkeun kaéndahan (éstétika). Nurutkeun Sumardjo (2000, kc. 33) éstétika nya éta palasipah ngeunaan kaéndahan anu aya di alam jeung dina rupa-rupa barang seni hasil karya manusa. Sedengkeun Kartika jeung Perwira (2004, kc. 9) nétélakeun yén éstétika dina harti heureut nya éta filsafat anu niténan sagala hal ngeunaan kaéndahan alam jeung seni. Kasenian Topéng Banjét kaasup kana kaéndahan seni, kaéndahan seni anu nyampak dina ieu kasenian Topéng Banjét di antarana katitén dina waditra, musik nu dipirigna, kostum pamaén, tari, jeung lalakon nu dipintonkeun. Loba ajén-inajén anu bisa diconto tina kasenian tradisional atawa daérah, contona tina kasenian Topéng Banjét, tapi alatan robahna jaman kana jaman globalisasi mangaruhan kana mekarna kasenian tradisional. Kasenian tradisonal nu aya di Indonesia umumna geus kalindih ku budaya deungeun. Ieu hal téh dilantarankeun ku mekarna téhnologi jeung alat komunikasi saperti komputer, internét, jeung handphone nu geus ngarobah pola pikir jeung kahayang barudak ngorana kana kasenian tradisional. Ku kituna, perlu aya tarékah pikeun ngawanohkeun, ngadokuméntasikeun, ngamumulé, ngariksa, jeung ngaraksa

3 kasenian atawa kabudayaan Sunda ka budak ngora ngaliwatan pangajaran di sakola. Pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola boga udagan pikeun ngajén jeung nimbulkeun rasa kareueus kana basa jeung sastra Sunda. Hal ieu luyu jeung bahan pangajaran bahasan budaya nu aya dina Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), nya éta ngeunaan ngaidéntifikasi bahasan budaya. Éta hal kaunggel dina pangajaran pikeun SMA/SMK/MA kelas XI. Kompetensi Inti 11.3 Memahami, menerapkan, menganalisa pengetahuan factual, konseptual, procedural berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan procedural pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah. Kompetensi Dasar 11.3.5 Mengidentifikasi dan menganalisis bahasan budaya Sunda sesuai dengan kaidahkaidahnya (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc.56). Hasil panalungtikan ngeunaan ajén éstétika dina wangun skripsi ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, UPI Bandung kawilang loba, di antarana: (1) Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Maca Bahasan Maca di SMP Kelas IX, ku Lili Aliyanti (2014); (2) Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuan Ratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA, ku Mona Monica (2013); jeung (3) Ajén Éstétika Kasenian Gembyung di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII, ku Opah Ropiah (2013). Aya sababaraha karya populér dina wangun artikel jeung buku anu ngaguar kasenian Topéng Banjét boh dina média cétak boh média on line, di antarana: (1) Topeng Banjet Karawang Upaya Mempertahankan Tradisi di Tengah Perubahan Zaman, ku Gatot Gunawan (2011); (2) Kesenian Topeng Banjet, ku Aam Masduki dkk. (2005); (3) Kesenian Topeng Banjet Karawang Masih Bertahan, ku Ruslan Burhani (2012).

4 Sakumaha anu ditataan di luhur, tétéla yén panalungtikan ajén éstétika dina wangun karya ilmiah geus loba, tapi dina objék panalungtikan nu séjén. Salian ti éta, geus aya nu ngadadarkeun kasenian Topéng Banjét dina karya populér, tapi tacan aya nu nalungtik leuwih gemet tur dipatalikeun jeung tiori nu aya. Ku kituna, tina alesan-alesan di luhur ieu panalungtikan dijudulan Ajén Éstétika dina Kasenian Topéng Banjét Pendul di Désa Lemahduhur Kecamatan Tempuran Kabupatén Karawang pikeun Bahan Pangajaran Bahasan Budaya di SMA Kelas XI perlu dilaksanakeun. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang masalah nu diébréhkeun di luhur tétéla jembar pisan ajén-inajén anu bisa ditalungtik dina kasenian Topéng Banjét téh, boh tina palasipah, agama, moral, sosial, boh éstétikana. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan diwatesanan, nya éta museur kana gambaran kasenian Topéng Banjét Pendul, unsur-unsur seni, ajén éstétika nu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét Pendul, ajén éstétis dina kasenian Topéng Banjét Pendul, jeung ajén éstétis kasenian Topéng Banjét Pendul dipatalikeun jeung pangajaran. 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kana watesan masalah di luhur, sangkan leuwih jéntré, ieu panalungtikan dirumuskeun dina pertanyaan-pertanyaan ieu di handap. 1) Kumaha gambaran kasenian Topéng Banjét Pendul? 2) Unsur-unsur seni naon waé nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét Pendul? 3) Ajén éstétika naon waé anu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét Pendul? 4) Kumaha larapna hasil panalungtikan kasenian Topéng Banjét Pendul pikeun bahan pangajaran bahasan budaya di SMA kelas XI?

5 1.3 Tujuan Panalungtikan Unggal panalungtikan tangtuna boga tujuan, kitu deui dina ieu panalungtikan. Tujuan dina ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagéan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus. 1.3.1 Tujuan Umum Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis anu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét Pendul sarta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian Sunda anu aya di masarakat, anu satuluyna bisa jadi bahan pangajaran di sakola. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan: 1) gambaran kasenian Topéng Banjét Pendul ; 2) unsur-unsur seni nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét Pendul ; 3) ajén éstétika nu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét Pendul ; sarta 4) larapna hasil panalungtikan kasenian Topéng Banjét Pendul dina wangun bahan pangajaran bahasan budaya di SMA kelas XI. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, ieu panalungtikan bisa méré sumbangan analisis keur kamajuan paélmuan budaya Sunda. Ti dieu bisa dipikanyaho ngeunaan gambaran jeung pungsi kasenian Topéng Banjét, sarta pikeun ngeuyeuban bahan pangajaran bahasan budaya di SMA kelas XI. 1.4.2 Mangpaat pikeun Kawijakan Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana naon baé tradisi anu nyampak di sabudeureunna. Panalungtikan

6 ieu ogé mangrupa salasahiji cara ngamumulé budaya Sunda, luyu jeung PERDA taun 2003, kaunggel ieu di handap. Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat telah merancang program sosialisasi bahasa, sastra, dan aksara Sunda sesuai dengan amanat Perda Nomor 5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah. 1.4.3 Mangpaat Praktis Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta: 1) pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih jero ngeunaan kasenian nu aya di sabudeureunna, nambahan pangaweruh dina widang budaya Sunda, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda hususna kasenian; 2) pikeun masarakat, hasil panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan budaya jeung kasenian, numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda, sarta méré motivasi pikeun ngarojong dina usaha ngamumulé kasenian Sunda di sabudeureunna; 3) pikeun guru, bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan pangajaran, ku cara ngalarapkeun ajén éstétis dina kasenian Topéng Banjét jadi bahan pangajaran; jeung 4) pikeun siswa, bisa mikawanoh kasenian nu aya di sabudeureunna jeung maham kana éstétika dina kabudayaan atawa kasenian. 1.4.4 Mangpaat pikeun Isu sarta Aksi Sosial Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kumaha sajarah jeung tanda-tanda anu nyampak dina kasenian Topéng Banjét sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé anu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya Sunda anu aya di Kabupatén Karawang. 1.5 Raraga Tulisan Raraga tulisan miboga pungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkahléngkah dina panalungtikan. Ieu skripsi disusun jadi lima bab, saperti anu dipedar di handap ieu.

7 Bab I eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu dibagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat tioritis, mangpaat pikeun kawijakan, mangpaat praktis, jeung mangpaat pikeun isu sarta aksi sosial, jeung raraga nulis skripsi. Bab II eusina ngajéntrékeun ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan, sarta posisi masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Ieu bab disebut ulikan pustaka, anu eusina panalungtik ngabandingkeun sarta matalikeun masalah nu ditalungtik jeung tiori-tiori, sarta hasil panalungtikan nu geus aya saméméhna nu ditalungtik ku para ahli. Bab III eusina medar ngeunaan métodeu panalungtikan anu dipaké dina panalungtikan, nya éta ngawengku desain panalungtikan, sumber data, lokasi panalungtikan, insrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik analisis data. Bab IV eusina ngeunaan analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan anu dipatalikeun jeung tiori-tiori dina bab II. Bab V eusina mangrupa kacindekan jeung saran atawa rékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan mangrupa jawaban tina daptar pertanyaan nu aya dina rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ka pihakpihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan, pikeun ayana lajuninglaku keur panalungtikan saterusna.