Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

dokumen-dokumen yang mirip
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan téh métodé deskriptif analisis,

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN. ieu nyaéta ku jalan mikanyaho métode jeung téhnik panalungtikan nu bakal di pedar

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. 3.1 Desain jeung Sumber Data Panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dede Solihah, 2014 Éféktivitas Métode Kolaborasi Dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan Silva Eka Fauziah, 2013

NO. 540/FPBS.0251/2013

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN RUMPAKA KAWIH STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK

BAB III METODE PANALUNGTIKAN. Mètode mangrupa cara anu dipigawé atawa anu dicokot ku panalungtik

2015 KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Muhammad Yogi Hamdani,2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Karina Barliani, 2013

BAB I BUBUKA. Ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis mangrupa opat komponén dina

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

BAB 1 BUBUKA. (Studi Kuasi Eksperimen di Kelas X SMA Negeri 1 Manonjaya Tasikmalaya Tahun Pelajaran 2012/2013)

MODÉL MIND MAPPING DINA PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN. Bagan 3.1 Bagan Desain Panalungtikan IDÉNTIFIKASI MASALAH NGARUMUSKEUN TUR NGAWATESAN MASALAH STUDI PUSTAKA

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Nessa Fauzy Rahayu, 2015

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Sri Nurbaeti, 2013

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SMP Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Tati Rosmiati, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Mangrupa syarat ngaréngsékeun perkuliahan: makalah, laporan buku, anotasi bibliografi.

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah MIRA OKTAVIANA, 2014

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

MODEL PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA BERBASIS KOMPETENSI DI SAKOLA DASAR Ku Drs. Dedi Koswara, M.Hum.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Esa Hilma,2015

Nganalisis jeung ngadeskripsikeun data.

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Mardian Chindra Ramadhan, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Cahmawati Ningrum, 2013

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN. 3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan téh nya éta kagiatan manusa

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Iis Aisah, 2013

BAB I BUBUKA. Kahirupan sosial bangsa Indonésia, kaasup di tatar Sunda, kungsi ngalaman

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASASUNDA SMP

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

KARANGAN EKSPOSISI. Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd. Pendidikan Bahasa Daerah, FPBS UPI

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

BAB I BUBUKA. bangsa jeung bangsa séjénna téh diantarana nyaéta budaya. Nurutkeun Kurdi,

PENGEMBANGAN PEMBELAJARAN SASTRA SUNDA. Oleh : Ruswendi Permana. Tahun 2003 tentang pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah yang

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN


BAB III METODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Krisna Amelia,2014

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

BAB I BUBUKA. Dina hirup kumbuhna di alam dunya, manusa moal leupas tina kabudayaan.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI H

BAB I BUBUKA. Bangsa Indonesia kiwari keur ngalaman rupa-rupa pasualan. Salah sahiji

BAB I BUBUKA. Winda Rohayani, 2013

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI D

WAWACAN SITI KHADIJAH DAGANG PIKEUN BAHAN AJAR MACA CARITA BUHUN DI SMA (Transliterasi jeung Ulikan Struktural)

BAB I BUBUKA. Basa téh cicirén bangsa, Basa téh kedaling rasa. Kitu babasan anu aya di

FILSAFAT DR437 Tujuan Deskripsi Mata Kuliah

B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Masalah

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI J

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

BAB I BUBUKA. Umumna carita pondok (carpon) dianggap lahir sabada pangarang anu

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

BAB II ULIKAN TÉORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS

MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SMP KELOMPOK KOMPETENSI C

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN. karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN TERINTEGRASI PENGUATAN PENDIDIKAN KARAKTER

MODUL PENGEMBANGAN KEPROFESIAN BERKELANJUTAN

Transkripsi:

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Numutkeun Moleong (1991: 113 dina ) sumber data dina panalungtikan téh bisa mangrupa sumber pustaka, saperti dokumén buku atawa sumber tinulis séjénna. Anapon anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita. 3.2 Desain Panalungtikan Anu dimaksud desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang jeung prak-prakanna panalungtikan nepi ka patalekan anu aya bisa dijawab. Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan kagambar saperti dina bagan ieu di handap. Nangtukeun Masalah Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah Nangtukeun Sumber Data Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén Ngumpulkeun Data Ngolah Data Nyieun Kacindekan Nyusun Laporan (SKRIPSI) Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

28 3.3 Métode Panalungtikan Numutkeun Arikunto (2006: 160) anu dimaksud métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana. Hartina, métode panalungtikan mangrupa hiji patokan pikeun ngahontal tujuan dina prakna ngalaksanakeun panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngungkulan hiji masalah anu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun papasingan, ngajéntrékeun jeung nganalisis (Surakhmad, 1994 dina skripsi Zakiah 2007). Tujuan tina métode déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun gambaran sistematis ngeunaan sumber data anu ditalungtik. Ieu métode dipake pikeun ngadéskripsikeun struktur carita unggal carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita anu satuluyna baris dilarapkeun pikeun bahan pangajaran alternatif maca carpon di SMP kelas VII. 3.4 Wangenan Operasional Wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Struktur carita nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan anu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra anu gembleng boga ma na. 2) Carpon nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratif. Plot dina carpon relatif basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana kajadian utama, mangrupa hiji episodeu (Koswara, 2007: 8). 3) Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa salah sahiji buku kumpulan carpon pedalan PT Kiblat Buku Utama di bulan Januari taun 2012 karangan Mamat Sasmita. Eusi tina ieu buku téh nya éta 12 carpon, nu judulna: 1) Nini Jumsih Moro Langlayangan, 2) Silang Sigeu, 3) Basa Mamah Rék Ngajual Imah, 4) Ateul 5) Kang Sabri Leungiteun Kalangkang, 6) Kang

29 Sabri mati Suri, 7) Gagal, 8) Wastu di Wastu, 9) Ma Inung Néwak Cahaya, 10) Onyét, 11) Nguseup, 12) Basa Mamah jadi Caleg. 4) Bahan Pangajaran nya éta matéri anu baris ditepikeun ku guru ka siswa dina prosés diajar-ngajar. 5) Maca nya éta kagiatan maham jeung mairan wacana tulis. Maca ogé mangrupa salah sahiji standar kompeténsi anu aya dina kurikulum pikeun pangajaran basa jeung sastra Sunda. 3.5 Instrumén Panalungtikan Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2006: 150). Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta kartu data. Tapi henteu sakabéh data anu ditalungtik ngagunakeun instrumén kartu data, anu maké kartu data ngan saukur pikeun nganalisis téma jeung latar. Tabél 3.1 Kartu Data Téma Téma: Kode Carpon: Kaca: Cutatan:. Tabél 3.2 Kartu Data Latar Latar Latar Tempat: Latar Waktu: Latar Sosial: Kode Carpon: Kaca: Cutatan:....

30 Katerangan T: Téma Lt: Latar LtT: Latar Tempat LtW: Latar Waktu LtS: Latar Sosial Kode Carpon I: Nini Jumsih Moro Langlayangan II: Silang Sigeu III: Basa Mamah Rék Ngajual Imah IV: Ateul V: Kang Sabri Leungiteun Kalangkang VI: Kang Sabri Mati Suri VII: Gagal VIII: Wastu di Wastu IX: Ma Inung Néwak Cahaya X: Onyét XI: Nguseup XII: Basa Mamah Jadi Caleg 3.6 Téhnik Panalungtikan Téhnik panalungtikan mangrupa salah sahiji tarékah atawa cara (prosédur) anu kudu dilakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu. Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data. 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkan data dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan dipaké pikeun néangan sumber tur tiori anu nohonan kana pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Sedengkeun téknik

31 dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis sakabéh data anu sumberna tina téks carpon nu aya dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya karangan Mamat Sasmita. 3.6.2 Téhnik Ngolah Data Data nu geus kakumpul saméméhna tuluy diolah kalawan ngagunakeun léngkah-léngkah atawa tahapan téhnik ngolah data sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap. 1. Tahap Déskriptif Tahap déskriptif dina ngolah data nya éta sakabéh data anu geus kakumpul dina ieu panalungtikan mimiti dideskripsikeun. Anu didéskripsikeunana nya éta eusi tina buku kumpulan carpon anu judulna Ma Inung Néwak Cahaya dina wangun sinopsis. 2. Tahap Klasifikasi Dina ieu tahap, sakabéh data nu geus kakumpul saméméhna tuluy dipatalikeun jeung masalah nu rék ditalungtik ku cara ngaklasifikasikeun data anu geus didéskripsikeun luyu jeung permasalahan séwang-séwangan, nya éta ngaklasifikasikeun dumasar kana struktur caritana (dumasar kana téma, fakta carita anu ngawengku galur, tokoh jeung panokohan, latar tur sarana carita anu ngawengku sudut pandang jeung amanat). Sanggeus data diklasifikasikeun tuluy éta data téh dianalisis. 3. Tahap Analisis Dina ieu tahap, sanggeus data diklasifikasikeun numutkeun kelompokna séwang-séwangan dumasar kana tiori anu luyu jeung panalungtikan, tuluy dianalisis ku cara ngadéskripsikeun hasil klasifikasi data nu mangrupa sempalan carpon dina buku kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya anu némbongkeun indikator-indikator anu baris ditapsirkeunana, nya éta ngeunaan struktur carita (téma, fakta carita, tur sarana carita) dina unggal carponna dumasar tiori Robert Stanton.

32 4. Tahap Interprétasi Dina ieu tahap, hasil analisis data tuluy ditapsirkeun pikeun ngahontal papahaman anu luyu jeung tujuan panalungtikan. Sanggeus ditapsirkeun hasil analisisna, tuluy dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII ku cara nyieun bahan pangajaranana sarta dilarapkeun dina RPP.