BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang 1.2 Watesan Masalah 1.3 Tujuan

TÉHNIK KOLABORASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SURAT PRIBADI

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAME DINA PANGAJARAN NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 LÉMBANG (1) Fregina Agriawan (2) ABSTRAK

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

PANDUAN PENDAFTARAN ONLINE LATIHAN KAPAMINGPINAN MAHASISWA SUNDA ( MIMITRAN GABUNGAN 2017)

MODEL PANGAJARAN KAPARIGELAN NULIS

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

PANGAJARAN NULIS MODUL 4

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 4 N o. 1 A g u s t u s 2015

PENERAPAN MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING UNTUK MENINGKTKAN HASIL BELAJAR SISWA PADA TEMA 9 KAYANYA NEGERIKU

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Ngaregepkeun jeung maca miboga sifat Reseptif (narima) Nyarita jeung nulis miboga sifat Produktif (ngasilkeun)

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

1 D A N G I A N G S U N D A V o l. 5 N o. 1 A p r i l

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

Transkripsi:

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN A. Lokasi, Data jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 1. Lokasi Panalungtikan Lokasi ieu panalungtikan nya éta di MTs Sirnamiskin. Sakola MTs Sirnamiskin dijadikeun lokasi panalungtikan ku sabab pikeun néangan data nu mangrupa soal jeung jawaban UAS Basa Sunda semester hiji. MTs Sirnamiskin perenahna di jalan K.H. Wahid Hasyim (Kopo) 429-433. 2. Data Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung jawaban UAS Basa Sunda siswa MTs Sirnamiskin semester hiji taun ajar sarta angka-angka nu mangrupa data pikeun analisis. 3. Populasi jeung Sampel Panalungtikan a. Populasi Populasi mangrupa sakabéh subjék panalungtikan (Arikunto, 2010:173). Nu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh jawaban UAS Basa Sunda siswa nu aya di MTs Sirnamiskin nya éta kelas VII, VIII, jeung IX. Masingmasing tingkatan diwincik deui jadi sababaraha kelas nya éta kelas VII aya 9 kelas, kelas VIII aya 6 kelas, kelas IX aya 4 kelas. Jadi jumlah populasi dina ieu panalungtikan nya éta 19 kelas. b. Sampel Data nu jadi subjék panalungtikan mangrupa bagéan tina populasi atawa ngan saukur wawakil tina populasi nu biasa disebut sampel. Nurutkeun Arikunto (2010:174) sampel mangrupa bagéan atawa wawakil tina populasi nu rék ditalungtik. Dina ieu panalungtikan pikeun nangtukeun sampel digunakeun téhnik sampel random nya éta téhnik nangtukeun sampel pikeun nyokot sampel tina populasi anu homogén atawa henteu dumasar kana strata.

26 Sampel jawaban siswa nu dicokot nya éta masing-masing sakelas tina tiap tingkatan ku cara undian. Kelas VII dicokot sakelas, kelas VIII sakelas, kelas IX sakelas. Tabél 3.1 Sampel Panalungtikan Dumasar Kelas No. Kelas Populasi Sampel Katerangan 1 VII 9 kelas 1 kelas VII-4 2 VIII 6 kelas 1 kelas VIII 1 3 IX 4 kelas 1 kelas IX 2 Jumlah 19 kelas 3 kelas Tina éta tabél bisa dicindekkeun yén nu jadi sampel dina ieu panalungtikan nya éta lembar jawaban kelas VII 4, VIII 1, jeung IX 2.

27 B. Desain Panalungtikan Bagan 1 Désain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Studi Awal Ngarumuskeun Masalah Ngarumuskeun Anggapan Dasar Nangtukeun Data jeung Sumber Data Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén Ngumpulkeun Data Analisis Data Nyokot Kacindekan Nyusun Laporan

28 C. Métode Panalungtikan Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Metode déskriftif pikeun meunangkeun data ku cara akumulasi data dasar dina cara deskriptif wungkul sarta teu nguji hipotesis.. Tujuan panalungtikan déskriptif nya éta pikeun meunangkeun data anu sipatna faktual nya éta data-data nu aya patalina jeung soal tés sumatif pangajaran basa Sunda sarta hasil tés parasiswa di MTs Sirnamiskin. Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta statistik deskriptif jeung statistik inferensial. Métode statistik deskriptif digunakeun pikeun ngitung varian siswa jeung perséntase kualitas soal,. Métode statistik inferensial digunakeun pikeun ngitung tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung daya pangbéda. Nu nyusun miboga tujuan sangkan bisa nepikeun jeung ngabahas ngeunaan kualitas soal tés sumatif pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin. D. Wangenan Operasional 1. Kualitas Soal Tés Sumatif nya éta tingkat hadé goréngna soal tés sumatif. Dina ieu panalungtikan nu disebut tés sumatif téh nya éta tés anu ayana di ahir semester pikeun ngukur tingkat pangaweruh siswa dina nyangkem pangajaran anu geus dilaksanakeun dina prosés diajar atawa biasa disebut UAS. Tés sumatif dina ieu panalungtikan mangrupa soal UAS semester ganjil. Kualitas hadé goréngna soal tés sumatif diukur dumasar kana kualitas évaluasi nya éta tingkat validitas jeung réliabilitas. Salian ti éta soal tés danalisis dumasar kana analisis butir soal nya éta tingkat daya pangbéda jeung tingkat hésé babarina soal. 2. Validitas nya éta tingkat bebeneran soal atawa sohéhna soal pikeun dijadikeun hiji tés. Validitas ngawengku validitas logis (validitas eusi jeung konstruksi) jeung validitas émpiris (validitas konkruén jeung validitas ramalan). Analisis validitas dina ieu panalungtikan nya éta dumasar kana validitas eusi soal.

29 3. Réliabilitas mangrupa stabil henteuna soal pikeun dijadikeun hiji tés. Métode pikeun néangan réliabilitas dina ieu panalungtikan nya éta métode beulah dua jeung Alfa Cornbach. 4. Tingkat hésé babari soal nya éta analisis soal dumasar kana tingkat hésé jeung babarna soal. 5. Daya pangbéda soal mangrupa analisis soal dumasar kana bisa henteuna soal dina ngabédakeun siswa kelompok luhur jeung siswa kelompok handap. E. Instrumén Panalungtikan Nu jadi instrumén dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda jeung uraian nu dipaké dina tés sumatif semester hiji pangajaran basa Sunda di MTs Sirnamiskin taun ajar nu diolah ku aplikasi microsoft excel pikeun nangtukeun daya pangbéda, tingkat hésé babarina soal, validitas, jeung réliabilitas. Instrumén séjén nya éta tabél analisis nu ngawengku tabél validitas, tabél réliabilitas, tabél tingkat hésé babarina soal, jeung tabél daya pangbéda nu mangrupa hasil tina analisis kualitas évaluasi jeung analisis butir soal. F. Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta studi dokuméntasi. Téhnik studi dokuméntasi nya éta ngumpulkeun datadata nu mangrupa dokumén atawa tulisan pikeun bahan panalungtikanana. Nu mangrupa dokumén dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal UAS semester hiji taun ajaran jeung lembar jawaban siswa. G. Analisis Data 1. Tahap Tatahar Nu dilaksanakeun dina tahap tatahar nya éta studi awal ka MTs Sirnamiskin ngeunaan Ulangan Ahir Semeser ganjil taun ajar.

30 2. Tahap Ngumpulkeun Data Dina tahap ngumpulkeun data nu dilaksanakeun nya éta ngumpulkeun lembar jawaban siswa MTs Sirnamiskin jeung soal UAS Basa Sunda semester ganjil taun ajar. 3. Tahap Ngolah Data Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data: a. méré skor jawaban soal UAS Basa Sunda siswa; b. nganalisis validitas eusi soal; c. nganalisis réliabilitas soal; d. nganalisis tingkat hésé babarina soal; e. nganalisis tingkat daya pangbéda soal. a. Téhnik Méré Skor Téhnik méré skor disebut ogé prosés méré angka (Arikunto; 2012:259). Méré skor mangrupa tahap kahiji dina prosés pengolahan hasil tés. Téhnik méré skor dibédakeun dumasar kana wangun tésna. Dina ieu panalungtikan wangun tésna nya éta PG (Pilihan Ganda) jeung éséy. Dina wangun soal objéktif unggal butir soal nu jawabanna bener dibéré skor 1 sedengkeun jawaban salah dibéré skor 0. Skor totalna nya éta sakabéh jawaban anu bener. Dina wangun soal éséy téhnik méré skorna nya éta ku cara méré skor unggal soal dumasar kana bobotna. Aya dua cara pikeun méré skor dina soal éséy. Nu kahiji nya éta ku cara maca jawaban sanomer tina sakabéh siswa, jadi patokan peunteunna aya dina jawaban siswa. Nu kadua jawaban siswa dibandingan jeung konci jawaban nu geus disusun.

31 Tabél 3.2 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VII Wangun Éséy Nomer Soal Ajén peunteun 1 10 2 4 3 4 4 5 5 7 Skor Total 30 Tabél 3.3 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas VIII Wangun Éséy Nomer Soal Ajén Peunteun 1 4 2 7 3 5 4 10 5 4 Skor Total 30 Tabél 3.4 Pola Skor UAS Basa Sunda Kelas IX Wangun Éséy Nomer Soal Ajén Peunteun 1 8 2 7 3 4 4 4 5 7 Skor Total 30

32 Dumasar kana tabél di luhur bisa katitén yén jumlah skor kelas VII, VIII, jeung XI nya éta 30. Skor maksimum tiap soal béda-béda dumasar kana bobotna, aya nu 3, 4, 5, 6, 7, 8, jeung 10. Skor minimum soal nya éta 2, tapi lamun éta soal teu dieusian skor minimumna 0. No. Responden 1 2 3 4 5...... Ngaran Siswa Tabél 3.5 Skoring Nomer Soal 1 2 3 4 5...... Skor Total b. Analisis Validitas Eusi Dina ieu panalungtikan, analisis tingkat validitasna nyoko kana validitas eusi nya éta dumasar kana 6 aspék nya éta rumusan indikator, patalina soal jeung indikator, luyu henteuna matéri jeung buku ajar, basana, hubungan antara stém jeung option sarta homogénitas alternatif jawaban. Tabél 3.6 Analisis Validitas Eusi Soal UAS Basa Sunda Wangun Pilihan Ganda jeung Éséy No. Aspék nu dianalisis Nomer Soal 1 2 3 4 5 6 7 Jst. 1 Rumusan indikator 2 Patalina soal jeung indikator 3 Matéri luyu jeung buku ajar 4 Basana komunikatif 5 Hubungan antara stém jeung option 6 Homogénitas alternatif jawaban Katerangan Katerangan: soal nu valid dibéré tanda (v), soal nu teu valid dibéré tanda (-)

33 c. Analisis Réliablitas Nganalisis tingkat réliabilitas soal wangun PG jeung éséy digunakeun cara anu béda. Métode nu digunakeun pikeun ngitung tingkat réliabilitas soal PG nya éta métode belah dua ku cara ngabagi soal nu ganjil jeung genap. Rumus nu digunakeunna nya éta rumus Spearman-Brown. Rumus Spearman-Brown: Katerangan: r 11 r 11 = 2 r 1 + r = koéfisién korélasi = korélasi antara skor-skor unggal bagéan (Arikunto, 2012:107) mangrupa korélasi antara skor-skor unggal bagéan (ganjil jeung genap) nu kudu ditéangan maké rumus korélasi product moment. Rumus korélasi product moment: r 1 1 = N xy x y 22 N x 2 x 2 N y 2 y 2 Katerangan: = jumlah siswa x = skor tés beulahan ganjil y = skor tés beulahan genap (Arifin, 2013:254) Rumus nu digunakeun pikeun néangan tingkat réliabilitas soal wangun éséy nya éta rumus Alpha. Rumus Alpha: r 11 = n n 1 1 S i S t (Arikunto, 2012:122)

34 Katerangan: r 11 = réliabilitas tés n = jumlah butir soal 2 = varian skor tiap butir soal 2 = varian skor total Varian skor bisa ditéangan ku cara ngagunakeun rumus: S i2 = x N x N (Arikunto, 2012:123) d. Analisis Tingkat Hésé Babari Pikeun nangtukeun mana soal nu gampang jeung mana soal nu hésé dilaksanakeun analisis tingkat hésé babarina soal. Rumus pikeun nangtukeun tingkat hésé babarina soal UAS Basa Sunda di MTs Sirnamiskin dumasar kana wangun tésna nya éta: 1) Wangun Pilihan Ganda Katerangan: P = indéks hésé babarina soal (indeks fasilitas) B = lobana siswa nu ngajawab bener JS = jumlah sakabéh siswa Tabél 3.7 No. Soal 1 2 3 Jst. IF= B JS (Arikunto, 2012:223) Hasil Analisis Tingkat Hésé Babari Soal UAS Wangun Pilihan Ganda B (Lobana siswa nu ngajawab bener) IF (Indéks Fasilitas/hésé babarina soal) Klasifikasi Soal Kat.

35 2) Wangun Éséy IF= x Sm N Katerangan: IF = indéks hésé babarina soal (Indeks fasilitas) x = jumlah skor siswa Sm = Skor maksimum N = jumlah siswa Tabél 3.8 No. Soal 1 2 3 4 5 Hasil Analisis Tingkat Hésé Babari Soal UAS Wangun Éséy x (Jumlah skor siswa) Sm (Skor Maksimum) IF (Indeks hese babarina soal) Klasifikasi Soal Kat. Pikeun nangtukeun kaasup kana klasifikasi mana tingkat hésé babarina soal, digunakeun klasifikasi tingkat hésé babari nurutkeun Robert L. Thorndike jeung Elizabeth Hagen (Sudijono; 2009:372). Klasfikasi indéks hésé babarina soal: IF : 0,00 0,10 : soal hésé pisan (ganti) IF : 0,11 0,30 : soal hésé (révisi) IF : 0,31 0,70 : soal sedeng (layak) IF : 0.71 0,90 : soal babari (révisi) IF : 0,91 1,00 : soal babari pisan (ganti)

36 e. Analisis Daya Pangbéda Analisis daya pangbéda mangrupa analisis soal pikeun ngabédakeun antara siswa nu kamampuhna luhur jeung siswa nu kamampuhna asor. Dina prak-prakan analisisna dibédakeun antara wangun PG jeung éséy. 1) Wangun Soal Pilihan Ganda Dina nganalisis tingkat daya pangbéda soal UAS Basa Sunda di MTs Sirnamiskin nu wangun soalna PG digunaken rumus: D = B A B B 1 2 N Katerangan: D B A B B N = indéks diskriminasi atawa daya pangbéda = lobana siswa kelompok luhur nu ngajawab bener = lobana siswa kelompok asor nu ngajawab bener = jumlah siswa Pikeun ngabédakeun kelompok siswa luhur jeung asor nya éta ku cara ngabagi kelompok luhur 50% jeung kelompok asor 50% ku sabab jumlah sampel atawa siswana ka asup kana kelompok leutik nya éta kurang ti 100 (Arikunto; 2012:227). Tabél 3.9 Hasil Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal UAS Wangun Pilihan Ganda No. Soal 1 2 3 Jst. B A (Kelompok Luhur) B B (Kelompok Handap) D (Indéks diskriminasi/daya Pangbéda) Klasifikasi Soal Kat.

37 2) Wangun Soal Éséy Rumus pikeun nganalisis tingkat daya pangbéda soal UAS Basa Sunda dina wangun éséy nya éta: D = B A B B S m 1 2 N Katerangan: D B A B B N S m No. Soal 1 2 3 4 5 = indéks diskriminasi atawa daya pangbéda = jumlah skor siswa kelompok luhur = jumlah skor siswa kelompok asor = jumlah siswa = Skor maksimum Tabél 3.10 B A (Kel. Luhur) Hasil Analisis Tingkat Daya Pangbéda Soal UAS B B (Kel. Handap) Wangun Éséy S m (Skor Maksimum) D (Indéks diskriminasi/daya Pangbéda) Klasifikasi Soal Kat. Pikeun nafsirkeun D atawa indéks daya pangbéda soal digunakeun klasifikasi daya pangbéda nu ngabédakeun antara soal nu miboga tingkat daya pangbéda alus jeung goréng. Klasifikasi Daya Pangbéda nurutkeun Arifin (2013:274): D : 0,00 0,19 : goréng D : 0,20 0,29 : cukup D : 0,30 0,39 : alus

38 D : 0,40 1,00 : alus pisan D : Negatif hartina éta soal goréng pisan tingkat daya pangbédana sarta kudu dipiceun.