PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

dokumen-dokumen yang mirip
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB I BUBUKA Kasang Tukang

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dewi Lida Aini, 2014 Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga Universitas Pendidikan Indonesia repository.upi.edu perpustakaan.upi.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

2015 BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Tina hasil analisis patali jeung eusi téks, kontéks, jeung ma na semiotik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah Puji Dwi Lestari, 2013

1.1 Kasang Tukang BAB I BUBUKA

, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Novika Dewi, 2013

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Indah Purnama Cahyani, 2013

BAB I BUBUKA. Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu bédabéda,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Ida Aridah, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB I BUBUKA. Kabudayaan nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta. diturunkeun ti generasi ka generasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan anu

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun maké pakakas basa, ku

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

VII. WANDA JEUNG FUNGSI KALIMAH

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB II LANDASAN TIORI. Salah sahiji hasil kabudayaan urang Sunda dina wangun karya sastra nya

R, 2015 ATIKAN KARAKTER DINA NASKAH GENDING KARESMÉN SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL KARYA WAHYU WIBISANA

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Yatun Romdonah Awaliah, 2014

IMPLEMENTASI KTSP DALAM PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

BAB I. ucapna kalawan puguh éntép-seureuhna (sistematis) jeung ragem. (konvénsional) pikeun tujuan campur gaul (komunikasi) antara anggota

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

A. TUJUAN PEMBELAJARAN

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Undak Usuk Basa. (speech level) Drs. Dede Kosasih, M.Si.

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana,

Transkripsi:

1.1 Kasang Tukang Masalah BAB I BUBUKA Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa tradisi warisan karuhun urang Sunda geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di tatar Sunda. Karuhun urang Sunda, mibanda kabudayaan anu luhung. Kabudayaan éta téh aya nu mangrupa wangunan aya ogé warisan budaya anu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa tulisan jeung lisan. Warisan karuhun nu mangrupa tulisan sok disebut ku istilah naskah. Éta naskah éta umumna ditulis maké aksara atawa basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca jeung ngawasa kana éta eusi karya. Ari warisan budaya karuhun anu mangrupa lisan sok disebut ku istilah folklor, tapi aya ogé folklor anu gabungan lisan jeung tulisan sarta folklor lain lisan. Sacara istilah, folklor (folklore) téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes (dina Danandjaja, 2002, kc. 1-2) folk nya éta sakumpulan jalma anu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaanana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua, pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan anu sarua, jeung agamana gé sarua. Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan anu geus turun-tumurun ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk, nya éta sabagéan kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto anu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho. Nurutkeun Danandjaja (2002, kc. 22) rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh di antarana: bahasa ra yat, ungkapan tradisional, pernyataan tradisional, sajak jeung puisi ra yat, carita prosa ra yat, jeung nyanyian ra yat. Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra yatdi antarana puisi pupujian. Pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam anu sumebar di masarakat. Nurutkeun Tamsyah (1996, kc. 53) puisi pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Rusyana (1971, kc. 12) nétélakeun yén pupujian téh nya éta rakitan kalimah anu eusina muji jeung ngadu a ka Pangéran, solawat ka Nabi,

pépéling ka umat, atawa pangajaran. Ieu rakitan kalimah-kalimah téh dinadomkeun, aya nu dina basa Arab aya ogé anu dina basa Sunda. Ieu pamadegan ogé diéceskeun ku Iskandarwassid (2003, kc. 116-117), yén puisi pupujian téh hiji karya sastra buhun dina wangun puisi (ampir salilana dina wangun sair) nu rélatif pondok, nu eusina, ngeunaan pujipujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan ngajalankeun ibadah (solat, puasa, jakat, jeung munggah haji), biasana sok dikawihkeun atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa di majelis ta lim ku para jamaah pangajian. Dina kamus nu disusun ku LBSS (1992, kc. 401) disebutkeun yén: Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa: Sadaya puji kagungan (kanggo) Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillahi robbil alamin: pupujian, 1) Kecap barang anu sok dipaké muji ka Alloh atawa ka Rosululloh, 2) Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na: méméh ngaraji barudak sok pupujian heula. Dina kahirupan sastra Sunda, nu disebut puisi pupujian téh nya éta wangun karangan ugeran anu gelarna sabada asupna pangaruh Islam ka tatar Sunda, bari mawa pangaruh anu jolna tina kabudayaan Arab. Dina kamekaran anu saterusna wangun sa ir dina sastra Arab jadi wangun pupujian dina sastra Sunda. Eusi pupujian téh sumberna nyokot tina ajaran agama Islam, ku kituna eusina moal leupas tina atikan kaagamaan, samodél ngébréhkeun kaagungan Allah Swt., nepikeun salawat ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw., pépéling, jeung saniskara anu patalina jeung ajaran agama. Dina kalumangsunganana pupujian téh sumebar sacara lisan. Ayana pupujian biasana di lingkungan pasantrén jeung masigit. Pupujian anu di pasantrén biasana dinadomkeunana dina mangsa nungguan ajengan datang itung-itung ngaderes atawa nalika ajengan nepikeun pangajaran, sedengkeun ari anu di masigit biasana di nadomkeunnana dina waktu anu tangtu, upamana baé dina mangsa nungguan adan jeung nungguan komat. Kiwari pupujian mangrupa salah sahiji bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé tur dimekarkeun ngarah tetep bisa lumangsung jeung henteu kalindih ku pangaruh anu séjén. Di lingkungan masarakat Sunda, pupujian téh mibanda fungsi anu kawilang pentingna. Salah sahiji contona, nyaéta dipaké alat pikeun panggeuing jeung silih élingan ka papada jalma. Pupujian ogé mibanda fungsi pikeun nyalametkeun jeung ngamumulé ajén budaya anu geus nyampak sarta dijadikeun alat pangajaran kaagamaan, adab, susila, jeung atikan.

Tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah, pangpangna anu mangrupa sastra lisan salah sahijina nyaéta ku cara macaan jeung ngagunakeun karya sastra nu gelar dina kahirupan sapopoé, kitu deui pupujian. Lian ti éta, bisa ku cara dilaksanakeun panalungtikan kana éta karya sastra, contona dilaksanakeun panalungtikan pupujian nu aya di Pondok Pasantén Al- Barokah Bandung pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Pupujian-pupujian nu aya di Pasantrén Al-Barokah Bandung bakal leuwih mangpaat upama dikumpulkeun jeung ditalungtik. Pupujian anu ditalungtik di Pasantrén Al-Barokah téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun ku barudak santri-santriah jeung jama ah majlis ta lim. Eusina mangrupa pépéling, muji ka Pangéran, solawat ka kangjeng Rosul, do a, sarta pupujian ngeunaan ajaran agama. Di sagigireun éta, pupujian ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Dumasar kana Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non formal di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No.22/1999 ngeunaan Pamaréntah Daerah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD 1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pemerintah Republik Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, BAB III pasal 7 ayat 3-8, nétélakeun yén ti SD/MI/SDLB, SMP/Mta/SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung SMK/MAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan, bisa dijadikeun ogé sumber inspirasi pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan anu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra. Ambahan Pangajaran Basa Sunda dumasar kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), pangajaran Basa jeung Satra Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dina SKKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, pangaweruh anu kudu ditepikeun ka siswa di tingkat SMP kelas VII di antarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun lumangsungna pangajaran ngaregepkeun pupujian di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén kalumangsunganana, sabab euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan manusa.

Saméméhna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu nalungtik Pupujian di patalikeun jeung bahan pangajaran pikeun murid sakola di antarana ku Didin Solehuddin (2012), medar masalah pupujian dina skripsina ngeunaan Pupujian di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP. Panalungtikan ngeunaan pupujian anu dilaksanakeun di Pondok Pasantrén ogé aya, nya éta ku Abdurrahman Wahid dina taun 2014 kalawan judul Pupujian di Pasantrén Syafi iyah Al-Falah Desa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut. Aya anu nalungtik ngeunaan téks jeung kontéks dina tésis nu disusun ku Rusmiati anu judulna Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi (Ulikan Sémiotik Téks jeung Kontéks). Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan dilaksanakeun. Dina sababaraha panalungtikan nu geus dilaksanakeun, katitén yén panalungtikan anu nalungtik ngeunaan pupujian hususna di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, anu nalungtik kana pupujian hususna ngulik kana téks jeung kontéksna can kapanggih. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII (Ulikan Semiotik, Téks jeung Kontéks) perlu diayakeun pikeun ngaguar pupujian nu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah, maluruh jeung nyusud kumaha eusi téks jeung kontéksna. Lian ti éta, upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina. Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun basa Sunda di SMP kelas VII. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Dumasar kana kasang tukang di luhur, karya sastra Sunda téh kacida réana jeung jembarna. Pupujian minangka bagian tina karya sastra perlu pisan ditalungtik. Sangkan ieu panalungtikan bisa museur, masalahna kudu diwatesanan, kalawan dipuseurkeun kana sémiotik, téks, jeung kontéksna. Ulikan sémiotik museur kana unsur sémiotik dumasar kana tiori Charles SanderPeirce nya éta ngawengku ikon, indéks jeung simbol. Dina téks museur kana deskripsi eusi téks. Sedengkeun ulikan kontéks museur kana pasualan tatacara prakprakanana, waktu katut barang nu marengan dina nalika nganadomkeun pupujian. 1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap. a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah? b. Tanda ikon, indéks jeung simbol naon waé nu nyampak dina pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? c. Kumaha deskripsi eusi téks pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? d. Kontéks naon waé anu patali jeung pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? e. Kumaha wangun bahan pangajaran pupujian dina aspék kaparigelan ngaregepkeun? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Luyu jeung masalah-masalah anu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadeskripsikeun pupujian anu masih aya kénéh (hirup) di masarakat. 1.3.2 Tujuan Husus Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun. a. Ngainventarisasi pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; b. Maluruh ikon, simbol jeung indéks nu nyampak dina téks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; c. Ngaguar sarta ngulik eusi téks nu aya dina pupujian anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; d. Kontéks nu patali jeung pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; jeung e. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di SMP kelas VII. 1.4 Mangpaat Panalungtikan Ieu panalungtikan téh miboga sababaraha mangpaat, saperti nu dipedar di handap ieu. 1.4.1 Mangpaat Tioritis Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina widang sastra buhun, ngabeungharan analisis budaya Sunda hususna ngeunaan pupujian. Ogé bisa dijadikeun référénsi pikeun kaperluan anu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan. 1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta: a. Pikeun masarakat, bisa mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra Sunda hususna anu mangrupa pupujian, tur bisa dijadikeun alat da wah Islam. b. Pikeun siswa, bisa mikawanoh jeung ngainventarisasi pupujian nu aya di wewengkon sorangan, upama diajar pupujian di sakola. c. Pikeun nu nalungtik, bisa ngadéskripsikeun pupujian anu kapanggih ti Pondok Pasantrén Al-Barokah Kacamatan Sarijadi Kota Bandung. d. Mangpaat pikeun guru pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu ngajarkeun puisi pupujian di sakola. 1.5 Raraga Tulisan Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi baris dijéntrékeun ieu di handap. Bab I mangrupa bagian awal dina tulisan ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat tioritis boh mangpaat praktis, jeung raraga panulisan skripsi. Bab II ngajelaskeun ngeunaan rupaning tatapakan tiori anu ngawengku tiori folklor, tradisi lisan jeung sastra lisan, pupujian, semiotik, téks jeung kontéks, katut pangajaran ngaregepkeun. Bab III eusina mangrupa métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, saperti: a. Métode Panalungtikan; b. Téhnik Panalungtikan; c. Lokasi Panalungtikan; d. Populasi jeung Sampel; é. Instrumen Panalungtikan; f. Desain Panalungtikan; jeung g. Narasumber. Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan anu ngawengku déskripsi kaayaan pupujian di Pasantrén Al-Barokah. Anapon dina pedaran, eusina ngadadarkeun analisis data panalungtikan jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP Kelas VII. Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa rékoméndasirékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al- Barokah Bandung. Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan.