BAB III METODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

NGOKOLAKEUN KELAS NU EFEKTIF

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.


BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

Transkripsi:

BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun ma na tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya (Sugiyono, 2010, kc. 8). Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, gelarna Kasenian Surak Ibra, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, analisis sémiotik tina unsur nu ngawangun Kasenian Surak Ibra, ajén sosial nu aya dina kasenian Surak Ibra, sarta matalikeun ajén sosial nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut pikeun. 3.1 Désain Panalungtikan Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Dina panalungtikan kualitatif sagala hal nu rék ditéangan tina objék panalungtikan masih can jelas masalahna, sumber datana, jeung hasil nu dipiharep. Rarancang panalungtikan mekar sanggeus panalungtik asup kana objék panalungtikan (Sugiyono, kc. 2010, 223). Ku kituna, rarancang dina ieu panalungtikan saperti bagan di handap.

25 Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

26 Tujuan Panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun 1. gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 2. prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 3. unsur-unsur seni nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 4. ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 5. bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian daérah kelas VIII. Tahap Tatahar Survey Tempat Perizinan Mastikeun Waktu Observasi Nyieun Daftar Patarosan Ngimeutan Prak-prakan Surak Ibra Tahap Pelaksanaan Ngadokumentasikeun Prak-prakan Surak Ibra Tahap Ngumpulkeun Data Observasi Wawancara Studi Pustaka Ngolah Data Hasil Observasi Tahap Analisis Data Ngadéskripsikeun Data Nganalisis Data Sajarah Kasenian Surak Ibra Prak-prakan Kasenian Surak Ibra Nyieun Laporan Ajén Sosial dina Kasenian Surak Ibra Bahan Pangajaran Sacara umum, désain panalungtikan nu dirancang dina ieu panalungtikan nyaéta tahap tatahar, tahap pelaksanaan, tahap ngumpulkeun data, tahap analisis

27 data, jeung tahap nyusun laporan. Dina tahap tatahar, nu dilakukeun nyaéta nyiapkeun kalengkepan obsérvasi lapangan saperti survéy tempat, mastikeun waktu obsérvasi, jeung nyieun daftar patarosan. Dina tahap pelaksanaan, prosés panalungtikan ku cara niténan jeung ngimeutan prak-prakan pagelaran Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut, tuluy wawancara pikeun nanya leuwih rinci ngeunaan objék nu ditalungtik, jeung studi pustaka sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan Kasenian Surak Ibra. Dina tahap pelaksanaan, sacara teu langsung data nu rék dianalisis geus kakumpulkeun ngaliwatan obsérvasi, wawancara, jeung studi pustaka. Ku kituna, tahap pelaksanaan téh sakaligus tahap ngumpulkeun data. Dina tahap analisis data hasil panalungtikan, data diolah sarta déskripsikeun hasilna dina laporan panalungtikan. Eusina nyaéta gambaran umum tempat panalungtikan, sajarah, prak-prakan, ulikan sémiotik, ajén sosial, sarta pedaran matéri ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra nu aya di Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun, tuluy nyieun kacindekan tina hasil ngolah data. 3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan 3.2.1 Partisipan Partisipan nyaéta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nyaéta unsur masarakat nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Partisipan bisa disebut ogé sumber data. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 215), dina panalungtikan kualitatif teu ngagunakeun istilah populasi salaku sumber data, tapi ku Spradley dingaranan sosial situation atawa situasi sosial. Partisipan nu dijadikeun narasumber dina wawancara nyaéta pupuhu Kasenian Surak Ibra, pamaén Kasenian Surak Ibra, jeung masarakat Kampung Sindangsari Désa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Palaku dijadikeun narasumber sabab dianggap nyaho ngeunaan Surak Ibra ti mimiti sajarah, prak-prakan, jeung ma na nu aya dina éta kasenian.

28 3.2.2 Tempat Panalungtikan Lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di Kampung Sindangsari Desa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Dumasar data ti désa, Cinunuk dibagi jadi tilu dusun, nyaéta 9 RW, 33 RT, sarta 16 kampung. Kepadatan penduduk ieu désa nyaéta 178,02 Jiwa/Ha. atawa 25,9 Jiwa/Km. Jumlah warga nu kacatet aya kana 5.296 jiwa, nu diwincik lalaki 2.663 jiwa jeung awéwé 2.633 jiwa. Sangkan bisa nepi ka tempat lokasi, bisa maké kendaraan angkutan umum nu dituluykeun ku ojég atawa délman, sabab tempatna lumayan jauh ti jalan raya utama. Alesan Désa Cinunuk dijadikeun tempat panalungtikan nyaéta 1) ieu tempat mangrupa pusat informasi nu panglengkepna ngeunaan Kasenian Surak Ibra; 2) dina ieu tempat, mimiti mekarna Kasenian Surak Ibra nu diluluguan ku inohong di Désa Cinunuk; 3) kagiatan latihan Kasenian Surak Ibra tempatna di sabudeureun Désa Cinunuk sabab palaku dina ieu kasenian ogé sakabéhna mangrupa warga Désa Cinunuk; 4) dina ieu tempat aya waktu rutin nu sacara husus pikeun minton ieu kasenian. 3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu pangpentingna dina hiji panalungtikan. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 224), ngumpulkeun data bisa dilakukeun dina sababaraha kaayaan, sababaraha sumber, jeung sababaraha cara. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina téhnik ngumpulkeun data aya tilu bagian nyaéta léngkah tatahar saacan panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung instrumén panalungtikan saperti nu dipedar ieu di handap. 3.3.1 Léngkah Tatahar

29 Saméméh panalungtikan, aya sababaraha léngkah nu kudu dipilampah sarta disiapkeun sangkan panalungtikan bisa lumangsung sacara lancar. Léngkahléngkah tatahar dina ieu panalungtikan nyaéta 1) ngajukeun judul panalungtikan; 2) nangtukeun masalah jeung objék nu rék ditalungtik; 3) ngumpulkeun sumber data panalungtikan ku cara talaah pustaka; jeung 4) nyieun proposal panalungtikan. 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data Ngumpulkeun data mangrupa prosés ngayakeun data primér pikeun kaperluan panalungtikan (Daniel, 2003, kc. 133). Téhnik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta studi pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi. 1) Studi Pustaka Téhnik studi pustaka dipilampah ku cara ngumpulkeun data tina sumbersumber tinulis nu mangrupa buku. Ieu téhnik pikeun ngadeudeulan tiori sarta ngabandingkeun tiori jeung kanyataan di lapangan. 2) Obsérvasi Nurutkeun Marshall (dina Sugiyono, 2010, kc. 226), ngaliwatan obsérvasi, panalungtik diajar ngeunaan paripolah, jeung ma na tina paripolah éta sorangan. Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun nalungtik kumaha prak-prakana kasenian Surak Ibra, boh sacara langsung boh ngaliwatan media video. 3) Wawancara Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 231), wawancara digunakeun minangka téhnik ngumpulkeun data upamana panalungtik ngalakukeun studi pikeun niténan masalah nu kudu ditalungtik sarta bisa nyaho ngeunaan hal nu ditalungtik ti réspondén sacara leuwih jéntré. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara tokoh, pamaén, jeung masarakat nu wanoh kana Kasenian Surak Ibra nu aya di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Fungsina pikeun nambahan référénsi dina ieu panalungtikan.

30 4) Dokuméntasi Dokumén nyaéta catetan kajadian nu geus karandapan (Sugiyono, 2010, kc.240). Téhnik dokuméntasi mangrupa bukti ngalaksanakeun obsérvasi langsung, digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar, foto, video (audio, visual) nu tujuanana pikeun ngadeudeulan data sangkan diolah jeung dianalisis kalawan jéntré. 3.3.3 Instrumén Panalungtikan 1. Alat Foto Foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (visual) dina prak-prakan gelarna kasenian Surak Ibra sarta gambar narasumber nu diwawancara. Dina ieu panalungtikan, alat pikeun moto nyaéta kaméra digital jeung handphone. 2. Alat Rekam Alat rekam digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan sarta digunakeun dina waktu kasenian Surak Ibra keur gelar. Dina ieu panalungtikan, alat rekam nu digunakeun nyaéta kaméra digital. 3. Pedoman Wawancara Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat nu apal kana Kasenian Surak Ibra. Pedoman wawancara nyaéta runtuyan pertanyaan nu ditanyakeun ka informan dina waktu wawancara ngeunaan Kasenian Surak Ibra nu digambarkeun dina tabél di handap. Tabél 3.1 Biodata Informan Biodata Informan Wasta Umur Pakasaban Atikan

31 Alamat Kalungguhan Tabél 3.2 Daftar Pertanyaan dina Pedoman Wawancara Rumusan Pertanyaan-Pertanyaan Wawancara (1) (2) Sajarah 1. Ti iraha ayana Kasenian Surak Ibra téh? (1) 2. Saha waé nu mimiti mekarkeun Kasenian Surak Ibra? (2) 3. Naha bet dingaranan Kasenian Surak Ibra? 4. Naon kasang tukang diadegkeun Kasenian Surak Ibra? Prak-prakan 5. Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh pagelaran Surak Ibra dipintonkeun? 6. Lagu naon nu dipaké mirig dina Kasenian Surak Ibra? 7. Di mana tempat pagelaranna? 8. Iraha Kasenian Surak Ibra dipagelarkeun? 9. Sabaraha lila pintonan Surak Ibra dina unggal pagelaranana? 10. Kumaha tahapan dina prak-prakan Kasenian Surak Ibra? Pakakas 11. Naon waé waditra nu dipaké pikeun mirig Kasenian Surak Ibra? 12. Aya katangtuan husus teu, dina milih kostum nu dipaké atawa pamaén Kasenian Surak Ibra téh? 13. Kumaha parobahan kostum Kasenian Surak Ibra nepi ka ayeuna? Unsur Semiotik 14. Aya simbol husus teu dina waditra, pamaén, jeung bagian Kasenian Surak Ibra? Ajén Sosial 15. Naon udagan diciptakeunna Kasenian Surak Ibra?

32 Cara ngamumulé 16. Naon mangpaat nu dirasakeun ku masarakat Désa Cinunuk ku ayana Kasenian Surak Ibra? 17. Masih luyu teu ieu kasenian dipagelarkeun dina jaman kiwari? 18. Kumaha carana sangkan ieu kasenian teu leungit? 19. Kumaha harepan pikeun ieu kasenian ka hareupna? 20. Usaha naon nu geus dilakukeun ku Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan Kabupatén Garut pikeun ngariksa ieu kasenian? 3.4 Analisis Data Analisis data nyaéta usaha ngadadarkeun data jadi bag-bagan (decomposition), nepi ka susunan bentuk nu geus dipedar tadi katingali jéntré jeung bisa dipikaharti (Satori jeung Komariah, 2010, kc. 97). Téhnik ngolah data maké métode déskriptif nyaéta métode anu bisa ngungkulan pasualan sacara aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun data, milah-milah data, nganalisis data, sarta nafsirkeun data. Téhnik ngolah data nu dipaké nyaéta téhnik analisis, klasifikasi data, nyusun data, sarta ngabandingkeun data antara hasil wawancara jeung hasil studi pustaka. Pikeun ngahontal udagan, ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik panalungtikan déskriptif kualitatif. Sakabéh data nu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis. Data hasil obsérvasi dipasing-pasing sarta didéskripsikeun. Sanggeus kitu, diolah pikeun kapentingan panalungtikan ngeunaan sajarah, prak-prakan, ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra sarta matalikeun jeung pangajaran nu aya di sakola.